Anda di halaman 1dari 8

MAKALAH BAHASA SUNDA

Makalah ieu di jieun kangge minuhan salah sahiji pancen bahasa sunda

Kelompok 2
Disusun :

 Anissa Lutviana
 Intan Merry Anjani
 Karisma Dinasti
 M. Noval
 Tina Thalia Agustin

SMK BHAKTI KENCANA MAJALAYA

Jalan Baru Manirancan No. 100 Solokan Jeruk Kabupaten Bandung

Tahun ajaran 2018-2019


PIHATUR

Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT


lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu
karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru. Sholawat sareng
salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana
Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng
mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Medalna ieu makalah dipiharep
tiasa ngadeudeul lumangsungna proses di ajar Basa Sunda . Eusi ieu makalah
museur kana tujuan rangka kanggo proses wawancara anu neramgkeun
tentang wawancara ngenaan kanakalan remja Ambahan katut urutan materi
wawancara sawaktosna mah dipasrahkeun ka guru di sakola. Ku margi kitu,
materi wawancara anu aya dina ieu makalah sakadar conto wungkul. Sajabi ti
eta pangajaran Basa Sunda dumasar kurikulum nu ayeuna langkung nyoko
kana aktivitas murid di ajar. Murid dipiharep mampuh jeung wani
ngawawancara tokoh masyarakat satempat. Pamungkas, mugia makalah aya
mangpaatna kanggo urang sadayana. Tangtos wae dina ieu makalah masih
seueur keneh kakiranganana.

Bandung 24 April 2018


A. Tujuan wawancara
Nganyahokeun kanakalan remaja jaman ayeuna

B. Waktu tempat wawancara


Dinten :jumat
Ping :13 April 2018
Tempat : JL Raya paseh kecamatan paseh

C. Narsumber
Wasta: Nandang
Jabatan : Salaku BINMAS

D. Daftar pertanyaan
1. Kumaha pendapat bapa ngeunaan kenakalan remaja
2. Naon anu nyebabkeun marakna kenakalan remaja
3. Naon wae akibatna marakna kenakalan remaja
4. Naha kenakalan remaja terjadi di usia smp/ sma
5. Naon wae kasus anu pernah ditangani ku pihak polisi ngenaan kenakalan
remaja
6. Perkelahian tempatna sok di sakola atanapi diluar sakola
7. Perkelahian dilakukeunna ku perorang atawa ku perkelompok
8. Naon akibat perkelahian anu pernah di tangani ku pihak kapolisian di
paseh
9. Kumaha tindakan bapa lamun aya budak anu ngalakukeun kenakalan
remaja
10.Naon hukumana kanggo budak anu ngalakukeun kenakalan remaja anu
yuswana masih dibawah umur
11.Sebutkeun tempat anu sering terjadi kenakalan remaja
12.Saha wae anu sok terlibat dina kenakalan remaja
13.Iraha waktos anu sok kajadian kanakalan remaja
14.Kumaha cara ngereunkeun kenakalan remaja
15.Kumaha saran bapa kangge masalah kenkalan remaja
HASIL WAWANCARA

Siswa : “asalamuaikum”
Narasumber :” waalaikum salam”
Siswa :”pa punteun bade nyungkeun waktosna kangge wawancara”
Narasumber :” wawancara ngeunaan naon ?”
Siswa :”kenakalan remaja pa”
Narasumber : “ oh muhun saha wae ieu teh namina?”
Siswa :” anissa,karisma,noval,intan,tina,.”
Narasumber :” oh muhun atuh”
Siswa:” kumaha pendapat bada ngeunaan kanakalan remaja?”
Narsumber :” kanakalan remaja khusuna di wilayah hukum polsek
Paseh.alhamdulillah masih tiasa dikendalikeun,mung teu acan
aya kajadian –kajadian mung sifatna ngundang perhatian
Siswa : “Naon anu nyebabkeun marakna kenakalan remaja?”
Narasumber :” anu nyebabkeun kenakalan remaja anu kahijina perkawis rental
anak muda/anak remaja anu kurang kuat terutama kangge muslim kaimanan
sareng kataqwaan, da upamimurangkalih atosiman sareng taqwa nya moal aya
kanakalan remaja”

Siswa :”naon akibat marakna kanakalan remaja?”

Narasumber :”nya seerlah akibatna kenakalan remaja tiasa dicandak, contona


diwilayah anu sanes misalna anak muda anu anu terjerumus tina kematian,
obat obattan terlarang, narkoba, jeung sakelompok sakelompok gerombolan
motor”

Siswa :”naha kanakalan remaja terjadi di usia smp/sma?”

Narasumber :”berdasarkan prinsip manusiakan anu namina usia smp/sma kan


usia usia masa pancaroba, masa perubahan, masa anak anak ka usia remaja
kan sahingga meneh na jadi panasaran kana sagala sesuatu hayang nyobaan
wae misalna yeuh mun aya naon naon anu anyar pasti maraneh na hoyong
kacumponan”
Siswa :”naon wae kasus anu pernah ditangani ku pihak polisi ngeunaan
kanakalan remaja?”

Narasumber :”nyarios masalah penanganan secara dipungsadari paling anu


pernah di tangani ku polsek paseh sempet aya bertugas seputar kenakalan
remaja, anak remaja anu motorna henteu standar,knalpot di gentos, tara
ngangge helm terus paling perkelahian anak remaja”

Siswa :” Perkelahian tempatna sok di sakola atanapi diluar sakola?”


Narasumber :”anu pernah di tangani ku pihak kapolisian paseh mah paling na
di luar sakola.”

Sisiwa :” Perkelahian dilakukeunna ku perorang atawa ku perkelompok?”


Narasumber :”anu pernah ditangani aya anu perorangan aya anu
perkelompok.”

Siswa:” Naon akibat perkelahian anu pernah di tangani ku pihak kapolisian di


paseh ?”

Narasumber :” akibat perkelahian aya anu ngakibatkeun luka tapi rata rata anu
ditangani ku polsek ieu kenakalan remaja ngan anu ngakibatkeun luka-luka
ringan hungkul

Siswa :” Kumaha tindakan bapa lamun aya budak anu ngalakukeun kenakalan
remaja?”

Narasumber :” anu sebagai polisi nya lamun kapendak saketika polisi nuju
berjalan pas aya dilingkungan langsung menegur kitu kan. Kusabab simkuring
muslimya amariluna himunfalah ketika aya kamungkaran satiasa mungkin
kuurang diudag, saur rosul kan lamun aya kamungkaran kedah di rubah ku
panangan,lamun teu tiasa kupanangan ku lambey (lisan),lamun eta teu tiasa
keneh dengan hatinya”

Siswa:” Naon hukumana kanggo budak anu ngalakukeun kenakalan remaja


anu yuswana masih dibawah umur?”

Narasumber:”Upami pelaku-pelaku anu masih dibawah umur eta kan paling


sabatas ambil keterangan tiasa diambil dikapolsek atanapi pemeriksaan
dipolsek,biasana anu masih dibawah umur eta sok dikembaliken ke orang tua
masing-masing kitu pan,engke orang tuana dipanggil,sianakna dipiwarang
ngadamel pernyataan diketahui oleh orang tuanya”

Siswa:” Sebutkeun tempat anu sering terjadi kenakalan remaja?”

Narasumber :” itu pertanyaannya terlalu menjurus, itu pertnyaannya harus


mencakup nasional di wilayah hukum polsek paseh mah palingkan oge anu
gareuleuk barudak-barudak ngora anu make motor kekebutan di jalan raya nya
maranehna barudak sakola,disakola barudak aya anu kenalpotna beda standar
kadang-kadang di hareupeun kantor polisi di bonceng tilu. Jaditempatbarudak
anu baraong teh ayana di sakola

Siswa :” Saha wae anu sok terlibat dina kenakalan remaja?”


Narasumber :” nya tina pertanyaan na ge tos ka jawab, nyaeta barudak
remaja”

Siswa :” Iraha waktos anu sok kajadian kanakalan remaja?”

Narasumber :” pas balik sakolo komo pas poe sabtu sakitu readna make baju
saragam sakola, anu knalpotna di modif.”

Siswa:” Kumaha cara ngereunkeun kenakalan remaja ?”

Narasumber :” carana lain ngan tugas polisi hungkul itu mah tugas sararea
penting mah budak sakola ketakwaan jeung iman na di tingkatkeun pasti
kenakalan remaja bakal leungit, kenakalan remaja bakal leungit nyaeta kucara
sholat 5 waktu.

Siswa :” Kumaha saran bapa kangge masalah kenkalan remaja”


Narasumber :”saran ti bapa mah, da upami murangkalih atos iman sareng
taqwa nya moal aya kanakalan remaja”

Anda mungkin juga menyukai