Anda di halaman 1dari 3

NAMA: ALIYYAH YASINTA R.

KELAS: IX-7

SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG


KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana
Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden
Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka
putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden
Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu
dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea
Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci
anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang
campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua
putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para
parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana
nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang
Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci
dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen
ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami
eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat
Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah
anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus
jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah
Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung
Krakatau teh.
Unsur Instrinsik Carpon
- Tema : Kerajaan (Carpon ieu nyaritakeun tentang karajaan)
- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
(Karena, jalma anu ngalakonan dina carpon ieu teh aya tilu, yaitu Prabu Rakata, Raden Sundana,
Raden Topobrana)
- Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana. (Dina carpon ieu Prabu Rakata ngabogaan
sipat nu arip, adli, bijaksana)
Raden Sundana = Sarakah (Dina carpon ieu Prabu Sundana ngabogaan sipat nu
sarakah)
Raden Topobrana = Embung ditindes (Dina carpon ieu Raden Topobrana ngabogaan
sipat nu embung ditindes)
- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
- Alur: maju (dina carpon ieu nyaritakan masa sekarang, atau yang baru kajadian)
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arip, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden
Sundana.(Karena, carpon ieu nyaritakeun ngeunaan Raden Sundana yang serakah)

RINGKASAN CARITA
Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden
Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi
cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atu bendu pisan
snjeunanana. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus
jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung
Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

Anda mungkin juga menyukai