Anda di halaman 1dari 10

1

HAMPARAN SAJADAH
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah


Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati

Taya deui panglumpatan


Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati

MAWAR BODAS
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap


Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi


Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugan tea moal gagal


Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
2

Teu kasawang ti anggalna


Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun

BOGA KABOGO JAUH


Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon

Kuring di pulau jawa


Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon


Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

Boga kabogoh jauh


Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon…
3

LAMUNAN

Daun kalapa nu oyag ka tebak angin


Siga gupayna kawas gupayna nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal dina lamunan

**
Mun seug manehna kiwari aya gigireun
Meureunan hate moal tagiwur dirungrung gandrung
Atuh ka mana naha di mana
Ukur ngolebat dina lamunan Dina lamunan

Reff
Unggal tempat tos dipapay manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa dijugjug wale teu aya

Kembang-kembang ka tresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan

ULAH CERIK
Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang

Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung


Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang pipisah
4

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna

Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan


Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura

PAPATONG

Beurang maju ka lohor


Papatong nu koneng eunteupna regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan
5

Sore menggok ka Ashar


Papatong nu koneng hiber teu luhur
Ngalayang ngawahan arek pamitan
Poma tong ka jongjonan

Papatong nu koneng teu tembong deui


Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh


Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

Sisi Laut Pangandaran

Harita basa usum halodo panjang


Calik paduduaan
Dina samak salambar
Hmmm saksina bulan anu sapotong
Hmmm saksina bentang anu baranang
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran?
Tina ati pada pada kedal jangji
Urang silih asuh silih asih silih jadi
6

Deg ngadegkeun arti asih saenyana


Deg ngadegkeun arti deudeuh saenyana
Ulah dugika rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Ulah dugika rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran?
Reup dicanggreud hate geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut Pangandaran?
Reup dicangkrem beuki rapet beuki deudeuh
Sisi laut Pangandaran

BUDAK JALANAN

Ceuk batur mah


Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Kahujanan…

Mun reup peuting ngadon sare di emperan


Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan
7

Timana…timana.. atuh timana


Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna..

NENG GELIS
Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan

Neng geulis pujaan eungkang


neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

eta saha anu acuk bodas


eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung

Neng geulis pujaan eungkang


neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

KALANGKANG
Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu deudeuhna
Kanyaaah nu wening bersih
Satia jadi kakasih…
8

Mungguhing dina impenan


Geuning sakitu leahna
Pameunteu marahmay manis
Teu isin ..kaambung damis

Rambut panjang nu ngarumbay


Disangkeh panangan nyampay
Lalaunan raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh

Luhur pasir tepung geten


Perlambang asih nu mekar
Kabagjaan nu duaan…..nu duaan

Hanjakal ….hanjakal teuing


Endah ngan ukur kalangkang…
Harepan ……harepan …. diri
Sing nyanding jeung kanyataan

Potret manehna
Nu katampa minggu kamari
Dipiguraan
Disimpen dihade-hade

Anteng diteuteup
Jadi batur dina simpe
Aduh endahna
Mapaesan taman hate

POTRET MANEHNA
Potret manehna, potret manehna
Ditilik di sidik-sidik
Diteuteup di bulak-balik
Ku manis bae
9

Potret manehna, potret manehna


Socana, imutna, teuteupna sagalana
Ngan keur kuring bae

Potret manehna, potret manehna


Wawakil jirim jinisna
Tanda satia ngarah kangen salilana
Jadi bukti najan anggang langka tepang

Potret anu digugulung potret manehna.

MUMUN - Doel Sumbang

Loba nu nganjang ka mumun


Loba nu resep ka mumun
Loba nu bogoh ka mumun
Loba nu gelo Ku mumun
Walah

Rumasa asep age suka ngadadak ngagaduh rasa cinta


Rumasa ngan asep rumasa rek naon anu di sogrokeun

Kuruunyung oji jeung mersi


jol udin mawa BMW Tatang dodo mawa volvo
ana mawa toyota
walah

Rumasa asepmah teu boga rumasa asep sangsara ku dun ya


Rumasa modal ukur cinta ditambah nawaetu rek satia

Mumun milih mana


Muumuun milih saha

Kang asep tong cang caya


10

Mumun pasti milih didinya

Ngagebrai dun ya jadi caa ang asatuh karena pipikiran Sare


tibra dahar mirasa Nyata cinta teu kabeh ningali dun yaa

Loba nu nganjang ka mumun


Loba nu resep ka mumun
Loba nu bogoh ka mumun
Loba nu gelo Ku mumun

Rumasa asep age suka ngadadak ngagaduh


rasa cinta
Rumasa ngan asep rumasa rek naon anu di
sogrokeun

Kuruunyung oji jeung mersi


Jol udin mawa BMw Tatang dodo mawa VOLVO
Ana mawa toyota
walah

Anda mungkin juga menyukai