Anda di halaman 1dari 2

Damas téh leuwi asih, tempat kuring teuteuleuman icikibung ngojayan mangsa rumaja.

damas téh
taman katresnan tempat kuring nebarken bibit asih ngadagoan mangkakna kembang harepan.
Damas téh tali kacapi ati nu ngantengkeun rasa kaheman, kanyaah awaking ka saarakan asih kuring
ka manehna. Di damas lagu hirup papasangan, mipit ceurik mun ti peuting mulas beurang ku
kawaas, suka jeung duka silih baganti ngeusian ringkang haleuang, pan di damas eulis urang beber
layar tarik jangkar ngambah endahna sagara cinta munggaran, dipepende kuhiliwir angin tingtrim
bari sakapeung kudu ngayonan mapag lambak...Eulis, urang kotretkeun ringkang nu kaalaman urang
tuliskeun kawaas lawas nu teu laas-laas, nusok ngalangkang nembongan dina lamunan nu sok
nganjang ngaringkang dina ciptaan, marengan datangna mangsa mimitran. salempay kawaas
nyampai di damas bulan ngempray di langit kamelang. Lalakon urang carita urang lalakon urang
duaan. 

basa salira saparakanca lebet karohangan dipapag tembang rampak pangbagea ceuceu akang,
sajorelat ieu teuteup nyampai dina raray, raray salira. Sanajan baranang bentang wengi eta,
panyawang labas teu kapalingan da puguh bulan mah nenggang. Harita geulis, rema sukma bet asa
kerep ngageter lagu liwung ngaguruh dina jajantung hawar-hawar ngagalindendeng jeroning angen,
rambut salira nu panjang diuntun imut nungtun liwung gandrung basa urang tepang raray
numunggaran… 

Poe panjang mangsa mimitran, bibit asih nu ditebar timangsa tepang munggaran teu karasa eulis
sihoreng renung sirungan, haleuang tembang tibeurang marengan melang hariwang hariring kawih
tipeuting mirig kainggis nu teu daek lantis. Kasieun cau ambon dikorangan saliara kapipir pipir,
palangsiang ambon sorangan salira mah teu mikir-mikir. Dina mangsa diri nyorangan nyanghunjar
lambar lamunan diumbar, dina peuting anu simpe asa kucape mepende hate. Lamunan dipungkas ku
renghap nafas, bari nyalahkeun diri sorangan naha bet ludeung melakkeun tineung. Duh kembang
kamelang, kembang munggaran nu ligar hegar na mumunggang pangharepan. Duh kalbu nu
dirungrum gandrung na kasaha diri téh kudu balaka… 

Eulis basa salira munjungan dina mangsa wawanohan, galindeng soanten asa kapireng, “akang
nepangkeun abdi”, duh soca nucureuleuk ngolebat dina lolongkrang kiceup salira tungkul
nyumputkeun imut. Lambey ngawed mipit asih sajorelat kiceup ngampih, salira mah moal terang
antara harepan jeung hariwang sok inggis asih nogencang hate dipuntangan bimbang. 

Sakapeung akang sok hayang tumanya kanu keur kabeulit ku asih, “naha naon ari cinta?”
Nudatangna tara bebeja lamun indit tara pamit. Dageuning sakapeung sok malik nanyakeun mun
duriat dihalang-halang naon nu jadi alesan naon nu jadi lantaran.. 

Beurang kaselang ku peuting wawanohan beuki sering. Beuki sering beuki ngait, beuki lami beuki
meulit. Ah kitu soteh saakangeun da eulis mah terang ge biheung…eulis da bongan geuning cek tadi
suka djeung duka mah silih baganti, aya mangsa suka kaselang kuduka aya wanci seuri kasilih
kusedih, emut keneh basa salira sumping kasiangan dipapag sentak pananata calagara diseukseukan
bebeakan… 

Geulis mugi masing surti, kapan salira nuju diuji. Kapeurih sing jadi peurah ulah pundung kusakitu,
ngan basa salira ngareret naha ieu hate bet nyeredet, cisoca eulis nu ngeclak ipis lalaunan mapay
damis. Ciibun nyalangkrung da langit keur mendung halimun katineung ngarangkul langit
haleungheum.
Mangsa bulan nyusup ditundung ku indung suku ngabungbang lekasan mapag balebat Beulah wetan,
wanci carangcang tihang salira saparakanca kedah santika ngiring lumpat bari diaping kujagabaya,
akang mah pangtukangna henteu tebih ti salira, urang lumpat nanjak mudun ditungtun ku angin
gunung, lebah mumunggang, basa nu sanes nanjak mudun salira mah geuining kakantun ngahunjar
dina amparan jukut datar. Kunaon senawati? Cek akang bari nyampeurkeun, ieu sampean tijalikeuh
kang waler salira. Akang ngasongkeun leungeun salira cengkat bari muntang, geus tong lumpat
mending ge leumpang, cek akang, salira teu mumpang bari angger nyepengan panangan, mapah
gigireun akang. Harita geulis kawani sumping teuing timendi nekad datang teuing timana, mangsa
urang leumpang ngarendeng duaan akang ngedalkeun angen-angen nu geus lawas disidem wakca ka
salira balaka yen neundeun tineung nyimpen kadeudeuh manawi suwung mangandeuh. Harita geulis
najan salira teu ngawaler ku kedal lisan, diri yakin yen asih téh teu nogencang. Rema salira karaos
pageuh na mangsa pakeupeul leungen. Basa pareng lengkah ngarandeg urang nyelang ngundeur
deudeuh amprok teuteup, raray salira tanggah sumerah. Sakedapan teuteup geugeut beuki deukeut,
les ngiles lelembutan kumalayang acining batin gumulung ngumbar kaheman, sakuriling sepi
jempling simpe kaheumpikan dangding. dina regang tangkal kihujan cangkurileung enteup
ngagareuwahkeun salira nyiwit bari ngaharewos halon “ah akang mah bangor”, harita akang nembe
emut najan rineh pan salira téh calon keneh. Cangkurileung ngageleber hiber kalandeuhkeun, cek
dina hate akan harita, jung manuk geura hiber mawa beja, bejakeun ka sarerea senawati pupujaning
ati pigedengeun prameswari jaga pun aing jadi alumni. Bejakeun, bentang nu peuting tadi ngiceupan
kiwari ngancik na ati bentang mimitran ayeuna aing nu boga…. 

Dirungrum diayun gandrung ditimang melang hariwang, kembang asih beuki ligar disiram cai
katresnan ati, rema mangsa nuntun waktu manjangan mangsa mimitran kahayang mah teras tepang,
sungkan pisah najan salengkah. Tapi dalah dikumaha keur geugeut nganteur katineung jol beja
digupay tugas akang kudu miang ti subang, teu bisa mungpang najan dibarengan ku longkewang
kapaksa kedah ngantunkeun mimitran. Teu lami eulis ukur sawengi tapi abong keur dibeulit asih
sawengi téh asa sawarsi, hate kumejot dibetot kasono, 
Basa akang ninggalkeun subang, langit hurung dipulas layung lebah ciater hate gumeter, pileuleuyan
langit subang… 

Anda mungkin juga menyukai