Anda di halaman 1dari 1

Kurt Sergio Siahaan / XII MIA 6 – 17

KURING JEUNG APA

Ampir sakabeh setasiun televisi ngawartakeun hilang kontak jeung ngaleungitna kapal anu tadi
subuh miang ka Singapura. Hate Budi deg-degan besa ti biasana. Apan Apa Budi teh angkat tadi subuh
ka Singapura naek kapal oge. Budi gancang kaluar kamar, kukurilingan ka dapur, tengah imah, teras,
kamar ibu, sareng kamar Teh Rina. Tapi teu aya sasaha oge. Untungna Budi inget HP, tapi HP teh ari
dibutuhkeun mah sok siga anu ngaleungit. Budi akhirna inget, apan peuting teh dicas di gigireun kulkas
di dapur. Nomer HP Apa anu mimiti dihubungi teh. Hate Budi ngaleketey ngadangu bewara tina HP :
“nomer yang anda hubungi di luar jangkauan, cobalah beberapa saat lagi”. Budi nyobaan telpon ibu,
nomer ibu basa dihubungi teh nyambung, tapi didenge-denge teh sorana bet deukeut. HP Teh Rina
sarua oge sorana bet deukeut.

Geuwat ngabandungan deui televisi, tapi geus beda ayeuna mah beritana. Akhirna Budi asup ka
kamarna terus inget kenangan kajadian-kajadian baheula sareng bapakna. Apa Budi teh damelna diluar
kota, saminggu sakali uihna teh. Jumaah pasosore, sakapeung nepi ka wengi. Angkat deui ka kota
tempat damel teh subuh senen. Jumaah kamari, Apa Budi uih pasosore ka kamar Budi. Budi teh
dinasihatkeun ku Apa na kuduna mah geus mandiri keur urusan beberesih mah ku sabab Budi teh geus
kelas XI SMU sekarang teh.

Budi teh budakna berantakan pisan, kamar teu pernah dibereskeun sareng acak-acakan,
seseuhan dimana-mana nyangsangna, dina kasur, meja belajar, spiker, jeung sajabana. Budi oge suka
masak-masakan, tapi mun geus beres teh teu dibereskeun deui jadi dapurna pabalatak pisan. Tos kitu,
Budi kainget deui sama kajadian baheula Apa na ngadidik budi liwat cara ngasih Budi layangan. Di
layangan eta teh ditulis nama “Si Jawara” ku Apa Budi. Budi teh harus ngajaga eta layangan sareng harus
menang mun ketemu lawan. Budi kainget kenangan waktu main layangan bareng Apa na sampe lupa
waktu sareng sampe tanganna kotor.

Ayeuna, genep taun sanggeus kajadian harita, Budi neuteup deui Si Jawara. Cara Apa
mapatahan, ngingetan ka Budi mah sok ku cara mandiri. Cara saperti nulisan langlayangan Si Jawara.
Budi keur hulang-huleng bari henteu puguh cabak, torojol Mbo Jum bari rebo ku babawaan. Ditanya teh
kamana ibu sareng Teh Rina. Henteu lila, torojol deui ibu sareng Teh Rina. Budi geuwat megat.

Budi nanyakeun ka ibuna, apa ibu geus nyaho mun kapal anu ke singapura teh geus hilang
kontak, Ibu Budi teh geus nyaho info eta dari tetangga. Hate Budi makin deg-degan. “Ari Apa kumaha
atuh?”, ceuk Budi. Ibuna nerangkin ka Budi kalo Apa mah henteu cios ka Singapurana oge. Apa mah nuju
milarian kamar indekos kanggo Budi, ngarah Budi diajar mandiri, nyeuseuh jeung nyetrika, beberesih di
kamar, sareng henteu ngahesekeun batur. Akhirna hate Budi teh lega, Budi jangji ka Ibuna bakal
beberesih kamar, ngajaga kebersiahan, sareng ngabantu nyetrika sakedik-sakedik asal henteu tinggal
indekos. Ibu sareng Teh Rina sareuri.

Anda mungkin juga menyukai