Anda di halaman 1dari 1

Alhamdulillahirobbil alamiin, Alloh maparinan mangpirang-pirang nikmat, urang

dipasihan kasehatan,urang dipaparin kalonggaran. Urang salaku umatna, ulah hilap, ieu syukur
teh sanes mung wungkul kata-kata pembukaan atanapi mukadimah, tapi leres, tina hati sanubari
urang sadayana, urang teh syukur ka gusti Alloh SWT dipaparinan raga anu sakieu
sempurnana, da upami henteu sampurna mah bujeng-bujeng jalan-jalan, di bumi ge
ngorondang.
Alloh nyiptakeun urang teh maksadna “ ‫س ْال ِجن َخلَ ْقت َو َما‬
َ ‫ون ِإل َواْ ِإل ْن‬
ِ ‫( ” ِل َي ْعبد‬Surah Adz-Dzariyat
Ayat 56)”
“Teu samata-mata kami nyiptakeun jin jeung manusa kajaba kudu ibadah ka Kami (Alloh)”.
Silaturahim sapertos ayeuna teh mangrupi ibadah oge, mangrupikeun sunnah
Rasulullah SAW.
َ ‫ط أَ ْن‬
‫سره َم ْن‬ َ ‫سأ َ أَ ْو ِر ْزقه َعلَ ْي ِه ي ْب‬
َ ‫س‬ ِ َ‫َر ِح َمه فَ ْلي‬
َ ‫ص ْل أَث َ ِر ِه فِي ي ْن‬
”Sing saha jalmi nu hoyong diseueurkeun rezeqina, dipanjangkeun yuswana, nya kedah
silaturahim”. Mana cenah rezeqina?pan ieu, sakitu “geksor” na? ari “gek”..”soor” susuguhna.
Atuh salajengnya sholawat sareng salam mugi didugikeun ka junjungan urang
sadayana, kanjeng Nabi Muhammad SAW. Anjeuna mangrupi cukang lantaran anu utami
urang tiasa ibadah ieu teh, upami teu aya Rosul saha nu masihan contoh ibadah. Da jalmi
ayeuna mah, moal aya nu kenging wahyu deui,” eta timana cenah ibadah teh?”,” ieu wahyu ti
Alloh!” tangtos bohong upami aya nu ngaku kenging wahyu kitu teh.. tangtos ibadah urang teh
nyonto ka Kanjeng Rosul Nabi Muhammad SAW.
‫س ْلنَاكَ َو َما‬ ِ ‫اس أ َ ْكثَ َر َو َٰلَ ِكن َونَ ِذيرا بَشِيرا ِللن‬
َ ‫اس كَافة إِل أَ ْر‬ ِ ‫َي ْعلَمونَ َل الن‬
“Wama arsalnaka illa kaffatan linnasi bashiron wanadhiron…”, “Kami (Alloh) ngutus ka
anjeun Muhammad supaya ngabejakeun ayana kabar anu pikareuseupeun jeung kabar nu
pikasieuneun”.

Anda mungkin juga menyukai