Anda di halaman 1dari 2

Assalamu’alaikum wr. wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah,


Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni
acara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar
salami tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran
lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun
sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.

Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan.
Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang
riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng
rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean
Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos
bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten
mangpaat kanggo abdi saparakanca.

Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta
kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun,
kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin

Bapa kalih Ibu guru, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan
kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka
sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih
hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.

Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa
neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu
langkung luhur

Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya
kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.

NGAMUMUK KANDAGA BUDAYA SUNDA


Assalamualaikum Wr.Wb.
Bapak kalih ibu anu bade ngaregepkeun biantara-biantara simkuring, urang titenan kahirupan
kiwari seueur pisan tontonan ti luar nagara urang, dipikaresep ku barudak ngora, anu sepuh oge
sami “ Jati kasilih ku junti” teu minosea kana seni budaya, margi di Indonesia ti sabang dugi ka
maroke seueur pisan seni budaya.
Di pulo Jawa bae aya budaya Jawa jeung Sunda.
Ku hal kitu dina biantara ayeuna bade bantun tema “ Ngala lele kasamawa meunang dua,
ngamumule kandaga Budaya Sunda”.
Naon atuh ari budaya the? Ceuk emutan simkuring Budaya the hiji kamonesan atanapi
kapanigelan, boh dina seni atanapi dina kaolahan, tangtos ibu bapak tumaros naha kadaharan
make lebet kana budaya?. Urang ngabantun conto: babantal, comro, misro, nutuan bubuy
bawang, tutuan sareng cikur, beuleum sampeu ditambih parud kalapa gegetuk ngarana moal
aya di Amerika, iwal Obama meureun apaleun, pedah kungsi di Indonesia.
Dina widang seni di latar Sunda seueur pisan, aya rengkong, reog, celempungan bajidor,
jaipongan, wayang golek, sareng nu sanesna. Budak ngora ayeuna sok ngaleos upami ngadangu
kacapi, suling. Kop nu kitu mah keur nu huisan. Abdi mah resep rok en roll, dag, dig, dug jreng..,
bress…, hebat euy.
Padahal upami dilenyepan, ngemprangna sora kendang, ngerelikna sora suling kabawa angin
peuting, hawar-hawar cianguran matak nyerep kana hate sumanambah kana bayah, kendang
penca mani ngemprang, hut, het anu ngigelna kiwari ampir sirna. Nu matak ahli seni budaya
atawa pamarentah geus nyieun wadah sapertos IPSI, ngawangun sanggar pikeun ngamumule
seni budaya , utamina di tatar sunda kango urang mah. Piraku ari urang Amerika bisa kana
budaya Sunda ari urang teu resep, teu malise, heunteu reueus urang kudu jadi benteng budaya
Sunda.
Wargi-wargi sadaya sakitu nu kapihatur tina tanahal, garehal teu keuna kana undak usukna
basa, sakali deui umajak ka balarea urang mumule seni budaya urang.
Urang Jepang bisa nyieun pedang, urang reureus bisa nyieun jodang, tong mangmang tong
hariwang kang Darso ge bisa hirup senang.
Wassalamualaikum Wr.Wb.

Anda mungkin juga menyukai