Anda di halaman 1dari 61

Ku nyebat asmana Allah anu asih

Di dunya jeung di akherat tanpa pamrih


Sadayana puji kagungan mantenna
Anu ngurus sakabeh alam nyatana
Ka gusti wungkul abdi nyungkeun pitulung
Kana urusan dunya nu matak bingung
Sareng urusan agama anu agung
Supaya hirup urang teu ngalanglayung
Rohmat Allah salam Allah salawasna
Mugi tetep ka gusti urang sadaya
Nabi Muhammad nu jadi kakasihna
Anu jadi panutup para Nabina
Teu kalangkung kulawarga jeung sohabat
Sok disebat mun urang maca sholawat
Teu aya daya keur nyingkahan ma’siat
Jeung kana ibadah teu aya nu kuat
Kajaba kalawan pitulung mantenna
Allah maha luhur tur maha agungna
PASLUN
Ari pirang-pirang rukun Islam eta

1
Aya lima perkarana nu ditata
Kahiji Syahadat hartina nyaksian
Kana saenya-enyana kalakuan
Taya deui pangeran anu disembah
Anging gusti Allah anu maha nyaah
Nu kadua nyaeta ngadegkeun Sholat
Anu katilu ngalaksanakeun Zakat
Kaopatna di bulan Romdon puasa
Kalimana munggah haji mun kawasa
Ieu anu lima kudu diapalkeun
Sanggeus apal kade kudu diamalkeun
PASLUN
Ari rukun Iman eta aya genep
Kahiji iman ka Allah masing tegep
Kadua iman ka para Malaikat
Katiluna iman kana Kitab-kitab
Nu kaopat Iman ka para Rosulna
Kalimana iman ka Poe akhirna
Kagenepna Iman kana papastenna
Hade goreng sadayana ti mantenna

2
PASLUN
Ari ma’nana Lai<la<ha illallah
Hente aya pangeran kajabi Allah
Teu aya nu disembah kalawan nyata
Dina ayana anging Allah Ta’ala
Kalimat Lailahaillallah jelas
Sok disebat kalimat tauhid jeung ikhlas
Malihan aya deui anu sok nyebat
Ku istilah namina kalimat Najat
Eta kalimat teh jadi kunci surga
Maka wajib keur urang kudu ngajaga
Pertahankeun dina jiwa sareng raga
Supaya urang salamet waktu jaga
PASLUN
Ari ciri-cirina balegh manusa
Aya tilu perkara anu dibaca
Kahiji sampurna lima belas tahun
Dilalaki jeung awewe anu umum
Umur lima belas tahun teh Hijriyyah
Lain make umur tahun Masehiyyah

3
Lamun geus balegh maka eta jelema
Diperedih jeung diparentah Agama
Kaduana ciri balegh ngimpi jima’
Dilalaki sareng awewe sarua
Karena umurna geus narepi kana
Salapan tahun dina itunganana
Ari anu katiluna ciri balegh
Keur awewe mah salapan tahun geus hed
Lamun aya sala sahiji nu tilu
Eta jalma atos baleg heunteu ragu
PASLUN
Ari syarat beberesihna ku batu
Eta aya dalapan anu kalaku
Kahijina kudu make tilu batu
Ulah kurang paling ge leuwih ti tilu
Kaduana beresihkeun tempat najis
Katiluna ulah garing eta najis
Opat najisna teh ulah pundah pindah
Tina tempat kaluarna anu mernah
Kalimana kana najis ulah datang

4
Barang sejen kana najisna nyampuran
Kagenepna eta najis tong ngaliwat
Kana lepat-lepit saliana tempat
Katujuh najis tong ka keunaan cai
Anu ngecret atawa nu balik deui
Kadalapan tilu batuna teh suci
Atawa urut tapi dikumbah deui
PASLUN
Ari pardu Wudu sadayana genep
Kahijina niat na hate sing mantep
Kaduana ngumbah beungeut batesana
Tina tempat jadi buukna si jalma
Nepi kana gado palebah handapna
Tina ceuli kana ceuli batesana
Jeung sagala nu aya dina wajahna
Siga bulu jeung nu kudu dikumbahna
Katiluna ngumbah leungeun duanana
Ngumbahna kudu nepi kana sikuna
Jeung naon bae nu aya na panangan
Kudu dikumbah Mang kade kaliwatan

5
Nu kaopat ngusap sabagian sirah
Atawa rambut nu aya dina sirah
Nu kalima ngumbah suku duanana
Ngumbahna nepi kana mumuncanganna
Ka genepna tartib dina migawena
Heulakeun anu kudu diheulakeunna
Eta sadayana disebutna pardu
Hartina teh pagawean anu kudu
PASLUN
Ari nu ngarana niat eta neja
Kana hiji perkana anu diseja
Bari dibarengan kana migawena
Mun teu bareng eta mah ngazam ngarana
Ari tempatna niat aya di hate
Jadi niat nyaeta gerentes hate
Tapi lamun eta niat diucapkeun
Maka talaffud ngarana disunatkeun
Lamun dina wudu mimiti niatna
Dina waktu ngumbah bagian wajahna
Saperti mun cai nepi kana tarang

6
Geureunteskeun niat dina hate urang
Ngaran tartib nyaeta kudu migawe
Kanu pang heulana kudu dipigawe
Contona ulah waka ngumbah leungeunna
Lamun beungeut can kakumbah samemehna
PASLUN
Cai aya nu saeutik ukuranna
Jeung aya cai nu ukuranna loba
Ari cai nu saetik mah katelah
Buktina teh sahandapeun dua kulah
Ari cai nu loba mah dua kulah
Atawana lewih tina dua kulah
Nu saeutik jeung nu loba eta cai
Sadayana bisa dipake susuci
Ngan cai nu saeutik mah bisa najis
Lamun eta cai ka keunaan najis
Sanajan caina teh hente barobah
Sabab cai kurang tina dua kulah
Tapi lamun eta caina teh loba
Teu najis sanajan aya nu tumiba

7
Kajaba lamun barobah eta cai
Rasa jeung warna oge ambeuna deui
PASLUN
Ari anu ngawajibkeun kana adus
Aya genep kade ngajina tong putus
Hiji ngasupkeun hasyapah kana parji
Sok sanajan henteu ngaluarkeun cai
Kaduana kusabab kaluar mani
Dina waktu hudang atawa keur ngimpi
Katiluna mun awewe datang bulan
Atanapi disebatna teh palangan
Kaopatna nipas nu jadi lantaran
Kaluarna getih saba’da babaran
Kalimana sabab adus ngalahirkeun
Kagenepna maot Mang kade apalkeun
PASLUN
Pardu adus mung aya dua perkara
Hiji niat kadua ngumbah awakna
Walatraan ku cai kabeh badanna
Dina adus mah teu aya tartibana

8
PASLUN
Ari syaratna wudu aya sapuluh
Kahijina Islam syarat anu kukuh
Kaduana syarat wudu kudu hideng
Lain nu gelo atawa nu can hideng
Beresih tina palangan katiluna
Oge bersih tina nifas kaopatna
Lima bersih tina anu ngahalangan
Nepi cai kana kulit ngabaseuhan
Jeung dina anggota wudu ulah aya
Nu matak ngarobahkeun kana caina
Genep kudu nyaho kana kaparduan
Jeung tong nekadkeun pardu teh pasunatan
Kadalapan caina kudu nyucikeun
Kana hadas cai bisa ngabersihkeun
Nu sok disebat cai tohir mutohhir
Seperti cai nu loba jeung nu ngalir
Kasalapan wuduna geus asup waktu
Kasapuluh tuluy-tuluy dina wudu
Salapan jeung sapuluh wuduna jalma

9
Nu langgeung hadas jiga beserna lila
PASLUN
Ari anu matak ngabatalkeun wudu
Eta aya opat kade ulah ragu
Kahijina aya nu kaluar tina
Sala sahiji palawangan nu dua
Tina qubul reujeung dubur nu kaluar
Nu biasa atawa jarang kaluar
Sanajan anu kaluarna teh angin
Kajaba cimani kaluarna yakin
Kaduana leungit akal sabab sare
Atawa sabab leungitna naon bae
Kajaba sarena jalma anu diuk
Anu ngarapetkeun kana tempat diuk
Tilu antel kulit lalaki awewe
Pada sejen duanana geus garede
Bari teu aya panghalang paantelna
Antara lalaki sareng awewena
Nu kaopat nyabak qubul bangsa adam
Atawa bubunder dubur bangsa adam

10
Lamun nyabakna teh ku dampal panangan
Bari nyabakna teh hente kahalangan
PASLUN
Saha bae jalma nu batal wuduna
Haram keur eta jalma opat perkara
Kahijina Solat kaduana Towaf
Tilu nyabak Mushaf opat mawa Mushaf
Haram keur anu junub genep perkara
Hiji Solat kadua haram Towafna
Katilu nu junub haram nyabak mushaf
Kaopat nu junub haram mawa Mushaf
Kalima nu junub tong cicing di masjid
Paling oge mun ngilu lewat ka masjid
Kagenepna nu junub tong maca Quran
Kajaba mun maca niat padzikiran
Diharamkeun keur awewe nu palangan
Sapuluh perkara nu rek disebutan
Kahijina haram Solat dua Towaf
Tilu nyabak Mushaf opat mawa Mushaf
Haram cicing di masjid nu kalimana

11
Sareng maca Quran anu ka genepna
Katujuhna diharamkeun puasana
Kadalapan haram diserahkeunana
Salaki anu nyerahkeun pamajikan
Bari pamajikana teh keur palangan
Maka pagawean nolakna salaki
Hukumna dosa tapi tolakna jadi
Kasalapan haram keur anu palangan
Ngalewat masjid lamun sieun ngotoran
Kasapuluh haram dialap sukana
Antara bujal nepi kana tuurna
PASLUN
Ari pirang-pirang syaratna tayamum
Aya tilu dina safinah kacantum
Ka hijina sabab lamun taya cai
dua gering mun teu bisa make cai
Ka tilu caina butuh keur hayawan
Nu dihormat ku Agama diajenan
Sahingga caina teu aya keur wudu
Maka tayamum bae gantina wudu

12
Ari jumlah hayawan nu teu dihormat
Aya genep hiji anu tara solat
Jalma anu zina muhson kaduana
Anu Zina bari aya nu halalna
Katilu hayawan anu teu di hormat
Jalma kaluar tina islamna murtad
Kaopatna nyaeta kafir harobi
Nu merangan kana islam sareng benci
Kalima hayawan anu teu dihormat
Kalbun ‘Aqur nu hartina anjing galak
Nu ka genep bagong sok disebut hinjir
Apalkeun ti Mimiti nepi ka Akhir
PASLUN
Syarat tayamun sapuluh sadayana
Hiji tayamum teh kedah ku tanehna
Dua kaayaan taneuhna teh suci
Tilu taneuhna lain urut mimiti
Opat taneuh ulah kacampuran tipung
Harti meles sanajan tanehna lempung
Lima neja kana taneuh rek tayamum

13
Lain cicing dina kebul nu ngarapung
Genep ngusap beungeut jeung dua leungeuna
Ka dua kali nyokot kana tanehna
Ka tujuhna ngaleungitkeun najis heula
Samemeh ngalaksanakeun tayamumna
Dalapan ati-ati ngahareup kiblat
Ka salapan geus asup waktuna solat
Ka sapuluh tayamum keur hiji fardu
Paling oge sareng sunat nu kalaku
PASLUN
Sadayana fardu tayamum teh lima
Nu ka hiji kudu mindahkeun tanehna
Ka dua niat tayamum gerenteskeun
Ka tilu taneh kana beungeut usapkeun
Ka opat ngusap leungeun nepi sikuna
Laan heula cincin geulang jeung liana
Lima tartib antara dua usapan
Usap heula wajah terasna panangan
PASLUN
Ari nu ngabatalkeun kana tayamum

14
Eta aya tilu perkara ka ma’lum
Ka hijina perkara nu ngabatalkeun
Kana wudu anu atos disebutkeun
Dua riddah nyaeta jalma kaluar
Tina islam agamana jadi lubar
Katiluna nyangka kana aya cai
Mun tayamumna karna teu aya cai
PASLUN
Barang najis anu bisa jadi suci
Aya tilu ku ulama ditaliti
Hiji arak dimana geus jadi cuka
Ku dirina bari teu aya direka
Kaduana kulit bangke jadi suci
Lamun di samak ku jalma anu ngarti
Ka tiluna barang nu jadi hayawan
Sanajan bijilna tina najis pisan
PASLUN
Ari pirang-pirang najis aya tilu
Keur santri-santri mah moal pada ragu
Hiji mugoladoh dua mukhofafah

15
Nu ka tilu najis teh mutawasitoh
Najis mugoladoh anu diberatkeun
Siga anjing, bagong nu sok di sebutkeun
Tawa nu bijil tina salasahiji
Anjing bagong kawin jeung nu sejen deui
Ari najis mukhoffafah anu ringan
Ci kiih budak lalaki nyata pisan
Nu can di huapan salian ci susu
Bari umur dua taun can kapaju
Lamun najis mutawasitoh nyaeta
Salian najis nu dua eta nyata
Saperti ti kotok sareng sajabana
Najis mutawasitoh loba contona
PASLUN
Ari mugoladoh bisa dibersihkeun
Ku tujuh kumbahan cai di kucurkeun
Saenggeus ngaleungitkeun jentulna najis
Tong diitung kumbahan mun acan ledis
Sareng ngumbah najis mugoladoh kudu
Dicampuran ku taneuh ngarana nyertu

16
Dina salasahiji kumbahanana
Make taneuh rek mimiti rek akhirna
Ari najis mukhoffafah bisa suci
Ku ngepretkeun atawa nyipratkeun cai
Kana tempat najis bari na walatra
Jeung kudu leungit jentulna anu nyata
Anapon mutawasitoh mah ka bagi
Aya dua bagian kade sing ngarti
Nu kahiji mah ngarana aeniyyah
Nu kadua ngarana najis hukmiyyah
Ari najis aeniyyah mah nyaeta
Anu aya ambeu rasa tawa rupa
Maka eta sipat anu tilu tea
Kudu leungit cara ngabersihkeunana
Lamun najis hukmiyyah penjelasana
Nu teu aya rupa ambeu jeung rasana
Maka cukup keur anjeun nyucikeunana
Ngucurkeun cai kana eta tempatna
PASLUN
Ari waktu hed anu pang saeutikna

17
Nyaeta ngan sapoe jeung sapeutingna
Anu lumrah waktu hed mah genep poe
Atawana paling oge tujuh poe
Ari waktuna hed anu pang lilana
Eta nepi kagenep belas poena
Sinareng lima belas peutinganana
Awewe nu keur hed eta pang lamina
Ari nu pang saeutikna waktu suci
Nu aya antara dua hedna istri
Nyaeta lima belas poe ayana
Nuturkeun kana waktu hed panglilana
Anu golib mah waktu suci awewe
Dua tilu tawa dua opat poe
Lamun waktu suci anu panglilana
Eta mah waktuna teh taya batesna
Ari waktu nu pang saeutikna nipas
Sagejrotan waktu anu ngan sakilas
Nu golib mah lilana pat puluh poe
Pang lilana nipas genep puluh poe
PASLUN

18
Ari pirang-pirang ‘udur kana solat
Nyaeta alesan jalma henteu solat
Aya dua sadayana sing nyaraho
Hiji kasarean ka duana poho
Sabab jalma nu akalna masih sehat
Teu aya alesan keur ninggalkeun solat
Sanajan gering panyakitna teh berat
Mun akalna masih aya kudu solat
PASLUN
Syarat-syarat solat jumlahna dalapan
Hiji bersih tina dua pahadasan
Dua bersih tina najis na pakean
Sareng dina tempat oge dina badan
Katiluna nutupan sakabeh orat
Nu ka opat kudu nyangharep ka kiblat
Kalimana kudu asup waktu solat
Genep nyaho kana kaparduan solat
Tujuh tong nekadkeun kana kaparduan
Nganggap pardu kana jadi pasunatan
Ka dalapan ngajauhan pangbatalan

19
Kana solat kade kedah dielmuan
Ari hadas sadayana aya dua
Hiji hadas asgor hadas nu leutikna
Hadas akbar hadas anu kaduana
Minangkana eta teh hadas gedena
Ari hadas leutik anu ngawajibkeun
Kana wudu anu kudu dilakukeun
Lamun hadas gede mah nu ngamistikeun
Kana adus nu kudu dilaksanakeun
Ari pirang-pirang orat aya opat
Hiji orat lalaki kalawan mutlak
Hartina orat lalaki dina solat
Atawa oratna di luareun solat
Nyaeta bagian antara bujalna
Nepi kana tuur lalaki oratna
Orat amat dina solat batesana
Akur jeung orat lalaki na buktina
Ari orat awewe anu merdeka
Dina solat badana ulah kabuka
Ngan ukur wajahna nu kudu kabuki

20
Sareng dua dampal leungeun anu nyata
Tapi lamun orat awewe jeung amat
Dideukeuteun lalaki sejen teu lepat
Maka sakujur badana eta orat
Tong di tembong-tembong ku sabab ma’siat
Beda deui orat awewe jeung amat
Lamun deukeuteun mahramna nu disebat
PASLUN
Ari rukun solat aya tujuh belas
Hiji niat dina hate anu jelas
Dua ngucapkeun takbirotul ihromna
Tilu Nangtung mun pardu dina solatna
Ka opatna nyaeta maca fatihah
Nu kalima ruku kade ulah salah
Ka genepna tuma’ninah dina ruku
Ka tujuhna i’tidal anu kalaku
Dalapan dina i’tidal tuma’ninah
ulah waka turun lamun can merenah
ka salapan terus sujud dua kali
ka pisah ku diuk maca robbigfirli

21
ka sapuluh tuma’ninah dina sujud
sabelas diuk antara dua sujud
dua belas tumaninah dina diuk
ulah siga hayam keur macokan huut
tilu belas tahiyyat akhir ngarana
opat belas diuk dina tahiyyatna
lima belas maca solawat ka Nabi
sabada maca tahiyyat eta pasti
Nu ka genep belasna teh uluk salam
Nu jadi rukun mah salam nu ngawitan
ka tujuh belasna tartib na susunan
Ti mimiti takbir ditungtungan salam
PASLUN
Ari niat tilu darajat ayana
Disaluyukeun kana bentuk solatna
Lamun kaayaan solatna teh pardu
Kudu neja migawe ngarana qosdu
Terus kudu nangtukeun kana solatna
Bari nyebutkeun kana bangsa parduna
Jadi niat solat pardu kudu aya

22
Qosdu Ta’yin jeung Fardu eta pokona
Tapi lamun solatna teh anu sunnah
Nu di waktu jiga qobliyah ba’diyah
Atawa solatna nu bogaeun sabab
Dina niat qosdu ta’yin ulah lepat
Sareng lamun solatna teh sunnah mutlak
Dina niat neja solat eta cekap
Neja migawe conto nyebut usolli
Ta’yin saperti nyebut duhron sing pasti
Atawa nyebutkeun ‘Ashron jeung sejena
Terus nyebut kana kaparduanana
Jiga nyebut pardo lillahi ta’ala
Eta niat dina hate sadayana
PASLUN
Syarat takbiratul ihrom genep belas
Ucapkeun keur nangtung dina pardu jelas
Kadua lapadkeuna ku basa Arab
Ulah make bahasa salian Arab
Katiluna kudu ku lafad Jalalah
Kaoptana lafad akbar ulah salah

23
Ka limana nartibkeun dua lafadna
Antara lafad Alloh sareng akbarna
Ka genep tong manjangkeun hamzah Jalalah
Tujuh manjangkeun Ba lafad akbar ulah
Dalapan tong nasydidan ba lafad akbar
Sabab kana hartina teh jadi sasar
Ka salapan tong nambahan wau sukun
Atawa nambahan wau nu teu sukun
Antara lafad Jalalah sareng akbar
Maka Kade Kudu Garetol di Ajar
Sapuluh lafad takbir tong ditambahan
Ku wau lafad takbir tong dikawitan
Ka sabelas tong ereun bari jeung lila
Antara dua lapad takbir ka Sela
Dua belas ngucapkeun takbir disada
Sakira-kira kadenge ku dirina
Sakabeh hurup-hurup takbir disada
Keur jalma nu bisa ngedalkeun suara
Tilu belas takbirna geus asup waktu
Solat pardu tawa sunat nu diwaktu

24
Opat belas nibakeun takbirna solat
Dina tingkah madepna ka arah kiblat
Lima belas tong ngaruksak huruf takbir
Ngaganti hurup ku lian huruf takbir
Genep belas takbir ma’mum tong mayunan
Kana Takbirotul ihromna si imam
PASLUN
Syarat maca fatihah aya sapuluh
Hiji tartib antara ayat nu puguh
Kadua kudu tuluy-tuluy macana
Ka tiluna kudu ngaraksa hurupna
Opat kudu ngajaga tasydid fatihah
Lima ulah cicing nu di sebut saktah
Rek lila atawa sakedeng cicingna
Bari neja megatkeun bacaanana
Tujuh maca sakabeh ayat fatihah
Ka asup tong kaliwat maca bismillah
Ka dalapan ulah salah dina maca
Salah nu matak ngaruksak kana ma’na
Ka salapan maca fatihah keur nangtung

25
Dina solat fardu keur nu mampu nangtung
Ka sapuluh maca fatihah ka denge
Ku awak sorangan dina waktu jempe
Jeung ulah ka selang ku dzikir nu sejen
Tapi mun hubungan jeung solat mah kenging
PASLUN
Ari pirang-pirang tasydidna fatihah
Opat belas kade sing apik tong salah
Anu ka hiji tasydid lafad tong salah
Aya di luhureun lam lafad jalalah
Ka dua tasydidna lafad arrohmani
Jeung tasydid nu aya dina arrohimi
Dina luhureun hurup Ro anu pasti
Kade sing telek tur kudu ati-ati
Terus tasydidna lafad alhamdulillah
Aya di luhureun Lam lafad jalalah
Lafad robil’alamin nu di tasydidan
Ayana di luhureun huruf Ba pisan
Tasdidna lafad arrohman jeung arrohim
Dua nana di luhureun Ro sing yakin

26
Maliki yaumiddin nu di tasydidan
Dina huruf Dal kade tong kasalahan
Iyyaka na’budu mah luhureun Iya
Tasydid na teh kade ulah salah baca
Sarua jeung lafad iyyaka nasta’in
Tasydidna luhureun huruf iya yakin
Tasydidna ihdina sirotolmustaqim
Luhureun Sod tuturkeun jalma nu alim
Mun sirotolladzina eta tasdidna
Di saluhureun huruf elam ayana
Nu pang akhirna tasydid surat fatihah
Aya dina lafad waladhdholin cenah
Tasydidna luhureun Dod ka tilu belas
Sareng luhureun elam ka opat belas
Eta sadaya tasydid nu opat belas
Aya dina fatihah baca sing jelas
Sabab lamun tasydidna henteu di jaga
Bisa salah dina harti jeung ma’nana
PASLUN
Disunatkeun dina solat ngangkat leungeun

27
Aya dina anu opat pitempateun
Hiji dina waktu takbirotul ihrom
Ngangkat leungeun rek nu sepuh rek nu anom
Kaduana ngangkat leungeun mun rek ruku
Bari ngucapkeun takbir nu geus ka laku
Ka tiluna ngangkat leungeun rek i’tidal
Dibarengan maca dzikir nu geus apal
Nu ka opat ngangkat leungeun mun rek ajeg
Tina tahiyat awal nalika panceg
Eta ngangkat leungeun dina opat tempat
Hukumna teh asup ka sunat haeat
PASLUN
Syarat sujud aya tujuh sadayana
Hiji sujud kana tujuh anggotana
Dua tarangna dibuka entong aya
Anu ngahalangan sanajan rambutna
Katilu neueulkeun sirah saberatna
Sirah wungkul ulah anggota sejenna
Kaopatna lamun turun arek sujud
Ulah neja turun salian rek sujud

28
Kalima sujud ulah kana perkara
Nu sok robah kusabab robahna jalma
Kagenep ngangkat handap-handapna badan
Jeung ngahandapkeun luhur-luhurna badan
Eta ngaluhurkeun bujurna sijalma
Sareng ngahandapkeun sirahna manehna
Katujuh syaratna sujud tuma’ninah
Dina sujud kudu cicing tur merenah
KHOTIMATUN
Tujuh anggota sujud nu digunakeun
Hiji tarang kaduana dampal leungeun
Tarangna dibuka tur taya panghalang
Sanajan buuk salambar nu ngahalang
Terus anggota sujud teh dua tuur
Jadi lima anggota sujud ka tutur
Dua deui anggota sujud dipake
Eta dua dampal ramo suku bae
PASLUN
Ari pirang-pirang tasydidna tahiyyat
Aya dua puluh hiji nu disebat

29
Nu lima dina sampurnana tahiyyat
Genep belas na saeutikna tahiyyat
Attahiyyat tasydidna dina Ta jeung Ya
Almubarokatussholawat tasydidna
Aya dina hurup shodna assholawat
Kade nempatkeun tasydidna sina tepat
Attoyyibat tasydidna dina Tho jeung Ya
Lillahi tasydidna di luhureun Lam na
Assalamu diluhureun sin tasydidna
Tong salah nunda tasydid dina macana
‘Alaika ayyuhannabiyyu tasydidna
Aya diluhureun Iya jeung Nun jeung Ya
Warohmatullohi Wabarokatuhu
Tasydidna luhureun elam nu katimu
Tasydidna Assalamu luhureun Sin na
Wa’ala ‘Ibadillahi dina Lam na
Tasydid nu aya dina Assolihina
Diluhureun hurup shod katingalina
Mun Asyhadu alla ilaha tasydidna
Aya dina luhureun elam alifna

30
Tasydid nu aya na lafad illallohu
Luhureun lam alif jeung lam kade saru
Wa Asyhadu anna tasydidna dina Nun
Kade lamun keur maca ulah ngalamun
Tasydid lafad Muhammadarrosululloh
Luhureun Mim jeung Ro jeung Lam lafad Allah
PASLUN
Tasydid nu aya dina pang saeutikna
Maca sholawat ka Nabi Muhammadna
Aya opat hiji dina Allohumma
Tasydidna teh dina elam jeung emimna
Dua tasydid nu aya na lafad Sholli
Aya dina hurup elam anu pasti
Tasydid dina lafad ‘Ala Muhammadin
Aya diluhureun hurup Mim sing yakin
PASLUN
Ari pang saeutikna mun maca Salam
Barina kadenge ku awak sorangan
Eta lafad Assalamualaikum
Tasydidna luhureun Sin anu ka cantum

31
PASLUN
Ari sadayana waktu waktu sholat
Aya lima nu geus maklum sok disebat
Kahijina waktu lohor mimitina
Lingsir panon poe ti tengah-tengahna
Ari akhir waktu lohor nepi kana
Jadina kalangkang perkara misilna
Salian kalangkang anu keur manceran
Panon poe ayana di tengah pisan
Kaduana waktu ashar mimitina
Jadina kalangkang perkara bangsana
Bari ngaleuwihan kalangkang saeutik
Akhir ashar nepika datangna maghrib
Katiluna waktu maghrib mimitina
Panon poe geus dina tempat surupna
Akhir maghrib waktuna anu sakeudeung
Nepika leungitna mega anu beureum
Kaopatna waktu isya mimitina
Beakna maghrib surup mega beureumna
Tungtung waktu isya kacida panjangna

32
Nepi kana bijil pajar nu beureumna
Kalimana waktu shubuh mimitina
Bijil pajar shodiq anu kasebutna
Akhir waktu subuh kade tong talangke
Nepi kana waktu bijil panon poe
Ari mega aya tilu bagianna
Hiji mega beureum, koneng jeung bodasna
Mega beureum mah cirina waktu maghrib
Mega koneng, bodas keur isya sing tilik
Disunatkeun ngakhir-ngakhir sholat isya
Nepi kana mega koneng geus surupna
Jeung geus teu katingali mega bodasna
Supaya kaluar tina ikhtilafna
PASLUN
Haram sholat nu teu ngabogaan sabab
Mutaqoddim jeung muqorin. ngaran sabab
Mutaqoddim sabab anu miheulaan
Mun Muqorin sabab anu ngabarengan
Lima waktu sholat ulah dipigawe
Hiji nalika bijilna panon poe

33
Sina naek heula ukuran satumbak
Lamun geus luhur mah karek menang sholat
Dua nalika panon poe istiwa
Kira-kira aya ditengah langitna
Eta oge mun salian poe juma’ah
Nepika panon poe geser ti tengah
Tilu nalika konengna panon poe
Nepika surupna eta panon poe
Opat dina nalika geus sholat subuh
Nepika bijil panon poe sing weruh
Lima waktu nu ulah dipake sholat
Eta ba’da sholat ashar nu kacatat
Nepika waktu konengna panon poe
Terus surup ngalelepna panon poe
PASLUN
Ari waktu cicing nalika keur Sholat
Safinah nyebatna Sakatatussholat
Eta aya genep nu bakal disebat
Sadayana hukumna sunnat Haeat
Hiji antara takbirotul ihromna

34
Jeung antara maca Do’a iftitahna
Kaduana antara doa iftitah
Sareng maca Ta’awwud memeh Fatihah
Katiluna antara maca fatihah
Jeung Ta’awwud cicing heula sina mernah
Kaopatna antara akhir fatihah
Jeung bacaan amin saba’da fatihah
Kalimana antara bacaan amin
Jeung bacaan surat saeunggeusna amin
Kagenepna antara bacaan surat
Jeung ruku eta sakatat dina sholat
PASLUN
Rukun sholat anu kudu tumaninah
Aya opat disebut dina safinah
Kahijina tuma’ninah dina ruku
Dua na i’tidal cengkat tina ruku
Katiluna tuma’ninah dina sujud
Opatna diuk antara dua sujud
Ari tumani’nah eta cicing heula
Saukuran maca subhanallah tea

35
PASLUN
Ari sabab sujud sahwi aya opat
Kahijina mun ninggalkeun sunat ab’ad
Kaduana mun migawe perkarana
Anu matak ngabatalkeun ngahajana
Tapi teu batal mun poho migawena
Saperti ngomong saeutik teu ngahaja
Katilu mun mindahkeun rukun qouli
Kana salian tempatna nu geus misti
Kaopat nibakeun rukun pagawean
Sarta mang-mang ayana nu ngaleuwihan
Saperti mang-mang dina jumlah roka’at
Teuing karek tilu atawa geus opat
PASLUN
Ari pirang pirang sunat ab’ad sholat
Eta aya tujuh kade ulah lepat
Nu kahiji tahiyyat awal ngarana
Dua diuk dina tahiyyat awalna
Tilu maca sholawat ka kangjeung Nabi
Dina tahiyyat awal kade tong sepi

36
Opat maca sholawat ka kulawargi
Dina tahiyyat akhir kudu ka aji
Kagenepna nangtung dina maca qunut
Kajaba mun sholatna teh bari diuk
Katujuhna maca sholawat jeung salam
Ka kangjeung Nabi nu jadi rohmat alam
Sareng kulawargi shohabat disebut
Dina panungtungan bacaanna qunut
PASLUN
Ari anu matak ngabatalkeun sholat
Aya opat belas perkarana omat
Kahijina kusabab ayana hadas
Hadas leutik hadas gede geus dibahas
Kaduana sabab kakeunaan najis
Mun teu gancang dialungkeun eta najis
Bari najis lain anu dibabawa
Memeh sholat eta najis geus kabawa
Katiluna keur sholat kabuka orat
Mun teu gancang ditutupan eta orat
Opat ngahaja ngucapkeun dua harap

37
Tawa nu hartian sanajan saharap
Lima sabab nu ngabatalkeun puasa
Seperti culak colok kana liangna
Kagenepna kusabab dahar nu loba
Bari sanajan poho barang daharna
Katujuhna tuluy-tuluyna robahan
Tilu kali sok sanajan kapohoan
Kadalapan kusabab luncat kacida
Kasalapan neunggeul anu lalawora
Kasapuluh sabab rukun dileuwihan
Bangsa pagawean ngahaja nambahan
Kasabelas sabab miheulaan imam
Kana dua rukun bangsa pagawean
Atawana mandeurikeun ti imamna
Dua rukun tanpa ‘udur pandeurina
Dua belas niat megatkeun sholatna
Eukeur sholat niat rek eunggeus sholatna
Tilu belas nyantelkeun pegatna sholat
Kana hiji perkara anu disebat
Opat belas mang-mang dina pegat sholat

38
Kade sadayana jaga masing ketat
PASLUN
Sholat anu kudu niat berjama’ah
Tawa niat imamah dina safinah
Aya opat mang kade ulah balangah
Kahijina nu disebut sholat jum’ah
Kaduana sholat mu’adah ngarana
Sholat anu ngaduakalianana
Sholat anu kahiji lain hente sah
Dibalikan deui soteh hayang tambah
Katiluna sholat anu di nadarkeun
Berjamaah sholatna teh dilakukeun
Sabab geus nadar rek sholat berjama’ah
Jadi dina niatna wajib jama’ah
Kaopatna sholat nu di jama’ taqdim
Sabab hujan keur jalma dimasjid lazim
Eta jalma mun balik heula ka imah
Balik deui ka masjid rek berjama’ah
PASLUN
Syarat-syarat ngama’mum aya sabelas

39
Hiji ulah aya panyangka nu jelas
Kana batal sholat imam sabab hadas
Atawa batalna sabab lian hadas
Kadua ma’mum tong nekadkeun ka imam
Wajib ngodoan sholat nu dilakonan
Katilu imamna tong keur jadi ma’mum
Opat imam ulah Ummy nu ka maklum
Lima Ma’mum ulah miheulaan imam
Dina tempat ma’mum ditukangeun imam
Genep ma’mum nyaho gerakanna imam
Sanajan nyahona teh lewat barisan
Tujuh kudu kumpul imam rejeng ma’mum
Dina masjid anu biasa di bangun
Atawa dihiji tempat nu legana
Tilu ratus sikuan kira-kirana
Ka dalapan ma’mum kudu niat turut
Atawa berjamaah ka imam anut
Ka salapan sholat imam jeung ma’mumna
Kudu akur dina susunan sholatna
Sapuluh ma’mum ka imam tong sulaya

40
Dina pasunatan sulaya kacida
Ka sabelas ma’mum nuturkeun ka imam
Ma’mum anut ulah miheulaan imam
PASLUN
Ari rupa ngama’mum aya salapan
Tapi anu sah mah ngan lima gambaran
Kahiji sah lalaki lamun ngama’mum
Ka lalaki deui anu tos ka ma’lum
Ka dua sah awewe lamun ngama’mum
Ka lalaki eta awewe ngama’mum
Ka tilu sah wandu ma’mum ka lalaki
Ari wandu jalma boga dua farji
Ka opat sah awewe ma’mum ka wandu
Solatna sah hente kudu aya ragu
Lima awewe ngama’mum ka bangsana
Eta mah geus jelas di menangkeunana
Anu opat rupa deui berjamaah
Eta hukumna batal alias teu sah
Hiji ngama’mum lalaki ka awewe
Eta teu sah solat anu di pigawe

41
Ka dua lalaki ngama’mum ka hunsa
Tilu hunsa nga ma’mum ka awewena
Opat hunsa ngama’mum ka hunsa deui
Opat gambaran solatna nu teu jadi
PASLUN
Dina solat aya nu ngarana jama’
Nyaeta ngahijikeun dua solatna
Hiji jama’ takdim eta ngaheulakeun
Dua jama ta’khir eta manderikeun
Conto solat asar dina waktu dzuhur
Tawa isya dina magrib nu di tutur
Eta ngaran jama’ takdim nu kacatur
Keur santri mah moal bireuk geus ka masyhur
Mun solat dzuhur dina waktu asarna
Atawa magrib dina waktu isyana
Eta ngaran jama’ ta’khir caritana
Tapi solat jama’ teh aya syaratna
PASLUN
Sarat jama’ takdim opat anu tangtu
Hiji migawe solat nu boga waktu

42
Nu kadua niat ngajama’ solatna
Niat jama dina solat kahijina
Katilu tuluy-tuluy dina solatna
Antara solat kahiji jeung kadua
Geus solat lohor terus solat asarna
Saperti kitu conto jama takdimna
Kaopatna langgeng udur na ngajama’
Nepi kana solat anu kaduana
Udurna ngajama jiga nyaba jauh
Bari nyabana teh lain nu teu puguh
PASLUN
Ari syarat jama ta’khir aya dua
Ka hijina niat ngajama ta’khirna
Niat ngakhirkeun dina waktu kahiji
Sanajan dina sesa waktu mimiti
Kaduana langgeung udurna ngajama
Nepi kasampurna solat nu kadua
Solat anu kadua di pigawena
Masih aya dina panyabaanana

43
PASLUN
Ari qosor nyaeta ngaringkeus solat
Nu bangsa opat jadi dua rokaat
Nu bisa di qosor nu opat rokaat
Magrib subuh tong di qosor ulah lepat
Ari syarat-syarat qosor aya tujuh
Kahiji keur nyanyabaan anu jauh
Kaduana nyaba anu dimenangkeun
Lain nyaba jauh anu diharamkeun
Katiluna nyaho kana menang qosor
Mun teu nyaho nanyakeun heula bab qosor
Ka opatna kudu niat ngosor solat
Dina waktu takboratul ihrom tepat
Nu kalima sholat anu diqosorna
Nyaeta sholat nu opat rokaatna
Ka genepna langgeung nyanyabaanana
Nepika beres sholat nu diqosorna
Ka tujuhna nu ngosor ulah ngama’mum
Kajalma nu sholat sampurna ka itung
Dina bagian sholatna anu ngosor

44
Ulah ngama’mum ka jalma nu teu ngosor
PASLUN
Syarat sholat jumat genep sadayana
Kade kudu apal kana sakabehna
Kahijina sholat jumat sagemblengna
Dina waktu lohor dilaksanakeunna
Dua jumat ngadegna dihiji lembur
Ngarah aya nu ngadegkeun urang lembur
Tilu sholat jumat kudu berjama’ah
Ulah nyorangan dina sholat jumat mah
Nu kaopatna syarat jumat lalaki
Nu merdeka lain hamba eta misti
Nu geus baraleg bari nu imah-imah
Lain nu datang rek ngadon sholat jumah
Lima ulah miheulaan kana jumat
Sareng ulah ngabarengan kana jumat
Jumat sejen nu aya di eta lembur
Jadi tong aya dua di hiji lembur
Ka genepna sholat jumat dilakukeun
Samemehna dua khutbah dibacakeun

45
Lamun sholat jumat memeh dua khutbah
Maka sholat jumat na teh jadi teu sah
PASLUN
Ari pirang-pirang rukun dua khutbah
Aya lima jelas na kitab safinah
Nu kahiji muji ka Allah ta’ala
Dina dua khutbah kudu dibacana
Kaduana maca solawat ka Nabi
Eta oge dina dua khutbah misti
Katiluna kudu wasiat ku taqwa
Dina dua khutbah eta oge nyata
Nu kaopat maca ayat tina Quran
Dina sala-sahiji dua khutbahan
Lima ngadoa keur mu’minin mu’minat
Dina khutbah kadua ulah kaliwat
PASLUN
Syarat dua khutbah sapuluh ayana
Suci tina dua hadas kahijina
Tina hadas leutik jeung hadas gedena
Khotib kudu suci tina duanana

46
Dua kudu beresih tina najisna
Dina pakean jeung badan jeung tempatna
Nu katiluna kudu nutupan orat
Sabab dua khutbah sapangkat jeung sholat
Kaopatna kudu nangtung dina khutbah
Keur jalma nu mampu nangtung ulah salah
Kalima diuk antara dua khutbah
Sakira-kira luhureun tuma’ninah
Kagenepna tuluy-tuluy dua khutbah
Antara dua khutbah ulah kapisah
Tujuh tuluy-tuluyna antara khutbah
Jeung antara sholat jumat berjamaah
Kadalapan khutbah kudu basa Arab
Ulah make bahasa salian arab
Kasalapanna opat puluh jamaah
Ngadengekeun kana eta dua khutbah
Ka sapuluh kabehana dua khutbah
Aya dina waktu lohor kade salah
Saberesna eta khotib maca khutbah
Teras turun langsung kana sholat jumah

47
PASLUN
Ari anu misti keur jalma nu maot
Aya opat perkara anu dicokot
Eta nu opat hukum fardu kifayah
Mun aya saurang, sejen teu masalah
Kahijina mayyit kudu diadusan
Ka duana mayyit kudu dikafanan
Katiluna mayyit kudu di sholatkeun
Ka opatna mayyit kudu di kuburkeun
PASLUN
Ari pangsaeutikna ngadusan mayyit
Ngawalatrakeun cai ka badan mayyit
Lamun ngadusan mayyit anu sampurna
Dikumbahan qubulna sareng duburna
Jeung ngaleungitkeun kotor tina irungna
Jeung ngawuduan memeh ngadusanana
Terus ngosokan badana ku bidara
Atawa mun teu aya mah ku sabunna
Terus ngocorkeun cai kana badanna
Bari lalaunan ngucurkeun caina

48
Tilu kali banjuran badanna mayyit
Tah kitu carana mun ngadusan mayyit
PASLUN
Ari pangsaeutikna ngapanan mayyit
Salambar kaen anu nutupan mayyit
Nu sampurna ngapanan mayyit lalaki
Tilu lapis kaen bari jeung marahi
Mun mayyit awewe dua lapis kapan
Anu nutupan kana sakabeh badan
Tambahan qomis baju kurungna mayyit
Jeung samping jeung khimar tutup sirah mayyit
PASLUN
Ari sadaya rukun sholat janazah
Eta aya tujuh perkarana cenah
Niat sholatkeun janazah kahijina
Dua bareng jeung takbirotul ihromna
Tilu nangtung keur jalma anu kawasa
Ka opatna maca surat fatihahna
Kalimana maca sholawat ka Nabi
Sabada takbir anu kadua kali

49
Ka genepna ngadua’keun ka mayyitna
Saba’dana takbir anu katiluna
Nu katujuh maca salam nu biasa
Tapi saba’da takbir nu kaopatna
PASLUN
Ari pangsaeutikna nguburkeun mayyit
Sakedukan nu nyumputkeun ambeu mayyit
Tur anu bisa ngajaga ka simayyit
Tina sato bisi ngadahar ka mayyit
Lamun nguburkeun mayyit anu sampurna
Ngagali satangtung babarkeun leungeunna
Terus eta pipina mayyit ditunda
Dina luhureun taneuh liang lahatna
Oge mayyit teh kudu di sanghareupkeun
Ka arah kiblat si mayyit dipadepkeun
Kade nunda mayyit tong sina nangkarak
Kuduna nyangigir dina liang lahat
PASLUN
Mayit nu geus di kubur di gali deui
Karna opat perkarana anu bukti

50
Ka hiji mun mayit acan di adusan
Kitu oge mun teu aya barobahan
Ka duana mun mayit teu madep kiblat
Di gali deui mayitna henteu lepat
Ka tiluna mun aya harta ka kubur
Bareng mayit komo mun harta nu batur
Ka opatna lamun mayit na awewe
Bari aya janin di eta awewe
Anu mungkin hirup eta janinna teh
Maka gali deui eta kuburan teh
PASLUN
Rupa-rupa menta tulung jeung hukumna
Aya opat di catetkeun sadayana
Hiji mubah dua khilaful aula
Tilu makruh opat aya nu wajibna
Ari menta tulung nu hukumna mubah
Jiga ngadeukeutkeun caina marentah
Lamun nu hukumna khilaful aula
Jiga ngucurkeun cai kanu wuduna
Terus menta tulung nu hukumna makruh

51
Jiga jalma awakna hayang di wasuh
Kaopatna menta tulung anu wajib
Saperti nulungan jalma anu sakit
PASLUN
Ari harta-harta anu misti zakat
Eta aya genep warna na di catet
Sato anu sok dikukut kahijina
Tapi eta oge teu kabeh jenisna
Kaduana anu kudu dizakatan
Emas perak nu sok jadi perhiasan
Katiluna anu sok di perpuluhan
Nyaeta pepelakan jeung jajadian
Nu kaopatna harta nu dizakatan
Nyaeta harta jadi barang dagangan
Kawajiban zakatna barang dagangan
Saparapat perpuluh hargana barang
Ka genep harta nu kudu di zakatan
Nyaeta nu ngaran rikaz sareng ma’dan
Harti rikaz pependeman jahiliyah
Lamun ma’dan siga pertambangan cenah

52
PASLUN
Wajibna puasa dina bulan romdon
Ku sala sahiji lima nu ka penton
Hiji ku sabab sampurna bulan Sya’ban
Anu kabehna tilu puluh poean
Nu kadua ku sabab ninggali hilal
Keur jalma nu ninggali bari jeung apal
Sanajan jalma nu ningalina pasek
Keur manehna mimiti puasa heumpek
Katiluna ku ditetepkeun hilalna
Keur jalma nu teu ninggal kana hilalna
Disaksian jalma adil netepkeunna
Maka eta jalma kudu puasana
Ka opatna sabab beja jalma adil
Dina riwayatna dipercaya adil
Naha tumiba dina hate benerna
Keur jalma nu teu apal dina benerna
Atawa bejana ti hiji jelema
Anu teu kapercaya dina bejana
Tapi mun hate condong kana benerna

53
Maka beja eta jalma pek tarima
Nu kalima sabab nyangka asup romdon
Keur nu ati-ati nyangka di sebut dzon
Eta keur jalma nu saliru nu opat
Ti kawit nu kahiji nepi ka opat
PASLUN
Ari syarat sah puasa aya opat
Ka hijina kudu islam ulah pegat
Ka duana eta jalma teh berakal
Sabab teu sah puasa nu leungit akal
Tilu mun awewe suci tina hedna
Tawa tina nipas rejeung ngajuruna
Ka opatna kudu nyaho kana waktu
Nu narima dipake puasa tangtu
PASLUN
Syarat wajib puasa lima perkara
Ka hijina kudu islam agamana
Jalma anu lain islam agamana
Teu wajib puasa kamanehanana
Nu kaduana geus mukalaf jalmana

54
Hartina geus baleg tur boga akalna
Ka tiluna mampu kana puasana
Teu aya udur syara’ ninggalkeunana
Nu kaopat sehatna jalma puasa
Teu gering ripuh mun dibawa puasa
Ka limana jalma cicing di lemburna
Lain jalma nu nyaba jauh jarakna
PASLUN
Ari rukun puasa tilu perkara
Nu kahiji kudu niat ti peutingna
Keur satiap poena arek puasa
Kitu oge lamun fardu puasana
Kaduana ninggalkeun nu ngabatalkeun
Bari kaayaan inget teu mohokeun
Tur kahayang lain bodo dihampura
Katiluna jalma anu puasana
PASLUN
Wajib kifarat tur ngodoan puasa
Oge kudu di ta’zir hukumanana
Ka jalma nu ngaruksak kana puasa

55
Dina bulan romdon poe nu sampurna
Ngaruksak puasana ku sabab jima’
Nu sampurna doraka sabab jima’na
Ngan kifarat wajib teh ka salakina
Pamajikan mah teu wajib kifaratna
Terus wajib qodo jeung ngeukeur puasa
Dina genep tempat nu jelas buktina
Hiji dina bulan romdon teu lianna
Keur jalma nu ngahaja dina batalna
Kadua keur jalma anu hente niat
Dina waktu peuting niatna kaliwat
Katiluna jalma sahur bari nyangka
Kana tetepna peuting dina panyangka
Ari pekteh sulaya jeung panyangkana
Sahurna teh geus beak tina waktuna
Nu ka opat jalma nu buka puasa
Bari nyangka geus maghrib waktu bukana
Sing horeng panyangka manehna teh beda
Nyatana can maghrib lain waktu buka
Kalimana jalma nu boga sangkaan

56
Eta poe tanggal tilu puluh sa’ban
Padahal mah geus tanggal hiji puasa
Jadi kudu ngeuker najan teu puasa
Nu ka genep jalma anu ngabangeutkeun
Dina keukeumuna atawa ngingsreukeun
Akhirna cai kalepasan ka teureuy
Puasana batal tapi wajib ngeukeur
PASLUN
Puasana jalma batal sabab riddah
Jeung sabab hed nifas atawa wiladah
Jeung ku sabab gelo sanajan sakeudeung
Oge sakalor jeung weureu ngabatalkeun
Lamun sakalor jeung weureu ngahajakeun
Tur kana sakabeh beurangna meakeun
Ciri mun sakedeng sakalor weureuna
Dimana cageur tuluykeun puasana
PASLUN
Ari buka puasa dina romdona
Jumlah sadayana aya opat warna
Kahijina wajib buka puasana

57
Keur awewe anu hed jeung nu nifasna
Kadua nu wenang buka puasana
Saperti jalma anu jauh nyabana
Atawa jalmana kacida geuringna
Keur manehna menang batal puasana
Nu katilu hente wajib hente wenang
Dina batal puasana nu kasorang
Jiga jalma anu keur leungit akalna
Nyaeta jalma nu gelo kasebutna
Jeung ari bagian batalna puasa
Eta oge aya opat sadayana
Kahiji nu wajib qodo jeung fidyahna
Nyaeta dua bagian cateutanna
Nu kahiji batalna puasa jalma
Anu ngarempankeun ka baturna jalma
Saperti nyalametkeun jalma ti teuleum
Terus puasa manehna di batalkeun
Kaduana jalma nu batal puasa
Terus ngakhirkeun kana ngodoanana
Sarta mungkin ngodoan eta puasa

58
Sahingga datang bulan romdon sejenna
Kadua nu wajib qodo hente fidyah
Eta seueur saperti sakalor cenah
Katiluna wajib fidyah hente qodo
Siga aki geus kolot tur loba poho
Ka opatna teu wajib qodo jeung fidyah
Eta jalma nu gelo akalna owah
Bari gelona teh teu pisan ngahaja
Lain gegeloan tawa nu ngahaja
PASLUN
Ari anu asup kana lingliangan
Tapi teu batal puasa tetep aman
Sadayana jumlahna tujuh pencilan
Hiji hijina nu tujuh di tafsilan
Hiji aya nu asup kana betengna
Bari poho jalma anu puasana
Kadua sabab teu nyaho hukumana
Katiluna aya nu maksa batalna
Kaopat teu ngahaja neureuy ciduhna
Anu campur jeung ceuhil tina huntuna

59
Lima aya nu asup kana betengna
Kebul jalan bari hente ngahajana
Kagenep nu asup kana betengna teh
Kebul tipung mun ka seuseup kitu soteh
Ka tujuh nu sok asup teh anu hiber
Saperti rameutuk atawana laleur
Gusti Allah uninga kanu bener mah
Tos tamat Nadzoman Tarjamah Safinah
Abdi nyungkeun ka Allah nu maha Mulya
Ku agung Nabi anu sae akhlakna
Mugia Allah ngaluarkeun ka abdi
Tina dunya bari islam nu sajati
Sareng kolot abdi jeung kakasih abdi
Oge jalmi nu subangsa ka sim abdi
Sareng muga Allah ngahampura abdi
Jeung sadaya jalmi nu disebat tadi
Tina sadayana dosa anu gede
Sareng dosa-dosa anu leutik oge
Rohmat Allah mugia tetep ka Nabi
Muhammad putra Abdullah gusti Nabi

60
Sayyid Abdullah putra Abdul mutholib
Putra Hasyim putra abdi manaf dugi
Nabi Muhammad teh Rasul nu di utus
Ka sakabeh makhluk nu teu aya putus
Anu janten utusanna peperangan
Kakasih Allah nu sifat maha Rahman
Anu janten pembukana para Nabi
Oge janten penutupna para Nabi
Teu kalangkung kulawargi jeung sohabat
Tegesna ka sadaya hente kaliwat
Sadaya puji kagungan Allah pasti
Nu ngurus alam kaasup langit bumi
Mung sakitu Nadzom Terjemah Safinah
Mugi Manfa’at keur Santri jeung Santriyyah

61

Anda mungkin juga menyukai