Anda di halaman 1dari 11

KASOHOR

Jungjunan . wengi ieu karaos pisan sonona.. beuki lami.. beuki dieu..

unggal usik . unggal malik.. duh.. geuningan rindat salira nu karaos..

Aya anu gumuruh dina lebet dada.. tos lami teu kedal.. mung ukur dibuni-

buni.. disimpen dinu pangnyingkurna.. geuning ayeuna..

Dua kalimah anu diserat ku Dyah dina buku agendana, ajeuna nuju

ngemutan pas jaman manehan nana susah keneh, teu acan kasohor jiga

ayeuna.

Anggun Dyah Citraresmi nami lengkapna teh, anjeuna babar di

Tasikmalaya kaping 5 April 1988. Ayeuna anjeuna tos janteun artis anu kamasur

ka mana-mana. Perjuangan anjeuna dugi ka ayeuna teh teu tiasa disebat

gampil, anjeuna mulai ti nol karir kaartisan nana teh. Butuh waktos 10 tahun

kangge anjeuna ngamimitian karirna teh.

Digedekeun dikulawarga anu sederhana sareng ngautamakeun

pendidikan. Dyah panggilanna teh, teu tiasa ngaasah kabisana di bidang musik.

Bapana anu taat kana agamana ngalarang Dyah kangge ngaasah kabisana.

Dugikeun, aya produser anu milarian penyanyi. Produser teh kataji kana sora

Dyah teh. Tidinya we ngamimitian kaartisannana.

Dyah : 10 tahun, nu kapengker sim abdi sanes sasaha di indrustri musik

ieu. Abdi bersukur ka Pangeran anu tos masihan kapercayaan ka

sim abdi tiasa dugi kasohor kieu.

Irah : Nya kedah kitu ath neng urang teh tong poho ka pangeran.
Dyah : Muhun ath, abdi mentas kaping sabaraha wae ?

Irah : Ke sakedap abdi bade nyandak agenda heula. Kana meja nyandak

agenda na.

Dyah : Sok ath.!.

Irah : Neng. Kaping 10 dugi kaping 13 April di Kuala Lumpur. Kaping 14

april na ka Bali. Kaping 16 April na latihan di studio kangge mini

konser Neng.

Dyah : Subhanalloh, meuni padet kitu. Rah, abdi asa hayang mulang ka

lembur. Pang jadwal keunnya Rah !

Irah : Muhun neng . ku abdi di atur jadwalna.

Mang Adna nuju macul di sawah. Putra hiji-hijina nyusulan Mang Adna ka

Sawah.

Adit : Bapa ?

Mang Adna : Kulan ? aya naon jang ?

Adit : Abdi bade ka kota Pa. Bade milarian pidameuleun. Bosen atuh pa

didieu wae.

Mang Adna : Bade milarian pidameuleun naon atuh ? di lembur oge seueur

keneh pidameuleun.

Adit : Atuh pa. Bosen di lembur wae. Sakanteunan milarian Dyah dikota.

Mang Adna : Iyeu budak, mikiran si Dyah wae kabisana teh. Yeuh si Dyah mah

moal ingeteun ka maneh.


Adit : Pasti inget ath pa. Maeunya ka abdi Dyah teu ingeteun.

Mang Adna : Moal matak inget ka maneh. Geus cicing dilembur mantuan bapak

Adit : Alim pa. Hayang ka kota abdi mah.

Mang Adna : Ulah !!! ngalawan wae sia mah ka kolot teh. Geus mantuan bapa

didieu. Tuh tempo si Suher balik ti jakarta jidi stres kitu. Maneh

mah embung neangan conto ti batur.

Adit : Embung Bapak ( nyentak ) kuring mah hayang ka kota titik.

Mang Adna : Aeh sia ngalawan ka kolot teh. Kasar kitu, di sakolakeun luhur teh

teu boga tatak rama pisan ka kolot.

Adit : Da bapa na ge kitu. ( baeud)

Pokona abdi rek ka kota !

Mang Adna : Nyapek kumaha sia we, ngan mun geus dikota tong

ngaharepkeun teuin si Dyah bisi maneh geuring engke di ditu.

Adit : Nya moal ath pa. Percanteun we ka abdi.

Saatos di widian ku bapana, Adit langsung teras ka terminal. Neangan bus

anu ka kota.

Di kantor produser

Gie : ( nuju nelepon ) kumaha penjualan CD sareung kaset Anggun ?

Syukur ari sae mah.


Pang nempo keun reting anggun di radio-radio isuk bawa ka kantor

saya keun.

Nuhun nya.

Pegawai : Bapak. aya Anggun bade pendak sareung bapa.

Gie : Sok piwarang leubeut.

Dyah : Wilujeung siang pa.

Gie : Wilujeung siang.

Dyah : kumaha pak penjualan cd sareng kaset album ?

Gie : Sae sae. Bade 200 ribu copy.

Dyah : Alhamdulilah.

Irah : Kedah sesuai sareng target atuh pak !

Gie : Muhun. Kedah ka 1 juta copy.

Dyah : Mugi – mugi we pak. Penjualan cd sareung kaset sami sareung

album abdi anu kapungkur.

Irah/Gie : Amin.

Dyah : pak abdi, bade permios heula.

Gie : oh. Muhun mangga.

Kahade dijalannya.

Saatos ninggalkeun kantor, Dyah sareung Irah kembali kana rutinitasna.


Partanos dugi ka kota, Adit milarian kontrakan kangge tempat ngiuhan

anjeuna.

Adit : Alhamdulilah dugi oge ka kota teh.

Tukang Ojeg : Ojeg jang ?

Adit : oh. Muhun mang.

Tukang Ojeg: Bade dijajap ka palih mana ?

Adit : Alah, eta puguh abdi teh nembean ka kota. Teuteurang bade ka

mana iyeu teh. Bararingun kieu.

Tukang Ojeg: Aeh-aeh. Kumaha lamun milarian kontrakan we ath. Di cakeut

bumi mamang aya kontrakan, sae jaba mirah deuih.

Adit : Alhamdulilah ari kitu mah. Cakeut teu mang ti palih dieu ??

TukangOjeg: Cakeut jang. Hayu ku mamang dianteurkeun ka tempat

kontrakanna.

Adit : Hayu atuh mang, bisi kaburu hujan.

Adit naek ojeg, teuras milarian kontrakan. Tos kenging kontrakan, Adit

jalan-jalan ngurilingan daerah kontrakannana. Ternyata kontrakannana teh

cakeut sareng bumi Dyah awewe pujaan hatina. Dyah sareng Adit teh

peupeundak dijalan. Teu kahaja Dyah sareung Adit teh patubrukan.

Adit : Punteun neng. Teu nanaon ?

Dyah : Teu nanaon A.

Adit : Punteun anu kasuhun neng.


Dyah : Eh, teu nanaon A.

Dyah sareng Adit, sami-sami ninggalkeun tempat. Dina pikiranna Dyah

sareng adit masih keneh kainget wajah Adit sareng Dyah. Adit ngagaduhan

kayakitan nyatea awewe anu tadi paamprok dijalan teh Dyah awewe impenan

nana.

Adit : Etateh, Dyah sanes ?

Meuni geulis kitu ayeuna mah.

Teu hanyakal kurung ka kota.

Dyah : Etateh, Raditya sanes ?

Babaturan abdi nuju alit dilembur.

Mun eunya teh. Meuni asa pangling kitu.

Dyah sareng Adit kaingetan wae sareng kaajadian paamprokna manehan

nana dijalan. Adit ningali wae photo Dyah jaman baheula. Dyah oge mikiran

Adit. Di inget-inget wae kajadian kamari.

Adit panasaran, anjeuna milarian bumi Dyah tapi teu kapendak. Adit teu

putus asa. Akhirna anjeuna mendakan Dyah. Dyah nuju di photo.

Adit : Eta nu di photo asa kenal ? Dyah (celeutuk Adit)

Adit nyampeurkeun, Dyah anu tos beres di Photo.

Adit : Dyah Citraresmi ?

Dyah : Muhun. Sahanya ?

Irah : Saha neng ?


Adit : Iyeu abdi,Raditya. Babaturan ti lempur cihangseur.

Dyah : ke ke. Raditya budakna Mang Adna.

Adit : Muhun ,

Irah : Saha neng ?

Dyah : Babaturan abdi ti lembur..

Anu dicaritakeun basa eta geuning.

Irah : Anu di pikareuseup ku eneng? Sanes?

Dyah : syut aya jelemana. (ngiceupan irah, nitah irah ninggal keun

manehan nana duaan)

Kamana wae atuh adit teh?

Adit : Aya wae abdi mah dilembur. Dyah ka mana wae? Tara mulangnya

ka leumbur?

Dyah : Aya abdi mah. Hehe

Jarang ayeuna mah mulang ka lembur teh. Tos aya meureun 5 taun

mah.

Da lamun lebaran Abah sareng Ambu anu ka kota.

Adit : Oh, kitu. Pnteusan abdi tara ningai Dyah.

Wilujeungnya ayeuna mah tos janteun artis anu kasohor.

Dyah : Alhamdulilah, iyeu teuh do’a ti sadaya. Janteun abdi tiasa dugi ka

kasohor kieu.
Adit : Suganteh. Teu emut ka abdi?

Dyah : Emut Keneh atuh. Abdi mah moal unggah adat ath, Dit.

Kumaha babaturan di lembur? Mang Adna kumaha? Sehat?

Adit : Alhamdulilah sehat sadayana.

Minggon kamari Icih budakna Abah Maman nikah ka urang

bandung.

Dyah : Icih anu baheula babaturan ngaos abdi?

Adit : Muhun. Eta anu sok nganggo acuk hejo wae geuning.

Dyah : Asa wararaasnya, babaturan baheula teh tos narikah.

Ari Ina budakna Mak Nining kumaha kabarna?

Adit : Ina anu imahna di pasir jambu ? sanes?

Dyah : Muhun, Anu sok di kucir dua.

Adit : Oh. Eta Ina teh ayeuna nuju nyaba ka Malaysia janteun TKW. Da

salakina teu gawe nanaon.

Dyah : Tos nikah oge. mm meuni asa watirnya. Baheula mah Ina teh

kembang desa. Ayeuna janteun TKW di Malaysia.

Adit : namina oge manusa. Jodo, rizki, maut mah ditabgtukeun ku

Pangeran.

Dyah : muhun.
Adit : Alloh mah moal nga bobodo urang. Buktosna iyeu di hareupeun

abdi.

Dyah : Saha ?

Adit : Dyah atuh. Sok ayeuna tos janteun artis anu kasohor. Seueur

penghargaan. Alloh mah sok merean jalan ka umat na anu bade

berusaha. Ingeut teu, basa ku abdi dianteur ka lomba nyanyi di

kecamatan ?

Dyah : Inget pisan ath. Anu di carekan ku abah.

Sok, hayang seuri ayeuna mah. Haha

Adit : Tahkan ka buktian ayeuna ku urang. Kunfayakun.

Dyah : Muhun. Abdi mah seueur nyungkeun syukur ka Alloh teh. Lamun

sanes kehendanNa mah abdi teh moal tiasa kieu.

Adit : Alhamdulilah, kieu anu namina artis ti sagala artis.

Kumaha, iraha bade nyusul Icih ? hehe

Dyah : Hoyong na mah enggal nikah, tapi da teu aya calonna.

Adit : Asa moal. Tos geulis, pinter, tiasaan nyanyi. Maenya teu aya

calonna ?

Ari anu di gosip keun sareng atlit basket tea . kumaha ?

Dyah : Muhun teu aya calonna. Ah. Etamah gosip hungkul.

Ari Adit kumaha ? tos aya calonna ?


Adit : teu acan aya. Abdi mah da goreng, teu aya istri anu reusepeun ka

Abdi.

Dyah : sok handap asor kitu, Adit mah. Saur ambu di jodoh keun sareung

neng Iin budakna Pak Mantri?

Adit : Ah etamah gosip. Abdi mah nuju ngantosan cinta munggaran

abdi.

Dyah : kasaha tah ???

Adit : ka Dyah ??

Dyah : .......

Dyah sareng Adit ngobrol lami, anjeuna mengenang masalaluna. Tidinya

Adit gaduh pidameulan janteun Manager Perusahaan Internasional, adit oge

neraskeun studyna. Dyah sukses sareung album teranyarna, anjeuna berhasil

ngalakonan konser mini na. 4 bulan tidinya Adit sareng Dyah ngalangsung keun

pernikahanna, teu lami ti eta, Adit dipromosikeun janteun pimpinan cabang di

Hong Kong, Dyah oge diajak ka Hong Kong ngalebarkeun sayap na janteun

panyanyi di ditu.

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai