Anda di halaman 1dari 9

Makalah

Sawer sunda

Disusun oleh:
Nama : Ai Herlina
: Aliya W
: Indri
: Ditta
: Siti Mariyam
: Siti Nuraeni
: Mia Sahira
: Nisa F

Kelas : VII-7

MTs NEGERI 1 SUKABUMI


TAHUN AJARAN
2019/2020
Kidung
Nyukcruk galur ti karuhun Aduh Asep deueuh teuing
Nutur lacak para wali Ieu piwulang tarima
Nyambuang ka balarea Regepkeun ku sanubari
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan Lagu…
Seni Sunda sawer asih Asep mimiti diwuruk
Dangukeun ku dua cepil
Simpen di manah nu jembar
Ayeuna mah beda deui
Neda Agung cukup lumur Jaman hidep lalagasan
Neda jembar pangaksami Teu aya anu meredih
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Ti wangkid ieu kapayun
Nyawer anu pangantenan
Asep kedah taki-taki
Nyanggakeun mugi ditampi
Nyubadanan kawajiban
Ngurus ngatur laki rabi
Lagu… Anu kadada kaiga
Geusan Asep hirup mukti
Ku hidep muga diturut
Pepeling ngait ka ati Saur Rasulullah estu
Pigeusaneun hidep mulya Rejeki mah tetep muhit
Ngarandapan laku rabi Kawas arek hirup lana
Ngamudina rumah tangga Tapina kudu sabanding
Sangkan panggih tengtrem ati Jeung ibadah nu tong pegat
Sangkan panggih tengtrem ati Sing kawas ajal rek tepi

Ku Euis puputon kalbu Apa nyawer teh sakitu


Muga hidep tinastiti Mugia hidep anaking
Mapag alam rumah tangga Runtut raut sauyunan
Ka panutan sing gumati Ka cai jadi saleuwi
Tuturkeun dunya aherat Ka darat jadi salogak
Kitu kawajiban istri Jauh balai parek rizki
Kitu kawajiban istri
Kidung
Piwuruk Euis sakitu Wur tawur jati rahayu
Catet dina sanubari Rahayu manjing walagri
Kantun ieu pamegetna Dahup pikeun salawasna
Tinayungan Maha Suci
Ginanjar sapapaosna
Amin Ya Robbal Alamin

Run turun jati rahayu


Rahayu manjing walagri

Sawer panganten 1
1. Bismillah damel wiwitan 7. Silih béla jeung carogé
Mugi Gusti nangtayungan Ulah ngan pelesir baé
Eulis- Asép nu réndéngan Mending ogé boga gawé
Mugia kasalametan Ngarah rapih unggal poé

2. Salamet nu panganténan 8. Répéh rapih nu saimah


Ulah aya kakirangan Rumah tangga tumaninah
Sing tiasa sasarengan Tapi lamun loba salah
Sangkan jadi kasenangan Laki rabi moal genah

3. Sing senang laki rabina 9. Bisi teu genah ku raka


Nu diwuruk pangpayunna Prak baé wakca balaka
Nyaéta badé istrina Lamun raka goréng sangka
Masing dugi ka hartina Buru bawa suka-suka

4. Hartikeun eulis ayeuna 10. Suka-suka ti ayeuna


Lebetkeun kana manahna Da eulis atos laksana
Manawi aya gunana Ngajodo anu sampurna
Nu dipamrih mangpaatna Ngahiji salalamina

11. Salamina saréng dulur


5. Mangpaatna lahir batin Eulis kudu bisa akur
Eulis téh masing prihatin Akuran ka unggal lembur
Ayeuna aya nu mingpin Sangkan jadi buah catur
Ka carogé masing tigin
12. Mun catur sing seueur bukur
6. Tigin eulis kumawula Ulah ngan kalah ka saur
Ka raka ulah bahula Napsuna ulah takabur
Bisi raka meunang bahla Hirup resep loba batur
Kudu bisa silih béla
13. Sareng batur kudu jujur
Layeut reujeung nu sakasur Mun eulis seueur rejeki
Runtut raut salelembur Poma ulah sok kumaki
Nagara gé subur ma’mur Masing tumut ka salaki

14. Subur ma’mur sauyunan 22. Tumutkeun eulis ayeuna


Mun aya tamu payunan Ayeuna tos laksana
Tapi ulah timburuan Laksana datang jodona
Boh bilih silih benduan Haté bangblas lalugina

15. Ngabenduan ka carogé 23. Lugina dunya ahérat


Ngan ulah paséa baé Gusti maparinan rahmat
Énggal atuh geura hadé Kana waktu ulah telat
Ambéh geugeut saban poé Disarengan silih hormat

16. Saban poé ulah lali 24. Silih hormat ka sasama


Titik rintih suci ati Sing nyaah ka ibu rama
Témbongkeun sing béar budi Lakonan paréntah agama
Ciri nyaah ka salaki Tangtuna hirup sugema

17. Lalaki mun sok nyandung 25. Sugema hirup di dunya


Omat ulah waka pundung Nyaéta kudu tatanya
Komo lamun bari bingung Rék nanya pék kanu enya
Keun antep sina ngaberung Badanna buru ditanya

18. Ngaberung tong dihalangan 26. Tanya baé ku haténa


Asal cukup sandang pangan Tah éta pikeun saksina
Sina lilir ku sorangan Saksi diri pribadina
Sangkan panggih kasenangan Nu tara jalir jangjina

19. Senangkeun eulis pikiran 27. Mun jangji nu ngajadi


Pikiran didadasaran Éta jangji anu pasti
Tukuh muntang ka Pangéran Pasti jodo ti ajali
Supaya meunang ganjaran Pikiran céngéng ka Gusti

20. Ganjaran ti Maha Suci 28. Gusti mah teu weleh nyaksi
Énggal atuh geura tampi Nyaksi gerentesna ati
Ayeuna eulis ngahiji Ucap lampahna kasaksi
Sakapeurih sakanyeri Satincak-tincakna ngarti

21. Sakanyeri jeung salaki 29. Hartikeun masing karaos


Ulah luas-luis léos Tumutkeun kana dawuhan
Sumawonna poporongos Qur’an hadis tuduh jalan
Pilari jalan nu raos Ti para Nabi panutan

30. Raoskeun jaga ku eulis 38. Panutan urang sadaya


Eulis ulah sok gumeulis Poma ulah rék cangcaya
Najan geulis baris ledis Sadaya kudu percaya
Ninggang mangsa titis tulis Ka Gusti Allah nu Mulya

31. Titis tulis bagja diri 39. Mulyana nu Maha Agung


Patokan nu ti ajali Sing saha baé ditulung
Kajeun siga widadari Ku bumi alam dijungjung
Da moal beunang dibeuli Nyaahna kaliwat langkung

32. Dibeuli ku harta banda 40. Nyaah baé nu Kawasa


Da moal bisa kajaga Ka masing-masing manusa
Nu tangtu bakal ngaduda Ulah dir gagah perkosa
Nyicingan di alam baka Bisi urang loba dosa

33. Alam baka kalanggengan 41. Dosa mah ti pada jalmi


Langgeng rasa ka Pangéran Welas asih ka sasami
Supaya ulah rayungan Micinta ka lemah cai
Ngabogaan papacangan Layeut jeung batur sabumi

34. Boga rasa kudu ngarti 42. Sing layeut laki rabina
Tata titi surti arti Ulah aya kuciwana
Kudu silih beuli ati Silih anteur kahayangna
Pikiran dadamelan Gusti Akur reujeung barayanna

35. Gusti Allah nu kawasa 43. Mun akur ka sadayana


Ngayakeun dunya tiasa Témbongkeun budi basana
Pepek eusi dunya rosa Nu bener tingkah polahna
Sayagi pikeun manusa Supaya hirup sampurna

36. Manusia mahluk punjulna 44. Sampurna euis ayeuna


Palinter pangabisana Yap ka dieu pamegetna
Ngakalan eusi dunyana Bapa badé ngawurukna
Nu kantun tumarimana Diregepkeun ku asépna

37. Tumarima ka Pangéran 45. Regepkeun téh ku haténa


Bapa mépélinganana Nu ngajak ngarah ngarinah
Tadina asép ngaduda Napsu nu mawa sarakah
Ayeuna mah gaduh garwa Pék atuh paké ibadah

46. Sareng garwa kedah layeut 54. Mun ibadah anu tangtu
Sing rapet sacara leugeut Bagikeun kanu pihatu
Poma ulah pikir heureut Mikeuna tong ragu ragu
Sangkan silih pikameumeut Bilih istri janten bendu

47. Mikameumeut sareng bojo 55. Bendu istri asép bingung


Laksana asép ngajodo Ulah waka sok ditundung
Tapi lamun ngabobodo Lamun istri terus pundung
Bojo moal mikasono Pangmésérkeun geulang kalung

48. Mun sono asép ka istri 56. Geulang kalung serba saé
Sing pageuh saperti patri Énggal atuh geura anggé
Campur gaul sareng santri Dianggéna saban poé
Kalayan ati nu suci Nu kantun pelesir baé

49. Nu suci pasti beresih 57. Pelesir eulis ka kota


Tara aya nu dipamrih Tah bawa duit sajuta
Ka bojo teu weléh asih Mun aya kahayang ménta
Sagala sareng pamilih Tatapi ulah lahuta

50. Pilih ku asép ayeuna 58. Lahuta aya kahayang


Nya pék tanya ku haténa Nyariosna ngagorolang
Nu goréng jeung nu hadéna Nu bakal moal kasorang
Sing karasa ku dirina Pikir anu mawa Bingbang

51. Diri pangasih Gustina 59. Bingbang bongan sok sulaya


Gusti mah moal nyiksana Mikahayang anu teu aya
Moal badé ngaganjarna Ahirna pakia-kia
Kumaha waé amalna Ngajauhan ka baraya

52. Amal hadé tangtu genah 60. Baraya lamun ngahiji


Laki rabi tumaninah Éta nu langkung utami
Lamun amal anu salah Hubungan anu sajati
Jaga baris nyorang susah Ngariung sapara wargi

53. Susah lamun teu ngarobah 61. Wargi asép sadayana


Sakitu mikadeudeuhna Osok daék ririungan
Barungah dina manahna Mimitina heuheureuyan
Nu janten ibu ramana Dina tempat pamaénan

62. Ibu rama ngiring dunga 70. Maén dadu maén kartu
Asép ngagaduhan garwa Éléh meunang tacan tangtu
Istrina lamun satia Mun meunang udud surutu
Hiji baé tong ngadua Mun éléh ngobral sapatu

63. Ngadua gaduh istrina 71. Ngobral barang kawalahan


Moal bérés salamina Harta banda dijualan
Pakucrut rumah tanggana Di imah awut-awutan
Mun teu cocog jeung agama Lebur ancur bébéakan

64. Éra atuh ku tatangga 72. Béak duit dipikiran


Sapopoé ngan paséa Éléh maén kawalahan
Ku istri dipikangéwa Tapi keukeuh panasaran
Ku tatangga diléléwa Napsu teu beunang ditahan

65. Lamun boga harta banda 73. Ditahan henteu katahan


Sing kuat nahan gogoda Dipikir terus-terusan
Bisi kagoda ku randa Datang napsu panasbaran
Pikir heula jero dada Sétan iblis ngadeukeutan

66. Pikir asép sing waspada 74. Sétan nu ngajak jarambah


Supaya teu ngarasula Nu mawa kana sarakah
Mun keukeuh pikir midua Dipaké kana awuntah
Akibat jadi paséa Disorang napsu nu runcah

67. Paséa jeung pamajikan 75. Rucahna antep-antepan


Napsu sétan barangasan Teu ngarérét réréncangan
Teu ngajadi kauntungan Cicing dina palacuran
Tetep dina karugian Teu inget ka pamajikan

68. Rugi lamun ngumbar napsu 76. Pamajikan teu dirérét


Napsu pangajak nu palsu Duit metet dina dompét
Ngaranjing ngajadi asu Tapi méré kékéréhét
Nu tangtu badan kalangsu Ku tarik-tarikna pélét

69. Kalangsu bongan sorangan 77. Kapélét ku pamakéna


Pabeulit pikiranana Dadamelanna Pangéran
Teu karasa ku dirina Aya gedong matak héran
Diumbar waé napsuna Luhur pageuh nanakéran

78. Napsuna mangprung ngaberung 86. Teu ngaruag teu ngariek


Teu aya anu dirarung Sakitu eusina uyek
Miboga rasa adigung Pirang-pirang nu ngaleyek
Tungtungna ripuh jeung bingung Tapi hanteu ngarempeyek

79. Bingung bongan osok salah 87. Ya Allah anu ngayuga


Teu bisa nahan amarah Ieu alam ngan nyalira
Jangji ka batur sok gaplah Bumi langit gé tohaga
Teu inget kana papatah Eusina mani pohara

80. Papatah ti para sepuh 88. Eusi dunya warna-warna


Ulah boga rasa angkuh Cahaya panon poéna
Mun jangji kudu sing tukuh Sato tatangkalanana
Ucap lampah masing ampuh Cawisan keur manusana

81. Masing ampuh ti ayeuna 89. Manusa maruji sukur


Sing bisa mawa hirupna Ka Gusti Allah nu ngatur
Jauhkeun napsu goréngna Pangantén sing subur mamur
Deukeutkeun napsu hadéna Kalayan hirupna jujur

82. Deudeuh teuing putra ibu 90. Masing jujur sahaluan


Omat tong ngalajur napsu Ayeuna asép duaan
Ulah maén lacur ngadu Ulah aya pacéngkadan
Mun bener nyaah ka ibu Sing bisa silih bélaan

83. Nyaah deudeuh mikasono 91. Béla pati jiwa raga


Ciri pola kanggo conto Dunya katut ahératna
Mangka hadé ulah poho Ku asép kudu dijaga
Bojo téh bawa lalajo Sangkan eulis gumbirana

84. Lalajo bari pelesir 92. Gumbira nu panganténan


Tingali sisi basisir Papatah tamba lumayan
Sugan awas tina pasir Ku eulis asép lenyepan
Alam dunya geura taksir Nyawérna téréh wekasan

85. Geura taksir pangaturan 93. Nyawér téh turun tumurun


Tuturunan ti karuhun
Pamugi ulah dikantun
Sawér turun hatur nuhun

94. Sawér hartina panggeuing


Papatah geura nyararing
Dangding bari ngahariring
Pépéling masing aréling

95. Aréling urang sadaya


Ka Gusti Allah nu Mulya
Ulah aya panca bahya
Sadaya mugi waluya

96. Waluya para wargina


Rawuh para panganténna
Gumuruh rasa batinna
Caang haté ka gustina

97. Gusti abdi muji nuhun


Ngumbara mangtaun-taun
Ku bumi alam dilahun
Nimat kateda kasuhun

98. Duh Gusti nu langkung héman


Mugi sadaya sing iman
Nya netepan kaislaman
Mugi maot mawa iman

99. Bapa nyawér téh parantos


Mung kantun badé wawartos
Ka ondangan nu ngarantos
Mugi sami pada ngartos

100. Pada ngartos sadayana


Nu dicarioskeunana
Lebetkeun kana manahna
Naropong jalan sampurna

Anda mungkin juga menyukai