Anda di halaman 1dari 2

Anisa Nabilasari

XII MIPA 7

Mang Adun Si Tukang Peyeum

Di hiji wanci isuk, keur meujeuhna jelema saribuk dina urusana masing-masing,
Kang Adun anu osok ngideur ka unggal lembur jualan peuyeum keur nyiapkeun
dagangana di bumi bilikna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru.
Teu loba peuyeum anu dijual ku manehna, ngan saukur 7 nugika 15 kiloan. Kang
Adun sanajan bari geus kolot oge tapi ari kana digawe mah getol neangan rezeki
ngahirupan anak jeung pamajikanana.
Saberes manehna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru, gek diangkat si
tanggungana kumanehna teh.
Prak kang Adun mulai kaluar ti bumina sabari izin ka pamajikana rek indit heula
dagang.
"Mah, bapa rek dagang heula nya, du'akeun ku mamah mugi dagangana seep."
"Enya pa, unggal dinteun oge mamah mah osok ngadu'akan bapak, mugi atuh
peuyeumna seep, si ujang karunya ceunah hoyongeun buku kangge sakola. :("

**Sabari sedih saeunggeus ngadenge anakna hayangeun buku keur sakola, kang adun
mulai ngalengkahkeun sukuna...

Bitis kang adun anu geus peot jeung gigina anu teu sampurna deui siga bareto
keur ngora... Ditingali mah asa teu panteus jualan peuyeum ngideur ka unggal lembur.
Sanajan kitu oge kang adun tutep sumanget jualan.
Kang adun mulai ngagorowok ka unggal bumi wargi sabari susuganan aya anu
meser peuyeumna,
"Peuyeum... Peuyeum.., Barade Peuyeum..!" Alhamdulillah (ceuk hate kang adun), jol
ti hiji imah aya anu nyahutan.
"Kang.. Kang, meser peuyeumna 4 kilo..!"
Di salah sahiji imah nu sejen aya deui nu nyahutan.
"Kang, meser peuyeumna 8 kilo...!"
Peuyeum dagangana anu dibawa ku kang adun 16 kiloan teh seep taya sesa, dina
jero hatena Kang Adun.
"Alhamdulillah, peuyeum teh seep.. Tiasa mereunan meser buku keur si ujang sakola
engke."
Kang Adun ngarasa capek geus nanggung peuyeum dina taktakna. Prak we Kang
Adun teh nagog sabari ngabaheuhay di sisi jalan.
Ditingali kumanehna lalar liwat mobil jeung motor bulak balik ngaleos di
hareupenana. ceuk hatena kang adun.
"Duh... Nasib jeulema leutik kos urang Boro-boro bisa boga mobil atawa motor,
ngahirupan anak jeung pamajikan oge susah."
Saeuntos ngarasa leuwih enakkeun sampeana, kang adun mulai ngengkeg balik
ka bumina. Pas dihareupeun panto bumina, kang adun ngetok panto, tok.. Tok tok..
"Mah... Mah, bapa uih."
Dibuka we si pantona teh ku pamajikana
"Eh.. Bapa tos uih geuning.."

Kang Adun tuluy asup ka bumina sabari ngitung acis dina pesakna, gek we kang adun
diuk dina korsi sabari nyarita ka pamajikana.
"Mah... Alhamdulillah peuyeumna seep."
"Alhamdulillah atuh pak, tiasa panginteun meser buku keur si ujang sakola."
"Mah... Hapunteunnya bapa, teu tiasa ngabahagiakeun mamah jeung si ujang."
"Ari bapa nyarios naon? Mamah mah narimakeun ka ayaan arurang kieu, keun bae
batur rek ngomong, ih.. Si itumah miskin atau naon oge, da ari gusti Allah mah teu
nilai kabeungharan manusa, tapi nilai kahadean dina hatena."

**Kang adun jeung pamajikana silih nangkeup sabari ceurik... :')