Anda di halaman 1dari 1

BIANTARA NGEUNAAN KABERSIHAN

Assalamu’alaikum. Wr. Wb.

Langkung tipayun, mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Lillahirobbi nu


mana masihan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalayan
dina kaayaan sehat wal’afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat.

Dina ieu waktos, simkuring bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo
urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak
nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah
ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayun na dikawitan ti ayeuna. Dina salah sahiji hadits
diterangkeun, “Inna dhofatu minal iman”, anu hartosna kabersihan teh sabagian tina iman.

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuanana, nyaeta urang teh
umat Islam anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami sadaya iman ka Allah SWT,
berarti urang kudu beresihatanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung,
anu nyababkeun urang teu suci. Beresih eta sadaya teh, anu didasarkeun tina beresihna jeung
sucina urang sareng lingkungan di sakuriling urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga.
Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu beresih.

Kabersihan teh aya rupi-rupi macemna, nyaeta beresih hate, beresih jiwa, beresih raga
sareng beresih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu beresih
sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya
sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu anu ku simkuring pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu
kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalamu’alaikum. Wr. Wb.

Wasta : Ade Rian Hidayat

No. Absen : 01

Kelas :

Anda mungkin juga menyukai