Anda di halaman 1dari 3

Tulak Bala Singlar Runtah

PASUALAN runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya


Tempat Pembuangan Akhir (TPA) di wewengkon Cigending, Cipatat,
Kabupaten Bandung. Nepi ka kiwari ogé runtah masih tingtalambru di
sawatara jarian samentara. Teu pamohalan, sababaraha taun deui, runtah
bakal ngahunyud. Sabab, produsén runtah beuki rongkah, kalayan henteu
diimbangan ku cara ngokolakeun anu idéal. Solusina lain sakadar néangan
lahan TPA anu lega. Pangna kitu, lantaran salega-legana lahan anu
disayagikeun, lila-lila mah bakal mentung ngagunung nampung runtah
urang Bandung.

Mangkaning sasaha ogé geus pada awal, yén runtah téh bisa
ngadatangkeun mamala atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit
alatan polusi. Katambah deui pangalaman tragédi ngabeledugna gunung
runtah di TPA Leuwigajah nu geus ngubur kampung-kampung sakuliah
Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar (21/02/05). Geus puguh harta banda,
dalah korban jiwa ogé henteu bisa disingkahan ku ngamukna sakadang
runtah harita. Hiji bukti yén runtah lain pasualan anu bisa dianggap
énténg.

Tina bala alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana kitu,


kudu buru-buru mapatkeun jampé tulak bala singlar runtah. Ari tulak bala
téh sabangsaning jajampéan atawa dunga pikeun nyingkahan balai.
Sasarina jampé tulak bala dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti
ngaruat jagat, hajat bumi, ngalaksa, jsté. Tulak bala ogé aya anu sok
dipirig ku waditra anu dianggap sakral, saperti angklung gubrag, terbang
pusaka, jsté. Tapi jampé jeung téknis tulak bala nyinglar runtah mah
kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang Bandung, kalayan
henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian.

Saméméh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya


salahna maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi
ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsén runtah
pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabéngbatan mémang moal
katingali loba, da puguh ti saimah téh rata-rata ukur sakérésék atawa dua
kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung mah, tangtu
jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu, salah
sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban
imah.

Pikeun babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara


nyanghareupan pasualan runtah. Sabab ti baheula ogé geus surti dina
ngokolakeun runtah. Contona misahkeun runtah organik jeung an-organik.
Runtah baseuh sasarina diruang, demi runtah garing bisa disalurkeun ka
tukang rongsokan atawa diduruk. Naon pasualanana ngaduruk runtah?
Sanajan bisa nimbulkeun dioksin anu henteu séhat pikeun diangseu, tapi
bakal leuwih henteu séhat lamun patulayah tur ahirna ngotoran
lingkungan.
Di Bandung, mémang pamohalan ngaruang runtah baseuh di
sabudeureun imah. Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan pikeun
ngurus runtah. Cukup boga tong runtah di hareupeun imah, kalayan
henteu ngarasa perelu mikiran ka mana éta runtah dipiceun. Lantaran
ngarasa geus mayar iuran runtah téa, antukna loba anu teu harayang
nyaho itu-ieuna. Nu penting mah di wewengkonna beresih, kajeun teuing
di wewengkon batur mah barala ogé. Nu penting mah di wewengkonna
henteu barau runtah, kajeun teuing di wewengkon batur mah barau
runtah ogé. Sikep égois anu méh teu karasa, geus nerekab ka sawatara
pangeusi Bandung.

Loba masarakat anu nampik upama wewengkonna rék dijieun TPA.


Puguh baé lumbrah, lantaran maranéhna ngeunteung kana gagalna cara
ngokolakeun TPA. Antukna TPA idéntik jeung kumuh, rarujit, barau, sarta
ngabahayakeun kasalametan jiwa. Sabenerna éta anggapan téh bisa
dirobah upama TPA dikokolakeun kalayan hadé tur daria. Contona ku cara
ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara kitu,
masarakat baris ngabagéakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa
nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah
runtah ukur jadi wacana, henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna
henteu pati daria.

Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan runtah,


taya deui iwal ti ngayakeun gawé bareng antara pamaréntah jeung
sakumna masarakat. Lamun ukur ngandelkeun pamaréntah, nepi ka iraha
ogé moal aya réngséna. Sakali deui, kudu aya rampak gawé anu harmonis
antara pamaréntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna pamaréntah kudu
nyayagikeun dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyaéta pikeun
runtah baseuh jeung runtah anu garing. Lamun waragad maén bal anu
jumlahna miliaran bisa kahontal, piraku baé henteu kabeuli mobil paranti
runtah.

Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna ogé kudu


diimbangan ku nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah
baseuh jeung runtah garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah ogé
bakal sujud syukur, lantaran leuwih babari ngumpulkeun barang-barang
anu payu kénéh kana duit. Apan éta téh kaasup pagawéan mulya anu
mugia baé aya dina karidoan-Na.

Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung


garing? Taya deui, iwal ti masarakat di saban imah. Mun perelu, nyieun
dua tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing. Éta pisan
wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang mangpaatna. Sabab,
pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu dina
ngokolakeun runtah. Sanajan pamaréntah bébéakan ngurus runtah, moal
aya anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina
ngokolakeun runtah. Lain baé pasualan pamaréntah anu tacan bisa
ngokolakeun runtah, tapi perkara méntal masarakat ogé henteu kurang
pentingna.
Jajampéan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan.
Mangga cobian papatkeun bari peureum atawa bari beunta, atawa bari
peureum beunta: “ciwit heula diri sorangan, saméméh nyiwit batur;
Ambeuan heula runtah sorangan, saméméh neumbleuhkeun bau ka batur.
Lamun kaambeu bau, pék pikiran carana sangkan batur henteu
katempuhan kudu nyeuseup nu barau téa”.

Pikeun sing saha baé anu irungna masih kénéh normal, pasti bakal
milu titén kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tékad pikeun milu
partisipasi dina mulangkeun deui citra Bandung jadi kota kembang.

Anda mungkin juga menyukai