Anda di halaman 1dari 6

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirabbi nu


mana kalayan hidayah sareng inayah-Na, urang sadaya tiasa kempel dina ieu
tempat kalawan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat
kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala
panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun…
Inna dhofatu minal iman.
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana. Nyaeta
urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami
urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala
kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.
Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng
lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang
kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup
kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami
ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa
leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa
anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna,
mugi kersa ngahapunten.
Wassalamu ‘alaikum wr. wb
Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu.
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat
Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina
kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya
Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang
sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal
alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi
anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara
perpisahan kelas genep (6).
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak
saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi
ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka
bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.
Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya
tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa,
bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru
kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda
dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah
datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb
Assalamualaikum wr. Wb
Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu
urang tiasa ngariung patepung lawung, patepang wajah. Salawat sareng salam
mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina
katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya
umatna…Amin.
Hadirin anu dipikahormat,
Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana
nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan. Bisa nyadarkeun yen
saenyana sagala perkara anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt.
Ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran.
Sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan
Allah swt. Jjadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti
Allah swt. Hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah
sanajan manehna nyamuni.
Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun nikmat ti Allah, sareng bisa
ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt. Upami usahana tiasa
untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt.
Kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo tegar, sabar, sareng
henteu putus asa, dina mayunan musibah.
Sareng upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang
ucapkeun nyaeta bacaan istirja
Anu hartosna :
“saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah
urang sadaya mulih.”
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di
hapeunten.
Wassalamu ‘alaikum wr.wb
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas VI nu
dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT
nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray
dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan
sehat wal afiat.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat
kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan
sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu,
urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan
awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu
sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae,
batuk atawa beresin kudu nutupan baham.
Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih
atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang
sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana
kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa
anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna,
mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb
Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb..
Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun
puji sareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka
urang sadaya dugi ka tiasa kumpul ditempat ieu. Henteu hilap, shalawat sarta
salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabtna,
sareng umatna nepi ka akhir zaman.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu
parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari
kemerdekaan republik indonesia anu ka 73 ieu.
Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna
rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh, Dinten ieu, dina
raraga paturay tineung Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka
meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka 73.
Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para
pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku
kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun
perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun cita-
cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajang
kahareupna.
Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka
mengisi kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba,
jauhan pergaulan bebas, ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna.
Intina, urang sami-sami hayu babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-
hal anu positif sarta mangpaat pikeun diri urang.
Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun,
saupami dina biantara ieu aya pisanggem anu kirang merenah.
Akhirul kalam, Wassalamu ‘alaikum wr. wb
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi
azma’in. Amma ba’du.
Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu ku sim kuring dipihormat, sareng
rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta. Langkung tipayun, hayu
urang panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT kulantaran ni’mat sareng
hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu.
Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka
junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para
sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin
ya robbal ‘alamin.
Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan
“ Penyalahgunaan narkotika dikalangan remaja“.
Narkotika dina dunia medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di
operasi. Narkotika teh mangrupa zat aditif anu ngabahayakeun jeung bisa
nyieun kacanduan. Sarta karusakan otak jeung saraf motorik mun ku urang
dikonsumsi bisa nyabab keun kageloan, jeung anu parahna kamatian,
Tapi lain hal na barudak ngora jaman kiwari mah ngagunakeun narkotika keur
nga-gaya hungkul. Bari jeung teu apal kana pibahayaeunnana. Istilah bahasa
deungena mah “ drug is purpose for freestyle” .
Anu ngagunakeun jeung ngedarkeun narkotika lamun kapanggih ku polisi mah
bisa penjara, teu lulus tes kasehatan, dipiasing ku masyarakat, teu meunang
pagawean jsb. Numatak tong hayang apal kana barang haram anu ngarana
narkotika, jeun zat aditif laina anu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna
jeung anu bakal datang.
Mening ayeuna mah mempeung urang ngora keneh, hayu urang eusian ku
diajar anu soson-soson. Guna ngajungjung harkat jeun martabat bangsa
indonesia. Sakali deui “ SAY NO TO DRUG”.
Mugi-mugi mangpaat keur kahirupan urang sadayana. Sakitu anu tiasa
didugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan Nu teu
merenah kanu manah hatur nuhun kanu sadaya perhatosanana.
Akhirul kalam Wabillahitaufik walhidayah Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai