Anda di halaman 1dari 3

KASENIAN DAERAH PASUNDAN

RAZUALDHY WAHYU TRITAMA


XII – MIA 3
Indonésia téh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya
daérah.Saban sélér bangsa, anu nyicingan rébuan pulo di Indonesia, mibanda
kabudayaan séwang-séwangan. Diantarana, kaseniandaérah.

Naon ari kasenian daérah teh? Tangtu baé kasenian anu lahir sarta hirup di
daérah. Ieu kasenian téh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa
banda bangsa anu gedé ajénna. Kasenian daérah anu hirup, dipikawanoh, tur
dipikaresep lain baé ku sélér bangsa anu nyiptakeunana disebut kasenian
nasional. Jadi, kasenian daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian
nasional.

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat téh geus jadi
kasenian nasional. Lain baé urang Sunda nu mikaresep jaipongan téh, tapi ogé
dipikaresep ku sélér bangsa séjén. Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega,
lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk béja, urang mancanagara ogé loba
nu mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda téh pohara lobana. Ieu kasenian anu
sakitu lobana téh kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur
kungsi ngadéngé ngaranna baé. Ari pangna terus muguran téh lantaran taya
generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan ieu téh puguh matak pohara
handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan
kakayaan bangsa anu gedé ajénna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal
ngaran-ngaranna, heunteu apal janggélékna ogé. Ku sabab kitu, geura urang
tataan, boh kasenian anu masih hirup boh anu kungsi hirup. Geura urang tataan,
diantarana baé, wayang golék, jaipongan, cianjuran, angklung, calung, kendang
penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, réog,
longsér, lais, debus, ubrug, ujungan, dombrét, kawih, gending karesmén,
bangbarongan, jeung gondang. Éta téh karék sabagian leutik, dah ceuk béja
kasenian Sunda anu kungsi hirup téh leuwih ti tilu puluh rupana.
Moal boa, di sélér bangsa séjén ogé mibanda kasenian anu kawilang loba sarta
geus loba deui nu paéhna. Lamun ti hiji sélér bangsa, sebut baé, mibanda tilu
puluh kasenian, pék kalikeun ku hidep. Énya maksud téh, kalikeun jeung jumlah
sélér bangsa nu aya di Indonésia. Leuh, pohara beungharna Indonésia téh.

Anda mungkin juga menyukai