Kacaturkeun sakur piwuruk Rama parantos kapaham, kaharti ku pikir, sumurup kana
kalbuna, sasat Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh parantos ngaraos sawawa, pasagi
pangarti, pangpangna bag-bagan Elmu Agama. Nya Rd. Muslimin sareng Rd.
Muslimat teh pamitan ka Ibu Ramana, seja ngalih tempat ka “ Lembur Singkur ”, supados
langkung khusyu enggoning ngalenyeupan Elmu Agama. Ku Ibu sareng Ramana diwidian,
bari dijajap ku du’a restu.
Saparantos raka sareng rai araya di lembur singkur, beberes bebenah suapaya tumaninah
tur ngarasa betah. Dina hiji waktos, nalika Raden Muslimin nuju anteng ngalenyeupan
Elmu anu aya dina kitab, norojol raina Raden Muslimat, gek calik payuneun bari sila
meneko, bari pok nyanggem :
1. Rd. Muslimat : Manawi salira engkang nuju rineh, mugi ridho galih, kersa
ngajelaskeun perkawis elmu agama anu ku rai teu acan kapaham pisan.
2. Rd. Muslimin : Insya Allah rai, anu sakinten engkang terang mah, atuh anu
ku engkang can kapaham, urang sasarengan pilari. Cing perkawis naon anu masih
keneh teu acan ngartos teh ?.
3. Rd. Muslimat : Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis “ kecap
Agama “, naha tina bahasa naon?, naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu kaduana “
gunana Agama “, pikeun manusa?.
4. Rd. Muslimin : Rai !, ari kecap Agama mah lain tina bahasa Arab, tapi tina
bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah : A, hartina “ henteu “. Gama,
hartina “ Kacau “. Jadi lamun dihijikeun mah A-Gama teh hartina “ henteu kacau “.
Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa “ ageman, padoman, tuntunan “
sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana tepi kanu dituju.
5. Rd. Muslimat : Euh…….tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab,
dumeh Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon agama
teh ?.
6. Rd. Muslimin : Ari bahasa Arabna mah Agama teh “ Din “. Geuning dina
dalilna oge kieu “ INNA DINNA INDALLAHIL ISLAM “, Sundana : “Mungguh Alloh,
Agama Islam teh anu pangluhung-luhungna”. Teras sanggeum hadist Rasululloh
kieu : “ AWALUDINI MA’RIFATULLOH “, Sundana : “ Awal-awalna Agama teh kudu
Ma’rifat heula ka Alloh”.
7. Rd. Muslimat : Nuhun kang, ngartos ayeuna mah, boh kecapna boh
gunana. Cohagna mah upama manusa sajeroning di umbarakeun di dunya supaya
ulah kacau, nya kudu ngaranggeum agama. Tapi…. Rai sok mendakan, kanyataan
di masyarakat, aya sawatara tukang ngolah tur mamatahan agama, teu pika teu
patanya jeung tukang ngolah agama deui, alatan ragot sawala ngeunaan “ kaidah-
kaidah agama “. Tah upami nu kitu kumaha ?.
8. Rd. Muslimin : Nya upami dugi ka pasea tur teu patanya mah, nya kacau
tea, papalimpang jeung kecap Agama. Anggap bae teu ber-Agama, tapi da dituduh
kitu mah moal teuing kersaeun.
9. Rd. Muslimat : Ke……ari di turunkeunana agama ti kawit iraha ?, naha ti
mimiti Nabi mana ? ……. Cing manawi aya katerangan .. ?.
10. Rd. Muslimin : Ti jaman Nabi ka hiji, Nabi Adam oge parantos nurunkeun
agama mah, da tadi oge kapan agama mah pikeun sakumna umat manusa. Ngan di
luyukeun sareng kaayaan waktu harita. Contona geuning aya katerangan, nalika
jaman Nabi-nabi, sateacan Nabi Muhammad termasuk ngeunaan sahadat-na para
Rasul, di antawisna :
RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM HALIFATULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna
ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud
maneh eta kanyataan ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge :
“WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH”
Artina : Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun wadah
jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu solat 2 (dua) roka’at, waktu subuh pikeun
tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga wujud.
RASUL NU KA DUA NABI ENUH A.S
“ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH”
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna
ulah hayang Ma’rifat ka Kami, kanyahokeun bae heula denge maneh pribadi, sabab denge
maneh eta Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : “SAMI WAL SAMIAN”. (Artina : Ceupil jeung Pangdanguna ).
Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat) roka’at, sing tarima boga dua ceupil
jeung dua suku.
11. Rd. Muslimat : Ke kang….aya bedana antara kitab Tauret, Jabur, Injil,
sareng Qur’an atawa sami ?.
12. Rd. Muslimin : Tadi oge parantos diterangkeun, yen diturunkeunana wahyu
teh gumantung kana kaayaan, kana kaperluan. Atuh tangtu loba bedana mah. anu
nonjol bedana mah kieu. Ari kitab anu tilu mah ( Tauret, Jabur, Injil ), ngan
nyarioskeun sajarah masing-masing Nabi-na, henteu nerangkeun dugi ka akhirna
jaman, atawa akhirna dunya. Sedengkeun Al-Qur’an mah, eusina teh nerangkeun ti
awalna dugi ka akhirna, anu mawi disebat WAL AWALU – WAL AKHIRU, ti
kawit Nu Maha Suci (Dzat) jumeneng “ Sifat “ nyaeta Nur, atawa Hakekat
Muhammad (Johar Awal), teras janten Nur Muhammad, terasngajantenkeun Alam
Semesta, teras ngajantenkeun Adam sareng Hawa, dugi ka
janteun MuhammadNabi Panutup, terus ka umat-umatna, tug dugi ka engke
Kiamat.
13. Rd. Muslimat : Ke….kang !, Al-Qur’an teh cenah sok disebut Dalil atawa
Pangandika Alloh, naha sareng Kanjeng Nabi Muhammad teh kantos pajonghok
kieu, teras masihan wahyu ?, atawa kumaha ?.
14. Rd. Muslimin : Rai, eta alus patarosan teh hartina rai teh maju emutan.
Kapan sanggem Rasululloh oge : “TAFAKKURU SA’ATIN KHAIRUN MIN IBAADATI
SAB’IYNA SANATAN “. (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung
leuwih alus batan ibadah 70 taun). Ngan eta patarosan teh nenggeul teuing sok
sanaos diterangkeun oge, moal ujug-ujug jelas katarimana, eta mah kudu malapah
gedang heula. Ke urang papay saeutik-saeutik. Keur saheulaanan mah, kumaha
lalakon Muhammad nalika di “ Guha Hiro “ kasumpingan Malaikat Jibril
masihkeun wahyu anu kahiji.
15. Rd. Muslimat : Punten kang….nafsu teuing abdi, da hoyong enggal-enggal
jelas atuh. Leres tah lalakon di Guha Hiro teh, kumaha cara ibadahna di dinya teh
?, naha cara solat anu ayeuna ?. teras cenah ku Malaikat Jibril teh dikaluar-
kaluarkeun heula getihna anu kalotorna, leres kitu eta teh ?.
16. Rd. Muslimin : Rai…..ari tata cara ibadah di Guha Hiro waktos harita mah,
tangtu oge lain kawas rokaat-rokaat atawa pertingkah solat jiga ayeuna, kapan
ibadah solat mah diwajibkeunana oge saparantos Kanjeng Nabi Muhammad SAW di
Isro jeung di Mi’rajkeun ka Sidratul Muntaha/langit katujuh tea. Ari sate acan eta
mah panginten sapertos SIDAKEP SINUKU TUNGGAL, keyeng manteng sumerah
diri ka Nu Maha Suci, kop badak, kop maung ceuk babasaanana, ridho
masrahkeun ka nu Maha Suci. Tah upami jalmi anu terus-terusan kitu, atuh pasti
moal kaancikan nafsu anu teu pararuguh, nafsu anu kalotor anu ngancik ngagoda
diri teh kalaluar laleungit, kitu eta jelasna matak ceuk dongeng dikaluarkeun
getihna anu kalotor. Ari anu jadi nafsu teh kapan tina getih.
17. Rd. Muslimat : Kahartos kang, rada ngagebray ayeuna mah. lamun kitu
mah, panginten ku bersihna “Qolbu” Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu tiasa
nangkep kana sagala rupi Wahyu-Wahyu Illahi teh leres kitu kang ?.
18. Rd. Muslimin : Tah geuning parantos rada calakan meueusan. Arek bisa
nangkep kana rahasiah-rahasiah Alloh kumaha, upama kaayaan poek mah. anu
mawi rai…., anu hese teh usaha sangkan QOLBU atawaHATE bersih tina kokotor-
kokotorna, boh kokotor anu lemes (hadas leutik) boh anu katara (hadas gede). Jadi
wayahna kudu perang salilana, da musuhna ngagulung di diri urang, sawaktu-
waktu datang ti luar diri urang, nyaeta ti papada urang.
19. Rd. Muslimat : Ke….kang !, masih keneh dina soal Kitab Al-Qur’an. Naha
tina wahyu-wahyu anu katampi ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh disusun ku
mantenna atawa kusaha ?.
20. Rd. Muslimin : Rai…!, boh wahyu anu perantaraan Malaikat Jibril, boh
Isyarat atawa tanda-tanda ti Nu Maha Suci, nu katangkep ku “ Caangna manah
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, diterjemahkeun kana bahasa Arab, didugikeun ka
para Sahabat. Ku para sahabat di catetkeun dina naon bae anu kaleresan harita
aya, begitu nampi, terus dicatet. Da disusunna mah saparantos Kanjeng Nabi
pupus nyaeta kuSayidina Usman, saparantos ngalangkungan musyawarah
mufakat.
21. Rd. Muslimat : Tah…ayeuna mah, anu bade ditaroskeun teh faedahna
atawa gunana Al-Qur’an keur manusa, mugi engkang kersa ngajelaskeun.
22. Rd. Muslimin : Kieu….rai !, manusa di umbarakeun ka Alam Dunya teh
lain lur kitu wae, tapi puguhTujuan jeung Tugasna. Ari Tujuan-na aya dua tahap :
1. TAHAP KAHIJI
Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan di Alam Dunya
(Pidunya Hasanah).
2. TAHAP KADUA
Tujuan jangka panjang, nyaeta Perjalanan mulang deui kana asal urang nyatana Alam
Akherat. Sagala tekad, ucap, lampah keur di Alam Dunya teh kudu jadi pangdorong kana
kalancaran “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN “. Sedengken Tugas-na nyaeta kudu bisa
nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina kudu bisa ngagolangkeun modal ti Nu Maha Suci
nyaeta BADAN JASMANI jeung BADAN ROHANI.
Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA, KARSA). Sedengken
tina Jasmaningagelarkeun eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya ngajanggelek hasilna disebut
“ Karya” atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu, jelema mah gumantung kana
museurkeun “ Cipta, rasa, jeung karsana “, kana ciptaan atawa dadamelan Allah SWT, anu
“ Dua pasangan “ nyaeta “ Alam Semesta sareng Agamapikeun imbangannana.
23. Rd. Muslimat : Cing sing jentre kang…!, tadi sanggeum engkang gumantung
kana museurkeun ciptaanana anu dua papasangan tea. Ayeuna kumaha upama
salah sahiji jalma anu museurkeun kana ciptaan Allah nyaeta kana Alam
Semesta ?.
24. Rd. Muslimin : Upami museurkeun kana Alam semesta atawa benda, bakal
ngahasilkeun mangrupi “ Elmu teknologi “, saperti dilaksanakeun ku bangsa
deungeun (urang eropa), geuning ku urang ayeuna kasaksi jeung karasa, jadi
lampu listrik, jadi kendaraan di darat, dilaut, diudara, jadi telepon, jadi Radio, jadi
televise, jadi senjata (ti nu leutik tepikeun ka Bom jeung Atum). Tah teknologi ieu
upama teu di imbangan ku ajaran Agama, bakal atawa jadi ancur.
Contona : Ku hasil karyana mangrupa bom jeung rudal, kapan dicadangkeun keur maehan
jalma. Jadi nya gede mangfaatna, oge gede bahayana pikeun kahirupan umat manusa.
Jedi perlu diimbangan.
25. Rd. Muslimat : Tah ayeuna kumaha jalma anu muserkeun teuing ka
Ciptaan Allah SWT, anu mangrupa Agama ?
26. Rd. Muslimin : Upama jalma muserkeun teuing kana “Agama”, eta akibatna
awon bakal “ Leuleus”, dina arti bakal katinggaleun dina widang elmu teknologi,
pikeun nyumponan kaperluan kahirupan, cohagna mah leleus dina ngudag
kamajuan jaman. Pek ku rai titenan kamajuan urang atawa bangsa-bangsa Eropa,
Amerika, jeung bangsa-bangsa timur tengah, oge urang Asia kaasup Indonesia ?,
kapan bangsa Eropa jeung Amerika mah disebutna oge nagara maju.
27. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !, kahartos, sihoreng kudu saimbang
paingan saur sepuh, kudu “ Sineger tengah”. Jadi upami kitu mah urang teh kudu
pinuh ku elmu, pasagi ku pangarti, boh elmu lahir, boh elmu batin. Elmu lahir anu
muserkeun kana “ Ngali, naliti Alam Semesta”, pikeun nyumponan kaperluan
kahirupan di dunya salila diumbarakeun. Elmu batin mah atawa ajaran Agama
mah pikeun pangenyed, ngelesan supaya ulah mangprung teuing, bisi hasil elmu
lahirna lain jadi mangfaat keur papada manusa, tapi sabalikna jadi mamala pikeun
umat manusa.
Parantos kang !, kahartos kana tugas manusa sajero di pangumbaraan mah, cohagna mah
kudu boga elmu, kudu pinter bari bener (Pi dunya khasanah). Tah ayeuna teraskeun kana
“ Tujuan jangka panjang”, (Wa pil akhiroti khasanah), suapaya salamet perjalanan mulang
deui ka akherat atawa “ WA INNA ILLAIHI ROJI’UN ”, mulang deui ka Allah SWT.
28. Rd. Muslimin : Rai !, lancar jeng henteuna, salamet jeung henteuna
enggoning mulang deui ka akherat atawa kana Asal tea, gumantung nalika aya di
dunyana, gumantung “ Elmuna” tea, boh elmu keur kaperluan di dunyana, naha
elmu anu dipibandana teh jadi “ Karya” henteu ?, lamun geus jadi karya, naha anu
matak mangfaat atawa anu matak jadi mamala keur manusa atawa oge karya anu
mubah ?. Lamun karyana matak mangfaat, naha parantos di amalkeun ka papada
manusa?.
Catet Rai !, Elmu jeung Karya anu di amalkeun nu nunjel kana kalancaran, kasalametan
urang engke ka akherat. Ari jelema anu teu boga elmu jeung karya mah, hartina anu teu
ngalaksanakeun tujuan jeung tugas, atuh moal boga bekel boh keur dijalan boh keur
engke geus datang ka akherat.
29. Rd. Muslimat : Ke…kang !, et amah nembe elmu kanggo kaperluan di
dunya, nyaeta elmu pengetahuan sareng kaparigelan oge teknologi, ari ngeunaan
elmu Agama kumaha nunjelna kana pamulihan ka akherat engke?.
30. Rd. Muslimin : Euh…! Leres ampir wae hilap. Elmu ka-Agamaan mah rai,
atuh anu nangtukeun pisan pikeun kalancaran mulang ka Asal.
Penting pisan “ Elmu Agama” ieu disused sing tepi ka tutug, sabab lamun henteu tutug,
engke bakal utag atog. Ari anu utag atog teh biasana oge anu poekeun. Kusabab kitu,
ngajina sing tepi ka “ CAANG “, ngarah teu utag atog. Syaratna kedah tumutkeun
sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Nyaeta “ AWALUDINI
MA’RIFATULLOH ”. Ceuk sundana : Ari awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh.
Ngandung harti, urang teh kudu maluruh heula “ INNA LILLAHI “ nyaeta “ Asal ti Allah”.
Eta rai, rumasa asal ti Alloh ?.
31. Rd. Muslimat : Ari engkang !, atuh kantenan rumasa mah…..
32. Rd. Muslimin : Emut rai waktos lungsur ti Alloh ?
33. Rd. Muslimat : Nya henteu atuh.
34. Rd. Muslimin : Ceuk saha atuh asal ti Alloh teh ?.
35. Rd. Muslimat : Kapan sanggeum jeung Rama, oge jeung Ibu, malah ti
rerencangan, sanggeum Mama Ajengan, sanggeum Ustas, sanggeum Pa Haji, sareng
seueur-seueur deui anu masihan wartos, sami sanggeumna teh asal manusa teh ti
Alloh. Ari kitu kumaha ?
36. Rd. Muslimin : Kieu …..rai,…..rai anu percaya teh sing tepi ka yakin, komo
deui percanten ka Alloh anu wajib di sembah ku urang. Kapan ceuk dalil oge :
ﺍﻠﻴـﻘـﻴﻦ ﻴﺎﺗـﻴﻚ ﺤـﺗﻰ ﺮﺒـﻚ ﻮﺍﻋـﺒـﺪ
WA’BUD ROBBAKA HATTA YA’TIYAKAL YAKIN,
Anu hartosna : Nyembah ka Alloh teh kudu sidik sarta yakin. Tah upama urang percayana
asal ti Alloh karana eceuk, beja ti papada urang atawa ti papada manusa, eta percayana
atawa iman-na teh disebut Iman Taklid, atawa Ilmu Yakin
37. Rd. Muslimat : Janten Iman Taklid mah, upami beja ti papada manusa.
Kumaha upami sanggeum katerangan dalil ?, kapan dalil teh Pangandika Alloh ?.
38. Rd. Muslimin : Tah upami aya katerangan tina Dalil atawa Hadist, eta
kapercayaan atawa iman-na teh disebut Iman Idlal atawa Aenal Yakin. Rada
undak tina Iman Taklid.
39. Rd. Muslimat : Janten kedah percaya atawa Iman kumaha atuh anu
saleresna ?, cing pasihan terang !.
40. Rd. Muslimin : Kedahna teh dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul Yakin, lain
cenah ceuk papada manusa, lain ceuk dalil atawa hadist, tapi tina eta dua beja teh
parantos di buktikeun, tur dirasakeun ku diri pribadi. Jadi ceuk kuring pribadi.
Urang ibaratkeun kana Film di bioskop, sanajan nampi wartos ti rerencangan yen
aya Film rame, terus dikuatkeun deui ku “ Pamplet” boh anu ditapelkeun boh anu
di awur-awur, lamun semet terang beja kitu, moal matak jadi yakin. Tapi upami rai
nyalira teras angkat, meser karcis, teras lebet nongton, kasaksian enya pisan beja
teh bener. Tah ibarat kitu urang percaya atawa iman, yakin ka Alloh teh.
41. Rd. Muslimat : Rada aya cepengan eta katerangan ti engkang teh , mung
carana hoyong dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul yakin teh kudu kumaha ?
42. Rd. Muslimin : Atuh nya kedah terang elmuna sareng terang jalanna atawa
tarekahna. Lamun elmu rai, atawa katerang rai ngan semet beja atawa ceuk, cenah
mah, nya ngan semet “ Basa”. Tina “ Maca” jadi “Basa”, henteu nepi “Karasa”.
Upami hoyong dugi kana “Karasa”, nya kedah susul sakumaha anu parantos
dipayunkeun tadi tuntunan ti Rasululloh nyaeta hadist : AWALUDINI
MA’RIFATULLOH. Janten rai teh wayahna kedah neleman “ Elmu Ka-Ma’rifatan”.
Naming sateuacanna kadinya teh kedah terang heula kana RUKUN AGAMA.
43. Rd. Muslimat : Ke…kang !, rai mah nembe nguping aya Rukun Agama,
manawi teh ngan Rukun Iman sareng Rukun Islam wungkul ?. cing mangga ku
engkang dadarkeun ?
44. Rd. Muslimin : Anu matak oge rai…..!, kedah ngotektak, kedah rapekan, da
elmu mah moal aya tungtungna. Omat ulah dipenggeul ku parantos ngaraos tutug,
atawa nutup “ Elmu et amah lain bantrak-bantrakeun urang” pokna teh , padahal
eta teh elmu jungjungan urang Kanjeng Nabi. Tah anu kitu nutup diri, hartina
ngawatesanan ngarasa sugema semet dinya. Ayeuna engkang bade naros ka rai, ari
rai perkawis cepengan Agama, kasaha ngadunungan teh ?
45. Rd. Muslimat : Nya ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, panginteun engkang
oge sami, pokona anu ngangken Agama Islam mah pasti ka Anjeunna.
46. Rd. Muslimin : Sedengkeun ayeuna anu didunungan, anu dituturkeun ku
urang parantos pupus, parantos teu aya di ieu Alam dunya, tah….ayeuna urang rek
nurut teh kana naonnana ?
47. Rd. Muslimat : Nya tangtosna oge kana “ Elmuna”, boh anu aya rengkolna
dina tulisan, atawa anu diwasiatkeun, pikeun diesotkeun, diturut ku sing saha anu
ngangken ka Anjeunna.
48. Rd. Muslimin : Tah upami kitu, mugi kauninga ku rai, yen “Elmu”
(katerang) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh sagemblengna
disebatna nya “ RUKUN AGAMA “ tea. Ari Rukun teh sauyunan atawa runtut, ari
Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti payun nyaeta “Henteu
kacau”.
49. Rd. Muslimat : Ke…kang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh
kedah kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?
50. Rd. Muslimin : Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat) tahap. Hiji-
hijina nyaeta :
1. ELMU SYAREAT
2. ELMU TAREKAT
3. ELMU HAKEKAT
4. ELMU MA’RIFAT
Tah ieu Elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Dina bag-bagan Agama Islam teh, antara
ka hiji sareng ka dua, sareng nu ka tilu, oge sareng nu ka opat teh istuning pakuat-pakait
(satu kesatuan).
51. Rd. Muslimat : Kang !, teu tiasa kitu bae kedah aya dasar hukumna, cobi
rai pasihan terang !.
52. Rd. Muslimin : Ih…. Kantenan atuh ay amah, kieu geura :
1. Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna : “ Ari
neuleuman Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan,
kudu Iman heula, terus kedah Tauhid, kedah Ma’rifat, salajengna
nembeIslam. Tah geuning parantos kasebat Ma’rifat.
2. Engkang kantos nguping kieu : “ SYAREATUN BILLA HAQIQATUN
ATILLATUN”. Anu hartosna : “ngaji sareat lamun teu jeung hakekat, cenah
kosong”. Atuh sawangsulna “ HAQIQATUN BILLA SYAREATUN BATILLUN”.
Hartosna : “ngaji hakekat lamun teu jeung sareat, cenah batal”.
3. Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu :
Ari SYAREAT teh : Caritaan Kami.
Ari TAREKAT teh : Pagawean Kami.
Ari HAKEKAT teh : Kalakuan Kami.
Ari MA’RIFAT teh : Tujuan Kami.
4. Hadist Rasululloh :
66. Rd. Muslimin : Rai….!, kapan Rukun Iman mah kagolong kana Elmu
Syareat tea, salancar tahapan kahiji kapan et amah, ari tingkatanana mah kapan
ku engkang parantos diterangkeun ti payun, yen Iman teh aya tilu tahap, nyaeta
: IMAN TAQLID (ILMU YAKIN), IMAN IDLAL (AINAL YAKIN) ,IMAN TAHKIK
(HAKUL YAKIN) alias Ma’rifat kitu tah.
67. Rd. Muslimat : Eu…euh !, kahartos kang !, kahartos, hapunten rai rada
kuled, anu mawi mugi engkang ulah kapalang sabar ngajelaskeun anu rada gampil
kahartosna. Anu bade ditaroskeun ayeuna : Naha pangna dianggap penting pisan
urang kedah Ma’rifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah diheulakeun, naon margina
eta teh kang ?
68. Rd. Muslimin : Bade teu penting kumaha rai !, kapan Alloh teh tujuan
ibadah urang, kapan “ Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka Alloh”,
sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku urang, atuh
kedah puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna, lain sabalikna,
ngahelakeun sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu acan dikenal, ke
bilih mubazir, hanas hese cape.
69. Rd. Muslimat : Kahartos kang !, nanging kumaha carana hoyong kadugi
kana “ TAHKIK” atawa “ HAKUL YAKIN” atawa “ MA’RIFAT” teh ?
70. Rd. Muslimin : Nya kedah ku “ Elmu”, ari elmu teh kapan kanyaho, ari
kanyaho kapan datangna ti dua lawang, nyaeta ti papada urang sareng tina
daluang. Ti papada urang nya sapertos rai ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi kudu
weleh tetelepek sing dugi ka ngarti. Ari tina daluang nya sing seueur bucu-baca,
bari disarengan ku sabar, lekeun, keyeng. Elmu anu parantos katarima boh
tipapada urang boh tina dalung, tingkatkeun sing jadi luang, hartina pangalaman,
ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang. Anu matak sing loba
ngalaman.
71. Rd. Muslimat : Mudah-mudahan kang !, rai tiasa ngalaksanakeun
sakumaha katerangan-katerangan sareng wejangan ti engkang. Rada emut kang !,
rai kantos nguping kieu : “ SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR
TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA
ALLOH JAUH TI DIRINA”. Cing kumaha salang surupna tah kang ?
72. Rd. Muslimin : Eta teh rai, Hadist Nabi Muhammad SAW. :
76. Rd. Muslimin : Ke…..urang papay heula nya, etang-etang pager enggoning
nangtukeun kayakinan urang. Pikeun nambihan, ieu pituduh ti jungjungan
Kanjeung Nabi Muhammad SAW, ieu dalilna :
ﺤﺴﻴـﺐ ﻋـﻠﻴـﻚ ﺍﻠﻴـﻮﻤﺎ ﺒـﻧـﻔـﺴـﻚ ﻜـﻒ ﻜﺗـﺒـﻚ ﻗـﺮ ﺍ
“Iqro Kitabaka kapa binafsika alyauma alaika hasiba” (Artina : Baca ku maneh kitab anu
langgeung, anu teu keuna ku ruksak, anu aya di diri maneh, bakal leuwih nyata Elmu-Na
Panggeran teh aya dina diri maraneh, tingali-Na, dangu-Na, Pangandika-Na aya di diri
maneh. (Q.S Al-Isra :14)
Teras deui :
ﻧـﻔـﺴـﻪ ﺠـﻬـﻳﻼ ﻓـﻘـﺪ ﺮﺒـﻪ ﺍﻋـﺮﻑ ﻮﻤﻦ ﺮﺒـﻪ ﺍﻋـﺮﻑ ﻓـﻘـﺪ ﻧـﻔـﺴـﻪ ﻮﻤﻦﺍﻋـﺮﻑ
WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU
FAQOD JAHILAN NAFSAHU (Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan
tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana
tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
Supados muser rai !, ieu aya dalil :
“LAKOD HOLAQNAL INSAANA FIY’AKHSANI TAKWIN” (Anu hartosna : “Manusa teh
pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhluk. Alloh, geura
lamun maneh geus nyaho kana kaayaan diri sajeroning diri maneh sorangan”.
Salajeungna dina dalil disebatkeun :
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti
batan urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh.
WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : Gusti Alloh teh babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, dimana bae
maranehna aya didinya anjeun-Na aya ( Q.S. Al-Hadid : 4 )
Rupina cekap sakitu rai !, mangrupi pager pituduh ma’rifat ka Alloh.
77. Rd. Muslimat : Saparantos ngetan anu dikapayunkeun ku engkang nembe,
boh Hadist boh dalil Qur’an, sadayana museur nuduhkeun yen teu kinten
pentingna “ NGAJI DIRI “, ngukur, ngaca ka awak sorangan. Upami hoyong terang
ka Alloh SWT. Sawangsulna anu hoyong terang ka Alloh SWT, tapi milarian kaluar
tina dirina, nu kitu bakal kasasar.
Anu jadi patarosan rai teh, anu kedah dipilari, diaji teh Diri anu mana ?, kapan diri anu
ieu mah parantos puguh ngajentul, naha make kedah dipilari, dikanyahokeun deui ?, cing
kumaha maksadna kang ?
78. Rd. Muslimin : Rai…..!, sing emut, kapan diri urang teh aya dua bagian,
bagian anu luar, anu katingali ku panon ieu disebatna “ JASMANI”, ibarat “Baju”
atawa bungkusna. Sedengkeun bagian jero, anu teu katingali (ghoib/samara-samar)
disebutna “ ROHANI” atawa Batin, nya mangrupa eusina anu dibungkusan ku
Jasmani. Tah diri anu ghoib, anu samara-samar atawa batin atawa Rohani, ieu anu
kedah dipilari teh.
79. Rd. Muslimat : Ke…kang !, kapan et amah parantos puguh teu katingali ku
soca, atuh kumaha tiasa kapendak ?
80. Rd. Muslimin : Eta rai percaya kanu Ghoib henteu ?, upami rai teu percaya
atuh hartina rai teu percaya kana Lafadz Al-Qur’an : “ ALADZINA YU’MINUNA BIL
GHOIB”, Hartosna : Nyaeta anu percaya (ngabenerken) kana hal-hal ghoib.
81. Rd. Muslimat : Ih…. Ari engkang, atuh kantennan percaya mah.
82. Rd. Muslimim : Nuhun atuh……, nanging percayana ulah semet basa, tapi
kedah dugi karasa. Kieu geura rai !, ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4
(opat) perkara, nyaeta :
NARUN
HAWAUN
MA’UN
THURABUN
83. Rd. Muslimat : Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku rai.
84. Rd. Muslimat : Kieu atuh :
Ari NARUN teh Cahaya Berem
Ari HAWAUN teh Cahaya Koneng
Rai..!, Hadits Nabi : AWALUDINI MA’RIFATULLOH teh estuning ngajurung supados pas
sareng eusina kalimah Syahadat, oge Rukun Iman anu kahiji, nyaeta “Amantubillah”.
Kukituna wayahna ayeuna mah kedah dilenyeupan tur ditingkatkeun eta elmu anu
parantos katampi the, sangkan dugi kana sasaranana. Kedah keying tur leukeun rai !,
nyusud Elmu teh margi dawuhan Kanjeng Nabi oge : “ MAN THOLABAL SYAI’AN
BIJIDDIHI WA JADAHU”, Hartosna : Saha-saha jalma anu nungtut salah sahiji hal bari
keyeng, tangtu maranehna pasti bakal hasil.
107. Rd. Muslimat : Atuh ari kitu mah, rai teh kedah ngawangsulan deui tina
Syahadat, kumaha carana supados kapendak sareng “ SAJATINING SYAHADAT “.
108. Rd. Muslimin : Penting pisan rai !, sing kapendak, margi pangemut engkang
mah Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun Islam jadi
nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana ibadah-ibadah
Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg :
Kana ibadah nomer dua, mangrupa tihangna Agama, nyaeta Sholat, bakal kuat, tihangna
kuat da pondasina kuat.
Kana ibadah nomer tilu, nyaeta Zakat, bakal ngarasakeun ka sasama, jadi jalma berehan.
Kana ibadah nomer opat, nyaeta Puasa, bakal ngarasakeun puasana tina tekad, ucap,
lampah anu henteu pararuguh.
Kana ibadah nomer lima, nyaeta Munggah Haji, mangrupa puncak tina rentetan ibadah-
ibadah tea, upami : dirina parantos TAHKIK (mantep) kayakinan ka Nu Maha Suci. Dirina
parantos kosong tina sifat tur pagawean anu kotor nyaeta dosa-dosa (Taqhalli). Dirina di
eusian ku sifat tur ibadah anu pinuji (Tahalli). Dirina baris “ Awas ka Hakekat Dzat Nu
Maha Suci” (Tazalli), nya disebut “ Munggah Haji”.
109. Rd. Muslimat : Rupina eta enas-enasna atawa saripati ibadah anu
kawengku ku Rukun Islam. Rai mah eta tah..cobi hoyong enggal terang kana
SAJATINING SYAHADAT ?
110. Rd. Muslimin : Mangga rai catet..!, ari Syarat Sahna maca Syahadat teh,
kedah kacumponan 5 (lima) syarat, nyaeta :
1. Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Ta’alla
2. Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Ta’alla
3. Kudu geus Netepkeun Kana Asma-na Allah Ta’alla
4. Kudu geus Netepkeun Kana Af’al-na Allah Ta’alla
5. Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun kana Sifat
Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.
Tah.. rai !, DZAT, SIFAT, ASMA, AF’AL teh disebatna “ RUKUN MA’RIFAT” , Ma’rifat ka
Alloh, Ma’rifat ka Rasululloh.
111. Rd. Muslimat : Cobi …. Kang !, mugi di eceskeun hiji-hijina !
112. Rd. Muslimin : Ke… rai !, kumargi hal ieu mah nyusul ka puhu, supados
rada gampang ka hartos, cing urang kaitkeun sareng katerangan MARTABAT
ALAM TUJUH, mugi rai !, masing tengeut ngabandunganana :
Alam Kahiji : disebutna AHADIAT
Alam Kadua : disebutna WAHDAT
Alam Katilu : disebutna WAHIDIAT
Alam Kaopat : disebutna ARWAH/ROH
Alam Kalima : disebutna AJSAD/AJSAM
Alam Kagenep : disebutna MITSAL
Alam Katujuh : disebutna INSAN KAMIL
PENJELASAN MARTABAT ALAM TUJUH
1. ALAM AHADIAT
Martabat Alam Ahadiat mah, kaayaanana teh “ SUWUNG”, kosong, uwung-uwung awang-
awang, estuning bersih suci. Martabat (tingkat) ieu disebat oge martabat KUN HI DZAT,
nyaeta kaayaanana teh estuning ngan Dzat. Teu aya martabat (tingkat) anu sejena anu
ngalangkungan tina Dzat ieu. Istuning mangrupa sumber pikeun martabat-martabat
saterusna. Dupi Dzat ieu di terangkeun ku dalil : “ DZAT LAESA KAMISLIHI SYAE’UN
WAHUWA SAMIUL BASHIR” , Anu hartosna : Dhat anu teu aya upamana sareng naon-
naon oge, sareng Manten-Na, Maha Ngadangu sareng Maha Ningali. Dikiatkeun deui ku
dalil : “ DZAT BILLA HAEFIN “, Anu hartosna : Anu henteu warna teu rupa. “ DZAT
BILLA MAKANIN “, Anu hartosna : Anu henteu arah teu enggon. Moal aya anu mampuh
ngalewihan tingkat ieu, sok sanajan para Nabi-Nabi, sanajan para Malaikat Muqqarobin,
moal saurang oge makhluk anu bisa tepi kana tingkatanKun Hi Dzat (Kaayaan Dzat).
Sakumaha didawuhkeun ku Alloh SWT :
“ WA YUHADZ DZIKRUMULLAHU NAFSAHU “
Anu hartosna : Alloh nyarek maraneh pikeun nyaho Kun Hi Dzat.
Kitu deui dawuhan Rasululloh SAW :
“ QULLUKUM FI DZATILLAHI AHMAQ “
Anu hartosna : Maraneh tetep teu bisa ngarti soal Kun Hi Dzat Alloh SWT.
2. ALAM WAHDAT
Dina martabat Alam Wahdat mah Kun Hi Dzat atawa Dzat Mutlak teh bade
ngawujud Mungkin, tinaKalam-Na sareng Iradat-Na (Kersa-Na), nya
ngawujud Sifat mangrupa NUR DZAT disebut JOHAR AWAL(Johar = Cahaya, Awal=
mimiti). Ieu Nur atawa Johar Awal teh gumulungna antara Dzat sareng Sifat. Ieu teh
mangrupa sumber pikeun sifat-sifat anu sejenna. Saniskara Sifat tangtu kaancikan Dzat.
Gumulungna Dzat sareng Sifat teh ibarat “ KEMBANG JEUNG SENGITNA”, atawa “ MADU
JEUNG AMISNA”, teu bisa di pisahkeun. Nur Dzat atawa Johar Awal teh, disebat
oge HAKEKAT MUHAMMAD, asal sagala rupa anu jadi.
HAWIYATUL ALAM atawa Hakekat Alam, Bahrul Hayat (Sagara Hirup) Sanggeum para
Wali mahSYAHADAT SAJATI.
3. ALAM WAHIDIAT
Dina martabat ieu ku QUDRAT sareng IRADAT-NA (Kawasa sareng Keresa-Na),
sorotna NUR DZAT atawaJohar Awal atawa Hakekat Muhammad, bijil NUR PAPAT
WARNAE (CAHAYA OPAT WARNA) :
Nyaeta Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)
Nyaeta Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)
Nyaeta Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)
Nyaeta Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)
Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa teh disebatna Nur Muhammad. Saterasna tina Nur
(cahaya) opat rupa ieu, ngajantenkeun ASMA ALLOH, margi ti dieu ngajadina Huruf /
Lapad ALLOH ( ) ﺍﷲ, nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF ALIP ( ﺍ )
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF LAM ( ﻞ )
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF LAM ( )ﻞ
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF HE ( ﻪ )
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω)
Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa atawa Nur Muhammad teh, mangrupa bibit
atawa Cikal Bakal 7 lapis Langit, 7 Lapis Bumi katut sakumna eusina. Sakumaha
dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW :
ﺀﺷﻴﺎ ﺍﻵ ﺗﻟﻚ ﻤﻦ ﻮﺍﻧﺖ ﺷﻴﺎﺀ ﺍﻷ ﻤﻧﻪ ﺠﺎﺒﺮﻮﺧﻟﻖ ﻴﺎ ﻧﻮﺮﻧﺒﻴﻚ ﻤﺎﺧﻟﻖﺍﷲ ﺍﻮﻞ
AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA KHALAQA
MINHUL-ASYYA’A WA ANTA MIN TILKAL ASYA’I,,
Artina :
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh ngajadikeun tina
Nur eta, sagala sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk tina sesuatu eta.
ﻲﻤﻧ ﻤﻧﻮﻦ ﻮﺍﻟﻤﻮ ﺍﷲ ﺍﻧﺎﻤﻦ
“ANA MINALLAHI WAL MU’MINUNA MINNI,,
Artina :
Kuring nyaeta asal ti Alloh, sedeng jalma-jalma mukmin asal ti kuring.
ﻢﻮﺴﻟ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﻧﻮﺮﻤﺤﻤﺪ ﻤﻦ ﺴﺮﻩ ﺒﺎﺀ ﺍﻟﻌﺎﻟﻢ ﻮﺧﻟﻖ ﺯﺍﺗﻪ ﻤﻦ ﻮﺴﻟﻢ ﺼﻟﻰﺍﷲﻋﻟﻴﻪ ﺍﻟﻧﺑﻲ ﺮﻮﺡ ﺧﻟﻕ ﺍﻦﺍﷲ
INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI SHALALLAHU ‘ALAIHI WASALLAMA MIN
DZATTIHI WA KHALAQAL ‘ALAMA BIASRIHI MIN NURI MUHAMMADIN SAW. ,,
Artina :
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh nyiptakeun alam,
kalawan rahasiah-Na tina Nur Muhammad SAW.
Artina :
Enggeus Allah datangkeun pikeun anjeun Nur daripada Allah nyaeta Nur Muhammad SAW.
ﻢﺮﺒﻜ ﻤﻦ ﺍﻠﺤﻖ ﻜﻢ ﺠﺎﺀ ﻗﺪ ﺍﻠﻧﺎﺲ ﺍﻴﻬﺎ ﻴﺎ
“ YA AYYUHANNASU QOD JA ‘AKUMUL HAQQU MIN RABBIKUM.,,
Artina :
Hai manusa, geus datang Al-Haq ti Panggeran aranjeun nyaeta Nabi urang Muhammad SAW.
Tegesna :
Moal aya Sifat, lamun teu aya Dzat.
Moal aya Dzat, lamun teu aya Sifat.
Tina martabat Alam Wahidiat ieu lahirna KALAM QODIM (Ucapan Alloh Anu Maha Sadia),
nyaetaANNAHU ANALLAHU, hartosna : Sabenerna Kami Alloh.
Ku ayana cariosan (tuturan=khithob) ku “ Kalam Qodim” eta, hartina aya
anu diturutkeun (sasaran cariosan), nyaeta Alam Sifat sareng Alam Asma. Martabat tilu
alam ( Ahadiat, Wahdat, Wahidiat), nyaetaQodim.
Catetan :
Ayana susunan Martabat (tingkat) oge Alam teh, sakadar hiji gambaran wungkul, anu
sabenerna mahUlah dihartikeun saolah-olah tingkatan nurutkeun waktu, sareng tempat
(ruang) alam. Tempat (ruang) alam, waktu can aya, kumargi Alloh SWT teu kakurung ku
waktu sareng tempat, sapertos anu tos diterangkeun di luhur.
Nu matak nyata tur jelas dina Alam Wahdat (Sifat) sareng Alam Wahidiat (Asma), “ Roh
Muhammad “, ngaliputan, mangrupa awal atawa Cikal bakal saniskara anu dumadi.
Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman :
ﻜـﻧﺖ ﻜـﻧﺰا ﻤﺧـﻔـﻴﺎ ﻓﺎﺀ ﺤـﺒـﺒـﺖ اﻦ اﻋـﺮﻒ ﻓـﺧـﻠﻘﺖ اﻠﺧﻠﻕ ﻠﻴـﻌﺮﻓـﻧﻲ
KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, FA AHBABTUAN ’URAFA FA KHALAQTUL LIYA’RIFANI
Hartosna :
“Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Ghoib. Tuluy Kami boga kahayang
supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk (Muhammad). Taya
lian supaya maranehna bisa Ma’rifat (nyaho) ka Kami”.
4. ALAM ARWAH/ROH
Nyaeta martabat Af’al nu Maha Suci, nyaeta Af’al Alloh ku Qodrat-Na (Kawasa-Na) sareng
Irodat-Na (Kersa-Na), ngersakeun Alam Semesta.
Supados gampil kahartos, urang ibaratkeun kieu ceuk elmu akal mah, cara ngadamelna
teh : Upami di bioskop mah Alam Wahdat (Nur Dzat/Johar Awal) teh ibarat “ KACA” dina
proyektor :
Cahaya Bereum (NARUN) teh ibarat “ Kaca Berem “
Cahaya Koneng (HAWAUN) teh ibarat “ Kaca Koneng “
Cahaya Bodas (MA’UN) teh ibarat “ Kaca Bodas “
Cahaya Hideung (THURABUN) teh ibarat “ Kaca Hideung “
Barang eta kaca disorot ku JOHAR AWAL, kajadian bijil kalangkang, nyaeta :
Tina Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)
Tina Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)
Tina Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)
Tina Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)
Tina Johar Awal (Ngajadi Mataharina alam dunya)
Kitu tah upama ngagunakeun elmu akal mah, proses ngagelarkeun Alam Semesta (Dunya)
teh. Nagging ari saleresna mah teu kitu, ku Kawasa-Na, ku Kalamulloh-Na, KUN
FAYAKUN, nya jleg bae, Alam Semesta (Dunya) kumplit sareng eusina, boh anu lemesna
boh anu kasarna. Jadi tegesna Alam Semesta (dunya) teh kajadiannana tina Nur
Muhammad mangrupi Af’al-Na nu Maha Suci (Alloh SWT).
5. ALAM AJSAD/AJSAM
Nyaeta Martabat Manusa.
Parantos gelar Alam Semesta (Dunya), nu Maha Suci seja ngersakeun deui midamel
Manusa (Adam Majaji). Nimbalan ka Malaikat kedah nyandak sari pati (acina) Seneu,
Angin, Cai, Taneuh. Eta sari pati anu opat rupa teh dipidamel, nya kajadian kieu :
ACINA ANGIN kajadian KULIT Jeung BULU ADAM
ACINA SENEU kajadian GEUTIH Jeung DAGING ADAM
ACINA CAI kajadian URAT Jeung BALUNG ADAM
ACINA TANEUH kajadian OTOT Jeung SUMSUM ADAM
Ku Kawasa-Na (Qudrat-Na) sareng Keresa-Na (Iradat-Na) Alloh SWT, nya ngagelar jadi Dalil
Muhammad, nyaeta MIM – HE – MIM – DAL, nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF MIM AWAL () ﻣ
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF HE () ﺣ
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF MIM AKHIR () ﻣ
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF DAL () ﺩ
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( ω)
Tapi teu acan usik malik. Saparantos diliangan eta wujud teh, anu lobana 9 (salapan)
liang, nyaeta :
Dina palebah SIRAH :
PANON = 2 LIANG
CEUPIL = 2 LIANG
PANGAMBUNG = 2 LIANG
BAHAM = 1 LIANG
JUMLAH = 7 LIANG
Tina palebah UDEL (handapenana) = 2 Liang
Jumlah sadayana jadi 9 Liang.
Saparantos kumplit, teras disorot ku NUR MUHAMMAD kajadian bisa usik eta wujud teh.
Jelasna kieu :
Wujud /Adegan/Jasad luar, bungkusna anu asalna tina Saripati : SENEU, ANGIN, CAI,
TANEUH, disebatna Adam.
Wujud jero /Batin/Rohani, eusina anu diwangun
ku Nur, Rasa (sir), Roh, Qolbu (Budhi), Nafsu (Akal), anu asalna tina Nur
Muhammad (Cahaya nu opat rupa), anu ngahirupkeun, ngusikeun, melikeun eta
adegan ADAM.
Sedengkeun Sagara Hirupna atawa Bibit Nyawana mah, tina JOHAR AWAL atawa Nur
Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH tea.
Tah..boh Alam Semesta (Jagat Gede/Alam Qubro/Alam Kabir), boh Diri Manusa (Jagat
leutik/Alam Sagir, anu diwangun ku Badan Rohani disebut Muhammad Rasululloh,
sareng Badan Jasmani disebut Adam), malah sareng saniskara anu aya di ieu Alam
semesta, ieu ka asup kana martabat Alam Arwah mangrupaAf’al-Na atawa Karya-Na Alloh
SWT.
Kitu tah….. rai !, babaran Dzat, Sifat, Asma, sareng Af’al teh. Sateuacana neraskeun kana
martabat anu sanesna, kumaha dugi ka dinya parantos paham ?
113. Rd. Muslimat : Ke….kang !, rada lebeng keneh…., janten eta anu di
jelaskeun ku engkang nembe teh, mangrupi sarat pikeun SAHNA MACA SYAHADAT
?
114. Rd. Muslimin : Leres eta saratna teh !, ari kitu kumaha ?
115. Rd. Muslimat : Geuning bangga nya kang !, ari sugan tea mah cukup maca
we Syahadat teh.
116. Rd. Muslimin : Iiih…ari rai !, ari semet maca mah, eta kapan Syareat, ari
anu dijelaskeun bieu mah eta parantos kana Elmu Hakekat, hartosna anu leresna
atawa anu Hakikina. Ieu tengeutkeun deui bilih kurang jelas ! :
Martabat Alam Ahadiat teh nuduhkeun Dzat-Na Alloh, anu “ LAESA KAMISLIHI SAE’UN”,
nyaeta Dzat anu teu tiasa di umpamakeun sareng rupa, sareng warna, sareng tempat,
sareng waktu, sareng sora jeung sajabana. Anging ieu Dzat teh ngaliputan atawa Murba
Wisesa kana saniskara anu aya, boh kanu Ghoib, boh kanu nyata.
Martabat Alam Wahidiat mah, Dzat teh jumeneng Sifat nyaeta Nur, ari sifatna (rupana)
teh CAANG GUMILANG. Dzat teh gumulung dina Sifat, lir upama seneu sareng
hurungna. Dzat ibarat seneu/panas,Sifat ibarat hurungna, teu tiasa dipisahkeun, Dzat
ngaliputan Sifat. Di dieu nyata aya Bibit Hirup – Hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Alloh nya RASULULLOH.
Martabat Alam Wahidiat, mah nuduhkeun ayana Asma (jenengan) nu asal tina
sorotna tina Johar Awalatawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat
Muhammad atawa NURULLOH , jadi cahaya opat rupa, disebut Nur Muhammad nya
ngajadi Huruf / Lapad ALLOH ( ﺍﷲ ) = Alif – Lam – Lam – He, ari Tasjidna jadiJohar Awal.
Sing lenyeup Rai !, ieu Nur Muhammad atawa Cahaya Opat Rupa : Berem, Koneng, Bodas,
Hideung teh mangrupa sumber atawa bibit saniskara anu ngajadi. Ari sumber atawa
bibit Hirup sareng Hurip (Rasa) mah nyaeta JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat
Sajati.
Ningkat deui ka Alam Arwah, ieu mah parantos Alam Nyata/Bukti/Aen Nya buktina Alam
Semesta, manusa, sasatoan, tutuwuhan, kaasup oge Makhluk lemes (Jin) jeung Setan. Ieu
ngabuktikeun Af’al-Na Alloh SWT (Padamelan Alloh SWT), ku Sifat Kawasa-Na (Qudrat-
Na), sareng Sifat Keresa-Na (Irodat-Na), istuning ngaliputan, ngancik, akrob, gumulung
sareng saniskara anu ngajadi atawa anu dijadikeun ku Alloh SWT.
Jadi Rai..!, sadayana anu dumadi di Alam Arwah ieu, boh anu ghoib, boh anu nyata,
istuning ka Dzat-an, kaSifat-an, ka Asma-an, ka Af’al-an Alloh SWT.
Tuh…kapan ngawujud Lapad ALLOH ( ) ﺍﷲ. Janten sakali deui, sagala rupi anu aya boh
anu batin (ghoib=samara-samar), boh anu lahir (bukti) parantos ka Dzat-an, ka Sifat-
an, ka Asma-an, kaAf’al-an Alloh SWT. Kumaha rai…!, parantos rada ngageubray ?,
paham ?......
119. Rd. Muslimat : Nya…kanggo Asma Alloh mah parantos aya gambaran,
janten ku Qudrat – Irodat-Na, ngaliputan kana saniskara alam katut eusina, nya
kalebeut diri manusa. Parantos kahartos kang !, kana sarat Sahna Maca Syahadat
anu opat mah, nyaeta Dzat, Sifat, Asma, Af’al, ayeuna kantun hiji deui,
kedahSidik ka Rasululloh, mugi dijelaskeun !.
120. Rd. Muslimin : Nuhun… atuh rai !, ari parantos paham mah, ngarti kana
Dzat, Sifat, Asma, Af’al Alloh, nanging henteu cekap ku ngarti sareng paham
wungkul, da kedah ku teras tiasa ngabuktikeunnana kanggo nyumponan sumpah
urang dina kecap Ashadu, hartosna Nyaksi teu aya deui Panggeran kajabi Alloh,
kapan kitu lain ?....., ari nyaksi teh kapan ningali, nya atuh kedah dugi ka awasna,
ulah mung semet basa.
121. Rd. Muslimat : Upami hoyong dugi ka kitu, kumaha carana kang ?
122. Rd. Muslimin : Nya kedah kagungan padamelan, milari cara, milari jalanna,
pilari tarekahna atawaTorekat-na.
123. Rd. Muslimat : Ari Torekat-na, Tarekat naon kang ?
124. Rd. Muslimin : Nya Torekat para Wali atuh, da kapan para Wali anu
ngarulik tur parantos dugi ka Elmu et amah. Geuning dicarioskeun yen
Kanjeng Syarif Hidayatulloh salaku lulugu para Wali anu aya di Cirebon, anu
kantos Ma’rifat kana Hakekat Muhammad. Urang oge upami kekeuh keyeng mah,
piraku teu kapecretan-kapecretan wae mah.
125. Rd. Muslimat : Nuhun kang !, diwartosan, et amah emutaneun sareng
pilarieun oge pidameleun rai. Cobi ayeuna mah teraskeun heula bae kana
papahaman perkawis Kedah Sidik ka Rasululloh.
126. Rd. Muslimin : Rai… upami Rasululloh anu maot tur dikubur di tanah
Madinah, eta disebatna naon ?
127. Rd. Muslimat : Kirang paos kang !, mugi diwartosan sakantenan !
128. Rd. Muslimin : Eta mah rai !, Muhammad Majajina atawa Syareatna, oge
Rasululloh Majajina, Syareatna, da
ari Muhammad sareng Rasululloh Hakekina atawa Hakekatna mah teu maot.
Cing ku rai !, eta catetan ngeunaan Alam Wahdat sareng Wahidiat buka deui sareng
lenyeupan deui. Kapan saparantosna jumeneng Nur atawa Johar Awal anu jadi
bibit hirup jeung bibit hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad