Anda di halaman 1dari 88

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas I

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT


2014
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat


Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna
Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi
ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku
taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum
luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep
bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

PANYUSUN:
Tatang Sumarsono
Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat
Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H.Yayat Sudaryat
Risnawati

PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.
Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri
Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto

Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar


Rarancang Jilid : Edi laish

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3


Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)


978-602-1300-16-9 (Jilid 1)
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)
PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning


nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal
Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.
Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng
buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan
pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013,
ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul
bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi
Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan
pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan
merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah,
dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh
pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance;
behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.
Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning
ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan,
saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna
gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun
kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi
guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah
kènging pangajèn.

iii
Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina
dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning
lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013


Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA


Pembina Utama Madya
NIP 19570807 198601 1 001

iv
PANGBAGÉA

KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional.


Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal
di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-
elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar
kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan
kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah
anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.
Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24
jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten
buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun
sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar
sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi
dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé
mangrupi pangjembar buku murid.
Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku
guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,
sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu
dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng
penilaian auténtik dina prosés pangajaran.
Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas
Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan
Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs,
SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat
Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah
pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.
v
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan
langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah,
ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu,
teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina
ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan
pajaman.

Bandung, Désember 2013


Kepala Balai
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd


NIP. 196110051986031014

vi
PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK)


pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad
ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup
kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna
pangajaran basa Sunda.
Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung
kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna
karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan
ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa
Sunda.
Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina
pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak
SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina
ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina
kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah,
ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina
prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery
learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya,
nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).
Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal
kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih
gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu
engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa
jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.
Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun
nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

vii
DAFTAR EUSI

PANGBAGEA: PANGAJARAN 4 _32


1. Kepala Dinas Pendidikan Tema : Kulawarga _32
Provinsi Jawa Barat _iii
2. Kepala Balai Pengembangan PANGAJARAN 5 _40
Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Tema : Pangalaman _40
Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v
PANGAJARAN 6 _48
PANGJAJAP _vii
Tema : Lingkungan
DAPTAR EUSI _viii Sabudeureun _48

PANGAJARAN 7 _55
BAB I PITUDUH UMUM _1
Tema : Miara barang jeung
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 mikanyaah sasatoan
B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 katut tatangkalan _55
C. Tatapakan Formal _4
D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan PANGAJARAN 8 _63
pangajaran _4 Tema : Kajadian Alam _63
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5
F. Proses Pangajaran _5
G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi BAB III PITUDUH MEUNTEUN _71
Dasar (KIKD) _6 A. Kritéria Meunteun Katutasan
H. Tema jeung Bahan Ajar _8 Minimal (KKM) _72
B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)
_72
BAB II PITUDUH HUSUS _9
C. Rubrik Meunteun Sikep _73
PANGAJARAN 1 _10 D. Rubrik Meunteun Latihan _73
Tema : Ngurus E. Rubrik Meunteun Maca _74
Diri Sorangan _10 F. Rubrik Meunteun Nembang _74
G. Rubrik Meunteun Biantara _74
PANGAJARAN 2 _18 H. Daftar Peunteun Murid _75
Tema : Pangaresep _18 I. Daftar Peunteun Murid _76

PANGAJARAN 3 _25 Glosarium _77


Tema : Kagiatan _25 Daftar Pustaka _79

viii
Bab 1
Pituduh
Umum
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru
Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun
kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.
1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi
dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.
2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung
tur ngamalir.
3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah
hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun
masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda.
4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid.
6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,
anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar
murid di imahna séwang-séwangan.
7. Pituduh maké buku babon murid.
Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh,
jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,
ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal
diulikna.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru


Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku
babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.
Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu
dipidangkeun dina ieu buku.
1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran.
Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah
nu hadé.

2 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun,
pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.
5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung
kacana.
6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén
lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.
7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya,
nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa
waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.
8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM);
b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali
jeung sosial budaya Sunda.
10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat
téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa
jeung Sastra Sunda.
11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).
12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik,
ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif
nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan
kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun
méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan
alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.
14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan
kompeténsi.
15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.
16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus
hiji téma atawa bahan réngsé.
17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh
cerdas tur bisaeun.
18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina
nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-
tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat,
waktu, jeung bahan ajar.

Bab 1 Pituduh Umum 3


C. Tatapakan Formal
Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum
2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda
atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung
Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan
Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna,
ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah
kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).
Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh
diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun
mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-
ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina
katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan
katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon
nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun
tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-
ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya
masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana
néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran


Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan
dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé.
Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana
saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran
1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero
pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui
dina ulikan jeung latihan.
Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé
dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun
kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1
atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.
Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih.
Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan
dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.
4 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I
Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur
tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna
(panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina
eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun


Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab
dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam
sabudeureun, sarta dunya katut adabna.
Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur
rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).
Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.
Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta
wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran
Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu.
1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton
2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)
5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

Bab 1 Pituduh Umum 5


G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)
Kelas I SD/MI

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

6.1 Menerima, menghargai, dan 6.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha
menjalankan ajaran agama Esa atas penciptaan bahasa Sunda
yang dianutnya sebagai bahasa daerah dan unsur budaya
bangsa serta alat komunikasi masyarakat
penuturnya melalui teks narasi, deskripsi,
pupuh, dongeng, dan pidato.

6.2 Memiliki perilaku jujur, 6.2.1 Memiliki perilaku peduli terhadap


disiplin, tanggung jawab, penyelamatan makhluk sebagai ciptaan
santun, peduli, percaya diri Tuhan YME melalui teks narasi (Tema 1)
dalam berinteraksi dengan 6.2.2 Memiliki perilaku santun dalam
keluarga, teman, tetangga, memelihara dan membina persatuan
dan guru dalam perbedaan bangsa melalui teks
pupuh. (Tema 2)
6.2.3 Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh
dan penemu melalui teks narasi (Tema 3)
6.2.4 Memiliki perilaku tanggung jawab dan
peduli menghadapi pengaruh globalisasi
terhadap lingkungan dan kehidupan
manusia melalui teks deskripsi. (Tema 4)
6.2.5 Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli,
dan disiplin dalam berwirausaha melalui
teks deskripsi. (Tema 5)
6.2.6 Memiliki perilaku peduli, disiplin,
dan tanggung jawab dalam menjaga
memeliharan kesehatan masyarakat
melalui teks pidato. (Tema 6)

6 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


6.3 Memahami pengetahuan 6.3.1 Memahami teks narasi tentang
faktual dengan cara penyelamatan makhluk.
mengamati dan mencoba (Tema 1)
[mendengar, melihat, 6.3.2 Memahami teks pupuh tentang kehidupan
membaca] serta menanya berbangsa dan bernegara (Tema 2)
berdasarkan rasa ingin tahu 6.3.3 Memahami teks narasi tentang tokoh
secara kritis tentang dirinya, dan penemu secara mandiri kemudian
makhluk ciptaan Tuhan dan mengolah dan menuliskannya kembali
kegiatannya, dan benda- dengan kata-kata sendiri
benda yang dijumpainya di (Tema 3)
rumah, sekolah, dan tempat 6.3.4 Memahami teks deskripsi tentang
bermain pengaruh globalisasi terhadap lingkungan
dan kehidupan manusia. (Tema 4)
6.3.5 Memahami teks deskripsi tentang
berwirausaha. (Tema 5)
6.3.6 Memahami teks pidato tentang meme­
lihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

6.4 Menyajikan pengetahuan 6.4.1 Menyusun teks carita pondok tentang


faktual dalam bahasa penyelamatan makhluk dengan bahasa
yang jelas dan logis dan Sunda yang baik. (Tema 1)
sistematis, dalam karya yang 6.4.2 Melantunkan teks pupuh tentang
estetis dalam gerakan yang kehidupan berbangsa dan bernegara
mencerminkan anak sehat, (Tema 2)
dan dalam tindakan yang 6.4.3 Menyusun teks narasi tentang tokoh dan
mencerminkan perilaku penemu secara mandiri. (Tema 3)
anak beriman dan berakhlak 6.4.4 Menyusun teks deskripsi tentang
mulia pengaruh globalisasi terhadap lingkungan
dan kehidupan manusia. (Tema 4)
6.4.5 Menyusun teks deskripsi tentang
berwirausaha. (Tema 5)
6.4.6 Menyusun teks pidato tentang menjaga
dan memelihara kesehatan masyarakat.
(Tema 6)

Bab 1 Pituduh Umum 7


H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 1 : Ngurus Diri


Tema 5 : Pangalaman
Sorangan
Bahan : Déskripsi
Bahan : Déskripsi

Tema 6 : Lingkungan
Sabudeureun Tema 2 : Pangaresep
Bahan : Déskripsi Bahan : Déskripsi

TEMA
&
BAHAN AJAR

Tema 7 : Miara barang


jeung mikanyaah Tema 3 : Kagiatan
sasatoan katut
tatangkalan Bahan : Déskripsi
Bahan : Déskripsi

Tema 8 : Kajadian
Alam Tema 4 : Kulawarga
Bahan : Déskripsi Bahan : Déskripsi

8 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


Bab 2
Pituduh
Husus
PANGAJARAN 1

Tema : Ngurus Diri Sorangan


Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Diajar basa Sunda di kelas I dimimitian ku aspék ngaregepkeun. Dina hal ieu,
anu diregepkeun téh carita pikeun ngawadahan téma Ngurus Diri Sorangan. Ti dinya
disambung ku aspék nyarita, maca, jeung mungkaskeunana nulis. Tangtu waé éta aspék
anu opat téh ukur dina tahapan basajan.
Dina Pangajaran I, murid mimiti diwanohkeun kana foném vokal: a, i, u, é, jeung o,
jeung fonem konsonan: p, b, m, d, n, k, l, h, s, r, j, jeung t. Matéri anu diajarkeun henteu
méngpar tina éta fonem.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Guru nitah ka murid sangkan maruka buku. Kabéh diroris heula bisi aya anu
salah mukana.
2. Guru némbongkeun gambar budak keur mandi, meunang ngagedékeun tina
buku. Gambarna mah bisa dina karton sanggeusna digedékeun ku cara difoto
kopi atawa di-scan, bisa ngaliwatan in focus.
3. Guru nerangkeun yén éta budak nu aya dina gambar téh ngaranna Tisna, sok
disebut Aa. Aa téh sakolana kelas hiji. Aa boga adi, ngaranna Jayadi, sok disebut
Ii. Aa téh budak apik jeung berséka.
4. Guru maca wacana anu nerangkeun saha ari Aa, jeung kumaha kabiasaan
sapopoéna. Murid sina saregep ngabandungan.

10 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


B. NGAREGEPKEUN PEDARAN NGARIKSA BADAN

No. Kagiatan

5. Guru nerangkeun yén Aa téh budak apik, tur geus baku ngariksa badanna
sorangan. Ciri-cirina budak apik téh tara poho mandi, sapoé dua kali. Mandina
maké sabun.
6. Guru bisa nyelang nanya heula ka murid, upamana:
a) Ari hidep mandi sok iraha waé?
b) Naha geus bisa mandi sorangan, atawa sok dimandian kénéh ku ibu?
c) Kumaha karasana lamun geus mandi?
7. Saterusna guru nerangkeun hal séjénna anu kaasup kana hirup apik dina
ngariksa badan, nyaéta huntu kudu dikosok jeung kuku kudu dikeureutan
ulah sina kalotor. Ngosok huntu ogé sarua, sakurang-kurangna dua kali dina
sapoé. Lamun huntu langka dikosok engkéna bakal katerap nyeri huntu. Kitu
deui lamun kuku teu dikeureutan, komo mun bari kalotor, engkéna bakal
nularkeun kuman kana dahareun dina waktuna urang dahar.
8. Dina ngariksa badan téh kaasup kudu apik barangdahar deuih. Ulah sok
tambarkan atawa sagal didahar, pangpangna kadaharan anu lada, sabab bisi
katerap nyeri beuteung.
9. Sangkan séhat, urang kudu nyeuseup hawa nu beresih. Éta pangna jandéla
kamar kudu dibuka, sangkan hawa beresih tur seger bisa asup ka kamar. Mana
komo lamun ku mukakeun jandéla kamar téh cahaya panonpoé bisa asup. Éta
téh matak séhat pikeun urang.

C. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan

10. Satutas ngaregepkeun carita ngeunaan Aa dina sapopoéna, saterusna murid


sina ngaregepkeun tembang. Eusina ngébréhkeun miara badan, minangka
bagian tina rasa sukur ka Gusti Nu Maha Agung, sabab hirup séhat. Kaséhatan
téh kacida pentingna. Éta pangna wajib ngariksa sakujur badan. Lain waé nu
mangrupa bagian tina jasmani atawa lahiriahna, tapi deuih rohanina.
11. Anu dipilih pupuh pucung, sabab katimbang babari dina nembangkeunana.
Lian ti éta, ukur diwangun ku opat padalisan.

Bab 2 Pituduh Husus 11


12. Mimitina ku guru digalantangkeun heula, sapadalisan-sapadalisan. Saterusna
ku guru ditembangkeun sagemblengna, murid sina ngabarandungan. Dina hal
ieu, guru kudu geus bisa nembangkeunana. Mun ku guru geus dicontoan,
murid sina nurutan nembangkeunana, babarengan. Bakal leuwih alus mun
guru bisa ngacapi, pikeun pamirig murid anu keur narembang.

D. NGALISANKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

13. Pangajaran ngalisankeun jawaban patali jeung kamampuh nyarita. Murid sina
ngajawab pertanyaan anu matérina patali jeung pedaran guru saméméhna.
Kahiji, carita ngeunaan tokoh Aa, jeung kumaha kabiasaan dina sapopoéna.
Kadua, pedaran guru ngeunaan ngariksa badan sangkan séhat.
14. Jawaban tina pertanyaan anu dipidangkeun dina buku téh lolobana cukup ku
sakecap, tur kabéh ogé nyampak dina pedaran guru saméméhna.
15. Pertanyaanana dibaca guru, masing antaré jeung masing jéntré. Mimitina
murid sina ngajawab babarengan, geus kitu saurang-saurang.
16. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna téh kieu:
1. budak nu kumaha ari aa téh
jawabanana: budak apik
2. sok kumaha aa méméh ka sakola
jawabanana: sok maké mandi heula
3. sok iraha aa mandina téh
jawabanana: mandina isuk soré
4. naha ari huntu kudu dikosok
jawabanana: supaya beresih
5. naha mandi kudu maké sabun
jawabanana: supaya beresih
6. bakal kumaha mun kuku kotor
jawabanana: bakal mawa kuman
7. naha ulah sok dahar anu lada
jawabanana: bisi nyeri beuteung

12 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


8. jandéla kamar naha kudu dibuka
jawabanana: supaya hawa seger asup
9. naha hirup maké kudu muji sukur
jawabanana: sabab badan séhat
10. kudu kumaha ari dina saban téh téh
jawabanana: ngurus sakujur badan

E. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

17. Guru némbongkeun gambar Aa, Ii, Uu, Apa, Ibi, jeung Mumu, pikeun
ngawanohken finem vokal “a”, “i”, “u”, jeung fonem konsonan “p”, “b”,
“m”. Saterusna némbongkeun gambar Émi, Oni, Nina, jeung Dani, pikeun
ngawanohkeun fonem vokal “é” jeung “o”, jeung konsonan “n” jeung “d”.
18. Murid mimiti diajar ngéjah aksara, dimimitian ku mikawanoh fonem vokal a
heula. Ku guru dituduhkeun gambar budak ngaran Aa, terus dicontoan ngéjah
aksarana dumasar kana metodeu maca struktur analisis sintesis atawa SAS.
Mimiti diwanohkeun fonem vokal a. Lamun éta vonem diréndonkeun jeung
foném vokal a deui, dibacana jadi aa. Ieu kagiatan dilaksanakeun sababaraha
kali, kabéh murid dipapay sina nurutan ngucapkeunana, tepi ka lancar.
19. Mimiti diwanohkeun kana foném konsonan p. Lamun p diréndonkeun jeung
a, dibacana jadi pa. Lamun a diréndonkeun jeung pa, dibacana jadi apa. Aa
jeung apa ngahaja disajajarkeun sangkan murid arapaleun bédana.
20. Pola engang anu mimiti diwanohkeun nyaéta V-V, terus V-KV. Ieu pola
minangka tarékah anu dianggap babari dina ngawanohkeun foném vokal
jeung konsonan.
21. Dina ngawanohkeun foném konsonan m, sakaligus mimiti ngawanohkeun
pola engang KV-KV deuih. Ari cara ngajarkeunana mah sarua waé anu
saméméhna.
Kecap anu dipaké conto dina kabéh gé nujul kana sesebutan atawa ngaran
jalma. Maksudna sangkan babari dipikawanohna ku murid.

Bab 2 Pituduh Husus 13


F. NULISKEUN AKSARA 1

No. Kagiatan

22. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat
peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan
sakumaha anu geus diajarkeun.
23. Dina tahap munggaran, anu dipigawé ku murid sina nyalin fonem vokal jeung
fonem konsonan. Lamun geus lancar, terus ditingkatken kana nuliskeun kecap
skumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna.
24. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

G. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

25. Maca Munggaran 2 téh terusna tina Maca Munggaran 1. Pola engang nu
diajarkeun masih KV-KV. Bédana, dina Maca Munggaran 2 mah murid mimiti
diwanohkeun jeung kecap anu nuduhkeun barang.
26. Murid diwanohkeun kana foném konsonan j dina kecap laja, méja, jeung jara.
Kecap anu kudu diéjah teu diwuwuh ku ilustrasi gambar, anu dipalar sangkan
murid mimiti wanoh kana konsép basa sacara mandiri.
27. Foném vokal anu diajarkeun aya anu sarua, contona a – a dina laja jeung jara.
Lian ti éta mimiti diwanohkeun dua foném vokal anu béda:
a – u dina palu jeung halu
a – i dina dasi
o – i dina roti jeung topi
i – a dina bima
a – o dina nako
a – é dina saté
é – a dina méja
u – a dina kupa
28. Prak-prakan ngajarkeun Diajar Maca 2 henteu béda ti Diajar Maca 1.

14 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


H. NULISKEUN AKSARA 2

No. Kagiatan

29. Pangajaran Nuliskeun Aksara 2 téh tuluyna ti pangajaran Nuliskeun Aksara 1.


Bédana, dina pangajaran ieu mah taya latihan nuliskeun fonem vokal rangkap
kawas dina Diajar Maca 1.
30. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

I. NUDUHKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

31. Murid sina nuduhkeun barang sakumaha nu ditugaskeun dina buku


pangajaran.
32. Alusna mah guru nyadiakeun gambar minngka alat peraga anu ngebrehkeun
rupa-rupa barang sakumaha anu aya dina buku pngajaran.
33. Guru anu méré paréntahna, terus ku murid sina dituduhkeun, bagilir saurang-
saurang.

J. DIAJAR MACA 3

No. Kagiatan

34. Dina Maca Munggaran 3, murid diwanohkeun kana pola engang V-KVK.
Cara ngéjahna angger ngagunakeun metodeu SAS.
35. Kecap nu diajarkeun geus mimiti dilegaan ambahanana. Konsép anu diajarkeun
mimiti nincak ka nu abstrak. Cindekna lain nu mirupa barang nyata wungkul.
Kitu deui dina warna kecapna, henteu ngan sawates kecap barang wungkul.
Murid mimiti diwanohkeun kana kecap bilangan, kecap pagawéan, kecap
sipat, jeung kecap kaayaan. Prak-prakanana mah sarua waé jeung diajar maca
saméméhna.

Bab 2 Pituduh Husus 15


K. DIAJAR MACA 4

No. Kagiatan

37. Dina Diajar Maca 4, murid mimiti diwanohkeun kana pola engang KV-
KVK. Kecap anu dipaké conto dina diajar ngéjah ngawengku ngaran barang
kongkrit, tur diwuwuh ku ilustrasi gambar.
38. Dina ngajarkeun pola engang KV-KVK, posisi saban fonem boh vokal
boh konsonan mimiti dilegaan. Aya kecap anu sarua vokalna, tapi béda
konsonanana.

1. Dua kecap anu ngandung dua vokal tur sarua susunananana, tapi béda
konsonanana,
contona:
é – a : pérak – létak
a – u : manuk – balur
i – a : jidar – rikat
a – i : rakit – kasir
o – a : solar – solat

2. Dua kecap anu béda vokalna, tapi sarua susunan konsonanana,


contona:
l – t – k : létak – loték
j – k – t : jukut – jékét

3. Dua kecap anu diwangun ku savokal, tapi béda konsonanana,


contona:
a – a : dahar – sabar
i – i : mikir – kirim
u – u : subur – jukut
é – é : bérés – lébér
o – o : botol – lohor

39. Saterusna murid diwanohkeun kana kecap anu diwangun ku tilu engang, polana
KV-KV-KV, KVK-KV-KV, jeung KV-KV-KVK. Prak-prakan ngajarkeunana
mah sarua waé jeung dina pangajaran diajar maca saméméhna.

16 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


L. LATIHAN NULIS

No. Kagiatan

40. Pangajaran 1 dipungkas ku latihan nulis. Anu kudu disalin ku murid téh
kalimat anu diwangun ku tilu engang, kabéhna aya sapuluh kalimah.
41. Ku guru dicontoan heula cara nuliskeunana dina bor, terus ku murid sina
diturutan. Murid migawé ieu pancén téh dina buku tugas masing-masing.
42. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipenteun.

Bab 2 Pituduh Husus 17


PANGAJARAN 2

Tema :
Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR


Tatahapan dina Pangajaran 2 masih kénéh sarua jeung dina pangajaran saméméhna.
Dimimitian ku aspék ngagunakeun basa nu pangbasajanna, nyaéta ngaregepkeun.Ti dinya
disambungku aspék nyarita, terus maca, jeung mungkaskeunana nulis.
Dina pangajaran maca, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, jeung fonem
konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”. Dina diajarna, murid mimiti diwanohkeun kana
konsép kabasaan anu leuwih kompléks. Dina diajar maca, teu salawasna dicukangan ku
gambar, tapi langsung kana ungkara kecapna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Guru nerangkeun, ayeuna urang dialajar deui basa Sunda. Mimitina urang
nyaritakeun pangaresep. Murid sina maruka buku pangajaranana. Ku guru
diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.
2. Guru némbongkeun gambar japati jeung kelenci. Ti dinya terus nanya ka
murid, ari ieu gambar naon? Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh japati
jeung kelenci bogana Tisna nu sok biasa disebut Aa téa. Tisna téh karesepna
ngukut sasatoan.
3. Guru maca téks nu judulna “Resep Miara Sato”. Murid sina ngaregepkeun.
Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu
dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan
ngucapkeunana.
4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun
pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui yén lamun urang resep miara
sasatoan, peupeujeuh kudu diurus kalawan tulatén, kawas Tisna. Ulah tepi ka
poho maraban, jeung kandangna kudu diberesihan. Lamun miaran teu bener,
matak jadi dosa éta téh.
18 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I
5. Guru nanya ka murid, saha anu di imahna ngukut sasatoan? Sato naon waé anu
dikukut téh? Jawaban murid tangtuna gé rupa-rupa. Mungkin aya anu ngukut
hayam, manuk, lauk, jeung sajabana. Jawaban murid téh pikeun nyukangan
pedaran matéri saterusna.

B. NGEDALKEUN OMONGAN

No. Kagiatan

6. Satutasna ngabandungan carita ngeunaan Tisna anu karesepna miara sasatoan,


murid sina ngajarawab pertanyaan patali jeung eusi éta carita.
7. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina bagilir dijawab ku murid. Jawabanana
téh aya anu persis sakumaha ceuk dina wacana, aya deuih anu dumasar kana
kaweruh murid.
8. Hiji pertanyaan bisa waé dijawab ku sababaraha murid. Pertanyaan jeung
jawaban salengkepna kieu:
1. miara sato naon waé tisna téh
jawabanana: japati jeung kelenci
2. ari anak japati disebut naon
jawabanana: piyik
3. hidep apal naon ari parab japati
jawabanana: jagong, bangsal, atawa béas
4. kelenci tisna téh paméré ti saha
jawabanana: paméré ti komar
5. kumaha ari warna buluna
jawabanana: barodas
6. naon maksudna sajodo téh
jawabanana: jalu jeung bikang
7. kumaha tisna téh miara satona
jawabanana: mani tulatén
8. matak jadi kumaha mun elat maraban
jawabanana: matak jadi dosa

Bab 2 Pituduh Husus 19


C. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

9. Dina Diajar Maca 1, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, fonem
konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”.
10. Saméméh prak diajar maca, guru némbongkeun/nuduhkeun gambar emur,
peti, sugu, cau, sawah, jeung kuya, bari disebutkeun hiji-hijina.
11. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna,
ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca
téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.
12. Guru nugaskeun murid tanpa dicontoan heula pikeun ngéjah aksarana. Mimiti
anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

D. NULISKEUN AKSARA

No. Kagiatan

13. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat
peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan
sakumaha anu geus diajarkeun. Kecap anu kudu ditulis téh nyaéta anu
ngandung fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha nu geus diajarkeun
dina Diajar Maca 1.
14. Murid sina nyalin kecap dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru
dicontoan heula cara nulisna.
15. Fonem vokal “e” ukur bisa nempatan awal atawa tengah kecap, teu bisa dina
posisi tungtung. Ari fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y” mah bisa
nempatan posisi di awal, di tengah, jeung di tungtung kecap.
16. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

E. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

17. Guru némbongkeun/nuduhkeun gambar sendal, lancah, kuéh, kaos, Ambu,


Érni, éntog, jeung uncal. Éta kecap téh diwangun ku dua engang, polana
KVK-KVK, KV-VK,VK-KV, jeung VK-KVK.
20 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I
18. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti
heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina
nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

F. DIAJAR MACA 3

No. Kagiatan

19. Mun dina diajar maca saméméhna ngagunakeun gambar pikeun alat peragana,
dina Diajar Maca 3 mah langsung waé kana ungkara kecap.
20. Anu kudu diéjah téh kecap tilu engang, polana KV-V-KV (piala), KV-KV-V
(radio), AK-KV-KV (aksara),V-KVK-KV (arimbi), KV-KV-VK (kiloan), KV-
KVK-KV (karamba), KV-KVK-KVK (tarumpah), jeung KVK-KV-KVK
(komputer).
21. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti
heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina
nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

G. NGUNIKEUN KECAP

No. Kagiatan

22. Ieu pangajaran téh tujuanana pikeun ngalatih murid dina ngunikeun kecap,
tepi ka sora fonem vokal nu diucapkeun téh tétéla bédana. Dina hal ieu, béda
antara ngunikeun “é” jeung “e”, upamana dina kecap dua engang “kéré”
jeung “keré”. Aya kecap anu foném vokalna “é – é”, “e – é”, jeung “e – e”.
23. Ku guru dicontoan cara ngucapkeunana, geus kitu murid sina babarengan
nurutan, terus saurang-saurang.

H. MACA KALIMAH

No. Kagiatan

24. Ieu pangajaran mangrupa tuluyna tina anu saméméhna. Bédana, anu kudu
dibaca ku murid téh ayeuna mah ungkara kalimah basajan. Sajaba ti pikeun
latihan diajar maca, patali jeung kamampuh dina ngunikeun kecap deuih.

Bab 2 Pituduh Husus 21


25. Dina ieu pangajaran murid mimiti diwanohkeun kana prosés robahna kecap,
nyaéta tina kecap barang jadi kecap pagawéan (poé – moé, baju – dibaju), tur
kumaha larapna dina kalimah.Tangtu waé hal éta mah teu kudu diterangkeun,
ukur pikeun kaweruh guru wungkul. Murid mah cukup sina maca wungkul,
tur éta ogé bari dituyun ku guru.
26. Kalimahna ku guru dibaca, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid
ngucapkeun kalimahna babarengan, geus kitu terus sina saurang-saurang.

I. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

27. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah téh sina dipigawé sacara tinulis
dina buku tugas séwang-séwangan.
28. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan
kalimahna jadi lengkep. Dina buku pangajaran geus disayagikeun conto cara
migawéna. Saméméhna ku guru diterangkeun heula cara-carana kalawan jéntré.
29. Ieu latihan téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka
tétéla bédana antara vokal “é” jeung “e”.
30. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibéré peunteun.
Anu jadi patokan dina meunteun téh bener-henteuna nuliskeun kecap.

J. LATIHAN NYALIN KALIMAH

No. Kagiatan

31. Murid mimiti diwanohkeun kana pangajaran nyalin sagemblengna kalimah,


sok sanajan ukur kalimah basajan anu diwangun ku tilu kecap, tur saban
kecapna diwangun ku dua engang. Ieu pangajaran téh patali jeung aspék
nulis dina kagiatan ngagunakeun basa.
32. Anu kudu disalin kabehna aya dalapan kalimah. Aya anu polana subyék jeung
prédikat wungkul, aya deuih anu ditambahan ku obyék.
33. Murid migawéna dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru
dicontoan heula cara migawéna. Ieu tugas téh bisa waé sina dipigawé di imah,
tur minggu hareupna dipariksa.
34. Hasil pagawéan murid dipariksa rapih-henteuna jeung bener-henteuna, terus
ku guru dibéré peunteun.
22 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I
K. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

35. Murid sina diajar nyarita sanggeus maranéhna niténan gambar anu patali
jeung migawé pangaresep. Ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula
gambarna. Aya tilu budak, nyaéta Nastiti, Koswara, jeung Soléh.
36. Ku guru diterangkeun, Nastiti karesepna ngurus taman hareupeun imahna.
Di taman téh loba tangkal kembang. Saban poé ku Nastiti sok dicébor.
Kembangna sok dipetikan, terus dipaké papaés dina luhur méja tamu. Ari
Koswara mah karesepna kana langlayangan. Sok nyieun sorangan, tara meuli.
Biasana pasosoré Koswara sok ngapungkeun langlayangan di lapang. Di dinya
téh tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin. Ari Soléh mah karesepna
ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Soléh ogé sok nyieun paparahuan
sorangan. Lain paparahuan meunang meuli.
37. Sajeroning dicaritakeun téh, ku guru bari ditémbongkeun/dituduhkeun
gambarna, murid sina ngabarandungan. Geus kitu murid sina nyaritakeun
deui, ngagunakeun basana sorangan.
38. Saban murid dibéré tugas nyarita, ku guru dipeunteun, tepi ka lebah mana
kamampuh maranéhna dina napsirkeun gambar.

L. LATIHAN NULISKEUN PANGARESEP

No. Kagiatan

39. Sanggeus diajar nyarita, saterusna murid sina diajar nuliskeun pangaresep
masing-masing. Anu ditulis ku murid téh ukur dina tahap anu paling basajan.
Dina nuliskeunana téh bari dicukangan heula. Cindekna murid mah ngan
kari nuliskeun sakecap, sangkan kalimahna jadi lengkep.
40. Murid sina niténan contona, bari ku guru terus diterangkeun, kumaha cara
nuliskeunana. Anu dipaké nyukangan murid nuliskeun pangaresepna téh aya
lima kalimah, nyaéta:
1. abdi resep kana ___________
2. tempatna sok di ___________
3. ari waktuna tabuh __________
4. biasana dina poé __________
5. alat anu dipakéna __________
Bab 2 Pituduh Husus 23
41. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Murid dibéré kasempetan
pikeun nanyakeun atawa ménta bantuan ka kolotna atawa ka lanceukna.
Minggu hareupna, pagawéan murid dipariksa ku guru.
42. Naon anu ditulis ku murid tangtuna gé rupa-rupa. Hasil pagawéan maranéhna
terus dibéré peunteun.

24 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


PANGAJARAN 3

Tema : Kagiatan
Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR


Téma dina Pangajaran 3 téh ngeunaan kagiatan. Maksudna, kagiatan anu patali jeung
diri murid. Pikeun nyumponn éta téma, anu diajarkeun téh ngeunaan kagiatan saban
isuk dina rék indit ka sakola, jeung kagiatan salila diajar. Lian ti éta, dina wacana séjénna
diwanohkeun wacana anu midangkeun kagiatan olahraga. Pikeun ngalengkepanana,
ditambahan ku téks paguneman.
Dina pangajaran ayeuna, hususna dina Diajar Maca, murid diwanohkeun kana
vokal “eu” jeung konsonan “ng”. Prak-prakan ngajarkeunana teu béda ti pangajaran
saméméhna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu
salah muka kacana.
2. Guru némbongkeun gambar barudak di buruan sakola, jeung gambar dua
budak keur laleumpang, indit ka sakola. Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh
Tisna atawa nu sok biasa disebut Aa téa.Tisna téh indit ka sakolana sok bareng
jeung Oki, batur sakelasna.
3. Guru maca téks nu judulna “Indit ka Sakola”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti
dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua
kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.
4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun
pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha kagiatan Tisna jeung Oki
saban isuk dina waktu rék indit ka sakola. Kudu disabit-sabit kumaha suhudna
éta dua budak dina rék indit ka sakola, tepi ka tara kungsi kabeurangan. Terus
deuih dicaritakeun, kumaha ari pangajaran geus dimimitian. Sakabéh murid
saregep diajar, tara aya anu heureuy atawa malaweung.
Bab 2 Pituduh Husus 25
B. NYARITAKEUN KAGIATAN

No. Kagiatan

5. Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh murid dina mahamkeun carita,


maranéhna sina ngajawab pertanyaan patali jeung eusi téks anu dibaca ku
guru.
6. Éta pertanyaan sina bagilir dijawab ku murid. Hiji pertanyaan bisa waé sina
dijawab ku sababaraha murid. Kabéh murid kudu meunang giliran. Sabot aya
murid nu ngajawab, murid séjénna sina ngabarndungan.
7. Pertanyaan jeung jawabanana téh kieu:
1. saha nu disampeur ku tisna téh
jawabanana: oki
2. naha inditna sok laleumpang
jawabanana: sabab deukeut
3. naon sababna tara kabeurangan
jawabanana: sabab tara léléda
4. kumaha mun keur kagiliran pikét
jawabanana: inditna sok tanginas
5. kumaha ngabagi giliran pikét téh
jawabanana: kabéh kagiliran saminggu séwang
6. naon sababna diajar kudu saregep
jawabanana: sabab diajar mah teu meunang bari heureuy
7. naha di kelas teu meunang garandéng
jawabanana: matak ngaganggu kana diajar
8. naha di kelas ulah silih balédog
jawabanana: bisi matak cilaka
8. Anu diregepkeun ku murid, katut jawaban maranéhna kana saban pertanyaan
di luhur kabéh gé patali jeung kagiatan tokoh Tisna katut Oki. Saterusna
murid sina nyaritakeun pangalaman kagiatan dirina sorangan. Pok-pokan
guru dina nugaskeun nyaritakeun kagiatan, upamana:
“Kumaha ari kagiatan hidep sapopoé? Cing pék ku hidep caritakeun. Carana mah
jawab waé pananya anu aya di handap.Tangtu hidep bakal bisa nyaritakeun kagiatan
sorangan.”
9. Kagiatan anu dicaritakeun ku murid tangtu moal persis sarua. Éta nu dipiharep,
sangkan maranéhna ludeung nyarita.

26 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


10. Matéri pertanyaan pikeun nyukangan murid sina nyaritakeun kagiatan nu
karandapan ku dirina téh kieu:
1. tabuh sabaraha hidep ka sakola
2. sok bareng jeung saha ari inditna
3. jauh henteu ti imah ka sakola téh
4. méméh ka kelas sok naon heula
5. terus ka mana bubar ti sakola téh
6. di imah naon waé nu dipigawé
7. iraha hidep ulin jeung babaturan
8. hidep resep kana kaulinan naon
11. Alus pisan mun saban murid boga kasempetan ngajawab sakabéh pertanyaan,
sabab bakal kagambar leuwih écés naon waé kagiatan maranéhna sapopoé.
Tapi dina kondisi waktu teu nyukupan, bisa wé saban murid ukur ngajawab
dua pertanyaan.

C. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

12. Ngajarkeun matéri Diajar Maca 1 masih kénéh dituyun ku guru. Dina ieu
pangajaran, murid diwanohkeun kana vokal “eu”. Dina basa Sunda, ieu vokal
téh bisa nempatan posisi di hareup (eurih), di tengah (careuh), jeung di tukang
(sampeu).
13. Guru némbongkeun gambar eurih, careuh, jeung sampeu, katut katerangan
kecapna. Ku murid sina ditengetan, terus guru nanya, “Ari ieu gambar naon?”
bari nuduhkeun. Murid sina ngajarawab.
14. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna,
ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca
téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.
15. Guru nugaskeun murid tanp dicontoan heula pikeun ngéjah aksara. Mimiti
anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.
16. Mun katimbang geus lancar, ngéjahna diteruskeun kana anu dua kecap. Ieu
ogé sarua, mimitina saréréa sina bareng, geus kitu sina saurang-saurang.
17. Saterusna guru ngawanohkeun konsonan “ng”. Pikeun nyukanganana, guru
némbongkeun gambar buah jeung gambar bango.
18. Prak-prakanana teu béda ti waktu ngajarkeun ngéjah “eu”, boh dina métodeuna
boh dina nugaskeun ka murid pikeun maca kecap anu geus nyampak.

Bab 2 Pituduh Husus 27


D. NGUCAPKEUN KECAP

No. Kagiatan

19. Ieu pangajaran Ngucapkeun Kecap téh maksudna mah sangkan murid béntés
dina ngunikeun sora-sora basa, utamana vokal “eu” jeung konsonan “ng”.
20. Ku guru dibaca per kecap, sina diturutan ku murid. Mimitina diturutanana téh
ku saréréa, terus sina ku saurang-saurang.

E. MACA KALIMAH 1

No. Kagiatan

21. Murid diwanohkeuh kana pangajaran maca kalimah basajan. Ieu pangajaran téh
patali jeung anu saméméhna, nyaéta latihan ngucapkeun kecap kalawan béntés.
Utamana ngabédakeun kecap anu ngagunakeun vokal “é”, “e”, jeung “eu”.
22. Kecap anu dipaké conto téh nyaéta: lebet jeung leubeut, bener jeung beuneur,
énténg jeung eunteung, hideng jeung hideung”.
23. Conto kecap anu bieu ditataan téh mimitina diucapkeun heula ku guru, sina
diturutan ku murid. Kudu diperhatikeun sangkan anu diunikeun ku murid
téh tétéla bédana.
24. Saterusna guru maca kalimahna, sina dibarandungan ku murid. Guru maca
per kalimah, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid anu nurutan téh
saréréa, geus kitu sina ku saurang-saurang.

F. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

25. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah téh sina dipigawé sacara tinulis dina
buku tugas séwang-séwangan.
26. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan
kalimahna jadi lengkep.
27. Ieu latihan téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka
tétéla bédana antara vokal “é”, “e”, jeung “eu”.
28. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibéré peunteun.
Anu jadi patokan dina meunteun téh bener-henteuna nuliskeun kecap.
28 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I
G. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

29. Dina pangajaran Diajar Maca 2 anu kudu diéjah téh kecap anu diwangun
ku opat engang, nyaéta balédésa, kacapanon, panonpoé, sandiwara, olahraga,
babakaur, katumbiri, jeung majaléngka.
30. Anu kudu dibaca téh kecap kantétan anu diwangun ku dua kecap.Ngajarkeunana
masih kénéh kudu dituyun ku guru. Kecapna dibaca ku guru, murid sina
nurutan. Prak-prakan ngajarkeunana mah teu béda ti anu enggeus-enggeus.

H. MACA KALIMAH 2

No. Kagiatan

31. Tina diajar maca kecap kantétan, saterusna murid dibéré deui pangajaran maca
kalimah anu kecapna aya anu diwangun ku opat engang.
32. Kalimah anu kudu dibaca téh kabéhna aya dalapan. Prak-prakanana teu béda
ti nu enggeus-enggeus.

I. MACA BEDAS

No. Kagiatan

33. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana.Témana masih ngébréhkeun


kagiatan, dina hal ieu nyaéta olahraga.
34. Ieu wacana téh sina dibaca bedas ku murid. Prak-prakanana dituyun ku guru.
Dibaca sajajar-sajajar, murid sina nurutan.
35. Saluyu jeung judulna, eusi ieu wacana téh nyaéta nyaritakeun gunana olahraga:
penting pikeun kaséhatan, ngalantarankeun urang jadi gumbira, nambahan
kawawuhan, jeung ngaraketkeun duduluran.
36. Ngeunaan gunana olahraga ku guru terus diterangkeun, naon anu dimaksud
kaséhatan, timbulna rasa gumbira, jeung nambahan kawawuhan katut
ngaraketkeun duduluran. Guru bisa tumanya, upamana:“Ari hidep sok olahraga
naon? Reesep henteu?” Jeung saterusna. Murid sina ngajarawab dumasar kana
pangalaman atawa pamanggihn masing-masing.

Bab 2 Pituduh Husus 29


J. NGEDALKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

37. Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi wacana, murid sina ngajarawab
pertanyaan sacara lisan.
38. Pertanyaanana dibaca ku guru, terus sina dijawab ku murid, saurang-saurang.
Hiji pertanyaan bisa waé diasongkeun ka sababaraha murid.
39. Jawaban murid kudu dipeunteun. Pikeun patokan guru dina meunteun bisa
dititénan ieu di handap.
1. di mana senam poé ahad téh tempatna
jawabanana: di lapang balédésa
2. tabuh sabaraha nu rék senam karumpulna
jawabanana: tabuh tujuh
3. sok maraké naon anu mariluan senam téh
jawabanana: maraké baju jeung sapatu olahraga
4. naha ari barudak ogé sok miluan senam
jawabanana: sabab barudak ogé resepeun
5. penting pikeun naon ari olahraga téh
jawabanana: pikeun kaséhatan
6. mun olahraga naha matak jadi gumbira
jawabanana: sabab bisa nambah kawawuhan
7. penting henteu mun urang loba sobat
jawabanana: penting
8. naon waé gunana mun urang loba sobat
jawabanana: pikeun silih tulungan
9. ari kagiatan hidep sapopoé naon waé
jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid séwang-séwangan
10. di mana tempatna mun hidep olahraga
jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid séwang-séwangan

30 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


K. MACA PAGUNEMAN

No. Kagiatan

40. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana paguneman. Kabéhna aya
dua judul. Kahiji, judulna “Miluan Senam”, palakuna papada awéwé, nyaéta
Yanti jeung Sinta. Kadu, judulna “Piknik ka Ciwidéy”, palakuna papada lalaki,
nyaéta Pandu jeung Irman.
41. Ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambarna, bari diterangkeun
éta téh gambar naon waé.
42. Guru nyontoan maca saban wacana, ku murid sina diturutan ngucapkeunana,
babarengan. Geus kitu sina diturutan ku saurang-saurang.

L. LATIHAN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

43. Saterusna guru méré tugas molahkeun paguneman di hareupeun kelas. Pikeun
paguneman kahiji, anu dibéré tugas téh murid awéwé, saha anu jadi Yanti, jeung
saha anu jadi Sinta. Pikeun paguneman kadua, anu dibéré tugas téh murid
lalaki, saha anu jadi Pandu, jeung saha anu jadi Irman.
44. Alus pisan mun dina kagiatan molahkeun paguneman téh murid sina maca
téks sorangan. Tapi pikeun murid anu tacan lancar mah bisa bari dituyun ku
guru.
45. Sajeroning dua murid keur molahkeun paguneman, murid séjénna sina
ngabarandungan.

Bab 2 Pituduh Husus 31


PANGAJARAN 4

Tema : Kulawarga
Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR


Saluyu jeung témana ngeunaan kulawarga, dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun
kana lingkungan anu leuwih lega. Maranéhna dipiharep bisa nataan anggota kulawargana
masing-masing. Lian ti éta, dina ngipuk karakter positif, murid bisa nempatkeun dirina
kalawan bener dina kahirupan kulawargna, utamana dina nerapkeun étika.
Dina diajar maca, murid mimiti diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ti dinya
ditéma ku latihan nuliskeunana. Masih kénéh dina diajar maca, murid dilalanyahan sina
maca bedas, dumasar kana anggapan yén maranéhna geus bisa ngéjah aksara

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu
salah muka kacana.
2. Guru némbongkeun gambar kulawarga Tisna anu keur tumpak délman. Aya
lanceukna, aya adina, aya ibuna, jeung aya apana. Ku guru dijelaskeun heula
yén ieu téh kulawarga Tisna, terus dituduhkeun hiji-hijina.
3. Guru maca téks nu judulna “Kulawarga Tisna”. Murid sina ngaregepkeun.
Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu
dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan
ngucapkeunana.
4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun
pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha layeutna Tisna
sadudulur. Leuwih jauhna hal ieu bakal dipedar dina bagian B. Ngabandungan
Piwuruk.

32 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


B. NGABANDUNGAN PIWURUK

No. Kagiatan

5. Pedaran ngeunaan piwuruk utamana pikeun nyumponan Kompeténsi Dasar


1.2.4 anu némbongkeun ayana sikep miduli jeung mikanyaah anggota
kulawarga. Pedaran guru téh miangna tina wacana “Kulawarga Tisna”.
6. Guru nerangkeun hubungan dina lingkungan kulawarga. Aya indung jeung
bapa, aya adi jeung lanceuk. Diterangkeun deuih kumaha sesebutan pikeun
anak di hiji lingkungan kulawarga. Aya anu disebut cikal, panengah, jeung
bungsu.
7. Saterusna guru nerangkeun kawajiban anggota kulawarga, boh kawajiban
ka indung-bapa boh kawajiban ka dulur. Pikeun nyukanganana, guru bisa
ngadadarkeun kaayaan di kulawarga Tisna, upamana waé:
Tisna sadudulur layeut jeung alakur. Lanceuk kudu ngéléhan ka adi. Daék
ngaping tur jadi picontoeun. Lanceuk ulah sok nyeurikan adi. Kitu deui adi
ogé ulah ngalawan jeung maséaan lanceuk. Ulah bedegong atawa mawa karep
sorangan.
Tisna ka dulurna tara korét. Ka batur sarua tara kitu deuih. Hidep ogé kudu
béréhan jeung daék tutulung. Dibarung ku iklas. Jalma nu resep dipuji sok
adigung. mun nyarita sok sombong.
Hidep ogé tangtu sarua kitu. Ari jeung dulur teu meunang paséa. Nya jeung
batur gé sarua ulah kitu peta. Jalma nu resep paséa téh goréng kacida. Komo
mun bari jeung harak atawa resep ngaganggu batur mah. Engkéna moal aya
nu daékeun maturan.
8. Guru terus nerangkeun kawajiban lanceuk ka adi, jeung kawajiban adi ka
lanceuk, upamana: Mun hidep jadi lanceuk kudu picontoeun adi. Ulah
bangor jeung carékeun. jeung ulah sok ngaheureuyan adi deuih. Malah mun
adi ceurik téh kudu gancang sina répéh. Kudu daék ngasuh deuih. Pék ajakan
ulin tapi ulah nu matak jadi cilaka.
Upama hidep jadi adi kudu nurut ka lanceuk. ulah sok ngalawan jeung ulah
ogoan. Kudu daék mantuan lanceuk deuih. Mun lanceuk keur bébérés ku urang
kudu dibantuan. Entong ngadagoan dititah heula. Kudu hideng sorangan.
Alus pisan mun hidep ngapalkeun babarengan. Mun aya sual anu tacan ngarti
pék tanyakeun ka lanceuk. Engké ogé ku lanceuk bakal diterangkeun sabisana.
Kadé poho hidep ngucapkeun nuhun.

Bab 2 Pituduh Husus 33


9. Saterusna, anu paling utama, nerangkeun kawajiban anak ka indung-bapana.
Anu paling penting urang kudu nurut ka indung jeung ka bapa. Naséhat indung
bapa téh jadi tuduh jalan kana kahadéan. Urang kudu hormat némbongkeun
sopan santun. Ulah sok mungpang atawa ngalawan. Komo mun wani nyentak
mah. Apan éta téh kolot urang. Kanyaah indung jeung bapa taya watesna.
Sakur piwurukna kudu diregepkeun jeung dipigawé. Éta téh sangkan urang
salamet dunya ahérat. Indung jeung bapa tangtu miharep urang jadi budak anu
soléh. Di sakola jadi murid anu pinter.
10. Pedaran ngeunaan piwuruk téh bakal kasabit deui dina bagian saterusna.
Murid dibéré tugas sina ngébréhkeun pamanggihna ngeunaan kautamaan
hirup di lingkungan kulawarga.

C. NGAJAWAB PANANYA

No. Kagiatan

11. Murid dibéré tugas ngajawab pertanyaan sacara lisan, pikeun ngukur
kamampuh maranéhna dina nyangkem eusi wacana anu dibaca ku guru. Lian
ti éta, ogé pikeun mikweruh sikep murid dina ngalaksanakeun kawajibanana
dina kahirupan kulawarga.
12. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina dijarawab ku murid, bagilir. Hiji pertanyaan
bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid.
13. Pertanyaan jeung jawaban anu kudu dipigawé ku murid téh kieu:
1. sabaraha urang dulurna tisna téh?
jawabanana: duaan
2. saha anu nyeplés pisan ka tisna?
jawabanana: jayadi
3. naon anu dimaksud anak cikal?
jawabanana: anak panggedéna
4. naon anu dimaksud anak bungsu?
jawabanana: anak pangleutikna
5. kumaha ari tisna sadudulur téh?
jawabanana: layeut alakur
6. kudu kumaha ari lanceuk ka adi?
jawabanana: daék ngaping jeung jadi conto

34 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


7. kudu kumaha ari adi ka lanceuk?
jawabanana: kudu nurut jeung ulah ngalawan
8. alus henteu ari jalma korét téh?
jawabanana: henteu
9. naséhat saha anu wajib diturut téh?
jawabanana: naséhat indung jeung bapa
10. bakal jadi kumaha mun urang nurut?
jawabanana: bakal salamet dunya ahérat

D. NGANGGEUSKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

14. Murid dibéré tugas nganggeuskeun kalimah dumasar kana pedaran guru
ngeunaan piwuruk anu patali jeung kawajiban anggota kulawarga. Anu kudu
dipigawé ku murid téh kabéhna aya sapuluh sual.
15. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Gedé kamungkinan dina
migawéna téh bakal bari dituyun ku kolotna atawa ku lanceukna. Dina minggu
hareupna, hasil pagawéan murid dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun.
16. Pikeun padoman dina méré peunteun, bisa dititénan ieu di handap:
1. ari jeung dulur teu meunang paséa
2. budak harak moal aya nu maturan
3. lanceuk kudu bisa méré conto ka adi
4. ari ka adi urang téh kudu daék ngasuh
5. lanceuk ulah sok bangor jeung carékeun
6. urang ulah ulin anu matak jadi cilaka
7. mun lanceuk keur digawé kudu dibantuan
8. alus pisan mun bisa ngapalkeun babarengan
9. mun urang dibantuan kudu nyebut nuhun
10. kanyaah indung jeung bapa urang taya watesna

Bab 2 Pituduh Husus 35


E. DIAJAR MACA

No. Kagiatan

17. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ku
guru dituduhkeun heula, bari dicontoan cara ngucapkeunana.
18. Kecap anu maké fonem konsonan “ny” dilarapkeun kana kalimah. Éta kalimah
téh meunang nyutat tina matéri anu dipidangkeun saméméhna. Ku kituna,
dina diajar maca ayeuna mah murid mimiti dilalanyahan ngéjah kalimah.
19. Ku guru dicontoan heula cara macana, murid sina nengetan. Geus kitu
maranéhna sina nurutan sakur anu dibaca ku guru.
20 Murid dibéré tugas sina ngalalanyahan diajar maca sorangan, utamana dina
ngéjah kecap anu ngandung fonem konsonan “ny”. Alusna mah sakabéh
murid meunang giliran, sangkan bisa kanyahoan kamampuh macana.

F. NGÉJAH AKSARA BARI NUDUHKEUN GAMBARNA

No. Kagiatan

21. Aya dua tujuan nu kudu dihontal dina pangajaran ayeuna, nyaéta murid bisa maca,
jeung sakaligus bisa nuduhkeun gambar dumasar kana kecap anu dibacana.
22. Aksara anu kudu diéjah téh aya dina kecap kantétan, kabéhna aya dalapan.
Saméméhna ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambar anu patali
jeung éta kecap kantétan.
23. Anu kudu diéjah téh kecap anu diwangun ku dua jeung tilu engang, anu
polana sakumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna.
24 Pikeun ngabeungharan kaweruh murid, ku guru kudu diterangkeun sakur
kecap kantétan anu aya gambarna téa. Upamana waé: naon ari gunana sapu
nyéré, anu kumaha ari anu dimaksud sayang rinyuh, naon ari manuk manyar,
jeung bakal kumaha mun nyiruan nyeureud.

36 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


G. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

25. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah. Kahiji,
dina lebah artikulasina tepi ka jéntré dina ngucapkeun saban fonem. Kadua,
ngalatih dina ngagunakeun lentong atawa intonasi.
26. Kecap-kecap anu aya dina kalimah téh aya anu diwangun ku saengang, dua
engang, jeung tilu engang. Dina saban kalimah aya kecap anu ngagunakeun
fonem konsonan “ny”.
27. Guru ngucapkeun saban kalimah, terus ku murid sina diturutan. Mimiti
babarengan, terus dipentés saurang-saurang.

H. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

28. Dina ieu pangajaran, murid sina ngeusikeun kecap kana bagian kalimah
anu dikosongkeun. Kecap anu kudu dieusikeun téh geus disadiakeun, tur
kabéhanana ngagunakeun fonem konsonan “ny”. Sina dipigawé dina buku
tugas masing-masing.
29. Kecap anu ngagunakeun fonem konsonan “ny” dina ieu tugas téh aya dua
rupa. Dina kelompok kahiji, sagemblengna kecap asal, kayaning penyu, anyar,
konyal, nyiruan, jeung saterusna. Ari dina kelompok kadua mah kecap anu
geus dirobah ku ngagunakeun rarangkén nasal, kayaning sugu jadi nyugu,
susun jadi nyusun, surung jadi nyurung, jeung sajabana. Kadé murid bisi salah
migawéna, anu kudu dieusikeun téh kecap anu geus maké rarangkén nasal,
lain kecap asalna.
30. Ku guru dicontoan heula cara migawéna. Bagian kalimah anu kosong dieusian
ku kecap, tepi ka jadi kalimah lengkep. Sanggeus kitu éta kalimah téh dibaca
ku guru, sina dibarandungan ku murid.
31 Sakabéh murid migawé tugas, ku guru kudu diroris bisi aya anu tacan merenah
dina prak-prakanana.
32. Mun geus bérés dipigawé, kalimah anu meunang ngalengkepan téh sina
dibaca bedas, dibagilirkeun. Lamun murid katimbang héséeun kénéh, ku guru
dicontoan cara macana.

Bab 2 Pituduh Husus 37


I. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

33. Dina ieu pangajaran aya opat wacana anu kudu dipolahkeun ku murid. Kahiji,
prak-prakan narima sémah. Kadua, nginjeum barang. Katilu, dititah balanja
ka warung. Kaopat, diajakan piknik ku bibi. Ieu paguneman téh lumangsung
dina basa ragam hormat, pikeun ngalatih murid dina ngagunakeun étika basa.
Dipolahkeunana mah sacara basajan waé, teu kudu dibarung ku peta, tapi
cukup dina lentongna.
34. Ku guru dicontoan heula cara ngucapkeun sakur paguneman, murid sina
ngabarandungan. Paguneman anu kahiji ukur diwangn ku opat kalimah.
Paguneman kadua jeung saterusna dipanjangan ku cara nambahan kalimahna.
35. Ku guru tangtukeun heula murid anu molahkeun hiji tokoh dina paguneman.
Murid anu jadi tokoh paguneman téh sina maéa téksna, patémbalan. Lamun
katimbang murid tacan lancar macana, ku guru dituyun heula.
36 Sajeroning murid molahkeun hiji tokoh dina paguneman, ku guru dititénan
cara ngucapkeun saban kalimahna.

J. MACA BEDAS

No. Kagiatan

37. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana sesebutan di lingkungan


kulawarga. Ieu téh pikeun ngabiasakeun murid ngagunakeun étika basa di
lingkungan kulawarga.
38. Guru nuduhkeun/némbongkeun bagan kulawarga. Di dinya ditétélakeun aya
aki jeung nini, indung jeung bapa, jeung barudakna.
39 Guru maca téks anu judulna “Sesebutan di Lingkungan Kulawarga”, murid
sina nurutan ngucapkeunana.
40. Guru nerangkeun pancakaki di éta lingkungan kulawarga dumasar kana éta
gambar. Pedaran ngeunaan hal ieu diébréhkeun dina buku pangajaran anu ku
murid sina dibaca bedas.
41. Sajaba ti hubungan pancakaki, bari diterangkeun deuih sesebutan atawa
istilahna.

38 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


K. NATAAN KULAWARGA JEUNG DULUR

No. Kagiatan

42. Satutasna meunang katerangan ngeunaan hubungan pancakaki katut


sesebutanana, murid dibéré tugas nataan kaayaan kulawarga maranéhna masing-
masing. Anu kudu disebutkeun téh ngaran indung-bapa, jumlah dulur katut
ngaranna masing-masing, ngaran aki jeung nini, ngaran emang jeung bibi,
jeung ngaran uwa.
43. Ieu tugas mun katimbang rada hésé, bisa waé sina dipigawé di imah masing-
masing. Ku kituna, murid bisa nanyakeun heula ka kolotna. Jawabanana bisa
waé dituliskeun dina buku tugas. Dipariksa ku guru dina minggu hareupna.
44 Hasil pagawéan murid sina dibaca, dibarandungan ku anu séjén. Ku guru kudu
dipeunteun, dumasar kana lengkep henteuna jawaban anu ditulis terus dibaca.
Bisa waé aya murid anu teu bogaeun emang jeung bibi, atawa teu bogaeun
uwa. Bisa waé teu bogaeun adi, atawa teu bogaeun lanceuk deuih. Hal éta teu
kudu matak ngurangan peunteun.

L. NATAAN KAAYAAN DI IMAH JEUNG SABUDEUREUNANA

No. Kagiatan

45. Patali jeung tugas nataan anggota kulawarga, murid sina sakalian nataan kaayaan
di imah jeung sabudeureunana.
46. Anu ditanyakeun téh alamat imah, anggangna ka sakola, di buruan imah aya
naon waé, ari keur di imah sok migawé naon, di mana ari diajar ngaji, kaulinan
naon anu dipikaresep, jeung saha waé ulinna, jeung di mana tempatna.
47 Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dipariksana minggu hareupna,
sakumaha dina tugas nataan anggota kulawarga. Hasil pagawéa maranéhna
kudu dipeunteun.

Bab 2 Pituduh Husus 39


PANGAJARAN 5

Tema : Pangalaman
Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR


Pangjaran 5 henteu dimimitian ku kagiatan ngaregepkeun sakumaha biasana, tapi
langsung kana maca bedas. Dina prakna maca geus teu ngagunakeun deui ngéjah maké
métodeu SAS. Anu diéjah langsung kana engang. Kitu deui di antara kecap anu diéjah
téh aya anu diwangun ku opat engang.
Saluyu jeung pameredih kompeténsi dasar, matéri anu dipidangkeun dina ieu
pangajaran ngutamakeun aspék nyarita. Dina hal ieu, nyaritakeun hal-hal nu patali jeung
pangalaman, hususna anu karandapan langsung ku diri murid.
Dina bagian panutupna, murid sina dialjr nembangken pupuh magatru

A. MACA BEDAS

No. Kagiatan

1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Nyaba ka Panyirapan”. Eusin nyaritakeun
Tisna diajakan nyaba ka lembur akina di pilemburan. Ku maca ieu téks
dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina
bisa nambahan.
2. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku
murid, terus sina nurutan.
3. Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna
ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti
dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.
4. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu
macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan
lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.

40 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


5. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu
patali jeung kaayaan alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar
leuwih lega dina pangajaran saterusna. Kahiji, dina ngabandungan pedaran
pangalaman. Kadua, dina nyaritakeun pangalaman anu kungsi karandapan.

B. NGABANDUNGAN PEDARAN PANGALAMAN

No. Kagiatan

6. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud pangalaman nyanyabaan,


anu tangtu waé ku sakabéh murid ogé kungsi karandapan. Nyanyabaan téh
di antarana aya anu patali jeung silaturahmi, upamana nganjang ka dulur
atawa baraya. Lian ti éta, nyanyabaan bisa waé pikeun tujuan rékréasi atawa
darmawisata.
7. Pangalaman Tisna diajak nyaba ka Panyirapan ku uana bisa dipedar leuwih
lengkep, sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran. Matérina ngan
kari dibaca ku guru, sina dibarandungan ku sakabéh murid.
8. Dina medar lalakon Tisna nyaba ka Panyirapan bisa waé ku guru divariasikeun
jeung aspék séjénna, upamana kumaha pentingna miara alam.
9. Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha waé anu kungsi nyaba, ka mana
ngajugjugna, jeung kumaha resep henteuna. Ieu téh pikeun nyukangan kana
pangajaran saterusna, waktu murid dibéré pancén nyaritakeun pangalaman
anu karandapan ku dirina.

C. NYARITAKEUN PANGALAMAN

No. Kagiatan

10. Dina ieu bagian, murid dités kamampuhna, tepi ka mana maranéhna nyangkem
eusi téks anu geus dibaca bedas. Carana sina ngajawab pertanyaan patali jeung
pangalaman Tisna diajakan nyaba ka Panyirapan.
11. Guru nyontoan kumaha prak-prakan ngajawabna. Saterusna mah saban
pertanyaanana sina dibaca ku murid, tur langsung dijawab saharita.

Bab 2 Pituduh Husus 41


12. Éta pertanyaan katut jawabanana téh kieu:
1. ka mana tisna téh diajak nyabana
jawabanana: ka panyirapan
2. saha ari ngaran nini jeung akina tisna téh
jawabanana: nini rahmi jeung aki suganda
3. naon anu dipigawé ku akina tisna
jawabanana: ngebon melak palawija
4. tangkal naon waé nu diarah buahna
jawabanana: alpuket nangka peuteuy jeung limus
5. naon waé gunana tatangkalan téh
jawabanana: miara sumber cai
6. kumaha di tempat nu taya tatangkalan
jawabanana: hawana beresih tur seger jeung nambahan éndah
pamandangan
7. naha kanyaho tisna jadi nambahan
jawabanana: sabab jadi nyaho kana kaayaan alam
8. naon sababna tisna betaheun di lembur akina
jawabanana: sabab akina sok ngadongéng ngeunaan alam
9. naha tisna maké kudu mulang deui ka dayeuh
jawabanana: sabab waktu peréna geus béak
10. rék kumaha mun engké tisna peré deui sakola
jawabanana: rék nyaba deui ka lembur akina
8. Pikeun ngahudang minat murid dina nyaritakeun pangalaman nyanyabaan
anu kungsi kaalaman ku dirina, guru bisa nerangkeun kieu heula:
Anu dibaca bieu ku hidep téh pangalaman Tisna salila peré sakola. Tisna téh
apan imahna di dayeuh atawa di kota. Ari akina Tisna matuh di lembur anu
jauh ti kota. Kaayaan di kota mah ramé, béda jeung di lembur. Tapi najan kitu
Tisna ngarasa betah. Hawana seger sabab loba tatangkalan. Kitu deui kaayaan
alamna ogé éndah.
Kanyaho Tisna jadi nambahan. Akina nerangkeun rupa-rupa tatangkalan.
Loba gunana geuning tatangkalan téh. Miara tatangkalan sarua jeung miara
lingkungan. Ngaruksak tatangkalan sarua jeung ngaruksak alam.
Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu matak resep. Kumaha tah pangalaman
hidep téh? Di mana ari tempatna?

42 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


9. Naon anu kudu dicaritakeun ku murid ngeunaan pangalaman anu kungsi
karandapan ku dirina, dicukangan ku dalapan pertanyaan. Sakur murid
sina ngajawab sacara lisan, dibagilirkeun saurang-saurang. Anu séjénna sina
ngabarandungan.
1. harita hidep nyaba ka mana
(murid sina nyebutkeun ngaran lokasi anu dijugjugna)
2. di mana éta téh tempatna
(murid sina nyebutkeun wewengkonna aya di kabupatén mana)
3. jeung saha hidep inditna
(murid sina nyebutkeun saha waé anu indit bareng jeung manéhna)
4. kumaha ari kaayaan di jalanna
(murid sina nyaritakeun kaayaan anu katempo di jalanna)
5. aya naon waé di tempat anu dituju
(murid sina nyaritakeun rupa-rupa obyek di tempat anu dijugjug)
6. naon waé anu nyababkeun hidep ngarasa resep
(murid sina nyebutkeun alesan pangna resep ka tempat anu
dijugjugna)
7. meunang oléh-oléh naon hidep ti tempat nyaba
(murid sina nataan oléh-oléh naon waé ti tempat anu dijugjugna)
8. naha hidep hayang deui nyaba ka éta tempat
(murid sina nyebutkeun minat nyaba ka tempat anu dijugjugna)
10. Kamampuh murid dina nyaritakeun pangalaman dirina kudu dipeunteun.
Aspék nu dipeunteunna di antarana ngawengku: sikep dina nyarita, kamampuh
lancar henteuna nyarita, jeung matéri anu dicaritakeunana.

D. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

11. Anu dimaksud gambar di dieu téh saenyana potrét. Pangna milih potrét téh
sangkan leuwih auténtik dina nyaritakeun kaayaan anu diébréhkeun dina éta
potrét.
12. Guru némbongkeun/nuduhkeun potrét sakumaha anu aya dina buku
pangajaran. Kahiji, potrét di kebon binatang. Kadua, potrét di sisi basisir.

Bab 2 Pituduh Husus 43


13. Guru nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita patali jeung éta potrét.
Wéndi piknik ka kebon binatang, diajakan ku lanceukna. Loba sasatoan anu
asalna Wéndi teu nyaho. Geuning mani rupa-rupa pisan. Kaasup sasatoan anu
geus langka. Di kebon binatang téh aya maung, gajah, banténg, biruang, uncal,
jeung rupa-rupa sato lianna. Ari Yunita mah piknikna ka basisir. Pamandangan
di sisi laut kacida éndahna. Yunita diajakan tumpak parahu. Saméméh balik
Yunita meuli heula barang karajinan tina kerang keur oléh-oléh. Pangalaman
Wéndi jeung Yunita bisa dititénan dina gambar. Kumaha ari kaayaan di kebon
binatang, jeung kumaha ari pamandangan di sisi laut.
14. Sajeroning nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita téh ku guru bari
dituduhkeun potrétna. Murid sina saregep ngabandungan.
15. Saterusna guru méré tugas ka murid sangkan nyaritakeun deui pangalaman
Wéndi jeung Yunita dumasar kana potrétna. Prak-prakanana mah bagilir waé
saurang-saurang.
16. Dina waktu salah saurang murid keur nyarita, anu séjénna sina
ngabarandungan.

E. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH PANANYA

No. Kagiatan

17. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngalisankeun kalimah pananya.
Kahiji dina lentong atawa intonasina. Kadua, sangkan murid bisa ngagunakeun
kecap pananya kalawan merenah.
18. Aya dua kecap pananya anu diajarkeun, nyaéta “saha” jeung “naon”. Ku guru
diterangkeun gunana éta kecap pananya. Saha digunakeun pikeun nanyakeun
jalma. Ari naon digunakeun pikeun nanyakeun barang atawa hiji kajadian nu
patali jeung barang.
19. Mimitina dipidangkeun heula kalimah wawaran, terus disambung ku kalimah
pananyana. Ku cara kieu dipiharep murid meunang gambaran anu jelas dina
ngagunakeun kalimah pananya.
20. Boh kalimah wawaranana boh kalimah pananyana, ku guru dibaca heula, terus
sina diturutan ku murid dina ngalantangkeunana. Saterusna mah bisa waé sina
langsung dibaca ku murid.
21. Sakabéh murid kudu meunang giliran ngagalantangkeun kalimah pananya.
Kudu diperhatikeun kumaha kamampuh murid dina ngalisankeunana, utamana
nu patali jeung lentong atawa intonasi.

44 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


F. NGALENGKEPAN KALIMAH KU KECAP PANANYA

No. Kagiatan

22. Pangajaran ngeunaan kalimah pananya dilegaan deui ku ditambahna kecap


pananya séjénné, nyaéta “iraha”, “kumaha”, “sabaraha”, “di mana”, jeung “ti
iraha”.
23. Ku guru diterangkeun heula gunana éta kecap pananya. Iraha pikeun nanyakeun
hal-hal anu patali jeung waktu, kumaha pikeun nanyakeun hal-hal nu patali
jeung cara atawa prak-prakan migawé pagawéan, sabaraha pikeun nanyakeun
hal-hal anu patali jeung jumlah, jeung di mana pikeun nanyakeun hal-hal anu
patali jeung tempat.
24. Dina ieu pangajaran, murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah pananya ku
kecap pananya anu geus disayagikeun. Sina dipigawé dina buku tugas masing-
masing.
25. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa, terus dipeunteun.

G. NYUSUN KECAP JADI KALIMAH

No. Kagiatan

26. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina nyusun kalimah. Alusna
ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing waé. Minggu hareupna ku
guru dipariksa.
27. Kalimah anu kudu disusun téh aya anu diwangun ku opat kecap, jeung aya anu
lima kecap. Pikeun nuyun murid dina migawéna, dina buku geus ditulis kecap
anu mimiti. Jadi murid mah ngan kari nuluykeun.
28. Ku guru dicontoan heula cara migawéna:
sapéda – mardani – boga – mini
disusun jadi kalimah:
mardani boga sapéda mini
29. Hasil pagawéan murid dina minggu hareupna ku guru dipenteun. Pikeun
padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap:
1. juara – jadi – penca - ibrahim
ibrahim jadi juara penca
2. ngaji – keur – nurjanah - diajar
nurjanah keur diajar ngaji

Bab 2 Pituduh Husus 45


3. balik – déwi – olahraga – kakara
déwi kakara balik olahraga
4. rék – kostaman – ménbal - latihan
kostaman rék latihan ménbal
5. sedepmalem – melak – tangkal - ria
ria melak tangkal sedepmalem
6. bénsin – iskandar – dititah – dagang
iskandar dititah dagang bénsin
7. tukang – lukman – di buruan – sasapu
lukman sasapu di buruan tukang
8. kuda – balap – resep – héryanti – lalajo
héryanti resep lalajo balap kuda
9. carita – dina – pantun – purbasari – aya
purbasari aya dina carita pantun
10. getol – sunat – puasa – jamaludin – pisan
jamaludin getol pisan puas sunat

H. MIKAWANOH ISTILAH TEMPAT

No. Kagiatan

30. Dina téks anu nyaritakeun Tisna nyaba ka Panyirapan disabit-sabit sawatara
istilah tempat. Saterusna murid diwanohkeun kana istilah tempat lianna anu
dianggap mindeng kapanggih dina kahirupan sapopoé.
31 Istilah tempat nu kudu diwanohkeun téh nyaéta kota, kampung, taman, lapang,
gunung, walungan, sawah, kebon, jurang, jeung talaga. Éta iétilah dilarapkeun
dina kalimah sangkan leuwih babari kahartina ku murid. Hadéna mah ku guru
diterangkeun saliwat, tur mun nyampak mah bari ditémbongkeun gambarna.
32. Dina prakna diajar, bisa waé sakur kalimah anu ngandung istilah tempat téh
sina dibaca ku murid, dibagilirkeun.

46 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


I. NGALENGKEPAN KALIMAH KU ISTILAH TEMPAT

No. Kagiatan

33. Nyambung jeung pangajaran di luhur, saterusna murid dibéré pancén


ngalengkepan kalimah ku istilah tempat anu geus disayagikeun. Pikeun
ngalengkepanana, murid ngan kari milih.
34 Ku guru dicontoan heula cara migawéna. Cukup sanomer atawa dua nomer
waé tina sapuluh kalimah anu kudu dipigawé.
35. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna terus
dibahas babarengan, jeung dipeunteun.
36. Kalimah anu geus dilengkepan téh kieu unina:
1. paré di sawah téréh dipanén
2. sakitu halodo gé sumur teu saat
3. cai di walungan palidna ka hilir
4. hawa di luhur gunung tiris pisan
5. di talaga ciremis loba wisatawan
6. barudak latihan maénbal di lapang
7. kamari aya mobil ragrag ka jurang
8. kendaraan di jalan raya mani tararik
9. pamayang ngala lauk di tengah laut
10. teu kudu éra najan imah di kampung

J. NEMBANGKEUN PUPUH

No. Kagiatan

38. Pangajaran 5 dipungkas ku nembangkeun pupuh magatru. Eusina nyaritakeun


sasatoan anu aya di kebon binatang.
39 Rumpaka ieu pupuh mimitina sina dibaraca heula ku murid dina jero haté,
sangkan maranéhna meunang gambaran ngeunaan eusina.
40. Guru nyontoan nembangkeunana, murid sina ngabarandungan. Dina prak-
prakanana, nyontoan téh sapadalisan-sapadalisan heula, terus murid sina nurutan
nembangkeunana. Geus kitu kakara ditingkatkeun jadi gembleng sapada.
41.. Murid sina nembangkeun éta pupuh babarengan, terus dipentés saurang-
saurang, anu séjénna sina ngabarandungan.

Bab 2 Pituduh Husus 47


PANGAJARAN 6

Tema : Lingkungan Sabudeureun


Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR


Téma dina Pangajaran 6 téh pikeun nyukangan tumuwuhna kaweruh ngeunaan
alam jeung sikep positif murid dina miara alam. Murid sina wanoheun kana kaayaan di
sabudeureun dirina, kaasup hal-hal nu patali jeung cuaca. Dina lebah tumuwuhna sikep,
dipiharep murid kajurung pikeun babarengan miara alam di sabudeureun dirina.
Dina Pangajaran 6, murid diwanohkeun kana fonem konsonan rangkep. Kumaha
macana, jeung kumaha nuliskeunana

A. MACA BEDAS

No. Kagiatan

1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Mimiti Usum Hujan”. Eusina nyaritakeun
kaayaan di hiji tempat dina rék mimiti nincak usum hujan. Ku maca ieu téks
dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina
bisa nambahan, utamana anu patali jeung iklim.
2. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku
murid, terus sina nurutan.
3. Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna
ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti
dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.
4. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu
macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan
lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.
5. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu
patali jeung kaayaan alam dina usum hlodo jeung usum hujan. Ngeunaan hal
ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna.

48 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


B. NGABANDUNGAN PEDARAN MIARA LINGKUNGAN

No. Kagiatan

6. Dina ieu bagian aya pedaran anu kudu dibaca ku guru, sina dibarandungan
ku murid. Wacanana ditulis dina wangun prosa déskripsi. Eusina nyaritakeun
kaayaan alam, jeung kumaha kuduna dina lebah miarana sangkan teu
ngadatangkeun mamala.
7. Ku guru dibaca masing antaré. Malah alusna mah tepi ka dua balikan, sangkan
eusina enya-enya kacangkem ku murid.
8. Saréngséna dibaca terus diterangkeun. Bakal leuwih alus mun guru bisa
némbongkeun sawatara gambar anu patali jeung miara alam.
9. diajak paguneman ngeunaan matéri anu bieu diterangkeun, upamana waé ku
ngasongkeun pertanyaan anu patali jeung kaayaan di sabudeureun murid:
1) Lamun keur usum halodo, naha di tempat hidep sok hésé cai?
2) Lamun keur usm hujan, naha di tempat hidep sok banjir?
3) Naha di tempat hidep aya tempat pamiceunan runtah?
4) Ari runtahna sok terus dikumahakeun?

C. NGANGGEUSKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

10. Satutasna ngabandungan pedaran miara lingkungan, murid sina nganggeuskeun


kalimah. Murid ngan kari ngeusian bagian anu dikosongkeun. Eusina mah
cukup ku sakecap waé.
11. Ieu tugas téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem pedaran nu ditepikeun
ku guru. Lian ti éta, pikeun ngukur katapis murid dina nuliskeun kalimah.
12. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun. Pikeun
padoman dina meunteun, bisa dititénan ieu di handap:
1. dina usum hujan langit mindeng ceudeum
2. ari rék turun hujan hawa robah jadi panas
3. turunna hujan téh jadi rahmat pikeun kahirupan
4. dina usum hujan sumur sok pinuh deui caina
5. cai hujan kudu sina gancang nyerep kana taneuh
6. solokan jeung walungan teu ngalir lantaran kapengpet
7. tangkal kai anu rungkad matak bahaya lamun ninggang
8. ceuk dina aturan urang entong miceun runtah ka solokan

Bab 2 Pituduh Husus 49


D. DIAJAR MACA

No. Kagiatan

13. Guru némbongkeun/nuduhkeun gambar jangkrik, angklung, semprong, jeung


congkrang. Guru nanya ka murid, ari ieu gambar naon waé?
14. Dina pangajaran diajar maca ayeuna murid diwanohkeun kana fonem konsonan
rangkep, nyaéta kr, kl, jeung pr. Ku kituna, dina ngéjhna ogé balik deui kana
métodeu SAS.
15. Guru nyontoan ngéjah aksara, murid ngabarandungan, terus babarengan sina
nurutan. Geus kitu dipentés saurang-saurang.

E. NGUCAPKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

16. Patali jeung fonem konsonan rangkep sakumaha anu diéjah dina diajar maca,
saterusna murid dilatih ngucapkeunana dina kalimah.
17. Aya lima kalimah nu kecapna ngandung fonem konsonn rangkep, nyaéta tr
(dina mantri jeung listrik), cr (dina kancra), kr (dina jangkrik), jeung bl (dina
jemblung).
18. Kalimahna dibaca heula ku guru, murid sina ngabarandungan. Geus kitu
maranéhna sina nurutan ngucapkeunana babarengan.
19. Murid dipentés ngucapkeun kalimah saurang-saurang, anu séjénna sina
ngabarandungan. Ku guru kudu enya-enya diperhatiken bisi dina ngucapkeun
fonem konsonan rangkapna tacan jéntré.

F. NYALIN KALIMAH

No. Kagiatan

20. Pangajaran nyalin kalimah di dieu patali jeung katapis murid dina nyieun
tulisan. Anu dimaksud tapis di dieu nyaéta bener-henteuna dina nyalin
kalimah. Kadua, pikeun ngukur karapih dina nyieun tulisan, pangpangna mah
bisa dibaca.

50 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


21. Guru nyontoan heula prak-prakan nyalin kalimah.Anu kudu disalin téh kalimah anu
kecapna ngandung fonem konsonan rangkep. Dilegaan deui ku diwanohkeunana
fonem konsonan rangkep dr (dina sandra) jeung pl (dina jempling).
22. Ieu tugas nyalin kalimah téh sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu
hareupna dibahas babarengan, sarta terus dipeunteun.

G. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

23. Ieu pangajaran ngalengkepan kalimah téh bisa waé dilaksnakeunana patali jeung
aspék nyarita, nyaéta ngalatih murid dina ngunikeun kecap jeung kalimah.
24. Aya bagian kalimah anu kosong, engkéna sina dieusian ku kecap anu geus
disayagikeun. Cindekna, murid mah ngan kari ngalarapkeun waé.
25. Éta kalimah nu kudu dieusikeun téh mangrupa kecap rajékan dwiréka anu
di jerona aya aya fonem konsonan rangkap, nyaéta bra-bru, plak-pluk, bruy-
bray, plu-plos, pras-pris, krang-kring, crung-créng, blung-blong, trong-trang,
jeung jlung-jleng. Tangtu waé ari perkara téori dina élmu basana mah teu
kudu diterangkeun. Murid cukup sina weruh wungkul yén aya kecap anu
dirajék kawas kitu.
26. Kalimah anu kudu dilengkepan ku murid téh pikeun nambahan kaweruh
maranéhna, utamana dina nyangkem kamahéran ngagunakeun basa.
27. Ku guru dicontoan heula prak-prakan migawéna. Mimiti kecapna dieusikeun
kana bagian anu kosong, terus dibaca/dikedalkeun.
28. Murid dipentés saurang-saurang pikeun ngucapkeun kalimah anu geus
dilengkepan, dibarandungan ku anu séjén.

H. NGABANDUNGAN CARITA

No. Kagiatan

29. Mateéti pangajaran dina ieu bagian téh pikeun ngalatih kamampuh murid dina
ngabandungan carita winangun wacana lengkep. Engkéna bakal nyambung
jeung pangajaran dina bagian séjénna anu patali jeung aspék nyarita.

Bab 2 Pituduh Husus 51


30. Wacana anu kudu dibandungan téh judulna “Kerja Bakti di Jadaria”, eusina
nyaritakeun sikep masarakat anu sauyunan dina miara lingkungan sabudeureun
(patali jeung téma). Anu dicaritakeun dina wacana téh enggoning nambahan
kaweruh murid, tur dipiharep bisa numuwuhkeun sikep sauyunan dina
kahirupan masarakat.
31. Ieu wacana dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid. Dibaca tepi ka
dua balikan, sangkan eusina bisa enya-enya kacangkem ku murid.
32 Tina kagiatan ngabandungan, saterusna murid diperedih mampuh migawé
tugas anu patali jeung eusi éta wacana.

I. NYARITAKEUN KERJA BAKTI

No. Kagiatan

33. Murid dipiharep bisa nyaritakeun deui eusi wacana anu geus dibandungan
ku maranéhna. Pikeun ngahontal hal éta dicukangan heula ku tugas ngajawab
pertanyaan. Anu kudu dijawab téh kabéhna aya sapuluh sual.
34. Pertanyaan anu kudu dijawab ku murid téh bisa dibaca langsung ku maranéhna,
lamun sakirana geus mampuh maca.Tapi lamun tacan mampuh mah bisa deuih
pertanyanana dibaca ku guru, murid sina ngajarawab.
35. Pertanyaan sina dijawab ku murid, saurang-saurang, terus dibahas babarengan.
Pikeun padomanana bisa dititénan ieu di handap:
1. iraha urang jadaria ngayakeun kerja baktina
jawabanana: dina poé ahad
2. naon waé anu dipigawé dina kerja bakti téh
jawabanana: meresihan lingkungan sabudeur
3. naon sababna tatangkalan anu hieum ditutuhan
jawabanana:
4. saha waé anu sok miluan kana kerja bakti téh
jawabanana: sangkan jadi caraang
5. naon waé pakakas anu sok dibawana
jawabanana: pacul singkup parang arit jeung spu nyéré
6. naon sababna saluran cai kudu dibebener
jawabanana: sangkan lajuna cai jadi lancar

52 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


7. kumaha lamun dahan anu peunggas ninggang
jawabanana: matak bahaya
8. kudu kumaha mun aya jalan anu legok jeung leueur
jawabanana: kudu disaeur
9. ti tabuh sabaraha mimiti kerja baktina téh
jawabanana: ti saméméh haneut moyan
10. naon waé konsumsi dina kerja bakti téh
jawabanana: leupeut goréngan goréng ulén papais jeung bandrék

J. NITÉNAN GUNANA PAKAKAS

No. Kagiatan

36. Guru némbongkeun/nuduhkeun rupa-rupa gambar pakakas sakumaha anu


aya dina buku pangjaran, kabéhna aya dalapan rupa, nyaéta arit, pacul, singkup,
lori, hapé, kaméra, komputer, jeung blénder. Kabeh ogé dianggap pakakas anu
geus ilahar kapanggih dina kahirupan sapopoé, di antarana aya pakakas anu
kagolongkeun modéren.
37. Ku guru diterangkeun gunana éta pakakas. Guna anu énténg tur basajan waé,
anu sakirana kahontal ku pamikiran murid kelas I, nyaéta:
1) arit pikeun ngala atawa ngababad jukut
2) pacul pikeun ngali taneuh
3) singkup pikeun nyodokan taneuh atawa runtah
4) lori pikeun ngakutan barang
5) hapé pikeun nelepon atawa ngirim SMS
6) kaméra pikeun motrét
7) komputer pikeun nulis atawa nyieun gambar
8) blénder pikeun nyieun jus bungbuahan atawa ngalemeskeun bungbu
38. Murid dipentés sina nerangkeun deui gunana éta sakur pakakas. Bisa waé
anu dicaritakeun ku murid téh aya di saluareun anu diterangkeun ku guru.
Aya alusna mun bisa kitu téh, sabab éta hartina aya kaweruh lianna anu
dipiboga ku murid.

Bab 2 Pituduh Husus 53


K. NGALENGKEPAN KALIMAH KU KECAP BARANG

No. Kagiatan

39. Pangajaran dina ieu bagian aya patalina jeung pedran dina pangajaran
saméméhna, nyaéta perkara gunana pakakas.
40. Murid dipentés sina ngalengkepan kalimah ku ngaran pakakas atawa barang.
Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna terus
dibahas babarengan, sarta dipeunteun.
41. Ku guru dicontoan heula cara migawéna, bari diterangkeun naon maksudna.
Kecap pikeun ngalengkepan éta kalimah téh bisa waé henteu sarupa.
42. Anu dipigawé ku murid téh sagemblengna kieu:
1. héni nyiksikan bawang maké péso
2. ageng nyeukeutan patlot maké uril
3. néngsih ngaréndos bungbu maké mutu
4. dudi ngarapet langlayangan maké elém
5. mang dadan meulahan papan maké ragaji
6. bibi sumarni nyeuseuhan baju maké sabun
7. rustono keur nyodokan runtah maké pengki
8. édi ngajulan jambu tina tangkal maké gantar
9. karmila meresihan kaca jandéla maké elap
10. déwi motongan lawon bahan baju maké gunting

54 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


PANGAJARAN 7

Tema : Miara barang jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalan


Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR


Téma anu ditangtukeun dina Pangjaran 7 diwadahan dina téks pupuh kinanti. Murid
sina dialajar nembangkeun éta pupuh. Piken nambahan kaweruh murid, eusi éta pupuh
téh dipedar ku guru dina basa lancaran. Dipiharep dina diri murid tumuwuh sikep positif
dina miara barang, jeung dina mikanyaah sasatoan katut tatangkalan.
Din bagian séjénna murid dibéré tugas sina ngedalkeun omongan anu patali jeung
sasatoan katut tatangkalan

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan

1. Dina ngaregepkeun tembang, anu baris diajarkeun téh pupuh kinanti, kabéhna
téh aya opat pada. Eusina nyaritakeun kudu kumaha dina ngurus barang
sangkan henteu téréh ruksak.
2. Saméméh ditembangkeun, éta téks pupuh kinanti téh dibaca heula,
dibedaskeun. Alusna mah anu macana téh murid, dibagilirkeun, anu séjénna
sina ngabarandungan.
3. Guru nembangkeun pupuh kinanti, sapada heula, murid sina ngabarandungan.
Guru nerangkeun yén éta téh pupuh kinanti.
4. Guru nyontoan nembangkeun, sina diturutan ku kabéh murid. Mimitina
sapadalisan-sapadalisan. Lamun sakirana murid dianggap geus mampuh
nurutan, terus ditingkatkeun jadi nembangkeun sapada.
5. Murid sina nembang babarengan, henteu dituyun ku guru. Geus kitu terus
dipentés saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Saban murid
cukup nembangkeun sapada waé.

Bab 2 Pituduh Husus 55


B. NGABANDUNGAN PEDARAN EUSI TEMBANG

No. Kagiatan

6. Guru medar eusi pupuh kinanti anu bieu ditembangkeun. Dina hal ieu
ulah waka nerangkeun aturan pupuh anu kawengku ku guru lagu jeung
guru wilangan. Cukup ku disebutkeun yén pupuh kinanti téh diwangun ku
genep jajar. Pikeun murid kelas I, ku bisa nembangkeun pupuh hasil tina
ngaregepkeun ogé dianggap geus cukup.
7. Pedaran anu ditepikeun ku guru téh geus disayagikeun dina buku pangajaran.
Jadi ngan kari maca waé. Tapi tangtu bakal leuwih alus mun pedaran guru téh
dilegaan. Anu penting mah kudu nerangkeun yén barang bakal awét jeung
lila kapakéna lamun urangna apik. Ulah kana barang nu hargana mahal waé
apik téh, nya. Kana barang anu hargana murah ogé sarua waé kudu apik. Apan
sanajan murah gé angger loba gunana. Contona patlot. Enya ari hargana mah
kaitung murah, tapi apan loba gunana. Pék geura lamun urang teu boga patlot,
tangtu moal bisa migawé tugas ti Ibu/Bapa Guru. Enya, rék kumaha nulisna
lamun patlotna mah euweuh mah. Éta cenah bisa diganti ku pulpén, tapi apan
béda deui.
8. Anu dimaksud apik di dieu téh nyaéta apik dina makéna, apik dina ngurusna,
jeung apik dina nundana. Urang ulah sok neundeun barang di mana waé
sokna, tapi kudu dina tempatna. Lamun ditunda di mana waé, urang bisa poho.
Atuh lamun arék maké téh kudu ditéangan heula.
9. Saterusna guru nerangkeun yén barang dipakéna kudu saluyu jeung gunana.
Patlot gunana pikeun nulis. Tah ku sabab éta nya kudu digunakeun pikeun
nulis. Baju paranti sakola, apan digunakeunana téh mun urang sakola. Jadi di
mana geus balik ti sakola, upamana hidep rék ulin, kudu diganti ku baju séjén
anu biasa paranti ulin.
Lamun baju geus kalotor, ku urang kudu gancang diseuseuh. Teu hadé lamun
baju nu geus kotor tapi ku urang terus dipapaké. Kitu deui sapatu, lamun
geus kotor téh kudu gancang dikumbah, terus dipoékeun. Lamun sapatu kulit,
sangkan awét téh kudu disemir.
10. Lamun urang bener dina maké, ngurus, jeung nunda hiji barang, tangtu moal
gancang ruksak atawa leungit. Lamun hiji barang ruksak atawa leungit, apan urang
téh kudu meuli deui. Duitna ménta ka kolot.Tuh pan matak hambur duit.
Komo kana barang meunang nginjeum mah kudu leuwih apik. Lamun
barangna ruksak ku urang, apan matak éra dina mulangkeun deui téh. Jeung
ku batur ogé di mana urang butuh terus rék nginjeum deui, moal dibéré
nginjeum, da kapokeun. Komo mun barang meunang nginjeum tepi ka
leungit mah, ku urang kudu digantian.

56 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


11. Saterusna diterangkeun étika dina nginjeum barang batur. Lamun urang
nginjeum barang batur, kudu gancang dipulangkeun deui ka anu bogana. Ulah
terus dikeukeuweuk. Dina mulangkeunana, urang kadé poho nyebut nuhun.
12. Pedaran guru anu dibarandungan ku murid téh bakal kasampeur deui dina
bagian saterusna, nyaéta waktu murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah.

C. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

13. Satutas ngabandungan pedaran guru, murid dipentés kamampuhna, sina


ngalengkepan kalimah, patali jeung eusi pedaran.
14. Aya dalapan kalimah anu kudu dipigawé ku murid. Eusina cukup ku sakecap
waé. Ieu tugas ngalengkepan kalimah téh sina dipigawé dina buku tugas
masing-masing.
15. Ku guru dicontoan heula cara migawéna, tur diterangkeun yén kecap anu
kudu dieusikeun téh aya dina pedaran dina pangajaran saméméhna.
16. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus dipeunteun.
17. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap:
1. barang anu tadina alus ahirna mah bakal ruksak
2. lamun barang hayang awét urang kudu apik
3. barang anu geus ruksak moal payu kana duit
4. lamun apik ngurusna umur barang bisa panjang
5. kudu leuwih apik mun nginjeum barang ti batur
6. lamun barang batur leungit ku urang kudu digantian
7. urang moal dibéré deui nginjeum da batur kapokeun
8. dina mulangkeun barang batur kudu nyebut nuhun

D. NYUSUN KALIMAH

No. Kagiatan

18. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina ngagunakeun basa
sacara tinulis. Murid dibéré tugas nyusun kalimah ngagunakeun kecap anu
geus disayagikeun. Anu kudu disusun pikeun saban kalimah téh lobana lima
kecap.

Bab 2 Pituduh Husus 57


19. Minangka pikeun nuyun murid dina migawéna, kecap awal dina kalimah geus
disadiakeun. Jadi murid mah ngan kari neruskeun waé. Anu kudu disusun ku
murid téh aya sapuluh kalimah.
20. Guru méré heula conto, kumaha prak-prakan nyusun kalimahna. Saméméhna
titénan heula, anu geus disadiakeun téh kecap naon waé.
21. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna terus
dibahas babarengan, sarta dipenteun.
22. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap:
1. entong – kahadé –baju – kotor – maké
kahadé entong maké baju kotor
2. séhat – maké – henteu – kotor - baju
maké baju kotor henteu séhat
3. tacan – awét – tangtu – mahal – barang
barang mahal tacan tangtu awét
4. hartina – barang – kana – hémat – apik
apik hartina hémat kana barang
5. batur – bébéja – kudu – maké – barang
maké barang batur kudu bébéja
6. henteu – ngaku – batur – hadé – barang
ngaku barang batur henteu hadé
7. kawajiban – kana – apik – jadi – barang
apik kana barang jadi kawajiban
8. kudu – sangkan – sapatu – awét - disemir
sangkan awét sapatu kudu disemir
9. baju – maksakeun – ulah – maké – baseuh
ulah maksakeun maké baju baseuh
10. dipakéna – beresih – baju – genah – matak
baju beresih dipakéna matak genah

E. NEMBANGKEUN PUPUH KINANTI

No. Kagiatan

23. Bagian dina ieu pangajaran téh raket patalina jeung bagian saméméhna, nyaéta
nembangkeun pupuh kinanti.

58 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


24. Najan ukur tina ngaregepkeun, sakumaha anu diajarkeun dina Pangajaran 1,
tapi murid dipiharep geus bisa nembangkeunana, sabab pupuhna sarua jeung
nu aya dina ieu pangajaran. Bédana téh ukur dina eusina wungkul. Dina pupuh
anu ayeuna, eusina nyaritakeun mikanyaah sasatoan jeung tatangkalan. Hal ieu
saluyu jeung kompeténsi dasar anu nyampak dina kurikulum.
25. Guru nyontoan nembangkeun, sina diturutan ku kabéh murid. Mimitina
sapadalisan-sapadalisan. Lamun sakirana murid dianggap geus mampuh
nurutan, terus ditingkatkeun jadi nembangkeun sapada.
26. Murid sina nembang babarengan, henteu dituyun ku guru. Geus kitu terus
dipentés saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Saban murid
cukup nembangkeun sapada waé.

F. NGEDALKEUN OMONGAN

No. Kagiatan

27. Pangajaran dina ieu bagian pikeun nambahan kaweruh murid ngeunaan
sasatoan jeung tatangkalan. Salian ti éta, murid dipentés sina sonagar ngedalkeun
omongan, dumasar kana kaweruh anu dipiboga ku masing-masing.
28. Patali jeung sasatoan, anu kudu diterangkeun ku guru téh ngeunaan rupa-
rupa sasatoan. Upamana waé ku nyaritakeun yén anu ilahar dikukut upamana
domba, hayam, jeung japati. Sato anu galak pikasieuneun nyaéta maung. Cing
sebutkeun, di mana hidep kungsi nempo maung? Kumaha ari warna buluna?
Naon ari kabeukina? Maung téh ayana misalna waé di kebon binatang. Ari
warna buluna belang coréléng, disebutna maung lodya. Aya deuih mung
anu bulun totol-totol, disebutna maung tutul. Ari nu warna buluna hideung
disebutna maung kumbang. Maung téh kabeukina daging.
29. Ti dinya murid terus sina ngucapkeun pamanggihna ngeunaan sasatoan. Pikeun
ngahontal ka dinya, dina buku pangajaran geus dicukangan ku sapuluh pertanyaan.
30. Jawaban anu diasongkeun ku murid teu matok kudu sarupa, tapi bisa waé aya
variasi, apan tujuanana ogé pikeun ngukur kaweruh murid.
31. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Nya lebah dieu
engkéna bakal aya variasi jawaban téh.
32. Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di handap:
1. kumaha ari hayam jago disadana
jawabanana: kongkorongok
2. kumaha ari cakcak jeung toké disadana
jawabanana: cak-cak-cak, toké-toké-toké
Bab 2 Pituduh Husus 59
3. kumaha ari jangkrik disadana
jawabanana: krik-krik-krik-ker
4. sato naon waé anu sok diarah tanagana
jawabanana: kuda, munding, sapi
5. sato naon waé anu kabeukina jukut jeung dangdaunan
jawabanana: kelenci, domba, embé, sapi, munding
6. sato naon waé anu hirupna di cai
jawabanana: lauk, buruy, utek-utek
7. sato naon waé anu bogaeun tanduk
jawabanana: domba, embé, sapi, munding
8. sato naon waé anu biseun hiber
jawabanana: manuk, kukupu, papatong
33. Patali jeung tatangkalan upamana bisa diterangkeun kieu yén tatangkalan mun
seug bener ngurusna bakal ngadatangkeun hasil. Aya nu diala buahna, daunna,
kembangna, atawa kaina. Kadaharan urang sapopoé loba anu sumberna
tina tatangkalan. Kadaharan poko kayaning sangu atawa roti apan hasil tina
tatangkalan.
34. Ti dinya murid terus sina ngucapkeun pamanggihna ngeunaan sasatoan.
Pikeun ngahontal ka dinya, dina buku pangajaran geus dicukangan ku sapuluh
pertanyaan.
35. Jawaban anu diasongkeun ku murid teu matok kudu sarupa, tapi bisa waé aya
variasi, apan tujuanana ogé pikeun ngukur kaweruh murid.
36. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Nya lebah dieu
engkéna bakal aya variasi jawaban téh.
37. Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di
handap:
1. tangkal naon waé anu biasa dipelak di taman
jawabanana: tangkal kembang, palem, kaktus
2. tangkal naon waé anu biasa dipelak di kebon
jawabanana: tangkal jagong, sampeu, hui, taleus
3. tangkal naon waé nu sok diarah buahna
jawabanana: buah, alpuket, nangka, dukuh, rambutan
4. tangkal naon waé nu sok diarah beutina
jawabanana: sampeu, hui, taleus
5. tangkal naon waé nu sok diarah kembangna
jawabanana: angkrék, eros, sedep malem
60 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I
6. tangkal naon waé nu euweuh dahanan
jawabanana: tangkal kalapa, jambé, palem, kawung
7. naon waé anu sok jadi hama tatangkalan
jawabanana: hileud, beurit, bangbung, kungkang
8. kadaharan naon waé anu bahanna tina bungbuahan
jawabanana: salé, manisan

G. MACA BEDAS

No. Kagiatan

38. Anu kudu dibaca ku murid téh mangrupa kalimah. Ku maca ieu kalimah
dipiharep kaweruh murid ngeunaan sasatoan bisa nambahan, utamana
ngeunaan hal-hal anu patali jeung pasipatan atawa kabiasaanana.
39. Guru méré conto maca kalimah, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.
40. Murid dititah maca kalimah, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna
ngabarandungan.
41. Saréngséna maca, maksud anu dikandung dina kalimah ku guru diterangkeun
saliwat. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina
pangajaran saterusna.

H. NERANGKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

42. Guru némbongkeun/nuduhkeun gambar pagupon, ranggap, korang, sentég,


kurung, jeung karangkéng.
43. Guru nerangkeun rupa-rupa hal anu patali jeung gambar anu keur diajarkeun.
Saterusna murid sina ngalengkepan kalimah dumasar kana katerangan guru.
44 Pagawéan murid sagemblengna téh kieu:
1. anu disebut pagupon nyaéta kandang japati
2. sato anu ditunda dina ranggap nyaéta hayam
3. ari korang nyaéta paranti ngawadahan lauk
4. ari anu disebut sentég paranti ngala beurit
5. sato anu ditunda dina kurung nyaéta manuk
6. sato anu ditunda dina karangkéng nyaéta maung
Bab 2 Pituduh Husus 61
I. NYALIN PUPUH KANA AKSARA TULIS

No. Kagiatan

45. Pangajaran dina ieu bagian pikeun ngalatih murid dina nyalin ku aksara tulis.
Lian ti éta pikeun leuwih ngantebkeun kaweruhna ngeunaan pupuh kinanti.
46 Guru nyontoan kumaha prak-prakan nyalin éta pupuh ku aksara tulis.
47 Murid sina migawéna dina buku tugas masing-masing. Lamun geus bérés, ku guru
dipariksa, terus dipeunteun.
48. Bakal leuwih alus lamun éta pupuh kinanti anu eusina nyaritakeun sasatoan
téh téh terus ditembangkeun babarengan.

62 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


PANGAJARAN 8

Tema : Kajadian Alam


Bahan : Téks jeung gambar
Waktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR


Pangajaran 8 jadi panutup ieu buku jilid I. Téma anu kudu dipidangkeun dina ieu
pangajaran nyaéta ngeunaan kajadian atawa peristiwa alam. Dipiharep murid wanoh kana
sakur peristiwa alam anu lumangsung di sabudeureun maranéhna.
Pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem matéri pangajaran, aya sawatara
tugas anu kudu dipigawé ku maranéhna. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan,
terus ku guru dipeunteun.

A. MACA BEDAS

No. Kagiatan

1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Katumbiri”. Saluyu njeung téma anu
ditangtukeun dina KI-KD, eusi ieu téks téh ngeunaan peristiwa alam, anu
dina hal ieu katumbiri. Ku maca ieu téks dipiharep kaweruh murid ngeunaan
kajadian alam anu lumangsung di sabudeureunana bisa nambahan.
2. Kajadian alam anu dipidangeun pikeun nedunan téma pangajaran téh dwadahan
dina hiji wacana anu nyaritakeun kaayaan pasosoré. Harita loba barudak keur
arulin di buruan.
3. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku
murid, terus sina nurutan.
4. Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna
ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti
dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.
5. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu
macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan
lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.

Bab 2 Pituduh Husus 63


6. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu
patali jeung kajadian alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar
leuwih lega dina pangajaran saterusna.

B. NGABANDUNGAN PEDARAN NGEUNAAN KAJADIAN ALAM

No. Kagiatan

7. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud kajadian alam. Tangtuna ogé
anu ilahar kapanggih sapopoé waé, upamana guru tumanya heula, “Saha anu
kungsi nempo katumbiri? Pastina gé kungsi, nya. Lain hal anu anéh katumbiri
téh. Di langit melengkung warna-warni. Kabéhna téh aya tujuh rupa, nyaéta
beureum, oranyeu, koneng, héjo, biru, nila, jeung wungu.
Katumbiri témbong di langit lamun tas aya hujan poyan. Hidep apal nu
dimaksud hujan poyan? Hujan poyan téh nyaéta ongkoh hujan, tapi angger
aya cahaya panonpoé. Tah timbulna katumbiri téh lantaran cai hujan anu
kasorot ku cahaya panonpoé. Témbongna katumbiri téh tara lila. Lamun
hujanna geus euweuh mah, katumbirina ogé leungit. Jadi saenyana katumbiri
téh teu ngawujud barang, da éta mah beunang disebutkeun ukur kalangkang
cai hujan.”
8. Guru nerangkeun ruparupa kajadian alam séjénna anu umumna karandapan
ku murid dina kahirupan sapopoéna, upamana ngeunaan panonpoé. Isuk-isuk
panonpoé mucunghul ti beulah wétan, dunya jadi caang. Di lemah cai urang
mah caang téh kurang leuwih salila dua welas jam. Panonpoé tilem di beulah
kulon, dunya jadi poék, nyaéta nu disebut datangna peuting. Ieu gé sarua
kurang leuwih dua welas jam. Dina wanci peuting urang sok reureuh, sangkan
isukna karasa seger.
9. Saterusna guru medar ngeunaan ayana usum halodo jeung usum hujan. Aya
usum halodo, jeung aya usum hujan. Lamun keur usam halodo, loba tempat
anu hésé cai. Sok aya kahuruan deuih lamun keur usum halodo téh. Anu matak
hidep ulah sok nyoo seuneu. Sumur, balong, jeung walungan loba nu saat.
Sabalikna ari keur dina usum hujan mah sumur, balong, jeung walungan téh
parinuh deui ku cai. Tapi usum hujan téh bisa nyababkeun caah deuih. Imah
jeung wawangunan lianna kakeueum. Kitu deui jalan tepi ka kendaraan teu
barisa maju. Turunna hujan ogé rupa-rupa. Aya hujan ngegbrét dibarung ku
dor-dar gelap. Aya anu dibarung ku tarikna angin, disebutna hujan angin. Aya
nu disebut hujan poyan. Lamun hujanna henteu gedé disebut hujan miripis
atawa girimis. Tah, mun hujan murupuy mah leuwih leutik ti girimis.

64 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


10. Naon ari lini? Sanajan ieu kajadian alam téh tara lumangsung saban poé,
tapi bisa jadi murid kungsi ngadéngé atawa ngarandapan kajadian dina keur
aya lini. Lamun taneuh karasa ngarieg éta téh aya lini. Lamun linina gedé
sakapeung bisa nyababkeun wawangunan runtuh. Éta téh sok nimbulkeun
korban. Datangna lini téh sakapeung lantaran aya gunung bitu.
11. Kitu deui ngeunaan samagaha anu kaasup kana peristiwa alam. Lamun
pabeubeurang dina keur panas poé ngadadak jadi poék éta téh lantaran aya
samagaha. Henteu ngan beurang wungkul samagaha téh, da dina keur caang
bulan gé sakapeung sok aya samagaha.
12. Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha waé anu kungsi nempo katumbiri,
saha anu kungsi ngarasa aya lini, atawa saha anu kungsi nyaksian aya samagaha,
boh beurang boh peuting. Ieu téh pikeun nyukangan kana pangajaran saterusna,
waktu murid dibéré pancén nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.

C. NGEDALKEUN OMONGAN NU PATALI JEUNG PERISTIWA ALAM

No. Kagiatan

13. Pikeun ngukur kamampuh murid dina nangkep pedaran guru, maranéhna
sina ngedalkeun omongan anu patali jeung peristiwa alam. Anu dikedalkeun
ku murid téh dicukangan heula ku sawatara pertanyaan.
14. Aya 15 pertanyaan anu kudu dijawab ku murid sacara lisan. Pertanyaanana
dibaca ku guru, terus murid sina ngajarawab. Hiji pertanyaan bisa waé dijawab
ku sababaraha murid. Jawaban murid terus dibahas babarengan.
15. Pikeun padomman dina ngukur kaweruh murid, sagemblengna pertanyaan
katut jawabanana bisa dititénan ieu di handap.
1. lamun langit ceudeum biasana bakal aya naon
jawabanana: bakal aya hujan
2. naon anu karasa ku hidep mun keur usum halodo
jawabanana: hawa karasa nyongkab matak jadi hareudang
3. kumaha kaayaan lamun keur hujan angin
jawabanana: matak keueung
4. naon anu karasa ku hidep lamun keur aya lini
jawabanana: taneuh oyag atawa karasa ngarieg
5. kumaha karasana dina wanci tengah poé
jawabanana: panas jeung hareudang

Bab 2 Pituduh Husus 65


6. kumaha karasana mun aya angin ngahiliwir
jawabanana: matak seger kana badan
7. naon anu karasa ku hidep lamun aya samagaha
jawabanana: matak keueung sabab alam jadi poék
8. ari keur aya hujan sakapeung sok kadéngé sora naon
jawabanana: sora guludug atawa sora gelap
9. di mana témpatna anu biasa sok aya ombak
jawabanana: di laut
10. naon anu ku hidep katempo mun keur aya angin puyuh
jawabanana: anu katebak angin jadi muter
11. naon anu nyababkeun langlayangan bisa ngapung
jawabanana: sabab aya angin
12. lamun dilétak kumaha ari rasana cai laut
jawabanana: rasana asin
13. kumaha ari kaayaan panonpoé dina wanci magrib
jawabanana: panonpoé geus surup di kulon
14. lamun peuting naon anu sok caang di langit
jawabanana: bulan jeung béntang
15. bakal kumaha lamun panonpoé kahalangan méga
jawabanana: jadi karasa iuh

D. MACA DINA JERO HATÉ

No. Kagiatan

16. Dina ieu bagian, murid diwanohkeun kana wacana anu patali jeung peristiwa
alam. Sina dibaraca dina jero haté tepi mka eusina bisa kacangkem.
17. Ku guru diterangkeun deui, kumaha carana ari maca dina jero haté. Lantaran
ieu téh pangajaran nutupkeun di kelas I, murid dianggap geus lancar macana.
18. Murid dibéré waktu kurang leuwih 20 menit pikeun maca téks dina jero haté.
Sajeroning maraca, ku guru kudu dititénan bisi aya murid anu tacan enya-enya
macana.

66 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


19. Dina ieu téks dipidangkeun robah-robahna kaayaan alam anu umumna mah
lantaran kalakuan manusa. Suburna lahan jeung hérangna cai walungan, kiwari
mah loba anu geus robah. Ku sabab kitu dina diri murid dipiharep tumuwuh
rasa nyaah ka alam sabudeureunana.
20. Kamampuh murid dina nyangkem eusi téks bakal dipentés dina bagian
saterusna, nyaéta sina ngalengkepan kalimah dumasar kana eusi bacaan.

E. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

21. Tugas ngalengkepan kalimah téh sina dipigawé di imah masing-masing waé.
Dina minggu hareupna terus dibahas babarengan, jeung dipeunteun.
22. Saméméhna, guru nerangkeun heula prak-prakan migawé éta tugas, bari
dicontoan. Diterangkeun deuih yén bagian kalimah anu dikosongkeun téh
aya anu kudu dieusian ku jawaban dumasar kana eusi téks. Lian ti éta, aya anu
jawabanana kudu néangan sorangan. Carana mah bisa nanyakeun ka inddung,
ka bapa, ka lanceuk, atawa ka saha waé.
23. Pikeun padoman guru dina mariksa jeung meunteun hasil pagawéan murid,
bisa dititénan ieu di handap.
1. panonpoé téréh bijil langit katempo hibar
2. panonpoé mucunghul dipapag ku sora manuk
3. nyeuseup hawa seger matak genah kana bayah
4. jaman kiwari kaayaan alam téh geus loba robah
5. walungan geus teu ngagenyas hérang tapi kiruh
6. runtah jeung kokotor nu ngahunyud ditapuk laleur
7. mémérés alam lingkungan jadi tanggung jawab urang saréréa
8. mun lingkungan alam ruksak urang saréréa bakal rugi
9. hirup urang bakal sangsara manjang tepi ka mangsa jaga
10. sumber kahirupan anu nyésa ka urang moal méré mangpaat

Bab 2 Pituduh Husus 67


F. NYUSUN KALIMAH

No. Kagiatan

24. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina nyusun kalimah. Ari
matérina ngeunaan peristiwa alam.
25. Kalimah anu kudu disusun téh aya anu diwangun ku lima kecap. Pikeun nuyun
murid dina migawéna, dina buku geus ditulis kecap anu mimiti. Jadi murid
mah ngan kari nuluykeun.
26. Mimiti dicoba, guru teu méré conto, tapi ukur nerangkeun carana wungkul.
Ari sababna, murid kudu dianggap geus paham kana nyusun kalimah.
27. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, ku guru dipenteun. Pikeun
padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap:
1. jareblog – dina – buruan – hujan - usum
dina usum hujan buruan jareblog
2. hujan – bayeungyang – arék – hawa – lantaran
hawa bayeungyang lantaran arék hujan
3. rubuh – puyuh – anténeu – angin – nyababkeun
angin puyuh nyababkeun anténeu rubuh
4. karang – laut – neumbagan – ngajelegur – ombak
ombak laut ngajelegur neumbagan karang
5. matak – sora – katorékan – tingjelegér – gelap
sora gelap tingjelegér matak katorékan

G. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

28. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah anu
ngandung foném konsonan rangkep. Hal ieu mimiti diwanohkeun dina
pangajaran maca dina jero haté, nyaéta ku ngasupkeun kecap “bismillah”.
29. Kecap-kecap anu ngandung foném konsonan rangkep dina ieu pangajaran téh
mangrupa kecap seserepan tina basa Arab, kayaning sunatulloh, alhamdulillah,
assalamualaikum, subhanalloh, insa alloh, allohu akbar, astagpirulloh, asma alloh,
jeung rosululloh.

68 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


30. Ku guru dicontoan heula cara ngucapkeunana, terus murid sina nurutan. Geus kitu
guru nyontoan ngucapkeun éta kecap dina kalimah lengkep, murid sina nurutan.
31. Saban murid kudu dipentés ngucapkeun sakalimah séwang, anu séjénna sina
ngabarandungan.

H. NGAPALKEUN KAAYAAN ALAM

No. Kagiatan

32. Matéri pangajara dina ieu bagian patali jeung téma ngeunaan kajadian atawa
peristiwa alam. Murid dina maca bedas terus sina ngapalkeun kaayaan anu
patali alam.
33. Anu kudu diapalkeun ku murid téh hal-hal ngeunaan lahan urug, hujan
ngagebrét, seuneu ngabebela, angin ngagelebug, cai ngagulidag, ombak
ngajelegur, taneuh ngarieg, curug ngaguruh, gelap ngajelegér, jeung kilat
ngabaranyay.
34. Cindekna ieu pangajaran téh pikeun nambahan kaweruh murid dina hal
kajembaran basa Sunda anu nerangkeun peristiwa alam.

I. METAKEUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

35. Dina metakeun paguneman, prak-prakanana murid dituyun ku guru. Tokoh


anu paguneman dina téks téh nyaéta Ahmad, Galih, Hérlin, jeung Wening.
36. Mimitina téksna sina dibaraca heula dina jero haté. Geus kitu terus sina dibaca
bedas. Maksudna mah sangkan murid bisa neuleuman eusina.
37. Ku guru ditangtukeun heula, saha anu molahkeun Ahmad, Galih, Hérlin, jeung
Wening. Ngahaja sina aya dua budak lalaki, jeung dua budak awéwé.
38. Guru nyontoan prak-prakanana. Murid sina merhatikeun, terus opatan-opatan
sina molahkeun di hareupeun babaturanana. Sajeroning kitu, anu séjénna sina
ngabarandungan.

Bab 2 Pituduh Husus 69


J. NEMBANGKEUN PUPUH

No. Kagiatan

39. Pangajaran 8 dipungkas ku nembangkeun pupuh kinanti. Eusina nyaritakeun


yén ieu buku pangajaran téh geus tamat, sarta engké bakal disambung deui ku
pangajaran saterusna lamun murid geus baék ka kelas II.
40. Rumpaka ieu pupuh mimitina sina dibaraca heula ku murid dina jero haté,
sangkan maranéhna meunang gambaran ngeunaan eusina.
41. Guru nyontoan nembangkeunana, murid sina ngabarandungan. Dina prak-
prakanana, nyontoan téh sapadalisan-sapadalisan heula, terus murid sina nurutan
nembangkeunana. Geus kitu kakara ditingkatkeun jadi gembleng sapada.
42. Murid sina nembangkeun éta pupuh babarengan, terus dipentés saurang-
saurang, anu séjénna sina ngabarandungan.

70 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


Bab 3
Pituduh
Meunteun
A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM)
1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid.
2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah
komonén dina unggal pangajaran.
3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna.
4. Conto rubrik KKM Pangajaran 9

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. MACA JERO HATE
B. MAHAM EUSI PEDARAN
C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN
D. NGALARAPKEUN KECAP
KANA KALIMAH
E. NYAWALAKEUN KADAHARAN
F. MIDANGKEUN HASIL SAWALA
G. MIGAWÉ LATIHAN
H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)

Kritéria ALus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1)


Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain
Komunikasi non-
Ngaréspon Kurang réspon Api lain
verbal
Ilubiung AKtif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun
Nepikeun Nepikeun
Omongan pamadegan pamadegan kurang Cicingeun
ngaruntuy ngaruntuy

72 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


Katerangan:
1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun.

2. Cara meunteun : Total peunteun


____________ x 10
12

3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8
____________ x 10 = ____ = 6,7
12 12

C. Rubrik Meunteun Sikep

Encan Mimiti Mimiti


No. Sikep Dibiasakeun Kat.
écés écés Mekar
1. Taliti
2. Tanggung jawab
3. Disiplin
4. Jujur
5. Santun
6. Peduli
7. Percaya diri

D. Rubrik Meunteun Latihan


1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana.
2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10.
3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.

Bab 3 Pituduh Meunteun 73


E. Rubrik Meunteun Maca
1. Rubrik Meunteun Maca Jero Haté

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah


1. Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan 10 -- 20
2. Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan 10 -- 20
3. Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan 10 -- 20
4. Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan 10 -- 20
Jumlah 40 -- 100

2. Rubrik Meunteun Maca Bedas
Kaasup pikeun meunteun maca bedas sajak atawa déklamasi.

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Basa: Diksi, struktur, jeung Artikulasi/intonasi 10 – 35
2. Eusi: Kasaluyuan topik jeung eusi, isi, pemahaman eusi 10 – 35
3. Tagog: Gestur, gaya maca 10 – 30
Jumlah 30 -- 100

F. Rubrik Meunteun Nembang

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah


1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 10 – 35
2. Wirahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 10 – 35
3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) 10 – 30
Jumlah 30 -- 100

G. Rubrik Meunteun Biantara


Biantara bakal mucekil hasilna lamun urang YAKIN (Bisa, Mampuh, Hasil, tur
Suksés). Urang kudu ngararasakeun proses biantara (Diajar, Latihan, jeung Nyoba).
74 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I
Pikeun meunteun biantara bisa dipake sawatara aspek ieu di handap.

No. Aspék Bobot Jumlah Nilai
1. Aspek Bahasa 35
a. Pilihan kata, gaya bahasa,
tatakrama bahasa
b. Struktur bahasa (bentukan
kata dan kalimat) yang benar
c. Pelafalan dan intonasi
2. Pemahaman Isi 35
a. Penguasaan Isi
b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji)
c. Organisasi dan sistematika penyampaian isi
3. Penampilan (Ekspresi) 30
a. Gestur (mimik dan gerak)
b. Kreasi dan gaya bicara
Jumlah 100
* Rentang nilai 60 - 100

H. Daftar Peunteun Murid


(Kaweruh jeung Kaparigelan)

Ngaran Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran


No. M
Murid 1 2 3 4 5 6 7 8 9

1.

2.

3.

4.

jst.

Bab 3 Pituduh Meunteun 75


I. Refleksi Guru
Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna,
guru kudu ngajawab pananya ieu di handap.

1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup?


Kumaha léngkah-léngkahna?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

76 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


Glosarium
aksara = lambang ucapan
beukah = mimiti ngagedéan, kembung
canémbrang = ngagenclang
digunasika = diganggu
dipigandrung = pikaresep, dipitineung
diriksa = dipiara
hanaang a= hayang nginum
hasiat = kagunaan
hirup rukun = hirup sauyunan
kacanduan = katagihan, deudeuieun
kacapit = kacekel saeutik
kakayon = kakayuan, kai-kaian
leuwi = bagian walungan anu jerona
mancawura = awur-awuran ka saban juru
metot = medol, narik; kabetot = katarik, kabedol
ngabuburit = ngadagoan waktu magrib
ngangon = nungguan ingon-ingon titah nyatuan kana jukut
nyékaskeun = ngébréhkeun
pacekel-cekel = silih cekel, silih puntangan
paciweuh = rarépot, loba gawé
pahatu = teu boga indung, pahatu lalis = teu boga indung bapa
pananda sora (rarangkén aksara)
pamaéh (ø) gunana pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara ngalagena.
pamepet gunana pikeun nambahan sora /e/ luhureun aksara ngalagena.
pamingkal gunana pikeun nambahan sora /y/ dina aksara ngalagena.
panéléng gunana pikeun nambahan sora /é/ hareupeun aksara ngalagena.
paneuleung gunana pikeun nambahan sora /eu/ luhureun aksara ngalagena.
panghulu gunana pikeun nambahan sora /i/ luhureun aksara ngalagena.
panglayar gunana pikeun nambahan sora konsonan /r/ luhureun aksara …
pangwisad gunana pikeun nambahan sora /h/ tungtung aksara ngalagena.
panolong gunana pikeun nambahan sora /o/ tukangeun aksara ngalagena.
panyakra gunana pikeun nambahan sora /-r/ handapeun aksara ngalagena.
panyecek gunana pikeun nambahan sora /ng/ luhureun aksara ngalagena.
panyiku gunana pikeun nambahan sora /l/ handapeun aksara ngalagena.
panyuku gunana pikeun nambahan sora /u/ handapeun aksara ngalagena.

Glosarium 77
pupujaning = nu dipuja-puja
raruntag = rarungkad, raruntuh
rembet = pinuh ku areuy-areuyan
rempug jukung = sauyunan
runtag = runtuh, rungkad
sagara = lautan, jaladri
suwung = kosong
tatanén = pertanian
teuleum = ngalelepkeun kabéh awak nepi ka sirah kana cai
wangun sastra = rupa-rupa sastra saperti prosa, puisi, jeung drama
wastana = ngaranna

78 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I


DAPTAR PUSTAKA

Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat.


Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Rusyana,Yus. 1997. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.
Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya.
Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya.
Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi
Jawa Barat.
Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya.
Bandung: SPs UPI.

Daftar Pustaka 79
CATATAN :

_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________
_____________________________________________________________________

80 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

Anda mungkin juga menyukai