Anda di halaman 1dari 1

Gerentes hate indung nu aya dialam barzakh, panggeuing keur

hate anu tibra sare, tawis kasono kaindung anu tos dipundut kunu
gaduhna.
Anaking... anak ema, kiwari ema geus nepi kalembur anu saberna,
lembur nubeda jeng lembur urang baheula. Anaking... anak incu ema,
mun isuk pageto hidep sono hayang panggih jeng ema, tuluy hidep
balik kalembur, jiga baheula; Omat tong angkaribung barangbawa,
sabab ema geus lain ema nu baheula, du’akeun ema kuaranjeun,
ayeuna ema ngan butuh du’a tiaranjeun. Anaking... kamelang ema,
mun hidep nyaah kaema, teu kudu bingung mulang tarima, tapi cukup
bejaan ema, yen hidep geus jadi jalma sholeh, geus jadi hamba Alloh
ahli ibadah bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya ridho mantena.
Anaking... mun hidep nyaah kaema, cukup bejaan ema, hidep teh akur
jeng dulur, runtut raut sauyunan, silih hargaan, silih tulung silih batu
gogonjakan jiga baheula. Anaking... pangbeujakeun ka anak incu, yen
ema nyaah kamaraneh, nya’ah kulucuna, nya’ah kubelana, nya’ah
kusumangetna. Bejakeun kakulawarga hidep, ema geus nepi kanu
dituju, ema rek satia nunggu didieu dihareupeun panto sawarga.
Anaking... anak incu ema, ema hayang mere beja, nyambung beja
nubaheula, anu manfaat didieu dialam baka; Gening lain harta, lain
tahta, lain jabatan, tapi wungkul amal sholeh waktu didunia anu
dibungkus kuIman jeng Taqwa. Ayeuna ku ema geus karasa, karasa
endahna sholat jeng puasa, karasa endahna zakat, karasa endahna
mikanya’ah fakir miskin, karasa endahna akur jeng dulur bari heman
jeng tatangga. Anaking... anak incu ema, ema nitip... poma ulah
takabur tapi kudu loba syukur, ulah sasar tapi kudu loba istighfar, ulah
salah tapi kudu loba ibadah. Anaking... hampura ema, ema sono
kaaranjeun kabeh, mengpeng aya keneh dialam dunia, poma ulah
katinggaleun Sholat, ngaji Quran, ulah poho kafakir miskin, nulung
kanu butuh nalang kanu susah, ulah poho du’akeun ema unggal ba’da
Sholat.
Sakitu bewara tiEma !

Anda mungkin juga menyukai