Anda di halaman 1dari 4

Salah nyulik

Dina hiji wanci, aya sapasang salaki-pamajikan anu geus boga budak. Salakina nyaeta kang lemod, anu
sapopoena ngajedog diimah.Pamajikanna nyi Indri anu keur reuneuh 8 bulan.

Indri :”Duh, mani hareudang kamana salaki teh keur mah reuneuh euweuh nanaon diimah teh”

Nyi Indri asup kakamar, ngahudangkeun salakina nu keur sare tibra

Indri :”Kang geura hudang,anggur mah gawe pamajikan keur reuneuh teh butuh dahareun”
Lemod:”Mangke heula,akang teh tunduh keneh:
Indri :”Buru hudang ka cai(bari digebug,make pangebug kasur)”

Saprak kang Lemod di cai, datang ningsih budakna kang Lemod jeung nyi Indri

Ningsih:”Mak,menta duit”
Indri :” Jang naon eneng”
Ningsih:”Jang jajan atuh mak”
Indri :”Jajan we jeung jaja, yeuh”

Saenggeus kang lemod mandi, kang lemod nyamperkeun nyi Indri bari nginum kopi

Lemod:”Nyi, akang nginjem duit lah, jang mayar kopi ka warung pa punduh”
Indri :” Gawe akang,duit timana baturmah salaki mere kapamajikan teh, ieu kalah sabalikna”

Kang Lemod ngahuleng, mikiran kumaha carana neang duit

Lemod:”Gawe naonnya nu ngenah ?astronot?sieun teu balik deui.Pilot?Sieun murag.Duh lieur aing”

Teu kungsi lila, budakna datang kaimah bari gogorowokan

Ningsih:”Mak pak aya culik”


Lemod:” Tah eta ngenah euy”
Ningsih:”Eta naon bapak”
Lemod:” henteu, bejakeun ka ema maneh, bapak erek nyaba kakota”
Ningsih:”Muhun pak”

Isukna Ningsih, bebeja ka emak na nu keur sasapu yen bapakna erk nyaba kakota

Ningsih:”mak,mak”
Indri :” Naon deui, neng”
Ningsih:”Si bapak mak, si bapak”
Indri :” Si bapak naon? Hese hudang?”
Ningsih:” Lain mak, si bapak erk nyaba kakota”
Indri :”Alhamdulillah atuh neng”

Teu kungsi lila,Kang lemod datang nyampeurkeun pamajikanna jeung budakna yen manehna erk nyaba
kakota

Lemod:”Nyi, akang rek nyaba kakota”


Indri :”Muhun kang,jig sing salamet keun si eneng mah wang urus ku nyai”
Lemod:” Neng , bapak erk nyaba ka kota tong bangor nurut ka ema kedeng deui, maneh boga adi”
Ningsih:”Muhun pak,”
Lemod:” yeuh nyi pepeujeuh ulah waka nyeuseuh,nyetrika keun we sina kusi eneng”
Indri :” Muhun kang”

3 bulan jadi culik dikota, kang Lemod sukses jadi culik,akhirna kang lemod balik ka lembur kusabab
manehna geus loba duit.pas geus nepi lembur, kang lemod manggihan budak nu keur diuk

Lemod:”Neng, dupi warung pa punduh nya ?”


NIgsih :”Tidieuteuh lurus,belok kanan, belok kanan deui,belok kiri terus lurus aya tanjakan nanjak belok
kiri, aya pudutan mudun belok kiri tah eta pak.Ngertos pak?”
Lemod:”Duh , lieur aing”
Lemod:”Ayeunamah kieu we neng, anteur emang kaditu terus ke di pasihan es bon bon”

Teu apal budak saha nu diculik,singhoreng kang Lemod nyulik budakna sorangan.

Indri:”Budak teh kamana, can balik wae kaimah ti isuk”

Nyi Indri kaleungitan budakna terus ngageroran pak punduh, nu keur leumpang di hareupeun imahna

Indri:” pak punduh”


Punduh:”Aya naon bu”
Indri:” pak, bade tumaros. Bapak mendakan putri abi teu pak?”
punduh:”Anu mana bu?”
Indri :” eta pak, si ningsih anu petet, gendut”
punduh:” duka bu, teu mendakan”
Indri :” Uluh, pak,pak bantuan abi pangmilariankeun putri abi pak”
Punduh:”Muhun bu, ku abi wang pilarian.Upami tos kapendak, abi ka bumi ibu”

Saenggeus ngadenge kajadian eta, pak punduh langsung ka mesjid ngumumkeun yen budak nyi indri
leungit”

Punduh:” Assalamualaikum wr.wb ka ibu-ibu sareng ka bapak-bapak anu mendakan putrina bu indri
anu petet,gendut jiga buntelan hitut, tiasa sumping ka bumi abi. Sakali deui ka ibu ibu sareng ka bapak
bapak anu mendakan putrina bu indri anu petet gendut jiga buntelan hitut tiasa sumping ka bumi abi
wassalamualaikum”

SAenggeus ngumumkeun budak nyi indri leungit, pak punduh papanggih di hareupeun masjid jeung culik
anu nyulik budakna nyi indri

Ningsih:” abi di culik(reaksi ceurik)”


Lemod:”Suut gandeng gandeng”
Punduh:’Heh culik eta budak bu indri kusia erk dikamanakeun?”

Kang lemod ngahuleng,saprak ngadenge Indri. Terus budak gendut eta lumpat ka tukangen pak punduh

Punduh:”Neng ningsih teu kunanaon?”


NIngsih :” henteu pak, abi sieun di culik”
Punduh:”heh culik, ieu masalahna erek panjang/pondok? Hayu milu ka imah indungna”

Saking ku panasaranna kang lemod, akhirna kang lemod milu ka imah budak eta

punduh:”assalamualikum”
indri :” waalaikumsalam , eh pak punduh manga ka lebet pak.Alhamdulillah si eneng kapendak”
punduh :” tah bu culik anu nyulik budak ibu!”
indri:” Kang Lemod! Asagfriullah akang jadi culik?”
punduh:”Eh bu ieu teh bapakna ?”
indri:”Sumuhun pak,eta kang lemod jadi bapak teh teu apal kabudak sorangan!”
Punduh:”Kang naha akang nyulik budak akang sorangan?”
Indri :”Jawab kang lain ngajedog!”
Indri:’ sugan akang di nyaba teh jadi culik?”
Lemod:’MUhun nyi akang teh lieur erek gawe naon, nggs we jadi culik di kota tah hasilna”
Indri :” astagfirullah, kang etateh duit haram! Akang rek nganafkahan pamajikan jeung budak make duit
haram?”
Indri :” pokonamah nyai haying cerai, mumpung aya pak punduh! Sok pa pangadamelkeun surat
ceraina”
Lemod:” ih ulah nyi, akang teh matak jadi culikge jang ngabiayaan budak arurang”
Indri :” nyai mah mbung boga salaki kieu era”
Lemod :” nyii, hampura nyiii(bari sujud)”
Punduh:” entos bu, ayeuna silih hapunten we, kang lemod kumaha mun akang damel di kantor desa?
Daripada jadi culik”
lemod:” Muhun pak punduh, nuhun pak punduh NYi hampura akang, neng hampura bapak”

Akhirna Nyi indri teu nyeraikeun kang lemod. Kusabab pak punduh geus ngangkat kang lemod jadi
pagawe desa.

Anda mungkin juga menyukai