Anda di halaman 1dari 2

WASTA: KHAIRAN GIFFARI L.

A
KELAS : IX A (9 -A)

Biantara Basa Sunda

“ PIKEUN NYANGHAREPAN UJIAN “


Assalamualaikum wr.wb
Hadirin anu di pikahormat , ibu sareung bapa guru , sobat anu di pikanyaah
Langkung tipayun urang sanggaken puji sinareng syukur ka hadirat ALLAH SWT
Sabab tos maparing kesehatan ka urang sadayana . teu hilap solawat sinareng
Salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka jungjungan alam ka nabi Muhamad SAW
Oge ka para sohabatna sareng tabiit-tabiitna dugika umat-umatna
Para wargi sadaya. Dina danget ayena oge sabaraha dinten kapayun nuju
Bade ngalakonan nu namina ujian beuh ujian praktek , tulisan atanapi ujian
Berbasis komputer atanapi unbk . kukituna urang sadayana panginten kedah
Tos siap boh fisik atanapi mental urang sadayana , kasiapan fisik tangtuna ageung
Peranana kumargi urang teh kedah sehat dina ngalakonan ujian ie ulah dugika
urang ngringan ujian susulan kumargi kitu urang kedah ngajagi kesehatan misalna
Barang tuang anu sehat ulah samabruk , waktos istirahat kedah diatur ulah sering
Bergadang , supados urang hente gampil kaserang panyakit , usahakeun upami
Kagiatan sakola ntos beres urang kedah langsung aruih
Kasiapan mental anu utamana urang kedah nyiapkeun ujian ieu leres-leres
Atanapi ngartos kana materi atanapi ngapalkeun pelajaran anu bakal di ujikeun .
Kumargi upami urang ntos ngartos kanu materina urang moal gempeur dina
Ngalakonan ujian ie .
Hayu urang sasarengan ngadua mugia urang sadayana tiasa mayunan ujian ieu
Aya dina kalancaran oge dina panyalindungan ALLLAH SWT mudah mudahan
Hasilna bakal nyugemakeun.
Teu hilap simkuring nyuhunkeun di hapunten bilih aya bahasa anu
Mugi mugi naon anu nembe di dugikeun ku simkuring tiasa janten manfaat ka
urang saddayana .
Bilahi taufiq wal hidayah
Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai