Anda di halaman 1dari 8

Saripudin (Edi)

Aji (Asep)

Gusnandar (Jaja)

Iqbal (Pak Didin)

Algi (Neneng)

Deis (Nining)

Evit (Ibu Imas)

Diki (Mang Aur)

Budak Baong Bolos Sakola

(Dicaritakeun dina hiji poe aya budak sakola anu keur ngobrol di hareupeun kelas, maranehna
arek bolos pelajaran Matematika)

Asep : Asa tereh kieu istirahat teh

Edi : Heueuh puguh sep, ari ayeuna teh bagean pelajaran naon Sep?

Asep : Pelajaran Matematika Di ayeunamah!

Edi : Ah asa hoream euy pelajaran matematika mah, teu sumanget, urang bolos
yap ah?

Asep : (bari so ganteng) Bolos kamana atuh,da urang mah tara bolos, urang mah
murid teladan!

Edi : (bari maksa asep) Ah maneh mah, mending keneh bolos, di ajar matematika
mah matak pusing. Jaba ari bolos mah sok aya awewe geulis, bohay deuih

Asep : (bari ngorejat) wah Heueuh nyah?

Edi : Heueuh atuh, arek moal?


Asep : Arek atuh, hayu kaburu aya guru

(Si Edi jeung Asep mawa kantong, rek bolos ka warung tukangeun sakola. Dina poe anu
sarua aya budak awewe nu sarua rek bolos.)

Neneng : (Bari baeud jeung bingung) Urang teh ek bolos kamana atuh ning, meuni
ngalewatan leuweung jeung gunung!

Nining : ih ari neneng, sakeudeung deui ge nepi ka tempat anu dituju.

Neneng : (Bari beberengut) Atuda nining mah ngajkan bolos katempat kieu, bolos
mah ka cape, ka mall, lain ka leuweung!

Nining : euleuh-euleuh ari maneh neneng, apal sakola mah Diskotik (Disisi kota
saeutik) jadi lamun bolos teh pasti jalan leuweung

Neneng : Atuh mun tadi teh ka hareup jalan ameh di tembok jadi teu kaleuweung!

Nining : atuh lain ge bolos ari ka hareup jalan mah, teras kapanggiheun meureun!

Neneng : (bari gagaro) Enya atuh lah geuwat leumpangna, meh tereh nepi geus
ararateul yeuh di congcong reungit.

Nining : (Bari leumpang rada gancang) Enya atuh geuwat!

(Neng jeung Nining geus nepi di warung, manehna papanggih jeung dua lalaki nyaeta si Edi
jeung Asep anu sarua keur bolos.)

Asep : (Bari molotot nunjuk Nining)Di eta lain awewe anu bohay teh?

Nining : (Bari ambek)

Ari maneh nanaonan tutunjuk ka urang, meni so kenal kitu, so Ganteng.

Asep : (Bari ngusap Buuk)

Naon ari maneh da urang mah emang ganteng


Neneng : Heup atuh maraneh teh, meni rariweuh pisan, heg ulah tararik teuing
ngomong teh bisi apaleun guru!

Edi : Atuh maneh ge ulah tarik teuing ngomong na, calm we jiga urang!

Nining : (Babarengan)

Neneng Jeung Nining : Iih so Ganteng

Mang Auf : Bade meser naon arujang sareng arene`ng?

Edi : Meser teh manis we mang Opat

Mang Auf : (Bari bobolohoan) Ngange gula teu?

Neneng : Ngarange atuh teh manis atuh mang, nya pasti make gula!

Mang Auf : (bari nyengir)

Kan atos aya eneng anu manisna mah, bili diabetes seuer teuing anu amis mah

Nining : Iih amit-amit urang kudu bogoh katukang dagang bulukan kawas kitu!

Mang Auf : Idiih saha barinage anu bogoh ka eneng

Asep : Haha Si Nining meni ka G`ran kitu.

Nining : (bari jamedud)

Ari maneh hayang naon atuh meni tega ka urang teh!

Asep : (Bari cungar-cengir teu puguh)

Hayang balesan cinta ti Nining Asep mah!

Neneng : Ciee ah anu nuju lope.. lopean meni asa ararindah kitu

Edi : nyaenya atuh.. tingali we beungeut nining anu jiga kesemek buruk ge jadi
berseri-seri!

Nining : (Bari ambek)

Gandenglah Edi, mang mana atuh teh manis teh meni lila!
Teu lila aya murid kelas 7 anu keur di titah ka warung ku guru, manggihan anu keru barolos

Jaja : (Bari peluhak polohok ngolomoh kojek)

Iih si Aa sareng si teteh, nuju barolong nya?

Edi : Naon atuh jang hayang miluan?

Jaja : Iih jaja mah da tara bolos, Jaja mah nuju di piwarang ku ibu meser Sapidol.

Nining : Sapidol atawa Spidol?

Neneng : Sapi modol meureun!!

(Barudak anu keur barolos sareuseurian

Si Jaja eraeun, manehna langsung lumpat balik ka Sakola, bebeja ka Guru)

Jaja : (Bari ha, heh, hoh cape, arek ceurik) Ibu, ibu.

Ibu Imas : Aya naon Jaja meni kot lulumpatan kitu?

Jaja : Jaja geura bu di heureuyan, bas meser sapidol kange ibu!

Ibu Imas : Diheureuyan kusaha Jaja?

Jaja : Ekspresi polos)

Ku teteh-teteh sareng aa-aa kelas Salapan anu nuju bolos di warung mang Auf

Ibu Imas : (Molotot keuheul) Naon Jaja barolos??

Jaja : (Bari ek ceurik) Muhun ibu suer Jaja mah teu bohong!

Ibu Imas : (Bari ngabetot Leungeun Si Jaja) Hayu Jaja urang ka ruangan Pak Didin!

Ibu Imas : (Bari ngetrok Panto) Pak Didin… Pak Didin

Pak Didin : Aya naon bu?

Jaja : Eh Pak didin

Pak Didin : Naon Jaja?


Ibu Imas : Kieu Pak Didin, itu barudak kelas 9 barolos di warung mang Auf anu aya di
tukangeun Sakola

Jaja : Sumuhun pak,abige gi heureuyan geura, meni nyeri hati! Sakiitt… teh!

Pak Didin : Saha wae anu barolosna? Da rarasaan mah barudak anu di guruan ku bapak
mah tara barolos!

Jaja : (Beungeut Polos) Euuh Si bapak, apa jenuh di guruan ku Bapak teh

Pak Didin : (Rada Ambek) Ngomong naon maneh Jaja? euweuh kasopanan tampiling
bulak barik geura.

Ibu Imas : Entos-entos atuh pak. Jaja jung maneh mah asup ka Kelas, ibu mah erek
duduan heula jueng pak Didin

Pak Didin : eleuh Noan ari ibu meuni gumelis pisan…

Ibu Imas : Eeh ari si Bapa, kan di ruangan ieu mah ukur aya bapak sareng abi, nya atuh
ngarana teh duduaan maenya jadi ratusan

Pak didin : Ah kumaha ibu we, tos ah kan masalah barudak deui!

Ibu Imas : Emmm muhun atuh pak kitu tea barudak teh barolos, mending atuh
ayeunamah urang langsung ka warung mang Auf

Pak Didin : Emm muhun atuh pak kitu tea barudak teh barolos, mending atuh
ayeunamah urang langsung ka warung mang Auf

Pak Didin : Ooh kitu, muhun hayu atuh bu

Pak Didin sareng bu Imas langsung indit ka warung magn Auf,pas nepi ka warung,barudakna
areuweuh di warung

Ibu Imas : Assalamua`laikum

Pak Didin

Auf : (Nyoroscos teu puguh) Wa`alaikum salam.. eh geuning Bapak sereng Ibu
guru, nya peryogi naon ka warung abdi, da kieu warung abdimah
sederhana,mung ngical emameun sareng alat tulis, tapi da ari baso mah teu
aya

Pak Didin : Punten mang,abdi mah teu peryogi leuetueun, mung bade naroskeun.

Ibu Imas : (Motong omongan Pak Didin) euleuh-euleuh ari si Emang meni rariweuh
nemeb ge datang,langsung nyarios bakso.

Auf : Ooh manawi teh bade meser baso, da di warung abi mah teu icalan baso

Ibu Imas : Euuhh ari si Emang, baso deui baso deui, jadi we hayang!

Pak Didin : Atos-atos atuh buh,engke deui baso mah,ayeuna mah uarang urus keun heula
barudak anu barolos

Mang Auf : Ooh bapak? sareng ibu guru eh bade milarian barudak anu barolos sanes?

Mang Auf : Muhun mang, manawi aya caralik di dieu?

Mang Auf : (Bari haharewosan) nembe mah aya pak, tapi ayeuna mah duka nyumput
dimana!

Pak Didin : Ooh kitu mang

Ibu Imas : Sok atuh barudak kalaluar bisi di bacok siah ku ibu

Pak Didin : eleuh ibu meuni sadis kitu, nging kitu ah bu da nami nage budak pasti aya
picarekaneun nana teh, sing sabar we bu, sabar!

Ibu Imas : Ih ari Bapak, kan etamah bobohonga,paribasa atuh etamah ameh barudak
sieuneun.

Pak Didin : Ooh kitu bu, emm sok siah barudak anu kapanggih keur nyumput ku bapak
rek di bom hiji-hiji

Mang Auf : emh si Bapak mah meuni jiga teroris kitu, paling ge bapak mah di bom make
hitut..haha

Pak Didin : Iih ari emang kan etamah paribahasa atuh

Ibu imas : Sok siah barudak di itung ti hiji nepi ka tilu lamun euweuh nolol, rek di
teang ka Imahna
Mang Auf : Euleuh eta barudak di titah nolol jiga leho

Ibu Imas : hiji.. dua.. tilu..

(Barudak nu opatan kalura ti handapeun bangku nu aya di warung mang Auf)

Neneng : eh ibu imas meuni geulis (Cungar-cengir)

Pak Didin : Ooh jadi ieu anu barolos sakola teh

Neneng : Iih ari bapak, saur saha abi bolos sakola, da abi mah nuju ie.. nuju…

Ibu Imas : (Motong omongan nining) ulah sok loba alesan nining, awewe awewe di ajar
bolos

Neneng : Tah bu da nining, anu ngajakan neneng bolos mah ning mah kitu da.

Nining : eh.. eh naha jadi urang, kan ieu mah kasepakatan urang duaan neng. Naha
jadi urang nu disalahkeun?

Pak Didin : Entos heup Neneng-Nining hayeuh we ribut

Asep Edi : (Bari Seuri)

Haha e o e o di carekan…

Ibu Imas : Maneh deuih Jaja, Edi,anggur mah diajar di kelas, kalah bolos di warung,
untung aya si Jaja nu ngabejaan ka Ibu.

Jaja : (Bari gumasep)

Nya muhun atuh bu. Dan Jaja mah bageur, kasep deuih

Pak Didin : Nah Jaja maneh ujug-ujug aya didieu?

Jaja : hehe… ajaib atuh Jaja mah

Edi : Ooh jadi maneh Jaja di ciwit purintil geura

Ibu Imas : eh.. eh. da Jaja mah teu salah nanaon, jaja mah bener,ulah wani
ngaheureuyan si Jaja
Jaja : Yeuh barudak maraneh teu geus kelas Salapan, kudu sing bener atuh di ajar
teh, lain bolos jeung bolos we anu di piheulaan teh

Anu Opatan : Muhun pak

Ibu Imas : Muhun,muhun we laksanakeun anggurmah,.

Anu Opatan : Muhun bu.

Pak Didin : Janji maraneh moal bolos deui?

Anu Opatan : Muhun pak abdi janji moal,suer nage pak.

Ibu Imas : Mang enjing deui mah upami aya barudak anu bolos caralik didieu,
wawartos ka abdinya.

Mang Auf : (Bari Hormat) muh, siap ibu Guru

(Isuk na barudak anu opatan sakola deui maraneh na aringsap teu pernah bolos deui)

Anda mungkin juga menyukai