Anda di halaman 1dari 6

Tugas basa sunda

“Meresensi Novel”

Nama : indah purnama sari


Latifah
Kelas : XII IPS 1
1.Identitas karya
Judul : Sempurna
Penulis : Novanka Raja
Penerbit : Euthenia
Tahun terbit : Jakarta 2016
Jumlah halaman : 1-180
2.Ringkesan carita
Ngaran abdi Clarissa, meureun anjeun ge bakal nyebut abdi siga awewe anu kurang baruntung
dina babogohan sabab umur abdi yeuna atos nincak 28 taun jeung masih keneh jomblo. Abdi
jurukeun sareng raray nu teu disangka eta teu goreng teuing najan heunteu oge disebut geulis,
kulit abdi bodas jeung buuk lempeng nu ku abdi kajeunkeun panjang bergerai nepi pundak.
Panon abdi herang jeung salera baju anu ku abdi pake henteu oge buruk. Kumaha oge lamun
anjeun nanya kunaon abdi heunteu gaduh kabogoh, percayalah, abdi oge sok nanyakeun hal eta
ka diri abdi sorangan.
Loba nu ngomong eta kabeh sabab abdi oge sibuk digawe jeung ngaraih karir. Samprak leutik
abdi dididik supaya bias mandiri, malah saat abdi ngagentos ngaraih beasiswa keur kuliah abdi di
Australia, abdi ngalakukeun eta kabeh sorangan. Kolot abdi malah heunteu kungsi ngunjungan
abdi sawaktos abdi kuliah di ditu, nelepon oge paling tibang aya sapuluh kali salami abdi diajar
di Australia. Alesan manehna sabab abdi bisa ngajaga diri sarta tangtu biaya na mahal!
Sabenerna abdi pernah resep ka jalma nu ngaranna Thomas. Saliwatan manehna oge
mahasiswa ti Indonesia anu kuliah di Australia, abdi sempet leumpang bareng di ditu. Kurang
leuwih aya tilu bulan lilana nepi abdi mikir sugan manehna jodoh abdi. Tapi, kawas nu anjeun
tebak, abdi kakara rengse babaturan, babaturan anu bisa nyieun dirina ngarasa nyaman. Abdi teu
yakin yen allah memang nyieun sapasang manusa pikeun silih melengkapi sakumaha jodoh,
ngan bisa wae diciptakeun jaker melengkapi sakumaha babaturan, bisa wae lain?
Di apartenen iyeu abdi hirup sorangan, tangtu wae sabab emang abdi leuwih resep sorangan.
Abdi bisa nata apartemen sareseup hate abdi, jeung bisa ngalakukeun sareseup hate abdi. Loba
nu ngomong abdi teh perfeksionis, jigana eta pangajen nu kaleuleuwihan. Abdi nerima
sakabehna sacara wajar ngepas jeung salera abdi.
Oke, balik deui ka waktos anu ku abdi beakeun unggal tungtung minggu iyeu. Nongton filem
bakal nyieun abdi ngarasa nyaman, abdi ngarasa aya di dunia anyar unggal nongton filem-filem
eta. Julia Robert, abdi meuni ngidolakeun pisan. Abdi sangka manehna hebat dina merankeun
karakter tokohna. Komo lamun filem-filem drama romantis na!
Nya kieu lah hirup abdi unggal tungtung minggu sumping. Leupas ti capena pagawean salaku
redaktur majalan rumaja kawentar. Aranjeun pasti mikir kumaha bisa seorang redaktur majalah
ternama, beungeut heunteu oge goreng, mandiri, fashionable, bisa hirup ngajomblo!
Kapercayaan, abdi bisa ngalakukeunana.
Tere, manehna salah sahiji ti dua rerencangan pangalusna anu ku abdi miboga. Umurna
kakarak 25 taun, salah sahiji adi kelas anu keur SMA. Kadekeutan abdi lain ku sabab babaturan
sakola, sabab manehna teh masih aya hubungan kulawarga, leuwih tepatna manehna teh dulur
misan abdi. Sanajan kitu oge, urang tiasa jadi babaturan anu cukup alus. Sakapeung tere bisa
jauh leuwih dewasa ti abdi, tapi sakapeung manehna oge katempo masih kos budak SMA, siga
ayeuna ceurik nalika papegatan jeung kabogoh.
Panto kamar apartemen Clarissa aya nu ngetok deui pas dibuka teh reyna datang bari mawa
bungkusan anu eusina buah buahan anu dibere ku kabogohna reyna nyaeta radit nu incu na
juragan buah.
Malem minggu nu aneh, tapi janten kanyataan. Tur abdi seneng pisan bisa jadi imah kadua
pikeun babaturan abdi iyeu. Emang kadang sok ngenes oge ari manehna sok ngabahas kencan
bareng pasanganna. Waktos iyeu, saheunteuna abdi heunteu deui jomblo sorangan sabab aya
tere!
Abdi tiluan jeung babaturan abdi ngarencanakeun liburan ka puncak ngan saukur
ngaleungitkeun cape pikiran ku lantaran digawe saminggu abdi teu aya waktos ngaso pisan jeung
bari ngahibur tere anu kakara putus ti kabogohna, dina dinten minngu abdi, tere, jeung reyna
mangkat nuju puncak. Dina perjalanan reyna nyanyi tapi sora na teu ngenahen di denge ku ceuli
terus abdi langsung muter lagu na peterpan.
Akhirna sanggeus satengah jam urang kajebak ditengan kamacetan, urang bisa oge neruskeun
perjalanan nuju puncak. Reyna anu tadina nyanyi wae oge katempo sare, tapi tere anu diuk di
gigireun abdi terus ngalamun jeung sakali kali sok muka telepon na jigana masih kapikiran
David.
Langit bogor katempo mendung, abdi sakali kali muka kaca mobil nyieun hawa tiis asup
kajero. Jalanan heunteu terlalu rame, jadi abdi mawa mobil rada laju kenceng. Rintik gerimis
mulai turun ka kaca mobil. Abdi mulai ngarasa lapar ku sabab tadi isuk abdi heunteu sempet
sarapan supaya bisa tereh nepi ka puncak bogor jeung heunteu kena macet, tapi angger wae kena
macet dijalan.
Mobil oge geus ku abdi parkirkeun di halaman rumah makana anu lumayan alus di tingali ti
sisi jalan. Hujan mulai turun rada gede, sakedap abdi ningali jam dimobil kakarak jam sapuluh
isuk. Kabeneran abdi teu mawa paying sabab payungna di penjeum ku si Reynold kamari meuli
mie ayam anu pas hujan di kantor.
Heunteu lila aya mobil anu parker di gigireun mobil urang. Saurang lalaki anu cukup kasep
kaluar ti mobil bari mawa payung. Abdi menta bantuan ka lalaki eta sabab abdi geus kalaparan di
jero mobil lantaran teu bisa asup sabab teu mawa payung. Lalaki eta mangkat, terus teu lila deui
lalaki tampan eta datang deui bari mawa payung terus urang tiluan kaluar ti mobil saurang-
saurang. Sanggeus nepi rumah makan abdi mesen kadaharan terus pas kadaharan eta nggeus aya
di meja hidang abdi, tere jeung reyna langsung ngadahar kadaharan eta. Pas anggeus daharna
abdi kalebet hayang ka toilet tapi gara-gara baburuan abdi jadi nabrak pelayan anu keur mawa
minuman jakeur pangunjung nu lain, terus si lalaki tampan eta langsung ningali ka arah abdi
langsung abdi asup ka toilet tapi pas abdi rek mayar minuman tadi anu ragag ku abdi eh
minuman na nggeus dibayar ku lalaki tampan eta anu dikira ku pelayan teh eta kabogoh abdi
meuni bageur pisan padahal mah lain.
Heunteu lila pas abdi balik ti puncak abdi teh ka supermarket teu jauh ti apartemen nu ku abdi
eusian sabab loba kabutuhan anu geus beak terus abdi kapanggih lalaki anu jangkung, bodas
jeung kasep terus pas ku abdi udag eta teh lalaki anu kapanggih jeung abdi di puncak. Terus
lalaki eta kaburu asup ka mobil abdi oge langsung lumpat ngudag eta mobil tapi akhirna mobil
eta kaudag terus abdi cicing diharep mobil teu lila lalaki eta turun ti mobil langsung
nyamperkeun abdi, terus abdi langsung ngomong ka manehna makasih bantuanna anu keur di
puncak teu lila manehna mere kartu nami manehna anu di dinya ditulis namina Arka manehna
oge sambil ngomong lamun aya waktos poe minggu kapanggih dina tempat balanja atawa mall,
manehna langsung asup ka mobil sambil nanyakeun nami abdi saha? Abdi langsung ngajawab
bahwa nami abdi the Clarissa, sabalik abdi ti supermarket abdi langsung ngasms si arka. Abdi
kapanggihan jeung arka di mall alit nu aya di Jakarta, ceuk abdi Cuma rek kapanggih doing eh
teu nyahi teh abdi dititah maturan manehna rapat jeung babaturanna.
Makin lila abdi jeung arka makin deukeut, tapi diantara abdi jeung arka masih pada saling
gengsi jaker ngomong bahwa abdi jeung arka teh saling reuseup. Tapi abdi jeung arka geus pada
saling nyaman tapi status abdi jeung arka the Cuma sebatas babaturan heunteu leuwih ti eta. Pas
abdi keur naek mobil jeung arka abdi ningali gambar awewe di kotak dashboard arka pas ku abdi
tingali terus abdi nanya iyeu the gambar saha? Arka cicing heunteu langsung ngomong, pas
kalilaan arka teh ngomong oge bahwa eta calon tunangan arka! Abdi reuwas padahal arka
sorangan nu ngomong ka abdi bahwa manehna teu boga kabogoh tapi naon buktina aya gambar
awewe anu jelas jelas eta tunanganna. Tapi emang arka tunangan teh lantaran dijodohkeun ku
kolotna! Sebagai anak arka teh pasti nurut ka kolotna sorangan. Abdi langsung turun ti mobil
dimana posisi mobil harita keur eureun lantaran macet, abdi turun ti mobil arka oge langsung
turun ngudag abdi anu lumpat di sisi jalan raya. Heunteu lila ti kajadian eta abdi jeung arka
saling ngajauh bahkan teu aya kabar pisan.
Abdi geus jauh jeung arka eh aya deui lalaki anu datang sarua lalaki eta oge kasep, jangkung,
irungna mancung, manehna namina Reza, manehna salah saurang panulis anu ngirimkrun
tulisanna ka tempat perusahaan anu abdi digawe, abdi geus mulai deukeut jeung manehna terus
abdi diajak lalajo bintang di waktos beurang, abdi bingung emang aya bintang nu muncul di
waktos beurang? Terus abdi makin penasaran abdi dijanjian datang ka taman anu teunyaho teh
eta taman ismail marzuki nu dijerona aya museum tentang luar angkasa reza datang bareng
sagerombolan budak leutik nyaeta budak yatim piatu anu cicing di panti asuhan. Abdi salut ka
Reza nggeus mah jalmana kasep, teus bageur deui. Balik deui ka masalah tulisan anu ku
manehna tulis, manehna nulis laporan tenteng observasi ka baluran, abdi tertarik ka artikel eta
soalna eusi na tentang observasi sarua jeung hobbi abdi nyaeta travelling. Abdi nggeus narima
artikel eta abdi titah datang ka baluran milu manehna tapi manehna ngayakeun tentang seminar
observasi di kota malang atawa baluran, abdi diajak tapi abdi oge sekalian dititah jadi pembawa
acara eta oge abdi jadi pembawa acara aya bayaranna nya langsung ku abdi tarima tawaranna.
Abdi diajak ka baluran terus abdi cicing di villa airin baturan abdi, abdi di villa eta cicing
opatan abdi, reza, airin sareng salakina airin. Tur kitu abdi jeung reza makin deukeut. Kadang
naon nu ku urang pikahayang emang teu salilana kudu urang meunangkeun. Abdi teu nyaho
naon nu salah, tapi sakabeh iyeu nyieun abdi makin ngarti bahwa jodoh teh lain tentang iraha
atawa saha, tapi tentang kasadaran hate jakeur narima cinta nu hadir. Reza nyieun abdi makin
ngarti, cinta lain tentang kapanggih kadang cinta oge tiasa kuat pisan saat jarak hadir.
Geus kalawan loba di jero kisah iyeu. Apa emang allah nyieun kepingan kaparengan iyeu
jakeur ngayakinkeun abdi tur emang anjeunlah anu diciptakeun jakeur maturan abdi. Tujuh taun
ngawitan, teu aya nu leuwih indah iwal ningali barudak lalumpatan ngudag kupu kupu nu hiber
bebas. Loba hal anu nyieun abdi bersukur nepi waktos iyeu. Iyeulah hirup nu pinuh rahasia,
hirup nu nganterkeun abdi kana gerbang gerbang bahagia. Di baluran nu ayeuna mulai rada beda,
aya kisah nu pernah ka alaman, kisah ngeunaan awewe nu manggihan hirupna di antara kerlip
bintang jeung sora sora alam. Ningali seuri nu ku anjeun bere jaker abdi poe eta, eta tos nyieun
abdi ngarasa yakin bahwa anjeun cinta ka abdi. Abdi teu butuh kata kata, abdi Cuma butuh
bahagia jeung abdi bisa ngarasakeunana bareng anjeun, bahagia nu hadir lewat seuri ti biwir ipis
anjeun.
4. Tilikan eusi
Dina buku novel nu ku abdi baca kakuranganana nyaeta dina bukuna teu aya gambarna,
bahasana kurang terlalu dipahami ku pambaca, caritana kurang nyambung atawa kurang jelas
jadi abdi salaku nu maca iyeu novel kurang tertarik kana novel iyeu. Terus kahengkeran atawa
kalebihanna nyaeta halaman bukuna saeutik jadi heunteu terlalu bosen jaker maca na, cover buku
na menarik jadi rada tertarik jakeur dibaca ku pembaca.

5. Panutup
Menurut abdi panulis kudu bisa nulis caritaanana saalus mungkin, supaya loba jalma nu munat
kana novel nu judulna Sempurna iyeu, menurut abdi buku novel iyeu nggeus alus tapi dina buku
masih aya bahasa nu ku abdi kurang paham, jeung si penerbit kudu bisa ngadesain coverna
saalus mungkin sabab supaya loba peminatna anu resep kaana novel iyeu

Anda mungkin juga menyukai