Anda di halaman 1dari 2

Dongeng Fabel Sunda "Sakadang Kuya" Dan Pesan Moralnya

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang
manehana tacan keneh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih
tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek.
Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna
“Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa
naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparoan”
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka
tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut
dihakanan.
Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan
ciduh. “Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang
Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah
maledogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang
males.
Dina hiji poe isukana, Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak,
warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna
indit nepungan Sakadang Monyet.
Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak
ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing
menta!” Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah
loa paparin ti Dewata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Ceuk Sakadang Monyet bari lumah lameh menta
ngarah dipikarunyaan. “Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere
cau ka uing, padahal eta teh uing anu manggihana?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah
loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah
dibeakeun kabeh, sesakeun keur uing saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata
tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.
Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug
lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena keur bareto.
Pesan moral:

Makana jadi jelema ulah sok serakah, kudu daek barang-bere ka batur.
Sireum jeung Japati

Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk
ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari
ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek
tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun
aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur
kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun
kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka
japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum
anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita
tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh
japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus
ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum,
kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan
kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring
ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh
sisindiran yeuh.... kieu geura ...!!

" Itu lain langlayangan


Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. "

= Selesai =