Anda di halaman 1dari 9

Bolos Sakola

Dina hiji poe aya 3 murid. Maranehna the sakola


babarengan, jeung deui manehna teh sakelas.
Namina nyaeta Iwan, sinti,jeung asep. Maranehna
teh murid pang badungna di kelas.
Dijero kelas maranehna keur diajar, tapi guruna teu asup….
Asep :”Wan, Sin bosen euy di kelas, mumpung euweuh guru urang
bolos we.”
Iwan :”jeehhhh… urang mah hayu wae si, Tanya we tah ka si sinti
daekeun teu?.”
Sinti:”Atuh piraku urang saminggu bolos wae.”
Iwan :”Hayu sin, Kapalang Lah isukan ge pere iyeuh.”
Sinti:”HeehLah Hayu.”
Tuluy maranehna the siap siap rek mangkat bolos tapi ditegor ku si eris.
Eris :”heeehhh… Maraneh arek kamarana?.”
Iwan :”Kamana we lain urusan maneh iyeuh!.”
Asep :”Awas siah lamun maneh bebeja ka guru. Lamun bebeja maneh
moal aman di kelas!.”
Eris :”Arek pan maraneh mah kabiasaan.”
3an :”Bodoo…!”
Tuluy maranehna marangkat, Eris tetep ngabejaken
barudak tiluan eta ka Pa Eko. Teras Pas Eris ka ruang Pak
Eko kabeneran Pak Eko aya di ruangana.
Eris :”Assalamualaikum Pak.”
Pak Eko:”Waalaikumsalam, manga calik.”
Eris :”Nuhun pa.”
Pak Eko:”Aya naon teh?”
Eris :”Kieu Pa, DIkelas simkuring Aya budak pisan,maranehna badung
sok bolos wae, tadi ge bolos obongsi teu aya guru.”
Pak EKo:”Saha? Ti kelas mana?.”
Eris :”Kelas 9z Pa, si Iwan,Sinti, jeung si Asep pa.”
Pak Eko:”Heuhh Barudak eta deui nya!.”
Eris :”Muhun Pa.”
Pak Eko:”Nya entos nuhun laporanna. engke ku bapa diurus.”
Eris :”Oke pa, Assalamualaikum.”
Pak Eko:”Waalaikumsalam.”
Pas di jalan arek bolos, Asep, Iwan, jeung Sinti Neangan tempat
jang bolos.
Asep :”Sin, Wan urang arek kamana yeuh?.”
Santi :”Kumahamun ka tempat bilyard?”
Asep :”Urang mah hayu, maneh kumaha wan?”
Iwan :”HayuLAh urang mangkat.”
Poe senenna maranehna asup sakola deui, tuluy Eris
merebeja ka manehna yen manehna dipanggil Pa Eko.
Eris :”Woi maraneh tiluan dititah ka ruangan Pa Eko.”
Asep :”Emang arurang aya masalah naon jeung Pak Eko.”
Sinti:”Nu bener maneh?.”
Eris :”Bener,Kaditu we buru. Lamun te kaditu maneh di kaluarkeun siah
di sakolaan.”
Iwan :”Maneh bebejanya arurang bolos?.”
Eris :”Emang mun heeh kunaon?.”
Asep :”Maneh geus wani kaurang?.”
Iwan :”Woi dari pada urang dikaluarkeun di sakolaan, Hayu we kaditu.”
Sinti:”Bener wan hayu urang kaditu.”
Tuluy maranehna teh mangkat ka ruang Pak Eko bari maranehna
sarieuneun.
Iwan,Sinti,ASep:”Assalamualaikum Pa.”
Pa Eko :”Waalaikumsalam, Arasup maneh!.”
Sinti:”Aya naon yeuh Pa abdi sadaya di piwarang kadieu?”
Pa Eko :”Maneh nu ngarana Iwan, Sinti, Asep Lin?”
3an :”Muhun Paaa.”
Pa Eko :”Maneh barolos wae nya?”
3an :”Heunteuu Paaaa.”
Pa Eko :”Nu bener maneh aya laporanna yeuh!”
Iwan :”Enya pa bener, Tapi abdi mah tara ngajakan pa.”
Pa Eko :”Ah.. ayena mah ulah silih salahkeun, tos loba bukti jeung
laporan. Yeuh surat… Bikeun ka kolot maneh, pokona isukan maneh
dating jeung kolot maneh.”
Asep :”Nyaa ntos atuh Paa, Abdi menta hampura tiluan weh pa. janji da
moal kitu deui.”
Pa Eko :”Heu ulah loba omong. Isukan tong poho!.”
Enjingna, maranehna dipanggil deui ka ruangan Pa eko sabab kolotna
datang.”
Iwan,Sinti,ASep:”Assalamualaikun.”
Pa Eko :”Waalaikumsalam.”
Pa Eko :”Punten bu, Wali ti saha?”
Ma Tini:”ohh.. kieu pa, abdi indungna si Asep. Kabeneran walina si
Santi jeung si Iwan sabab ramana tos almarhum, Jadi ngawalian
tiluanna, Ngomong-Ngomong aya naon nya Pa?”
Pa Eko :”Kieu Bu, tiluan eta teh enggeus saminggu bolos wae.”
Ma Tini:”Nu leres Paa?”
Pa Eko :”Enya bu maranehna sok barolos ka tempat bilyurd.”
Ma Tini:”Nu bener maneh Aseppp Astagfirullahh!.”
Asep :”eeenyaaa ma. Hampura we ma nya.”
Ma tini:”Maraneh teh tos di bayar mahal-mahal sakola didieu tapi sikap
maneh kararieu. Emaa teh teu haying maraneh kos ema ngan jadi kuli
pabrik.”
Asep :”Nyaa hampura we maa.”
Pa Eko :”Bu abdi jeung guru geus baradami jang iyeu tiluan teh arek di
DO we ti sakola ieu.”
3an :”Paaa eh beri karinganan atuh paaaa!.”
Sinti:”Janji da pa arurang arek rubah sikap.”
Pa Eko :”Bener, Janji?”
3an :”Bener pa janjiiii.”
Pa Eko : Ayeunamah kieu we, maraneh teu jadi di DO tapi arek di skros
jang ngarubah sikap saminggu.”
Ma Tini:” Nya nuhun atuh pa.”
Pa Eko :”Nya sami-sami bu.”
Ma Tini:”Assalamualaikun Pa.”
Pa Eko :”Waalaikumsalam Bu.”
Tuluy Saenggeus eta maranehna tiluan asup ka kelas
arek nyokot tas da arek balik.
(Nyokot tas)
Iding :”Tih, arek kamana maraneh?”
Iwan :”Arurang di skor.”
Eris :”Tah ceuk urangge tong sok bolos wae.”
Sinti:”Atuh Maurang we.”
(Maranehna lempang leseh balik)
Saenggeus di skor saminggu, maranehna asup deui ka sakola.
(Tiluanna asup ka kelas)
Eris :”Eh ding, Ayeuna pan aya murid anyar.”
Iding :”Heeh cenah.”
Asep :”Nu bener?.”
Iding :”Eh Eh Bu Idah datang woi.”
Bu Idah :”Assalamualaikum.”
Murid2 :”Waalaikumsalam buu.”
Bu Idah :”Anak-anak, Ayeuna arurang kadatangan murid anyar.”
Bu Idah :”Sok perkenalkeun diri anjen.”
Sableng:” enya bu. Nami Abdi Sableng. Abdi pindahan ti sakola SMPN
Ciletuh 3.” (bari nunduk)
Asep :”Woi maneh the keur ngomong jeung arurang atawa jeung lantai.”
Iwan :”Heeh eh arurang the aya di die lain dihandap. Aya naon emng di
handap?.” ( Bari seserian)
Bu Idah :”IWAN ASEP CICING!,”
Bu Idah :” Sableng, sok diuk di bangku kosong eta.”
Sableng :”Nya bu Nuhun.”
Saencan bel istirahat Bu Idah mere tugaas hela.
Bu Idah :”Kerjakeun tugas anu hal 56 nepi 60. Ngke sajam saencan
istirahat di kumpulkeun.
Murid2 :”Nyaaa Buuu.”
Pas Bel Istirahat….
Sinti:”Sableng, kerejakeun tugas arurang yeuh.” (Sabari ngalungkeun
buku)
Eris :”Eh ai maneh lainna ngerjakeun sorangan malah nitah nitah
batur!.”
Iding :”Heehnya maneh mah, malah nitah si sableng.”
Sableng :” entos tenanaon ris, ding.”
Iwan :”Maraneh mah riweh si sableng ge biasa wae ah.”
Saemggeus istirahat, kabeh asup ka kelas.
(Bu Idah datang.)
Iding :”Woii tong gandeng Bu Idah datang.”
Bu Idah :”entos beres can tugasna?.”
Murid2 :”entoss buuu.”
Bu Idah :” Kumpulkeun kadieu.”
Bel balik hurung, Iwan, Asep, Sinti balik bareng naek
motor arek nempo balapan.
Asep :”Sin buruan! Urang nempo balapan tea.”
Sinti:”Heuh keudeung.”
Maranehna langsung mangkat. Pas di jalan maranehna
kacilakaan. Di tempat eta ge aya Sableng, Eris, Jeung
Iding turun di angkot.
Sableng :”Eh Eta saha anu cilaka?”
Iding :”Hayu eh tingali.:”
Sableng, Iding, jeung Eris Leumpang ka tempat eta.
Eris :”Eh eta mah si Asep, Iwan Jeung si Sinti ge.”
Sableng :”Eh Hayu atuh urang bantuan.”
Iding :”Ning maneh mah daek ngabantuan pan si eta tadi nitah wae
maneh jeung ngajojore maneh.”
Sableng:”Pan Kitu-kitu ge babaturan arurang keneh.”
Maranehna ngabantuan budak tiluan eta, terus langsung
dibawa ka rumah sakit.
Pas di ruamah sakit, Indung si Asep datang sabab di
telepon ku si Eris. Pas indung si Asep datang pas eta oge
maranehna salaladar.
Ma Tini :” ASeppp, Iwannn, Sintiiii Maneh mah ngaleyed cek ema ge
ari mawa motor the lalaunan we asal tepi ngan hayoh we ngebut pan jadi
kacilakaan kos kieu.”
Sinti:”Geus takdir meren ma.”
Asep :”Eh eh eh anu nulungan arurang saha?”
Eris :”Si sableng.”
Iwan :” Atuh Maenya iyeu teh?”
Iding :”Heeh ehhhh.”
Asep :”Sableng nuhun heu geus ngabantuan. Hampura urang osok
ngaledek jeung nitah maneh.”
Iwan, Siti:” Nuhun oge heu sableng.”
Sableng:”Enya sami-sami, asal engke maraneh ulah kekebutan jeung
bolos sakola deui.”
Eris,Iding:”Tah denge wan,sep,sin!.”
Saenggeus kajadian eta Asep, Iwan, Santi jadi balageur,
hente kekebutan dijalan deui, jeung tara bolos.
TAMAT.

Anda mungkin juga menyukai