Anda di halaman 1dari 1

Teks Biantara Basa Sunda Tema Pendidikan

Wasta : Rizki Puji Gustian

Kelas XII IPA 4

Assalamu’alaikum Wr Wb

Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka kahidarat allah swt nu parantos masihan
mangrebu-rebu nikmat, nikmat islam, nikmat iman , sareng nikmat sehat. Teu hilap salawat sareng
salam hayu urang haturkeun ka Nabi agung, Nabi Muhammad SAW ka kulawargana, kasobatna tug mugi
ka urang salaku umatna. Ammin ya rabbal alaamin.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat. Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa
patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal
sagala anu dipimaksad. Ammin.
Maksad sim kuring di ieu tempat teh bade nerangkeun hiji materi anu temana tentang beasiswa
nu ayeuna nuju resep-resepna dijadikeun bahan obrolan tiap-tiap siswa SMAN 2 Kuningan, khususna
kelas XII anu bade ngalanjutkeun kana perguruan tinggi. Beasiswa teh nyaeta dana atawa fasilitas anu
dipasihan ku pamarentah atawa aya deui anu dipasihan ku instansi-instansi sejenna anu gunana pikeun
ngabantu urang dina dana administrasi kuliah. Aya oge beasiswa anu dipasihan ka siswa atawa
mahasiswa ku negara sejen tapi persyaratanna urang kudu aya kahayang dina diajar bahasa negarana.
Kunaon sim kuring di ieu kasempetan ngulas masalah besiswa ? Ku sabab kelas XII ayeuna teh
geus ngagaduhan titel ISO jadi urang sadaya teh kudu ngabuktikeun kumaha kaayaan jeung kemampuan
urang di dunia nasional jeung dunia internasional. Contona bae SMAN 2 Cirebon anu parantos
ngagaduhan titel ISO leuwih awal ti SMAN 2 Kuningan, tiap taun ngirimkeun sababaraha muridna
kanggo ngalanjutkeun studi atawa ngalanjutken perguruan tinggina di luar negri. Urang sadaya teh tong
sampe katinggaleun, kudu tiasa ngejar tong sampe jadi sakola anu katinggaleun sagala informasi jeung
teknologi na.
Alhamdulillah saminggu katukang sim kuring nerima hiji informasi nyaeta 3 siswa SMANDA
meunang beasiswa ti tilu negara anu eusi beasiswana nyaeta ngalanjutken kuliah 4 tahun jeung sagala
biayana ditanggung ku negara pengirim beasiswa. Tilu siswa eta teh nyaeta ; Adam Maulana
ditawarkeun beasiswa kanggo ngalanjutkeun ka Australia, Moh. Enjom ditawarkeun beasiswa kanggo
ngalanjutkeun di Ethiopia, sareng nu terakhir nyaeta Rizki Puji Gustian ditawarkeun beasiswa kanggo
ngalanjutkeun di Jepang.
Ku kituna semoga hiji hal ieu teh tiasa dijadikeun motivasi kanggo ngejar cita-cita urang. Mung
sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu
mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan
eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Wassalamualaikum Wr Wb

Anda mungkin juga menyukai