Anda di halaman 1dari 4

Materi Carita Pantun Sunda Lengkap

Refsa Nanda 06:42:00 basa sunda


Refsa Nanda
Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran
ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita
pantun biasanya dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita
pantun umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal
anu mere kesan pamohalan.

carita pantun

Carita pantun teh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Munasabah
upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun
Baduy.

Upama nililk kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola nu sarua, nyeta ngalalakonkeun Raja
Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa neangan pijodoeun. Ari pola jalan carita pantun
umumna teh kieu : Satria ngalalana, upamana bae lantaran neangan putri piprameswarieun. Sapanjang
ngalalana, loba kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria pajajaran teh
unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.

Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyaeta galur leunjeuran jeung galur simpay. Galur leunjeuran
nyaeta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina nitenan ruruntuyan kajadian dina unggal
episodeuna. Dina pungkasan carita, anu ngalalakon teh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna.

Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay teh henteu rea. Contona : pantun ciung wanara, lutung
kasarung, jeung mudinglaya di kusumah. Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay teh,
umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran).

Upama nilik kana wangunna, carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun
kusababaraha bagian : aya bagian rajah, bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah
panutup/pamunah.

Rajah Pantun
Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa
sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta
pangrakarsa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet. Menta kasalametan teh lain
keur nu dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo eta pantun.
Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina
pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun jeung seni (sastra) sejenna.
Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.

Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-
pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana beda,
upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna oge heunteu beda.

Narasi Pantun
Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana
kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah
henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae
oge.

Deskripsi Pantun
Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian,
saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti
eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg,
jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.

Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan. Kaasup
bagian nu pikareuseupeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur
karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.
Dialog
Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya
sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun
jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.

Monolog
Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung dina
pantun Lutung Kasarung,

Rajah Panutup
Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup mah
dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.

CARITA PANTUN

Carita pantun nyaéta carita Sunda buhun anu sok dipagelarkeun kalawan
dipirig maké kacapi. Jalma anu magelarkeun carita pantun disebutna Tukang Pantung atawa
Juru Pantun. Umumna umurna geus kolot sarta loba diantarana anu lolong

Ayeuna mah kasenian pantun téh geus méh tilem. Juru Pantun loba nu geus pangsiun tina
profésina. Pangna kitu lantaran ayeuna mah geus langka anu nanggap. Sanajan kitu aya kénéh
Juru Pantun anu ngeureuyeuh. Genténg-genténg ulah potong cenah, sataun sakali mah aya
kénéh anu sok manggung, utamana dina acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina
réngsé panén.

Ti taun 50-an ka ditu mah kasenian pantun téh karasa tur katémbong majuna. Mangsa harita
mah kacida dipikaresepna ku masarakat patani padésaan. Harita pantun raket patalina jeung
tata kahirupan urang lembur. Juru pantun boga kalungguhan minangka juru panerang di
masarakat, méh sarua jeung kalungguhan dalang wayang golék dina jaman ayeuna. Nu matak
juru pantun mah kudu jalma anu ngawasa kaparigelan jeung miboga pangaweruh anu jembar.

Pantun téh hiji wangun kasenian titinggal karuhun urang. Béda jeung kasenian lianna, anu
jadi lulugu dina pantun nyaéta karya sastrana anu mangrupa leunjeuran lalakon atawa carita.
Lalakon anu turun tumurun nepi ka kiwari dina wujud lisan. Hanjakal ku generasi kiwari mah
kurang dipikaresep lantaran meureun karasana geus tinggaleun jaman, henteu nyaritakeun
kaayaan jaman kiwari. Padahal carita pantun téh pituin milik urang Sunda.

Magelarkeun carita pantun kudu dirojong ku sarana upacara, upamana nyadiakeun


parukuyan jeung parawanten. Parukuyan téh tempat keur meuleum menyan, ari parawanten
nyaéta wadah tempat sasajén, kayaning: kembang tujuh rupa, roko, eunteung, sisir, minyak,
jsb.

Saméméh magelarkeun carita, juru pantun sok meuleum menyan heula, tuluy mapatkeun
rajah pamuka dipirig maké kacapi. Eusina rajah nyaéta menta idin ka karuhun atawa para
déwa ngarah anu mantun jeung anu nanggapna salamét. Réngsé ngarajah, kakara juru pantun
ngalalakonkeun carita. Pagelaran pantun bisa tepi ka sapeuting atawa dua peuting jeput,
lantaran umumna carita panjang.

Carita pantun umumna nyaritakeun Karajaan Pajajaran jeung Karajaan Galuh. Lamun lalakon
geus tamat, sok dipungkas deui ku rajah, disebutna rajah pamunah atawa rajah panutup.
Galur carita pantun umumna ngabogaan pola anu sarua, nyaéta: nyaritakeun lalampahan hiji
jalma anu keur néangan élmu pangaweruh, di satengahing jalan meunang cocoba, tepung
jeung putri geulis, mulang deu ka karajaan sarta diangkat jadi raja. Carita pantun anu
kawentar diantaran: Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya di Kusumah, Badak
Pamalang, jeung Nyai Sumur Bandung.

(tina buku Sabasa 3A pikeun kelas 9 semester ganjil kaca 42 – 44)

Diserat deui ku Hĕrni Hĕrningsih (nu ngurus blog), tina buku : Sabasa 3A (Pangajaran Basa Sunda Pikeun Siswa SMP
di Kota Bogor), MGMP Basa Sunda Kota Bogor, Drs. Ahmad Hadi (Editor), Tangerang:Pamulang, citakan munggaran,
Maret 2004.

Jawab Pananya di handap !

1. Naon nu dimaksud carita pantun téh?

2. Naon sababna kasenian pantun ayeuna geus méh tilem?

3. Sok ditanggap dina acara naon baé cenah kasenian pantun téh?

4. Dina taun 50-an mah kasenian pantun téh katémbong majuna, naon sababna?

5. Naon sababna seni pantun kurang dipikaresep ku generasi kiwari?

6. Terangkeun naon nu dimaksud parukuyan jeung parawanten téh!

7. Naon waé anu dipilampah ku juru pantuj saméméh magelarkeun carita pantun?

8. Kumaha umumna pola galur carita pantun téh? Sebutkeun deuih judul carita pantun anu
kawentar!

Anda mungkin juga menyukai