Anda di halaman 1dari 11

Soal B.

Sunda IX

A. Pilihan Ganda
1. Mana kalimah di handap ieu anu merenah !
a. Kang Roni sarena sangigir
b. Kang Roni sarena ngangigir
c. Kang Roni sarena nyangigir
d. Kang Roni sarena sagigir
2. “Mung sakieu pedaran ti abdi, mugi aya mangpaatna kanggo urang sadayana,
Assalaamu’alaikum wr.wb... Cutatan teks di luhur mangrupa ...... dina pidato.
a. Bubuka
b. Tema
c. Eusi
d. d.Panutup
3. Materi poko atawa tema biantara biasana aya dina ...
a. a.Bubuka
b. b.Tema
c. c.Eusi
d. d.Panutup
4. Mana kalimah di handap nu ngagunakeun rarangken barung pi – eun ?
a. Neng Deti meser kaen kanggo pibajueun
b. Eta budak meni pikalucueun
c. Neng Dea mah dipikaresep
d. Cik runtaha teh piceun
5. Cara nulis kecap nu bener nyaeta ...
a. Di pika haying
b. Dipika haying
c. Di pikahayang
d. Dipikahayang
6. Kaum rumaja ayeuna geus loba nu nyandu kana roko, padahal maranehna teu sadar yen roko
teh ngandung zat nicotin nu bisa ngabahayakeun kana badan.
Lamun ditingali tina eusina karangan di luhur kaasup jenis karangan ...
a. Argumentasi
b. Eksposisi
c. Deskripsi
d. Narasi

Mohamad Toha

Mohamad Toha teh kaasup pahlawan ti Tatar Sunda anu teuneung ludeung. Dina bulan Juli 1946
tentara urang meunang ultimatum ti pihak sekutu sangkan ninggalkeun kota Bandung. Saacan
ninggalkeun kota Bandung para tentara ngaduruk kota Bandung atas parentah ti Mohamad Toha,
sangkan teu bisa ditempatan ku tentara sekutu.

7. Para tentara ngaduruk kota Bandung”, kalimah ieu kaasup kana kalimah wawaran……..
a. Basajan
b. Jembar
c. Sampurna
d. Teu sampurna
8. “ Ibu nuju nyisiran”, ieu kalimah kaasup kana kalimah wawaran………
a. Basajan
b. Jembar
c. Sampurna
d. Teu sampurna
9. Kota Bandung diduruk ku tentara urang sabab?
a. Kota Bandung geus direbut ku tentara sekutu
b. Tentara urang kudu ninggalkeun Bandung
c. Tentara urang teu boga senjata
d. Tentara sekutu nitah ngaduruk kota Bandung
10. Tentara urang meunang ultimatum ti pihak sekutu, kecap ultimatum sarua hartina ...
a. Tanda
b. Hadiah
c. Peringatan
d. Perintah
11. “ Kuring mah teu satuju kana pendapat eta”, kecap “ kuring” kaasup kana kecap gaganti
ngaran …..
a. Jalma katilu
b. Jalma kaopat
c. Kahiji
d. Kadua
12. “ Silaing kudu era, geus gede masih dihuapan”, kecap “ silaing “ kaasup kana kecap gaganti
ngaran ……
a. Kahiji
b. Kadua
c. Katilu
d. Kaopat
13. Tegal tempat melak pare, biasana di lamping gunung disebut…..
a. Pasir
b. Gunung
c. Reuma
d. Huma
14. Anu dimaksud jalan jajahan nya eta……..
a. Jalan gede
b. Jalan leutik
c. Jalan mudun
d. Jalan nanjak
15. Bubuka jeung panutup biasana make ….
a. Salam
b. Kacindekan
c. Tema
d. Eusi
16. Paguneman dina telepon ieu di handap nu pangmerenah-na nya éta ….
a. Dina : “Assalamu’alaikum!”
Dani : ”Wa’alaikum salam. Sareng saha?”

Dina : “Sareng abdi, Dina. Tiasa nyarios sareng tuang ibu?


Dani : “Nuju kulem. (bari ditutup).

b. Rosika : “Wilujeng sonten!”


Hilda : “Sonten.”

Rosika : “Ieu Hilda, nya?”

Hilda : “Sumuhun, ieu Rosika pan?”

Rosika : “Muhun.”

Hilda : “Badé angkat lés téa?

Rosika : “Hayu, urang angkat tabuh 2 waé nya.”

Hilda : “Tepang di ditu wélah.”

c. Nabila : “Mimi ..!”


Mimi : “Héy...”

Nabila : “Dék naon ieu téh?”


Mimi : “Hayang wéh nelepon.

d. Ruslan : “Mamah, aya?”

Wilda : “Badé naon, kitu?”

17. Anu ngocor di alam kubur

Aya tilu dina hadist rosul

Hiji shodakoh jariah

sareng wakaf anu iklas

Duaélmu nu mangpaat

bari diala mangpaat

Tilu putra anu sholéh

ngadu’akeun teu weléh-weléh

Eusi pupujian di luhur nyaritakeun ngeunaan...

A. pépéling
B. pangajaran agama
C. muji kaagungan Alloh
D. solawat ka Nabi
18. 1. Pa Deden : ”Punten, dupi rorompok Bapa di mana?”

2. Pa Agus : “Bumi mah di Sukaraja”

3. Pa Deden : “Geuning rada tebih. Saéna mah tuang heula atuh, Pa!”

4. Pa Agus : “Ah, engké wéh tuang mah di rorompok.”

Numutkeun tatakrama basa, ungkara nu bener aya dina nomer ....

a. 1
b. 2
c. 3
d. 4
19. Rafi : “Kumaha cios moal kempel téh?”

Devi : ”Duka atuh, da teu acan aya waleran waé ning SMS-na.”

Rafi : “Naha? Aya naon nya?”

Devi : .............................................

Ungkara/omongan nu merenah pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nya éta ....

a. ”Séép pulsa sigana mah.”


b. ”Hilapeun panginten.”
c. “Mudah-mudahan mah teu aya nanaon.”
d. “Teu kagungan HP panginten.”

20. . Basa nu digunakeun dina bubuka surat keur ka saluhureun nya éta ....

a. Mung sakieu serat ti abdi, diantos waleranana.


b. Sakatampina ieu serat mugia Bapa sakalih aya dina ginanjar kawilujengan
c. Kumaha daramang,pan?
d. Dicekapkeun dugi ka dieu. Ok?

21. KINANTI

Cur-corna cai di lembur

Matak betah nu ningali

warnana canembrang hérang

...........................................

Jauh pisan tina runtah

Teu hariwang ku panyakit

Mana, ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan guguritan di luhur?

a. Matak seger reujeung séhat


b. Nyecep tiis tur beresih
c. Loba lauk di kulahna
d. Jalma-jalma pada naringali
22. Ngaronda maké padati.

Digusur ti Majakaya

Sakola nyiar pangarti

.....................................

Pilih ungkara di handap nu merenah pikeun ngalengkepan paparikan di luhur!

a. Lain ukur loba gaya


b. Lain ngan ukur indit
c. Tapi pikeun ngarobah sikep
d. Lain ngan budaya

23. Konéng téh kaasup tutuwuhan anu buahna jadi

di jero taneuh. Salian ti dipaké kuindung urang keur samara.Konéng téhmibanda mangpaat
séjén, nya éta pikeun nyageurkeun panyakit padaharan,ngubaran

bohak, jsb.

Dumasar wacana di luhur, naon waé mangpaat konéng téh?

a. keur samara jeung ubar panyakit hapur


b. keur samara jeung ubar panyakit padaharan
c. keur nyayur jeung ubar panyakit batuk
d. keur samara jeung ubar panyakit cangkeul
24. Pilih kalimah di handap nu eusina ngajak pamilon diskusi pikeun nanyakeun atawa mairan!
a. Cing, saha nu rék mairan?
b. Saha deui nu rék mairan?
c. Mangga, nu badé mairan dihaturan.
d. Mangga, anu kirang jelas mairan atuh.

Tanah Sunda

Tanah Sunda ( wibawa )


Gemah ripah (tur éndah )
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda (sawawa )
Sing Towéksa (percéka )
Nyangga darma anu nyata

Ref :Seuweu Padjadjaran


Muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya
Mémang sawajibna
Getén titén rumawat
Tanah pusaka
25. Eusi kawih TANAH SUNDA di luhur téh nyaritakeun naon?

a. Kaéndahan tanah Sunda


b. Kudu titén jeung rumawat
c. Kaéndahan tanah Sunda nu kudu dipiara
d. Nu ngumbara suka betah

NYAWÉR BUDAK SUNAT

Lain ukur kagaliban

Tapi misti kawajiban

Ka-Islaman nu ngauban

Ujang téh keur cacarakan

Korban getih nyarakclakan

Ridona sing bébéakan

26. Nyaritakeun naon eusi sawér di luhur?

a. Disunatan téh mangrupa kawajiban dina agama Islam


b. Disunatan téh lain kawajiban pikeun budak lalaki
c. Disunatan téh mangrupa bagian tina kaséhatan
d. Disunatan téh kudu ti leutik kénéh.
27. Kalimah panutup surat ondangan anu merenah nya éta ...
a. Mung sakieu serat ti abdi.Diantos waleranana.
b. Kasumpingan Sadérék kalintang diajeng-ajengna.
c. Dicekapkeun dugi sakieu baé, hatur nuhun.
d. Sakitu baé serat ti abdi. Hatur nuhun.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,

Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina
ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad.Amin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh,
taya sanés seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

Cutatan biantara/pidato di luhur kaasup ....

a. bubuka
b. eusi
c. panutup
d. pamungkas
28. Kalimah nu luyu jeung tatakrama basa Sunda waktu diskusi jeung wali kelas, nya éta ....

a. Ka Bali, Bu supaya ramé.


b. Ceuk kuring mah mending ka Palabuhanratu piknik téh, jauh ka Jogjakarta mah.
c. Kumaha Ibu wé piknik mah.
d. Saéna mah, Ibu nu nangtoskeun. Upami siswa mah kahoyongna bénten-bénten.
Parépéh Keur Anak Incu

...

Walungan ngahgar

Nu puguh mah, Ujang

Napsu dilajur

Amarah diumbar

Leuweung urang ukur tingal dina gambar

29. Suasana nu kagambar dina cutatan sajak di luhur...

a. gumbira.
b. keueung
c. hariwang
d. sedih
30. Pidato atawa ceramah kaagamaan nu ditepikeun ku khotib samemeh solat jumuahan atawa
saenggeus sholat ied disebut...
a. Biantara
b. Hotib
c. Hutbah
d. Nasehat
31. Nurutkeun aturan, saupama ngobrol waktu hotib keur nepikeun hutbah. Tapi miluan sholat
dua rokaat saenggeus beres hutbah, kmaha ceunah ibadah jumuahna?
a. Ditarima tur sah asal miluan solat jumuah anu dua rokaat
b. Ditarima asal saenggeus solat jumuah anu dua rokaat terus solat sunat
c. Teu ditarima sabab ngobrol waktu keur hutbah ngaleungitkeun pahala solat jumuah
d. Teu ditarima sabab ngobrol waktu keur hutbah ngaleungitkeun kasopanan dina solat
jumuah
32. Langit mani angkeub.. rek turun hujan. Kecap nu mereunah pikeun ngeusian eta bagean
kalimah nyaeta...
a. Perbawa
b. Perlambang
c. Pertanda
d. Petunjuk
33. Tempat di sisi laut disebut ?
a. Selat
b. Jojontor
c. Bungin
d. Pasisir
34. Ngaran tempat nu aya hubungannana jeung laut nyaeta ...
a. Pulo, supitan, gawir
b. Supitan, muara, gawir
c. Muara, pulo, gawir
d. Pulo, supitan, muara
35. Ngaran tempat nu aya di sabudereun gunung nyaeta ...
a. Suku gunung
b. Leuwi
c. Delta
d. Jojontor
36. Bagean imah pangluhurna disebut ...
a. Leuit
b. Dapur
c. Teras
d. Suhunan
37. Bagean imah panghareupna paragi narima semah disebut ...
a.buruan
b. pipir
c. teras
d. kamar
38. Tempat nunda pare disebut ...
a. goah
b. para
c. wuwung
d.leuit
39. Bagean walungan anu jerona, caina jiga teu palid disebut ...
a. babantar
b. leuwi
c. hulu cai
d. sedong
40. Tambakan sawah nu jadi wates antara kotakan disebut ...
a. sungapan
b. palayangan
c. pabinihan
d. galengan

SAPATU BUTUT

Ti poé Senén kénéh indit ka sakola téh asa teu purun. Lain teu purun diajar ngan asa ku éra.
Lantaran sapatu anu ngan boga sarampasan téh geus ruksak. Anu sabeulah hareupna geus calawak,
anu hiji deui gigirna soéh. Mun dibawa ngaléngkah sok disada ceplok........ ceplok. Di sakola sakola
sok pada maroyokan. Mani geus paranas daun ceuli.

41. Dumasar cutatan carpon di luhur, naon sababna babaturan Si Kuring sok maroyokan?
a. Sabab teu raresepeun
b. Sabab sapatuna geus butut
c. Sabab resep ngaheureuyan
d. Sabab sapatuna disada
42. Ngasupkeun cai ubar kana awak supaya gancang cageur nalika dirawat di rumah sakit
disebut ..
a. inpus
b. transfusi
c. opname
d. imunisasi
43. Waktos pun biang nuju ....................di pawon, abdi mah teu acan wangsul.
a. dahar
b. tuang
c. neda
d. emam

Perhatikeun ungkara ieu dihandap pikeun ngajawab soal nomer 44-47 !

“ Kuring mah asa can pernah ningali si Kanta daria upama keur diajar the met !”

“Nyaeta atuh upama teu nundutan, manehna mah sok kalah ngaheureyan batur, Mir !”

“cing ayena urang tingalikeun deui rek naon polahna diajar agama !”

“Tuh mir tingali Si Kanta geus diuk dijuru tukang beh kidul.”

“Naha geuning sirahna geus ngeluk kitu ! nundutan, atawa memang geus kerek.”

“mangkaning Pa ujang mah sabada masihan pa ngajaran sok miwarang ngempelkeun ringkesanana!”

“Kumaha atuh nya nu nundutan komo deui upama nepi ka reup….sare mah.”

“Jep, ah ! Tuh pa ujang sumping,”

44. Saupama diperhatikeun kalawan daria, ungkara di luhur the kaasup…


a. Carita pangalaman
b. Paguneman
c. Wawaran
d. skenario
45. Aya sabaraha urang nu guneman dina eta ungkara ?
a. Saurang
b. Dua urang
c. Tilu urang
d. Opat urang
46. Guneman diluhur the masualkeun saha ?
a. Amir
b. Memet
c. Pa Guru
d. Si Kanta
47. Kumaha cenah upama Si kanta keur diajarna ?
a. Daria
b. Gawe heurey
c. Gawe nundutan
d. Gawe heurey atawa nundutan
48. Rarangken hareup di-nu hartina dijadikeun ….aya dina kecap ?
a. Dibeledog
b. Dicabok
c. Didupak
d. Didua
49. Manehna keur sibeunget ditukangeun imahna. Rarangken hareup si- dina kecap Sibeunget,
nuduhkeun kecap….
a. Barang
b. Pagawean
c. Sipat
d. Kalakuan
50. Nepikeun hiji hal/perkara ti hiji jalma atawa ti hiji intansi ka nu lian sangkan nu dibere beja
apal kana naon-naon ni ditepikeun disebut…
a. Wawaran
b. Talatah
c. Badami
d. Biantara

“ Pek sakola sing pinter, tapi kudu ngaji ngarah bener”

Anda mungkin juga menyukai