Anda di halaman 1dari 1

Biantara Bahasa Sunda Paturay Tineung

Assalamu’alaikum Wr.Wb..

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah
SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan
sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku
umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, bapa/ibu guru, sareng kepala sekolah.
Abdi nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo
nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas (…...).
Teu hilaf abdi oge ngawakilan rerencangan pikeun ngahaturkeun rewu nuhun
laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi
sadaya loba hal.
Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui.
Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur,
ngahontal cita-cita.
Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu.
Elmu pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna
hususna kanggo abdi, umumna kanggo sadayana rerencangan.
Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa
dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng
agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti
Allah SWT. Amin.
Simkuring oge bade nyuhunkeun haputen kana sagala kalepatan abdi sareng
rerencangan. Mugi-mugi, Ibu sareng Bapa Guru tiasa ngahapunten kalepatan abdi
sareng rerencangan.
Teu hilap, kanggo adi-adi anu masih keneh diajar di ieu sakola, supaya diajar sing
enya-enya. Lamun bae urang katinggaleun diajar, pasti bakal katinggaleun dina
sagalana.
Pamungkas, simkuring sareng rerencangan, neda pidu’ana singtiasa neraskeun ka
sakola anu langkung luhur.
Rupina, sakitu bae cariosan ti simkuring. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo
urang sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten.
Nu mana kasalahan mah milik abdi, sareng kaleuwihan mah nga tiasa datang ti
Allah SWT. Wabilahitaufik walhidayah, wassalamu’alaikum wr.wb..

Anda mungkin juga menyukai