Anda di halaman 1dari 2

BURUK SANGKA

Karya Regina Zahrawani

Jam beker disada, tanda fajar tos datang. Nasya mareuman bari sebel, naha geus
isuk deui padahal karek ge pereum. Poe ieu Nasya kudu hudang isuk isuk sabab
ayeuna teh pertama kalina Nasya sakola di SMA Angkasa, sakolana nu anyar.
Nasya embung mun kudu dihukum sabab kabeurangan. Sabenerna Nasya teh
kapaksa kudu pindah sakola ti SMA Garuda sabab ayahna dipindahkeun gawena
ti Garut ka Jakarta. Padahal Nasya teh geus betah sakola di SMA Garuda.

Waktu tos nunjukeun tabuh 6.15 tandana Nasya kudu buru-buru indit kasakola.
Nasya nu keur gogoleran dikasur bari ngahuleng, jol digeroan ku indungna
“Nasya, sok atuh gera angkat bisi kabeurangan! Si ayah tos nungguan”. Bari
hoream Nasya turun kahandap, tuluy salam ka indungna. Ayahna tos nungguan
digarasi bari manaskeun mobilna. Dijalan teh ayahna ngomong “Nak, tong kitu ka
mamah teh. Ayah kan didieu neangan artos kanggo Nasya, kanggo emam, kanggo
kabutuhan sapopoe. Mun ayah teu gaduh artos pan karunya atuh Nasya mun
menta nanaon teu tiasa di turutan ku Ayah. Sok sing semanget diajarna, meh bisa
jadi jalma nu sukses.” Nasya senyum bari ngangguk. Nasya embung mun jadi
beban kadua orangtuana.

Pas tos nepi di SMA Angkasa, Nasya langsung kesang tiis. Nasya sieun teu boga
babaturan, sieun jadi korban bully, sieun jadi nu pang bodona, ah loba pisan
kasieunan nu aya dipikiranna, sabab Nasya sadar, Nasya lain jalma nu gampang
akrab jeung batur. Nasya pamit ka ayahna, ayahna teu bisa nganter nepi ka jero
sakola sabab aya meeting nu sakedeung deui bakal dimulai. Ayeuna Nasya bener
bener sorangan.

Bener weh, pas asup kasakola teh Nasya langsung ditingalikeun ku kabeh jalma
nu aya didinya. Nasya teh sanes pribumi asli, mung turunan Polandia ti indungna.
Teu salah mun Nasya boga muka nu geulis, saha sih nu teu resep? Sebenerna
Nasya bisa wae sakola di Polandia, ngilu sareng lanceuk-lanceukna, ngan Nasya
embung. “Pamandangan di Indonesia alus, jalma na barargeur. Betah jadina
tinggal didieu, tipada di Polandia” saur Nasya pas ditanya ku indungna.

Pas Nasya rek neangan rohangan guru, Nasya nyadar aya sagerombolan awewe nu
merhatikeun ti lantai 2, awewe eta bisik bisik tuluy seseurian bari ningali ka
Nasya. “Pasti sagerombolan awewe eta bakal ngaganggu Nasya didieu, atau bener
weh Nasya rek dibully? Aaah.. sebel! Naha kudu aya jalma siga kieu didieu sih?”
Nasya ngabatin.

Pas tos nepi di rohang guru, Nasya langsung disambut ku kabeh guru. Nasya
ngarasa asa dispesialkeun ku guru-guru didinya. Pas salah sahiji guru nerangkeun
perkara SMA Angkasa, Nasya teh jol teu ngareunah awak, pararusing jeung
laleuleus, kusabab tadi isuk ngan saukur sarapan roti. “Bu Mira, punten pang
anterkeun Nasya ka UKS, ngke abdi kabaran heula bapana meh buru-buru
ngajajap Nasya kadieu. Mereun Nasya can siap diajar. Teu nanaon sapoe ieu
Nasya istirahat weh” saur Bu Nomi, walikelasna Nasya nu anyar.

Nasya dituntun ku Bu Mira ka UKS. Nasya sieun pisan aya dilingkungan ieu,
sabab eweuh hiji hiji acan jalma nu Nasya kenal. Nasya bener bener sorangan,
siga budak leutik nu leungit neangan indungna di pasar-pasar. “Ayaahh.. Nasya
hoyong uih..” jero hate Nasya bari nahan meh teu ceurik. Pas Bu Mira tos indit,
jol aya awewe asup ka UKS bari bur-buru, tuluy awewe eta jol nyamperkeun
Nasya. “Ieu kan salah sahiji awewe nu tadi ningalikeun Nasya ti lantai 2?” batin
Nasya bingungeun. Eta awewe teh langsung nyamperkeun Nasya “Hai, aku tadi
ningali kamu jalan sareng Bu Mira looh, makanya aku langsung kesini. Kamu
belom kenal siapa siapa kan disini? Kenalin nama aku Miura, aku kelas 11
Science 3” bari ngajak salaman. Nasya bingung pisan bari kurang ngarti eta
awewe ngomong naon wae meni gancang-gancang teuing bari make bahasa
Indonesia. Eta awewe teh katingalina bageur pisan, ngan mukana rada galak. “Eh,
hai juga. Abdi Nasya, pindahan ti Garut. Abdi bisasana ngomong make bahasa
sunda hehehe punten nya.. eh, maaf..” jawab Nasya

“oohh, anjeun teh urang sunda? Hahaha santai we abdi ge ngartos da, ngan rada
teu lancar, Papa aku orang Sumedang, jadi kadang kadang sok ngomong bahasa
sunda, campur campur. Eh tong sieun kituu.. aku kesini mau ngajakin kamu
gabung kagiatan Basa Inggris, abdi pikir anjeun pasti lancar basa Inggris na.”
ceuk Miura bari nyengir seneng pisan siga nu ningali duit sakarung. “Eh, iyaa aku
bisa basa Inggris, ngan nya sok salah salah. Kudu dilatih deui.” jawab Nasya jadi
tuturut ngomong basa Sunda jeung basa Indonesia. “Gapapa, ngke urang diajar
sasarengan nya. Eh, kamu kenapa?”

Ti kelas 10 Miura tos loba dikenal sabab Miura teh siswi anu berprestasi, geulis,
bageur deui. Teu heran deui mun hampir kabeh nu aya di SMA Angkasa teh
ngomongkeun kabaikanna Miura. Miura oge ngiluan loba eskul, Basa Inggris,
Cheerleader, sareng Pecinta Alam. Miura carita loba pisan ngeunaan SMA
Angkasa, mulai ti guru-guruna nepikeun ka penjaga sakolana nepikeun Nasya
dijajap ku ayahna.

Nasya jeung Miura teh jadi dekeut pisan, berunungna Nasya sabab ditempatkeun
sakelas jeung Miura, jadina kamamana pasti duaan wae, dimana aya Nasya, pasti
aya Miura! Miura sukses ngilangkeun pikiran pikiran goreng ti pikiran Nasya,
SMA Angkasa teh rame, malah mah leuwih rame ti SMA na di Garut. Nasya
dikenalkeun kababaturanna Miura, sagerombolan awewe nu basa eta merhatikeun
Nasya ti lantai 2, ayeuna kabeh jadi babaturanna Nasya oge. Beruntung pisan
pokona mah Nasya tos dideketeun jeung Miura.

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai