Anda di halaman 1dari 5

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)

SEKOLAH DASAR (SD)


TAHUN PELAJARAN 2019-2020

Muatan Pelajaran
Tanda Tangan Bahasa dan Sastra Sunda
( Tema 5 dan Tema 6 )
Guru Orang Tua NILAI
Hari, tanggal : ……………………….
Waktu : 90 menit

Nama : ………………………
3.5 ……….
Kelas/Semester : I (satu) / Gasal
Nomor Tes : ………………………
…………. ………….. 3.6 ……….
KD. 3.5
A.Bẽrẽ tanda silang (X) dina pilihan jawaban anu tepat!
Pikeun ngajawab soal nomor 1 nepi ka 4 baca teks dihandap sing taliti!
NYABA KA PANYIRAPAN
Tisna ku uwana diajak nyaba ka Panyirapan. Lembur di suku gunung anu
anggang ti kota. Di dinya tẽh aya aki jeung ninina Tisna. Enya apan Nini Rahmi
jeung Aki Suganda tẽh urang Panyirapan.
Aki Suganda ngebon palawija. Kayaning jagong, waluh, jeung paria. Parẽ
ogẽ sarua deui melak, disebutna ngahuma. Melak parẽna lain di sawah tapi di
kebon darat.
Di kebon Aki Suganda loba tangkal galedẽ jeung jarangkung. Aya anu
diarah buahna, aya deuih anu diarah kaina. Anu diarah buahna nyaẽta alpuket,
nangka, peuteuy, jeung limus. Ari anu diarah kaina nyaẽta jati, mahoni, jeung
surẽn.
1. Tisna diajak nyaba ku….
A. Uwana B. Akina C. Ninina
2. Lembur Panyirapan tẽh ayana di….
A. gunung B. kota C. pantai
3. Aki Suganda melak parẽna di ….
A. sawah B. kebon darat C. sisi cai
4. Contoh tatangkalan anu di ala buahna nyaẽta ….
A. limus B. surẽn C. mahoni

5. Wendi diajak piknik ku lanceukna ka ….


A. panyirapan B. kebon binatang C. basisir
6. Kebon Binatang dinu gambar di luhur ayana di kota ….
A. Bogor B. Bandung C. Jakarta

7. Yunita diajak piknik ku ibuna ka ….


A. gunung B. basisir C. kota
8. … anu keur nulis di papan tulis?
Kecap pananya anu bener nyaẽta ….
A. Saha B. Sabaraha C. Kunaon
9. ... urang anu milu piknik?
Kecap pananya anu bener nyaẽta .…
A. Kamana B. Iraha C. Sabaraha
10. Hawa di puncak … karasana tiris pisan.
A. gunung B. basisir C. kampung
11. Salah sahiji ngaran pupuh nyaẽta .…
A. Magatru B. Mangan C. Panganteb
KD. 3.6
Prak baca bacaan di handap pikeun ngajawab soal nomor 12 jeung 13!
Kerja Bakti di Jadaria
Urang lembur Jadaria sabulan sakali sok ngayakeun kerja bakti. Geus
maneuh ẽta kagiatan tẽh. Biasana dina poẽ Ahad. Kerja bakti meresihan
lingkungan sabudeur. Jalan jeung gang dibẽbẽrẽs. Komo deui ari buruan mah.
Runtahna dikumpulkeun terus dipiceun kana tempatna. Solokan diberesihan
sangkan caina lancar. Kitu deui tatangkalan anu hieum sok ditutuhan sangkan jadi
caraang. Nu barala diberesihan sangkan lalening.
12. Urang Jadaria ngayakeun kerja bakti ... sakali.
A. sabulan B. saminggu C. dua minggu
13. Solokan diberesihan sangkan caina ....
A. mampet B. hẽrang C. lancar
14. Tutupkeun panto dapur tẽh ulah … kitu.
A. pabalatak B. blung blong C. mẽlẽngẽ
15. Motongan lawon bahan baju makẽ….
A. pẽso B. pacul C. gunting

KD. 3.5
B. Eusian titik-titik di handap sing bener!
16. Di kebon binatang aya sato anu awakna jangkung, beuheungna panjang
nyaẽta….
17. … anu dijingjing ku Tisna?
Kecap pananya anu bener nyaẽta .…
18. … carana nyieun hihid?
Kecap pananya anu bener nyaẽta .…
19. Barudak maraẽn bal di ….
20. Patani melak parẽ di ….
21. sato galak belang coréléng téh maung
kabeukina dahar daging
mun ngagerem témbong sihung
anu ganggu moal wani
cicingna di leuweung ganggong

Ngaran sato anu aya dina pupuh di luhur nyaẽta ….


KD. 3.6
22. Lauk di …. tẽrẽh dipanẽn.
23. Nalayan ngala lauk di ….
24. Bi Hẽni nyiksikan bawang makẽ ….
25. Ani nyeukeutan patlot makẽ ….

KD. 3.5
C. Jawab pananya di handap sing jelas!
26. Jieun kalimah tanya makẽ kecap pananya kunaon, dimana, jeung
sabaraha!
27. juara – jadi – penca silat – Ibrahim
Susun kalimah acak di luhur jadi kalimah anu bener!
28. ari sato hideung katelahna lutung
dina tangkal resep cicing
gawéna ngan tinggulayun
sakapeung sok cungar cengir
mun pareng aya nu nempo

Ngaran sato anu aya dina pupuh di luhur nyaẽta ….


KD. 3.6
29. Ani rẽk indit sakola.
Salin kalimah di luhur makẽ huruf tegak bersambung!
30. Tuliskeun 3 alat perlengkapan sakola anu sok dibawa dina tas!

Anda mungkin juga menyukai