Anda di halaman 1dari 4

CONTO LAPORAN KAGIATAN

Mieling Poe Kamerdekaan Indonesia

1. Kasang Tukang

Kamerdekaan Indonesia direbut ku para pajoang teh bari ngorbankeun jiwa jeung ragana kalawan tanpa
pamrih. Kukituna, urang salaku bangsa Indonesia kudu ngajaga jeung ngarawat kamerdekaan Indonesia.
Aya sawatara cara pikeun ngajaga jeung ngarawat kamerdekaan Indonesia. Salah sahiji cara pikeun
ngajaga jeung ngarawat kamerdekaan Indonesia nyaeta ku mieling poe kamerdekaan Indonesia nu geus
katelah sok disebut "17 Agustusan". Dumasar kana kasang tukang pamikiran eta, warga Komplek
Margaluyu Tasikmalaya ngayakeun kagiatan "17 Agustusan".

2. Tujuan

Kagiatan "17 Agustusan" ieu diayakeun miboga tujuan sangakan 1) Warga Komplek Margaluyu
Tasikmalaya bisa inget jeung ngahargaan kana jasa para pajoang kamerdekaan Indonesia, 2) Miboga
rasa sukur ku ayana kamerdekaan, 3) Ngarawat jeung ngajaga kamerdekaan sangkan ulah nepi ka dijajah
deui.

3. Waktu jeung Tempat Kagiatan

Kagiatan ieu tèh dilaksanakeun ti tanggal 10-17 Agustus 2019. Sedengkeun tempatna nyaeta di Balai
Warga jeung di lapangan badminton di hareupeun balai warga.

4. Pamilon

Anu jadi pamilon dina ieu kagiatan dibagi dua, nyaeta pamilon nu jadi panata calagra atawa panitia
jeung pamilin lomba. Jumlah pamilon nu kalibet dina ieu kagiatan teh nyaeta aya 150 urang

4.1. Panata Calagra

Pupuhu: Ahmad Amirudin


Girang Serat : Leni Marlina

Panata Harta : Teti Roheni

Seksi Acara : Amir, Budi, Cepi, Dedi, Edi, Fahmi, Ani, Beti, Celia, Deti, Eni, Feny

4.2 Pamilon Lomba

Badminton : 10 urang

Tenis meja : 10 urang

Lomba Dahar Kurupuk : 20 urang

Balap Karung : 20 urang

Lomba sendok kaleci : 20 urang

4.3 Pamilon Pentas Seni

Seni tradisional Sunda : 15 urang

Seni NAsional : 15 urang

5. Waragad

Waragad kagiatan Mieling Poe Kamerdekaan Indonesia ieu teh nyaeta meunang tina iuran para warga
Komplek Margaluyu Tasikmalaya anu gedena 100.000/urang sarta dana bantuan tina kas warga. Eta
waragad teh digunakeun pikeun ngabiayaan kagiatan ieu, ti mimiti nepi ka lekasan.

Ieu kagiatan tèh geus mèakkeun waragad Rp. 12.550.000,-

Wincikan waragad :

Konsumsi Rp. 5.000.000,-


Hadiah Rp. 3.000.000,-

Pakakas Rp. 1.000.000, -

Nyieun Hiasan jeung Panggung Rp. 3.000.000, -

Lain lain Rp. 550.000,-

Jumlah Rp. 12.550.000,-

6. Kagiatan

Aya dua rupa lomba atawa pertandingan, nyaeta nu dilaksanakeun samemeh tanggal 17 Agustus 2019
(badminton jeung tenis meja) jeung dina poe tanggal 17 Agustus 2019 (Lomba Balap Karung jeung
sajabana ti eta), sarta aya oge pentas seni dina tanggal 17 Agustus peuting, anu wincikanana
dijentrekeun di handap ieu:

a. Lomba atawa pertandngan nu diayakeun dina samemeh tanggal 17 Agustus nyaeta pertandungan
badminton jeung tenis meja.

b. Lomba nu diayakeun dina poe tanggal 17 Agustus nyaeta lomba ngadahar kurupuk, lomba balap
karung jeung lomba sendok kaleci.

c. Pikeun nutup acara 17 Agustusan, dina tanggal 17 Agustus peutingna diayakeun pentas seni, ramah
tamah antar warga sarta pangumunman nu meunang lomba atawa pertandingam.

7. Panutup
Sanggeus diayakeun kagiatan Mieling Poe Kamerdekaan Indonesia atawa "17 Agustusan", bisa
dihasilkeun kacindekan yen tujuan ieu kagiatan teh saeutik-loba bisa kacumponan, nyaeta Warga
Komplek Margaluyu Tasikmalaya 1) bisa inget jeung ngahargaan kana jasa para pajoang kamerdekaan,
2) bisa miboga rasa sukur ku ayana kamerdekaan, 3) bisa ngarawat jeung ngajaga kamerdekaan. Salian ti
eta kaakraban antar warga oge bisa jadi leuwih raket.

Anda mungkin juga menyukai