Anda di halaman 1dari 8

Assalàmu’alaikum Wr. Wb.

Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in. Ammà
ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya anu
dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn
ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat
sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad
SAW.

Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir
jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.

Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib Belajar
Pendidikàn Dasar “.
Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan
dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kayaàn
ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda.

Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah
geus tàngtu bakal sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu
kiràng mampu teu tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt
Indonesia tiasa menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.

Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà
nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter.

Lamun masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà
sejen jeung bakàl kalindes ku kamajuàn jaman.

Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà
lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa
kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka
sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun progràm
ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring.
Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur nuhun kànu
sadaya perhàtosannana.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.

Assalamualaikum wr wb..

Bapak kepala sakola Encep Rohimi S.Pd, sareng bapa/Ibu guru, anu ku simabdi dipihormat,
sareng rerencangan saangkatan, kaka kelas, sareng adi-adi kelas anu ku simabdi pikadeudeuh.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina kayaan sehat
walafiat. Amin

Dina waktos ieu, abdi bade nerangkeun pikeun pentingna ngajaga kabersihan lingkungan
kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga kabersihan pikeun diri
urang sorangan.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun "Inna dhofatu minal iman" Nu hartosna, “Kabersihan teh
sabagian tina Iman”. Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana,
nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor
boh hadas alit atawa hadas ageung. Bersih eta sadayana teh nu didasarkeun tina bersih jeung
sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.

Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge
milu bersih. Urang kedah ngajaga lingkungan sakola sapertos ulah micen sampah papaduan,
nyurat nyoret tembok atawa bangku sakola, jeung sajabana.

Supaya dina urang diajar kacipta proses diajar jeung ngajar jadi geunah. Pastina, lamun bersih
tangtuna urang jadi betah mun aya dilingkungan sakola atawa di jero kelas. Ku kituna, urang
kudu ngajaga kabersihan sakola sapertos miceun sampah kudu ka tempatna.

Kabersihan oge aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga,
sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana.

Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean
urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih, ku
cara sasarengan urang hayu ngajaga kabersihan dina lingkungan sakola.
Cekap sakitu wae abdi nyanggakeun biantara ieu, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb

Assalamu 'alaikum wr wb...

Bapa Kapala Sakola, Ibu Bapa Guru, Para Sepuh sareng tamu uleman anu hadir di ieu tempat
kango ngahadiran acara Paturay Tineung murangkalih kelas ...

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Ilahi Robbi. Kalayan
Qodrat Mantena urang tiasa patepang dina ieu waktos kalayan sehat wal afiat.

Solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana habiibanaa wa
nabiyyanaa Muhammad Sollalloohu Alaihi wa Sallam. Atuh teu hilap oge ka kulawargana, ka
para sahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka para pengikutna anu setia ngajalankeun
sunnah anjeuna, kalebet urang.
Aamiin.:

Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat.

Teu karaos, sababaraha taun ka pengker abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu kanggo
daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos parantos bade ninggalkeun sakola ieu.

Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu sanes
karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing kalayan tulus ku
Bapa sareng Ibu Guru.

Hapunten Pa... Hapunten Bu...

Upami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu raos dina manah Ibu sareng
Bapa.
Bilih mah aya nu ka hinis ku raheutna ieu lisan, neda dihapunten kalayan peraosan anu tulus.
Mugia Ibu sareng Bapa tiasa ngahapunten kana sagala ka hilapan abdi sadayana.

Dina dinten ieu abdi sareng rengrengan bade papisah ti Ibu sareng Bapa, ngalampah kahirupan
engal. Hatur nuhun kana elmu anu parantos diwariskeun, mudah-mudahan janten elmu nu
manfaat sareng janten amal soleh kanggo guru nu parantos ngadidik abdi ku ka ikhlasan.

Pa... Bu...

Doakeun abdi supados janten jalmi anu berguna. Sok sanaos elmu ngan sakeupeul peureup,
namung abdi hoyong berusaha kanggo janten langkung sae ti ayeuna.

Sapertos papatah anu sering ku Ibu Bapa disebatkeun sok kakuping ku cepil sareng nyerep dina
hate ieu. Kirang langkung sapertos kieu: Jang... Nyi... Elmu mah moal beurat dicacandak. Upami
janten jalmi kedah nurut kana elmu pare, tambih eusina tambih tungkul.

Papatah eta Insya Allah bade dijantenkeun semboyan hirup abdi pribadi umumna panginten ku
rengrengan nu sanesna.
Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku abdi salaku perwakilan ti kelas ... . Hatur nuhun kana
sagala perhatosanna.

Di tutup ku doa

Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa rabbayaani shogiiron. Robbanaa aatinaa


fiddunya hasanah wa fil-aakhirati hasanah, waqinaa adzaabannaar.

Wassalamu alaikum wr wb...

Anda mungkin juga menyukai