Anda di halaman 1dari 76

Pamekar Diajar

BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas VI

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT


2014
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
KIKD Kurikulum 2013
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat


Ditangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna
Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi
ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku
taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum
luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep
bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

PANYUSUN:
Tatang Sumarsono
Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat
Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H.Yayat Sudaryat
Risnawati

PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.
Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri
Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto

Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar


Rarancang Jilid : Edi laish

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3


Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)


978-602-1300-21-3 (Jilid 6)
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

ii
PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning


nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal
Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.
Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng
buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan
pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013,
ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul
bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi
Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan
pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan
merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah,
dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh
pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance;
behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.
Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning
ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan,
saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna
gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun
kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi
guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah
kènging pangajèn.

iii
Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina
dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning
lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013


Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA


Pembina Utama Madya
NIP 19570807 198601 1 001

iv
PANGBAGÉA

KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional.


Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal
di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-
elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar
kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan
kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah
anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.
Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24
jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten
buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun
sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar
sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi
dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé
mangrupi pangjembar buku murid.
Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku
guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,
sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu
dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng
penilaian auténtik dina prosés pangajaran.
Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas
Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan
Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs,
SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat
Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah
pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

v
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan
langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah,
ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu,
teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina
ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan
pajaman.

Bandung, Désember 2013


Kepala Balai
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd


NIP. 196110051986031014

vi
PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK)


pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad
ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup
kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna
pangajaran basa Sunda.
Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung
kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna
karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan
ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa
Sunda.
Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina
pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak
SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina
ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina
kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah,
ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina
prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery
learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya,
nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).
Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal
kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih
gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu
engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa
jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.
Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun
nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

vii
DAFTAR EUSI

PANGBAGEA: PANGAJARAN 3 _29


1. Kepala Dinas Pendidikan Tema : Tokoh nu
Provinsi Jawa Barat _iii Manggihkeun _29
2. Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas PANGAJARAN 4 _37
Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v Tema : Pangaruh Globalisasi
Kana Lingkungan Jeung
PANGJAJAP _vii
Kahirupan Manusa _37
DAPTAR EUSI _viii
PANGAJARAN 5 _42
Tema : Wira Usaha _42
BAB I PITUDUH UMUM _1
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 PANGAJARAN 6 _48
B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2 Tema : Ngajaga Tur Miara
C. Tatapakan Formal _4 Kasehatan Masarakat _48
D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan
pangajaran _4 BAB III PITUDUH MEUNTEUN _53
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 A. Kritéria Meunteun Katutasan
F. Proses Pangajaran _5 Minimal (KKM) _54
G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)
Dasar (KIKD) _6 _54
H. Tema jeung Bahan Ajar _8 C. Rubrik Meunteun Sikep _55
D. Rubrik Meunteun Latihan _55
E. Rubrik Meunteun Maca _56
BAB II PITUDUH HUSUS _9 F. Rubrik Meunteun Nembang _56
PANGAJARAN 1 _10 G. Rubrik Meunteun Biantara _56
Tema : Penyelamatan H. Daftar Peunteun Murid _57
Makhluk _10 I. Daftar Peunteun Murid _58

PANGAJARAN 2 _21 BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _59


Tema : Kahirupan Turta Nyaah A. Kaweruh Basa jeung Sastra _60
Buméla Ka Lemah Cai B. Glosarium _66
_21 Daftar Pustaka _68

viii
Bab 1
Pituduh
Umum
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru
Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun
kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.
1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi
dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.
2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung
tur ngamalir.
3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah
hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun
masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda.
4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid.
6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,
anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar
murid di imahna séwang-séwangan.
7. Pituduh maké buku babon murid.
Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh,
jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,
ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal
diulikna.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus Guru


Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku
babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.
Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu
dipidangkeun dina ieu buku.
1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran.
Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah
nu hadé.

2 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun,
pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.
5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung
kacana.
6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén
lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.
7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya,
nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa
waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.
8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM);
b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali
jeung sosial budaya Sunda.
10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat
téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa
jeung Sastra Sunda.
11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).
12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik,
ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif
nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan
kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun
méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan
alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.
14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan
kompeténsi.
15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.
16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus
hiji téma atawa bahan réngsé.
17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh
cerdas tur bisaeun.
18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina
nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-
tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat,
waktu, jeung bahan ajar.

Bab 1 Pituduh Umum 3


C. Tatapakan Formal
Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum
2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda
atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung
Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan
Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna,
ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah
kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).
Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh
diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun
mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-
ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina
katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan
katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon
nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun
tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-
ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya
masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana
néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran


Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan
dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé.
Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana
saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran
1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero
pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui
dina ulikan jeung latihan.
Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé
dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun
kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1
atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.
Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih.
Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan
dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.

4 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur
tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna
(panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina
eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun


Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab
dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam
sabudeureun, sarta dunya katut adabna.
Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur
rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).
Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.
Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta
wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses Pangajaran
Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu.
1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton
2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)
5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

Bab 1 Pituduh Umum 5


G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)
Kelas VI SD/MI

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

6.1 Menerima, menghargai, dan 6.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha
menjalankan ajaran agama Esa atas penciptaan bahasa Sunda
yang dianutnya sebagai bahasa daerah dan unsur budaya
bangsa serta alat komunikasi masyarakat
penuturnya melalui teks narasi, deskripsi,
pupuh, dongeng, dan pidato.

6.2 Memiliki perilaku jujur, 6.2.1 Memiliki perilaku peduli terhadap


disiplin, tanggung jawab, penyelamatan makhluk sebagai ciptaan
santun, peduli, percaya diri Tuhan YME melalui teks narasi (Tema 1)
dalam berinteraksi dengan 6.2.2 Memiliki perilaku santun dalam
keluarga, teman, tetangga, memelihara dan membina persatuan
dan guru dalam perbedaan bangsa melalui teks
pupuh. (Tema 2)
6.2.3 Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh
dan penemu melalui teks narasi (Tema 3)
6.2.4 Memiliki perilaku tanggung jawab dan
peduli menghadapi pengaruh globalisasi
terhadap lingkungan dan kehidupan
manusia melalui teks deskripsi. (Tema 4)
6.2.5 Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli,
dan disiplin dalam berwirausaha melalui
teks deskripsi. (Tema 5)
6.2.6 Memiliki perilaku peduli, disiplin,
dan tanggung jawab dalam menjaga
memeliharan kesehatan masyarakat
melalui teks pidato. (Tema 6)

6 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


6.3 Memahami pengetahuan 6.3.1 Memahami teks narasi tentang
faktual dengan cara penyelamatan makhluk.
mengamati dan mencoba (Tema 1)
[mendengar, melihat, 6.3.2 Memahami teks pupuh tentang kehidupan
membaca] serta menanya berbangsa dan bernegara (Tema 2)
berdasarkan rasa ingin tahu 6.3.3 Memahami teks narasi tentang tokoh
secara kritis tentang dirinya, dan penemu secara mandiri kemudian
makhluk ciptaan Tuhan dan mengolah dan menuliskannya kembali
kegiatannya, dan benda- dengan kata-kata sendiri
benda yang dijumpainya di (Tema 3)
rumah, sekolah, dan tempat 6.3.4 Memahami teks deskripsi tentang
bermain pengaruh globalisasi terhadap lingkungan
dan kehidupan manusia. (Tema 4)
6.3.5 Memahami teks deskripsi tentang
berwirausaha. (Tema 5)
6.3.6 Memahami teks pidato tentang meme­
lihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

6.4 Menyajikan pengetahuan 6.4.1 Menyusun teks carita pondok tentang


faktual dalam bahasa penyelamatan makhluk dengan bahasa
yang jelas dan logis dan Sunda yang baik. (Tema 1)
sistematis, dalam karya yang 6.4.2 Melantunkan teks pupuh tentang
estetis dalam gerakan yang kehidupan berbangsa dan bernegara
mencerminkan anak sehat, (Tema 2)
dan dalam tindakan yang 6.4.3 Menyusun teks narasi tentang tokoh dan
mencerminkan perilaku penemu secara mandiri. (Tema 3)
anak beriman dan berakhlak 6.4.4 Menyusun teks deskripsi tentang
mulia pengaruh globalisasi terhadap lingkungan
dan kehidupan manusia. (Tema 4)
6.4.5 Menyusun teks deskripsi tentang
berwirausaha. (Tema 5)
6.4.6 Menyusun teks pidato tentang menjaga
dan memelihara kesehatan masyarakat.
(Tema 6)

Bab 1 Pituduh Umum 7


H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 4 : Pangaruh Tema 1 : Nyalametkeun


Globalisasi Mahluk
Bahan : Déskripsi Bahan : Narasi

TEMA Tema 2 : Kahirupan


Tema 5 : Wirausaha & Bangsa Nagara
Bahan : Déskripsi BAHAN AJAR Bahan : Pupuh

Tema 6 : Kaséhatan Tema 3 : Inohong


Masarakat Penemu
Bahan : Biantara Bahan : Narasi

8 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Bab 2
Pituduh
Husus
PANGAJARAN 1

Tema : Penyelamatan Makhluk


Subtema : Nyalametkeun Mahluk Papada Ciciptan Alloh
Bahan : Déskripsi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman,
ngadiskusikeun kandaga kecap, ngaringkeskeun bacaan, ngalarapkeun paribasa, nyaritakeun
eusi bacaan, mikaweruh kecap sangaran, ngawih, maca dongeng.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar.


Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus
guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék
diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 1 ngeunaan
hasil observasi penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran 1 ieu murid dipiharep
mampuh nulis laporan téks narasi hasil observasi ngeunaan penyelamatan
mahluk. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa kanyaah
jeung héman ka papada mahluk nu aya di sabudeureunana, jembarna mah
miara kahéman Allah ka manusa.

2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid sacara
langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kanyaahna ka papada mahluk.
Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca karangan
narasi nu judulna “Penyu Héjo” nu dipilih tina sababaraha sumber WWF
Indonesia.
Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana karangan narasi nu témana
penyelamatan mahluk, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid
pikeun mikahéman papada mahluk, hususna nu aya disabudeureunana.

10 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


3. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara
nembongkeun gambar penyu di basisir.
Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina gambar.
Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kanyaahna ka papada
mahluk. Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina
internet.

KAGIATAN INTI

A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 1.gurunitah murid maca jero haté. Saméméhna ngajentrekeun


heula yén maca jero haté téh hiji kagiatan maca nu maksudna rék nyangkem
eusi bacaan, teu meunang aya sora ngagerendeng komo ditarikkeun atawa
dibedaskeun.
2. Guru marentah murid rék ngamimitian maca. Mimiti mah macana ditamatkeun
sakabéh wacana.
3. Guru maca malikan deui kalawan taliti saparagraf-saparagraf. Anu maksudana
keur nyumponan pangjawab kana maksudna pananya. Saterusna murid dititah
ngerjakeun pancén.


B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 2. guru nitah murid ngajawab pananya.


2. Guru nyarita, mun murid rengsé migawé tugasna, salah saurang murid dititah
macakeun pananya. Baturna nu ngajawab. Bagilir nepi ka rengsé.

Bab 2 Pituduh Husus 11


C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap

No. Kagiatan

1. Kagiatan 3, guru nitah murid ngadiskusikeun Kandaga Kecap sacara kelompok.


Saterusna murid dititah néangan harti kecap dina kamus. Saméméh diskusi
guru méré pituduh heula, ku cara:
a. Guru jeung murid nyadiakeun kamus atawa sumber sejenna.
b. Guru ngabagi murid jadi 5 – 6 kelompok. Unggal kelompok dipimpin
ku ketua kelompok. Masing-masing kelompok dibagi hiji sewang
kamus.
c. Guru ngabimbing. Murid-murid giat néangan harti kecap dina kamus
jeung sumber lianna. Sanggeus masing-masing kelompok rengsé
migawé tugas. Ketua kelompok macakeun hasil diakusi.
d. Guru nitah ngalarapkeun harti kecap dina kalimah
2. Harti kecap nu dipaluruh, di antarana:
1. Siwur téh dijieunna tina batok.
2. Lampu listrik nu dipasang di kamar caang pisan.
3. Méja téh sorong ka sisi témbok.
4. Kalimah nu disusun ku Adi mah kacida alusna.
5. Nyaho bapana datang, budakna lumpat muru bapana.
6. Si Cépot dibaturan ku Si Déwala ngalalana ka pakidulan nagara
sancang.
7. Indungna nu keur ngajaga warung, sok nyelang heula mapagkeun
anakna ka sakola.
8. Anak penyu nu dileupaskeun di basisir tingarugil muru ka laut.
9. Tukik atawa anak penyu téh teu sakabéhna salamet hirupna nepi ka
gedé.
10. Kuring mah indit ka sakola unggal poe gé leumpang da deukeut.
3. Saterusna guru ngoméntaran nu salahna kana kalimah nu disusun ku murid.
Murid nyebutkeun koreksian kalimah.

D. Ngaringkeskeun Bacaan

No. Kagiatan

1. Kagiatan 4,guru nitah murid ngaringkeskeun bacaan ku cara nyieun gurat


badag

12 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


2 Saméméhna guru nitah murid maca taliti unggal paragraf.
a. Guru nitah néangan kalimah nu jadi poko caritaan dina unggal
paragraf ‘Penyu Héjo’.
b. Guru ngabimbing maca gurat badag bacaan nu dijieunna.
c. Guru ngabimbing murid migawé ringkesan carita dumasar kana gurat
badag carita.

E. Ngalarapkeun Paribasa

No. Kagiatan

1. Kagiatan 5, guru nitah murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah


2 Guru nerangkeun deui harti paribasa
3. Guru nerangkeun kecap nu aya dina paribasa, atawa nanya ka murid saha nu
nyaho harti kecapna. Upamana: nyiuk, ayakan, pegat, simpay, genténg, kadé,
kurung, komo.
4. Guru nugaskeun murid ngalarapkeun paribasa dina kalimah.
5. Guru ngaroris pagawéan murid.
6. Guru nuduhkeun kasalahan dina kalimah nu disusun ku murid.
7. Guru nitah murid ngaréngsékeun nyusun kalimah.
8. Guru nitah murid-murid bagilir maca kalimah nu disusunna.

F. Nyaritakeun Eusi bacaan

No. Kagiatan

1. Kagiatan 6, pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna


ka papada mahluk, guru nugaskeun murid maca deui téks nu patali jeung
mahluk nu rék tumpur, nu judulna “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina
Habitat Aslina”.
2. Saterusna murid dititah ku guru pikeun nyaritakeun deui eusi bacaan, lengkah-
lengkahna saperti ieu :
1. Guru nugaskeun murid maca “Jalak Bali Nu Rék Tumpur Dina
Habitat Aslina”.
2. Guru niténan murid maca jero haté kalawan gemet tur taliti unggal
paragraf éta bacaan.

Bab 2 Pituduh Husus 13


3. Guru nugaskeun murid sangkan manggihkeun jeung nangtukeun
kalimah-kalimhak poko atawa nu jadi téma unggal paragraf.
4. Guru nyaritakeun yén kalimah poko atawa téma kasebut nu jadi
cecekelan pikeun dimekarkeun maké basa sorangan.
5. Guru nitah murid nyaritakeun eusi bacaan maké basa sorangan di
hareupeun kelas.

G. Mikaweruh Kecap Sangaran

No. Kagiatan

1. Kagiatan 7, guru nuyun murid dina kagiatan mikaweruh kecap sangaran.


1. Guru nerangkeun kecap-kecap sabgaran atawa sawanda nu aya dina
kalimah.
2. Guru nugaskeun murid maca bacaan nu miboga kecap sawanda atawa
sangaran. Tur nyangkem kana harti kecapna.
3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kecap sawanda.
4. Guru nugaskeun murid jeung murid lianna nyaritakeun kecap
sawanda jeung hartina.
5. Guru nugaskeun murid nengetan deui kecap nepi ka ngarti kana
sakabéhna nu patali jeung kecap sawanda.
6. Guru nyindekkeun pangajaran kecap sawanda.
7. Guru méré tugas PR néangan 10 kecap sawanda. Éta kecap tuliskeun
hartina, terus larapkeun dina kalimah.

H. Ngawih : Ngawihkeun lagu nu témana manuk

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 8, guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan


penyelamatan mahluk. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh
ningkatkeun kanyaahna ka papada mahluk ku cara ngawihkeun lagu nu
temana manuk nu judulna “Manuk Dadali”.
Dina Kagiatan 1 guru nitah murid maca bedas rumpaka lagu, mimiti tina
judul, terus kana unggal padalisan dina unggal pada.
2. Guru nerangkeun harti kecap nu saujratna jeung nu miboga harti injeuman
dina rumpaka lagu, carana:
1. Guru nuduhkeun jajaran nu disebut padalisan jeung pada.
2. Guru nerangkeun téma lagu ‘Manuk dadali’

14 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan kawih ‘Manuk dadali’.
4. Guru miharep murid saregep ngabandungan guru ngawihkeun
‘Manuk dadali’.
3. Guru ngawihkeun lagu nu judulna “manuk dadali”
1. Guru nyontoan ngawihkeun ‘Manuk Dadali’ nepi ka tamat. Murid
dipiharep saregep ngabandungan guru nu keur ngawih.
2. Guru ngajak murid babarengan ngawih.
3. Guru nerangkeun, murid-murid ngawihkeun sapada séwang sacara
bagilir unggal jajaran bangku nepi ka rengsé.
4. Guru nunjuk jajaran murid nu kudu ngawihkeunana. Nu sejen jempé,
ngadagoan giliran panunjuk guru.
5. Guru ngatur, nunjuk dua baris jajaran nu kudu ngawih, nu sejenna
jarempe, Terus bagilir nepi ka sakabeh jajaran bangku kabagéan.
6. Breng sakabéh murid ngawih.
7. Guru nunjuk murid saurang-saurang ngawihkeun lagu.
4 Pikeun ningkatkeun pemahaman murid ngeunaan kanyaahna ka papada
mahluk, guru nugaskeun murid maca sajak nu patali jeung mahluk nu rék
tumpur, nu judulna “Manuk Leutik Dina Kurung”.
1. Guru nugaskeun murid kudu museurkeun paniténna kana téks sajak
anu judulna ‘Manuk Leutik Dina Kurung’
2. Guru maca nyoara sajak nepi ka tamat. Maca minangka ngawanohkeun
jeung mawa pikir, rasa, jeung panitén, perhatian kana runtuyan basa
(kecap) nu ngawangun éta sajak.
3. Guru nugaskeun murid nyirian kecap atawa babasan (babandingan,
kecap kiasan) nu aya dina jajaran sajak.
4. Guru nugaskeun néangan harti kecap jeung kiasanana dina kamus
jeung dina sumber sejenna.
5. Guru jeung murid ngabahas harti kecap. Judul; ‘Manuk Leutik dina
Kurung’.
a. manuk leutik nyaéta rupa-rupa manuk anu laleutik saperti
piit, ciblék, kacamata, jsté. Manuk nu karieu nu ayeuna keur
dipikaresep, dipiara jeung dikurungan ku masarakat.
b. Régang nyaéta babagian tina dahan tangkal kai atawa tangkal awi
anu wangunna leutik.
c. Buruan nyaéta pakarangan, patempatan diluareun imah nu aya di
bagian hareup.
d. Susumputan nyaéta hiji rupa kaulinan barudak anu dina
kagiatanana aya nu kagabian nyumput anu cicing di tempat nu
teu kaciri ku nu boga tugas jadi ucingna (nu néangan).
e. Manuk nyumput nyaéta manuk cicing di tempat anu teu katempo
boh ku jelema boh ku ucing upamana.

Bab 2 Pituduh Husus 15


f. Ngabring nyaéta indit, hiber babarengan biasana leuwih ti
sapuluh.
g. Kurung nyaéta tempet manuk cicing (kandang). Dijieun tina
awi nu diraut dijieun sagedé-gedé nyéré daun kalapa, wangyun
kurungna aya nu pasagi, buleud, jsté. Aya kurung nu dijieun tina
kawat ogé.
h. Gantungan nyaéta tenpat nunda atawa ngagantungkeun.
i. Uclak-aclok nyaéta luluncatan dina panyongcloan atawa
panyicinganana.
j. Noong nyaéta nempo tina tenpat anu leutik jeung kacida
sempit.
Dina kagiatan 2 guru mére pancén sangkan murid bisa digawé sacara
kelompok. Dina ieu kagiatan murid dipenta ngerjakeun pancén 1, pancén 2,
jeung pancén 3
Pancén 1 guru nitah murid nyieun Parafrase sajak nu judulna ‘Manuk Leutik
Dina Kurung’ karya Ano Karsana. Saméméhna ngajentrékeun heula nu
dimakdud parafrase.
Parafrase nyaéta ngabéjérkeun deui hiji wangun karangan (sajak) kana wangun
séjén karana maksud ngécéskeun harti anu nyumput atawa nyamuni jadi babari
kahartina.
a. Parafrase 1
Aya manuk ngarasa bébas hirup di alam. Ucla-aclé dina régang,
macokan hileud jeung endog sireum. Aya manuk cangkurileung hiber
luhureun suhunan taya nu ngaharu biru atawa ngaganggu.
b. Parafrase 2
Aya manuk dina kurung ucla-acle teu bisa bébas hiber
c. Parafrase 3
Manuk leutik the ukur bisa noong tina kurung kaluar jiga baturna
Pancen 2 guru nitah murid ngajawab pananya
a. Guru nugaskeun ka murid sangkan ngajawab pananya kalawan lisan
b. Guru nyebutkeun kalimah pananya ka murid sacara bagilir
c. Guru miharep sakabé murid geus nyaho tur ngarti kana eusi jeung
harti kekecapan nu ngawangun rumpaka sajak
Pancén 3 guru ngabimbing maca sajak
a. Guru méré papagon maca sajak . ( Maca téh aya aturanana kudu puguh
lentongna, panjang-pendékna, bedas jeung halonna. Lentongna béda
hartina ogé bakal béda. Lentongna béda, hartina ogé bakal béda.
Contona:
- Bu Guru nitah murid asup ka kelas
Bu Guru : Asup! Sing béré barisna
Murid : Asup? Tos bél, Bu?
Bu Guru : Asup. (Murid barisna bérés)

16 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Tétéla sanajan ngan sakecap nu dilisankeun kecap ’asup’ ari lentongna
béda mah, maksudna bakal béda. Aya nu nitah, nanya, jeung wawaran.
b. Guru ngalatih murid maca sajak. Saméméhna guru ngalatih maca
sajak maké lentong nu merenah, kitu deui latihan nyebutkeun kecap
kalawan béntés. Éta kagiatan laksanakeun sababaraha balikan, supaya
biasa dilarapkeun dinamaca sajak sacara bedas.Teu salilana dina nyarita
téh urang kudu tarik salalawasna, atwa kudu laun haharewosan. Najan
laun, atawa tarik kudu béntés, kitu deui dina maca sajak.
c. Guru nugaskeun murid-murid maca jero haté heula sajak nu rék
dibaca bedas. Tengetan mana nu kudu dibaca bedas, dibaca laun,
dibaca anca. Pepeta atawa gerak leungeun jeung awak teu ieuh kudu
salilana aya, saperluna baé.
d. Guru ngajurung murid macakeun sajak dihareupeun kelas. Murid-
murid lianna ngaregepkeun.
e. Guru nitah murid nétélakeun pamanggihna saha-sahana nu hadé
macana.

I. Maca Dongeng

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 9, guru méré pancén ka murid sacara mandiri. Dina ieu
kagiatan guru méré sababaraha latihan pikeun siswa sangkan leuwih maham
kana pangajaran
Pancén 1 guru ménta murid maca Dongeng “Sakadang Kuya Mamawa
Imah’. Lengkah nu dilaksanakeunana:
1. Guru medar cara maca nyoara jeung cara maca jero haté. Dina maca
nyoara bakal katitén lentong atawa lagu lagamna. Kitu deui ngajiwaan
atawa henteuna eusi bacaan. Maksud maca jero haté téh pikeun
ngalenyepan eusi nu nyangkaruk dina bacaan.
2. Guru ngajurung sakabéh murid maca ‘Sakadang Kuya mamawa Imah’
anu maksudna pikeun ngalenyepan jeung mikanyaho eusi dongéng.
3. Guru ngajurung murid macakeun éta dongéng sacara bagilir. Cara
macana nu kagiliran neruskeun sésa bacaan baturna nu ti heula
2. Pancén 2 guru nepikeun pananya ka murid:
a. Sato naon anu ngalalakon dina éta dongéng?
b. Dimana tempatna imah si kuya?
c. Naon maksudna si kuya kudu mamawa imahna?
d. Perasaan naon nu aya dina diri si monyét ka si kuya?

Bab 2 Pituduh Husus 17


e. Kumaha rasa rumasa si kuya ka si monyét?
f. Naon éta ema dongéng?
g. Naon nurutaneunana keur murid tina éta carita dongéng téh?
3. Pancén 3, guru nyiapkeun kecap-kecap nu rék ditéangan hartina dina
kamus jeung sumber lianna, lengkah pelaksanaanana:
a. Guru katut murid nyadiakeun kamus jeung sumber lianna di kelas
b. Guru ngabimbing murid néangan harti kecap dina kamus jeung
sumber lianna
c. Guru mingpin diskusi hal ngaran pakakas: congkrang, jeung sejen-
sejen pakakas nu dipaké ngolah sawah atawa kebon huma.
d. Pikeun ngeuyeuban pangajaran Guru nugaskeun murid molahkeun:
ngagandong, ngakod, nungtun, ngagandong leungeun, nolol.
e. Guru ngajurung murid ngagambar ranggon jeung saung
4. Pikeun ngeuyeuban pangajaran, guru nugaskeun ka siswa sacara mandiri
nyaritakeun eusi bacaan nu judulna (1) “Lutung Jawa”. Saméméhna:
a. Guru medar pangajaran. Dina pangajaran 1, urang loaba maca rupa-
rupa mahluk atawa satwa. Pikeun ngeuyeuban pangaweruh pangajaran
maca, ‘Lutung Jawa’ ogé kudu dijaga ulah nepi ka tumpur.
b. Guru niténan murid nu keur maca jero haté, geusan nyaritakeun deui
eusi bvacaan di hareupeun babaturan.
c. Guru mere iasarah ka murid supaya eureun macana.
d. Guru nitah salah saurang murid ka hareup nyaritakeun deui ‘Lutung
Jawa’ ku basana sorangan ka babaturanana.
e. Guru niténan murid nu panglancarna nyarita, sarta ngaguluyur dina
nepikeun eusi carita.
f. Guru ngajurung murid ngajawab pananya. Carana murid nanya ka
babaturanana (aya 5 pananya)
(2) Guru nugaskeun maca ka salah saurang murid, murid nu sejen
ngaregepkeun daria judul babaan ‘Wapalla Rikiran Rakyat Ngaleupaskeun
Sarébu Bayi Penyu”, saterusna:
1. Guru nguriling niténan murid bisi aya nu teu methatikeun kana
kagiatan maca, salila eta wacana dibaca.
2. Guru nyebutkeun pananya nu kudu dijawab ku murid.
3. Guru pindah nanya ka murid sejen lamun murid nu dititah yeu bisa
ngajawab.
4. Guru nanyakeun saha nu bisa nyindekkeun éta bacaan.
5. Guru jeung murid ngabahas jeung ngadiskusikeun pancen mandiri
nu rék dipigawé di imah.
a. Ngabahas karangan narasi
b. Nangtukeun panjang karangan

18 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


c. Ngabahas basa nu digunakeun dina karangan
d. Nangtukeun waktu migawé jeung ngumpulkeun tugas
6. Guru ngabahas paribasa
a. Guru méré kasempetan ka murid geusan nanyakeun paribasa
b. Guru jeung murid ngabahas ngaran sasatoan nu dilarapkeun
dinaparibasa, saperti : kancra, merak, julang, badak. Bangkong,
gajah, lauk, belut, cacing jeung gaang.
7. Guru nyieun kalimah maké paribasa
a. Guru nyontoan ngalarapkeun paribasa dina kalimah.
Conto : murid kelas 6B raribut, blus baé Bapa Guru ka kelas, jep
baé murid téh jempé
cara gaang katincak.
b. Guru ngabimbing murid-murid nyusun kalimah
c. Guru nugaskeun murid nuliskeun kalimah nu disusunna dina
papan tulis.
d. Guru nanya ka murid kumaha pamanggihna kana éta kalimah nu
dijieun ku babaturanana.
e. Guru tanya jawab jeung murid ngeunaan nyieun kalimah maké
paribasa,
f. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun pangajaran kalimah
maké paribasa.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan
1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna
2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji,
meunteun
3. Guru méré tugas mandiri
4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina
kagiatan saterusna.

Bab 2 Pituduh Husus 19


PANGAJARAN 2

Tema : Kahirupan Turta Nyaah Buméla Ka Lemah Cai


Bahan : Déskripsi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, ngaregepkeun pupuh durma, ngajawab pananya,
ngalarapkeun rarangken tengah, ngabandingkeun pupuh jeung kawih, nembangkeun
pupuh tina wawacan, maca jero haté, migawé pancén.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana


diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid,
terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran
nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran
2 ngeunaan hasil observasi ngeunaan kahirupan turta nyaah buméla ka
lemah cai. Tina Pangajaran 2 ieu murid dipiharep mampuh ngaguar eusi
pupuh sarta nembangkeun pupuh hasil observasi ngeunaan kahirupan turta
nyaah buméla ka lemah cai. Disagigireun éta dipiharep murid mampuh
ningkatkeun rasa reueus, toleransi, sarta micinta lemah cai .
2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid
sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kahirupan turta nyaah
buméla ka lemah cai. Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran
ku cara maca pupuh nu judulna “Durma Buméla ka Lemah Cai” karangan
Ano Karsana.
Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana pupuh nu témana kahirupan
turta nyaah buméla ka lemah cai guru nepikeun kamandangna nu bisa
ngahudang murid pikeun micinta lemah cai.

20 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


3. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara
nembongkeun gambar perang nalika jaman penjajahan.
Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina
gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kanyaahna ka
lemah cai.
Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI

A. Ngaregepkeun Pupuh Durma

No. Kagiatan
1. Dina Kagiatan 1 guru saméméhna ngarecah heula wangun pupuh saperti:
a. sapada pupuh aya 7 padalisan. ( pada= bait, padalisan= jajaran, baris)
b. guru lagu jeung guru wilangan ( sora tungtungdina padalisan, jumlah
engang)
sa-ré-ré-a u-rang téh ku-du sa-ya-ga = 12a
nga-ja-ga le-mah ca-i = 7i
ti nu ni-at ja-hat = 6a
na-ga-ra ja-di teu a-man = 8a
ra-yat-na ja-di teu ting-trim = 8i
ji-wa ra-ga-na = 5a
u-lah ja-di ka-ri-si = 7i
2. Guru nembangkeun pupuh,prak-prakanana:
a. Guru nitah murid merhatikeun rumpaka pupuh
b. Tahap ka-1 guru nembangkeun sapada pupuh durma nepi ka tamat
padalisan panungtung
c. Tahap ka-2 guru nembangkeun sapadalisan, murid nurutan. Kitu
saterusna nepi ka padalisan panungtung
d. Guru jeung murid bareng nembangkeun sapada pupuh
e. Guru sakali-kalieun eureun teu milu nembang
f. Guru marengan nembang, lamun murid ragu-ragu poho lagam
laguna, guru marengan deui.
(Kitu baé saterusna malikan deui-malikan deui)
g. Tahap ka-3 guru nitah gunta-ganti nembangkeun ku unggal jajaran
bangku, saselang seling jeung padalisan nu ditembangkeunana.

Bab 1 Pituduh Umum 21


B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan
1. Pancén 1 guru nitah salah saurang murid pikeun macakeun pananya. Baturna
nu ngajawab. Bagilir nepi ka rengsé.
2. Guru nugaskeun murid ngajawab pananya, prak-prakanana:
1. Guru nanyakeun ka murid saurang-saurang pikeun nyangkem eusi
nu aya dina rumpaka pupuh. Jawaban murid tangtu bakal béda
gumantung kana cangkemanana. Pananya aya 8 nomer. Jawaban
murid, boh eusina boh susunan kalimahna bisa teu sarua.
2. Guru nugaskeun murid ngarangkum eusi tina 8 jawaban nu geus
disebutkeunana téa. Mun geus rengse éta rumusan téh dibacakeun
hareupeun babaturanana.
3. Guru marengan murid nitenan jeung nyangkem harti kecap nu
ngawangun rumpaka pupuh. Saperti: sayaga, tingtrim, raga, karisi,
bela, ngariksa.
4. Guru nugaskeun murid ngalarapkeun kecap-kecap kasebut dina
kalimah.
5. Guru nguriling, mariksa jeung ngabimbing murid-murid nu keur
nyusun kalimah.

C. Ngalarapkeun Rarangkén Tengah

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 2 guru méré pancén ka murid sacara kelompok ngalarapkeun
rarangken tengah /–um-/, /-al-/, /-in-/
2. Pancén 1 saméméhna guru nuliskeun heula kalimah dina papan tulis:
a. Sakumna rayat seja buméla ka lemah cai.
b. Rayat seja dumeuheus nepungan Sultan di gedong kasultanan.
c. Urang saréréa kudu ngajaga kabersihan lingkungan, supaya panyakit
DB teu sumebar ka sakuliah lembur.
d. Aki-aki nanggung acau leumpangna dumaligdeug.

Guru ngajurung murid supaya merhatikeun jeung nitenan kalimah nu ditulis


ku guru.
Guru nitah murid maca bedas kalimah, murid nu sejen panitenna museur
kana kalimah nu dibaca.

22 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


3. Pancén 2 guru nanya ka murid patali jeung opat kalimah nu dibaca. Dina 4
kalimah nu dibaca kasebut aya kecap nu ngandung sora nu sarua. Saterusna
murid ngajawab: buméla, dumeuheus, sumebar, dumaligdeug. Sanggeus kitu
guru nyaleksek deui ku cara:
1. Guru naya deui, aya sora naon dina kecap nu disebutkeun?
Murid ngajawab “ sora /um/” dina buméla, dumeuheus, sumebar,
dumaligdeug.
2. Guru nitah ka saurang murid. Kaluarkeun kecap /um/ tina kecap
buméla jadi (/bela/ ), dumeuheus jadi (/ deuheus/), sumebar jadi (/
sebar/), dumaligdeug jadi (/daligdeug/)
3. Guru nyindekkeun, wangun –um- dina kecap –kecap kasebut téh
nyaéta rarangken tengah.
4. Guru nuliskeun kalimah dina papan tulis
- Loba kaum ibu nu lalieur mikiran harga balanjaan nu beui marahal
5. Guru nanya ka murid, dina kalimah nu ditulis di papan tulis aya kecap
nu ngandung rarangken tengah, nu mana kecapna?
Murid : Lalieur, marahal
Guru : kaluarkeun /al/ tina kecap lalieur
Kaluarkeun /ar/ tina kecap marahal
6. Guru méré tugas ka murid nyieun kecap nu maké rarangkem tengah
/–um-/. /–al-/, /-ar-/.
7. Guru marikasa pagawéan murid-murid, kecap nu maké rarangkem
tengah /–um-/, / –al-/, /-ar-/.

4. Guru nugaskeun murid pikeun ngadiskusikeun Kandaga Kecap sacara


kelompok. Saterusna murid dititah néangan harti kecap dina kamus.
Saméméh diskusi guru méré pituduh heula, ku cara:
a. Guru jeung murid nyadiakeun kamus atawa sumber sejenna.
b. Guru ngabagi murid jadi 5 – 6 kelompok. Unggal kelompok dipimpin
ku ketua kelompok. Masing-masing kelompok dibagi hiji sewang
kamus.
c. Guru ngabimbing. Murid-murid giat néangan harti kecap dina kamus
jeung sumber lianna. Sanggeus masing-masing kelompok rengsé
migawé tugas. Ketua kelompok macakeun hasil diakusi.
d. Guru nitah ngalarapkeun harti kecap dina kalimah.

Bab 1 Pituduh Umum 23


D. Ngabandingkeun pupuh Jeung Kawih

No. Kagiatan
1. Pikeun ngeuyeuban pangaweruh murid guru nitah murid ngabandingkeun
Pupuh jeung Kawih. Saméméhna guru netelakeun heula ngeunaan pupuh.
1. Guru nuliskeun pupuh durma maké katerangan babagian guru
wilangan, guru lagu, pada jeung padalisan di papan tulis
2. Guru nuliskeun rumpaka kawih di papan tulis.
3. Guru nuduhkeun ka murid Jumlah padalisan unggal pada dina pupuh,
jeung dina rumpaka kawih.
4. Guru nuliskeun bagan pupuh - kawih
5. Guru nerangkeun pupuh jeung kawih maké bagan supaya leuwih
pertela.
2.
Pupuh Kawih

Wangun Wangun

1. Diwangun ku pada 1. Jumlah pada (bait) teu


(bait) anu geus tangtu ditangtukeun kudu
jumlah padalisanana sabaraha jumlahna
(jajaran)
2. Unggal tungtung 2. Jumlah jajaran teu
padalisan geus tangtu ditangtukeun kudu
sorana (guru lagu) sabaraha jumlahna
3. Unggal padalisan 3. Unggal padalisan teu
geus tangtu jumlah ditangtukeun jumlah
engangna (guru
wilangan)

3. Pancén1 guru nitah murid ngadiskusikeun babandingan pupuh jeung kawih:


a. Wangun pupuh kumaha, wangun kawih kumaha
b. Eusi nu dicaritakeun dina pupuh kumaha, eusi nu dicaritakeun dina
kawih kumaha
6. Guru nitah murid pikeun nyindekkeun hasil diskusina.
7. Guru nugaskeun murid nembangkeun pupuh durma jeung ngawihkeun
‘Karatagan Pahlawan’.
8. Guru nugaskeun murid sacara individu minangaka PR pikeun nyieun
sapada pupuh durma.

24 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


E. Nembangkeun Pupuh Tina wawacan

No. Kagiatan
Dina kagiatan 3 guru nitah murid migawé pancén1, pancén 2, pancén 3 Pancén
1 guru nitah murid nembangkeun pupuh tina wawacan. Saméméhna:
a. Guru nyaritakeun ka murid yén nembangkeun pupuh téh bisa dilakukeun
sahiji pupuh, teu disambungkeun jeung nu lian deui.
Upamana ieu aya conto: Pupuh Kinanti
(1) Guru nembangkeun pupuh Kinanti
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih
b. Guru nembangkeun deui pupuh sinom dina wangun guguritan
Aya hiji rupa kembang
Raranggeuyan tapi leutik
Rupana bodas kacida
Matak lucu liwat saking
Hanjakalna teu seungit
Lamun ku urang di ambung
Kitu ogé ti beurang
Ari seug mungguh ti peuting
Sumeleber nyambuang sapakarangan
Sengit lain kaulinan
Leleb manis ngadalingding
Matak bungah mamanahan
Matak resmi kana pikir
Lamun urang ti peuting
Seug di buruan ngalantung
Keur nuju caang bulan
Ngambeu kembang dupa seungit
Karasana sumerep saluar badan
c. Guru nyontoan nembang pupuh kinanti dina wawacan ‘Ratna
Suminar Nepangan Déwi Pramanik’. Ratna suminar kacatur, sareng
Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati,
marga aya nu katingal, ku sang ajeng ratna putri.
Pancen 2 guru nitah murid migawé pancén mandiri.Saméméh guru nanndeskeun
deui yén dina pangajaran ieu, murid geus mampuh nembangkeun durma ‘Ratna
Suminar’ jeung ‘Karatagan Pahlawan’. Nu disebut bieu téh aya nu diwangun ku
pupuh jeung nu kaasup wangun kasengker ku pada jeung rumpaka.

Bab 1 Pituduh Umum 25


3. a. Guru nitah murid nengetan deui wangun jeung eusi pupuh durma dina
pangajaran saméméhna.
b. Guru nitah murid sacara mandiri nyieun sapada pupuh durma, témana
bébas kumaha murid baé.
c. Tengetan deui wangun jeung eusi sajak bébas dina pangajaran
saméméhna.
d. Guru nitah murid sacara individu nyieun sajak bébas, témana kumaha
murid ogé

F. Maca Jero Haté

No. Kagiatan
Pancén 3 guru nugaskeun murid maca wacana dina wangun lancaran
‘Banténg Pasirmalang’.
1. Guru nitah ka murid nganomeran unggal paragraf dina wacana kasebut.
2. Guru nitah nuliskeun gurat badag tina unggal paragraf. Geus kitu jieun
ringekesan carita dumasar kana gurat badag nu geus disusun, maké basa
sorangan.
3. Guru nitah murid ngalisankeun di hareupeun kelas.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan
1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna
2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji,
meunteun
3. Guru méré tugas mandiri
Guru nitah migawé pancen. Pék tengetan heula naon pancén hidep téh!
1. Jieun sapada pupuh durma. Témana kumaha hidep baé.
2. Jieun sajak bébas sajudul, Témana kumaha hidep oge
3. Tugas nyorangan (individu) dijieun di imah.
4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan
saterusna.

26 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


PANGAJARAN 3

Tema : Tokoh nu Manggihkeun


Bahan : Déskripsi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngalisankeun
jawaban, ngadiskusikeun kandaga kecap, ngaringkes bacaan, ngalarapkeun kecap rajékan,
ngabandingkeun wangun /di/ /ka/ dina kalimah, ngalisankeun sora, maca ngajembaran,
nulis sajak, ngadéklamasikeun sajak, nyaritakeun deui, maca ngeuyeuban.

KAGIATAN AWAL

No. Ngondisikeun Murid Ngawangun Konteks


1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar.
Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus
guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék
diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 3 ngeunaan
hasil observasi ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran 3 ieu
murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi “Tokoh Nu Manggihkeun”.
Disagigireun éta dipiharep murid mampuh ningkatkeun rasa reueus,
ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.
2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid
sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunaan kanyahona ka tokoh-
toh nu nimukeun atawa nyiptakeun hiji barang . Sanggeus kitu guru
ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu
judulna “Imah Awi Jatnika” karangan
Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan tokoh-
tokoh nu nimukeun, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid
sangkan ngarasa reueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.

Bab 2 Pituduh Husus 27


3. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara
nembongkeun gambar Imah nu dijieun tina awi.
Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina
gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta ngahudang kareueus,
ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.
Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI

A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan
1. Dina Kagiatan 1 guru babarengan jeung murid nyiapkeun alat pangajaran
jeung sumber pangajaran. Saterusna guru méré pesen ka murid cara maca
nu kudu taliti, unggal paragraf kana paragraf. Sarta ngingetkeun yén kudu
nandaaan kecap nu teu dipikaharti geusan nyangking gagasan unggal paragraf.
2. Guru ngabimbing murid salila maca tepi ka tamat bacaan. Guru sakali-
kalieun méré pananya geusan neuleuman eusi bacaan.
3. Pancén1 guru nitah murid nyirian bagian nu penting tina bacaan. Maksudna,
sangkan murid leuwih nyangkem kana bacaan. Prakprakanana:
1. Guru nitah salah saurang murid ngagalantangkeun pananya.Ti nomer
hiji dugi ka nomer 10.
2. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya kalawan tartib.
3. Guru ngawatesanan waktu migawé ngajawab pananya.
4. Guru nandakeun ka murid waktu migaw:e réngsé.
5. Guru nitah murid museurkeun panitén ka guru.
6. Guru nyebutkeun pananya ka murid sacara bagilir, murid ngalisankeun
jawaban.
7. Guru nyindekkeun pangajaran.

B. Ngalisankeun Jawaban

No. Kagiatan
1. Pancén1 guru nitah murid nyirian bagian nu penting tina bacaan. Maksudna,
sangkan murid leuwih nyangkem kana bacaan. Prakprakanana:

28 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


1. Guru nitah salah saurang murid ngagalantangkeun pananya.Ti nomer
hiji dugi ka nomer 10.
2. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya kalawan tartib.
3. Guru ngawatesanan waktu migawé ngajawab pananya.
4. Guru nandakeun ka murid waktu migaw:e réngsé.
5. Guru nitah murid museurkeun panitén ka guru.
6. Guru nyebutkeun pananya ka murid sacara bagilir, murid ngalisankeun
jawaban.
7. Guru nyindekkeun pangajaran.

C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 2 guru jeung murid saméméhna geus nyadiakeun kamus
basa Sunda jeung sumber lianna. Saterusna murid disiapkeun kana kagiatan
kelompok pikeun migawé pancén1, pancén 2.
1. Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok jeung nangtukeun
saurang ketua.
2. Guru ngabingbing limangsungna diskusi kandaga kecap.
3. Guru nitah murid nyindekkeun hasil diskusi.
4. Guru nyebutkeun pancén saterusna ngalisankeun kalimat nu dijieun
tina kecap nu sapuluh nu geus didiskusikeun
5. Guru nitah murid ngalisankeun kalimah sacara bagilir.

D. Ngaringkes Bacaan

No. Kagiatan
Pancén 1 guru nitah murid ngaringkes bacaan. Lengkah garapanana:
1. Guru nitah murid nuliskeun gagasan unggal paragraf.
2. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana gagasan nu geus
ditulis.
3. Guru nitah macakeun ringkesan nu geus disusun ku murid.
4. Guru ngomentaran ringkesan masing-masing murid.

Bab 2 Pituduh Husus 29


Pancén 2 guru nitah murid ngalarapkeun kecap rajekan.
1. Guru jeung murid nyadiakeun bahan nu rék dibahas.
2. Guru museurkeun panitén murid kana bahan kecap rajékan.
3. Guru nerangkeun conto kecap rajekan.
4. Guru nitah murid nuliskeun kecap rajékan di papan tulis, terus
diterangkeun saterusna dijieun kalimah.
5. Guru nugaskeun nyatet 10-20 kecap rajekan jiga conto tina majalah
atawa koran, terus dihartikeun.
6. Guru jeung murid tanyajawab, terus nyindekkeun pangajaran kecap
rajekan.

Pikeun ngajembaran pangaweruh dina pangajaran ngeunaan tokoh nu


manggihkeun, guru mikeun deui bacaan nu sarupa ngeunaan téks deskripsi
tokoh nu manggihkeun.
1. Guru nyaritakeun pangajaran saméméhna nu manggihkeun modél
imah awi pikeun diekspor. Saterusna nyaritakeun nu manggihkeun
sapatu pikeun kasehatan keung kasalametan diri. Pék baé baca ku
murid sing gemet.
2. Guru ngabingbing murid manggihkeun poko carita.
3. Guru nitah murid nyieun ringkesan dumasar kana poko carita maké
basa sorangan.
4. Guru mariksa pagawéan murid.
5. Guru jeung murid ngabahas basa nu dipaké dina karangan.
6. Guru jeung murid ngadislusikeun kalimah nu salah jeung nu
nyababkeun kasalahan kalimah.
7. Guru nitah murid maca ringkesan bacaan.

E. Ngalarapkeun Kecap Rajékan

No. Penyusunan Téks Hasil Observasi Sacara mandiri


1. Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid sacara mandiri pikeun migawé
pancén 1. Pancén 2, pancén 3.
Hidep tangtu saméméhna ogé geus diajar rupa-rupa kecap rajékan téa.
Tengetan deui ieu conto!
a. Baku éta budak téh, unggal wayah kieu sok ceurik
b. Babakuna mah sok diheureuyen ku lanceukna.

Téangan deui dina koran atawa majalah, 10 nepi ka 20 kecap saperti conto
di luhur. Sebutkeun harti kecapna.

30 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


F. Ngabandingkeun Wangun /di/ /Ka/ Dina Kalimah

No. Kagiatan
1. Pancén 1 guru nitah murid ngabandingkeun wangun /di/, /ka/ dina
kalimah
1. Guru museurkeun panitén murid kana bahan ajar nu ditulis dina
papan tulis
a. Tangakal awi dituar ku bapa.
b. Tangkal awi aya di tukangeun imah.
c. Murid-murid teu kabawa kabeh da mobilna leutik.
d. kelas 6 indit ka toko buku.
2. Guru ngabandingkeun wangun /di/ rarangkén jeung /di/ kata depan,
terus /ka/ rarangkén jeung /ka/ kata depan.
3. Guru nitah murid nyieun wangun kecap nu maké /di/ /ka/ sapuluih
kecap.
4. Guru nitah nugaskeun murid ngalarapkeun kecap dina kalimah.
5. Guru nitah murid ngalisankeun éta kalimah.
6. Guru nanya ka murid ngarti jeung henteuna pangajaran nu
diterangkeun
7. Guru nanya ka murid saha nu bisa nyindekkeun pangajaran nu
dibahas.
8. Guru mairan kacindekan nu dijieun ku murid

G. Ngalisankeun Sora

No. Kagiatan
1. Pancén 2 guru nitah murid ngalisankeun sora /é/, /e/. Guru dibingbing
kagiatan murid salila lumangsungna kagiatan. Guru museurkeun panitén
murid kana conto kalimah nu ngandung sora /é/ jeung/e/ di papan tulis.
1. Guru nuliskeun kalimah di papan tulis.
a. Seng téh kaambeu seungit lauk nu keur digoréng.
b. Hateup séng lalésot rabeng katiup angin putting beliung.
2. Guru nitah murid maca kalimah nu ditulis di papan tulis sacara
bagilir.
3. Guru marentah murid niténan conto nu aya dina buku. Terus di baca
tarik nepi ka karasaeun bédana ngucapkeun sora/é/ jeung /e/.
4. Guru nanya murid ngarti jeung henteuna.

Bab 2 Pituduh Husus 31


5. Guru nitah murid nuliskeun sababaraha kecap ngaran tutumpakan,
atawa transportasi nu aya sora/é/ contona béca. Kitu deui kecap
ngaran sayur, lalab nu aya sora /e/ contona wortel.
6. Guru mariksa tugas murid sarta ngabahas pagawéan murid.
7. Guru nitah murid ngucapkeun éta kecap kalawan béntés.
8. Guru nitah murid nyieun kalimah ku kecap kasebut, terus dibahas
babarengan.
9. Guru nyindekkeun pangajaran

H. Nulis Sajak

No. Kagiatan
1. Guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan tokoh nu
manggihkeun. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh ningkatkeun
pangaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu manggihkeun geusan ngahudang
karep kreatif, jujur sarta tanggungjawab.

I. Nulis Sajak

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 1 :
1. Guru méré gambaran ka murid wangun carita jeung wangun sajak
aya bedana. Hidep bisa ngabandingkeun bacaan carita jeung wangun
pupuh, guguritan, wawacan dina pangajaran saméméhna. Kitu deui
nuluis sajak nu ayeuna teu sarua jeung nu méméhna.
2. Guru ngajak murid nengetan cara nyieun sajakna, dimimitian
ngajajarkeun hurup gede ka handap, geus kitu masing-masing hurup
dipanjangkeun ka gigir eusina kumaha maksud nu nulis. Tengetan
conto, upamana rék ngaran murid sorangan.
3. Guru nuduhkeun ieu tugas minangka pancén mandiri, bisa dijieun di
imah, bisa dibantuan ku kolot atawa ku dulur, resep geura.
4. Guru nitah macakeun sajak karya murid nu geus rengse dijieun,
dihareupeun kelas .

32 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


J. Ngadéklamasikeun Sajak

No. Kagiatan
1. Pancén 1 guru nitah murid neuleuman eusi sajak sacara kelompok.
1. Guru maca bedas téks sajak. Tujuanana ngawanohan eusi jeung
maksudna.
2. Guru jeung murid ngadiskusikeun harti kecap saujratna jeung harti
injeuman, kitu deui maksud eusi sajak.
3. Guru jeung murid ngadiskusikeun lentong, wirahma, jeung nada dina
maca sajak.
4. Guru jeung murid maca ngajiwaan eusi.
2. Pancén 2 guru nitah murid ngadeklamasikeun sajak sacara kelompok:
1. Guru nitah murid maca tepi ka apal.
2. Guru nitah murid déklamasi (maca teu maké téks) sacara bagilir dina
kelompok.
3. Guru ngabingbing murid déklamasi.
4. Guru jeung murid nyindekkeun pangajaran déklamasi.

K. Nyaritakeun Deui

No. Penyusunan Téks Deskripsi Hasil Observasi Sacara Mandiri


1. Pancén 1 guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan ngeunaan tokoh nu
manggihkeun sarupa jeung bacaan saméméhna. Prak-prakanana:
1. Guru nitah murid maca jero haté ‘Nu Manggihan Mesin Kaput’ nepi
ka rengsé.
2. Guru ngabingbing muridmaca geusan nimukeun kalimah poko dina
unggal paragraf. Terus ngadiskusikeun jeung babaturan.
3. Guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan maké basa sorangan.
4. Guru nuliskeun conto bahasan dina papan tulis.Terus nerangkeun éta
conto nepi ka murid ngarti kana maksudna.
5. Guru nuliskeun conto kalimah di papan tulis, terus nerangkeun
kalimah nu kabagi jadi jejer (subjek), caritaan (predikat) jeung objek.
6. Guru mariksa pagawéan jeung ngabingbing murid nyusun sapuluh
kalimah nu polana jejer-caritaan-objek. Murid bagilir nuliskeun
kalimahna di papan tulis sarta dipariksa sacara babarengan.
7. Guru nugaskeun murid ngajawab pananya dumasar tina wacana ‘Nu
Manggihan Mesin Kaput’.

Bab 2 Pituduh Husus 33


L. Maca Ngeuyeuban Pangajaran

No. Kagiatan
1. Pancén 2 guru nitah murid maca ngeuyeuban pangajayan pikeun nambah
pangaweruhna ngeunaan tokoh-tokoh nu manggihkeun .
1. Guru nitah murid maca nengetan eusi nepi ka kacangkem eusi
bacaanana.
2. Guru langsung nanya ka murid sacara bagilir nepi ka rengse tujuh
pananya.
3. (No. 8) Guru nitah murid nu ngacungkeun leungeun, nyaritakeun ku
basa sorangan nu nimukeun ‘Nangkadak Ti Mekarsari’.
4. Gurujeung murid nyindekkeun pangajaran.
5. Guru nitah murid migawé tugas mandiri nulis karangan narasi di
imah asing-masing.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan
1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna
2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji,
meunteun
3. Guru méré tugas mandiri

1. Téangan, inget-inget, hiji jalma (tokoh), saha ngaranna, urang mana,


iraha jeung dimana lahirna, naon pendidikanana, widang naon
kaahlianana, atawa naon jasana (bisa nimukeun naon nepi ka kawentar
di masarakat)
2. Geus boga acatetan kasebut mah jieun maké karangan narasi maké basa
Sunda nu hadé.

4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan


saterusna.

34 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


PANGAJARAN 4

Tema : Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa


Bahan : Déskripsi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya,
ngalarapkeun kecap, nyaritakeun deui, neangan harti kecap, maca ngajembaran.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan
1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar.
Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus
guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék
diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 4 ngeunaan
hasil observasi ngeunaan tokoh nu manggihkeun. Tina Pangajaran 4 ieu
murid dipiharep mampuh maham téks deskripsi “Pangaruh Globalisasi Kana
Lingkungan Jeung Kahirupan Manusa”. Disagigireun éta dipiharep murid
mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka
lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid


sacara langsung kalibet dina pangalamanana ngeunan pangaruh globalisasi
hususna ka dirina, umumna keur lingkunganjJeung kahirupan manusa.
Sanggeus kitu guru ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana
téks deskripsi anu judulna karangan “Pangaruh Globalisasi Kana Lingkungan
Jeung Kahirupan Manusa”.
Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan tokoh-
tokoh nu nimukeun, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid
sangkan ngarasa reueus, ngahargaan, peduli sosial sarta tanggungjawab.

Bab 2 Pituduh Husus 35


Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara
nembongkeun gambar barang-barang hasil teknologi.
Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina
gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa
syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif,
jujur, sarta tanggungjawab.
Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI

A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan
1. Dina Kagiatan 1 guru jeung murid nyadiakeun alat jeung sumber
bahan pangajaran. Saméméhna guru nandeskeun heula hal-hal nu kudu
diperhatikeun ku murid:
1. Guru méré pesen ka murid maca kudu taliti geusan nyangking
maksud eusi bacaan.
2. Guru ngabingbing murid salila maca nepi ka tamat.

B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan
1. Pancén1 guru nitah murid migawé pancén, kalawan méméhna
dilaksanakeun heula kagiatan:
1. Guru ngabingbing murid nu keur migawé jawaban nepi ka rengsé.
2. Guru jeung murid ngabahas eusi bacaan.
3. Guru nitah murid nepikeun pamanggihna ngeunaan globalisasi.
4. Guru jeung murid nyindekkeun eusi bacaan.

C. Ngalarapkeun Kecap

No. Kagiatan
1. Pancén 2 guru nitah murid ngalarapkeun kecap nu kapaluruh tina kagiatan
pembelajaran méméhna. Kagiatanana:

36 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


1. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung bahan sejenna.
2. Guru ngabingbing murid neangan harti kecap dina kamus jeung
sumber sejenna.
3. Guru jeung murid ngadiskusikeun kecap-kecap jeung hartina.
4. Guru ngabingbing murid ngalarapkeun kecap dina kalimah.
5. Guru nitah murid macakeun kalimah nu dijieunna.
6. Guru jeung murid ngabahas kalimah nu dijieun ku murid.
7. Guru ngabingbing murid nuliskeun kecap-kecap jeung istilah nu
timbul tina pangaruh globalisasi.

D. Maca Jero Haté

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 2 guru ngajak murid maca deui bacaan ‘Hapé’ minangka
makaya pangaweruhna tina hal –hal nu mangrupa pangaruh globalisasi.
2. Pancén1 guru nitah murid pikeun mahan heula bacaan, Pikeun kagiatan
kasebut guru nyiapkeun sababarah kagiatan, diantarana:
1. Guru nitah murid ngajawab pananya.
2. Guru jeung murid tanya jawab hal barang-barang nu aya di masarakat
dina kahirupan kulawarga.
3. Guru nitah nuliskeun kecap-kecap, istilah anyar dina basa Sunda.
4. Guru jeung murid nyindekkeun pangajaran.

E. Nyaritakeun Deui

No. Kagiatan
1. Pancén 2 guru nitah murid nyaritakeun deui eusi bacaan:
1. Guru nitah murid maca deui minangka makayakeun tina hal ‘hapé
jeung internet’.
2. Guru nitah murid ngajawab pananya, terus ngadiskusikeun.
3. Guru nitah murid nyindekkeun eusi bacaan.

Bab 2 Pituduh Husus 37


F. Néangan Harti Kecap

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 3 guru ngabingbing murid pikeun migawé pancén mandiri.
2. Pancén 1 guru nitah murid néangan harti kecap:
1. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung sumber bahan sejenna.
2. Guru jeung murid ngahartikeun kecap, terus ngalarapkeun dina
kalimah.
3. Guru nitah murid nengetan kalimah nu ditulis di papan tulis.
4. Guru nerangkeun kecap panglandi: pang, landi.
5. Guru jeung murid tanyajawab rarangken ‘pang’.
6. Guru nitah murid nyieun conto sejen, kecap nu maké rarangkén
‘pang’, terus éta kecap jieun kalimah.
7. Guru ngabahas éta kalimah.
8. Guru ngajak murid nengetan kecap sorangan nu dipaké dina
kalimah.
• Aya mangsana sorangan meunang panglandi.
• Soarangan nu narimana.
• Pedah sorangan kabarandungan kokomoan kana internet.
9. Guru nitah deui nengetan kalimah nu maké kecap kuring.
• Aya mangsana kuring meunang panglandi.
• Kuring nu narimana.
• Pedah kuring kabarandungan kokomoan kan ainternet.
10. Guru jeung murid ngabahas kecap ‘sorangan’ jeung kecap ‘kuring’.
11. Guru nitah murid nengetan larapna kecap ‘sorangan’, sarta
ngabandingkeun kecap nu dipaké dina kalimah.
3. Pancén 2 guru nitah murid nyieun kacindekakan kan pangajaran nu geus
dilaksanakeun

G. Maca Ngajembaran

No. Kagiatan
1. Pikeun ngajembaran pangaweruh murid ngeunaan pangaruh globalisasi kana
lingkungan jeung kahirupan manusa, guru nugaskeun murid maca deui téks
sarupa, ku cara:

38 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


1. Guru ngabingbing murid maca ‘Bandung Diusulkeun ka Unesco Jdi
Kota Kréatif ’.
2. Guru nitah nyangkem eusi bacaan .
3. Guru nitah nyangking gurat badag bacaan sarta nyieun tingkesanana.
4. Guru nitah murid nenangan harti dalapan kecap nu disadiakeun, sarta
ngalarapkeun dina kalimah.
5. Guru nitah murid nyebutkeun kalimah nu dijieun.
6. Guru nitah murid nyebutkeun poko atawa inti wacana ‘Bandung kota
Kréatif ’.
7. Guru nitah murid migawé tugas mandiri, nulis karangan deskripsi.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan
1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna
2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji,
meunteun
3. Guru méré tugas mandiri

1. Nulis karangan deskripsi ngeunaan pangaruh globalisasi. Pék naon baé


topikna mah.
4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan
saterusna.

Bab 2 Pituduh Husus 39


PANGAJARAN 5

Tema : Wira Usaha


Bahan : Déskripsi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu maca jero haté, ngajawab pananya,
néangan harti kecap dina kamus, ngalarapkeun kecap sawanda, kecap tina basa Arab, maca
ngajembaran, ngabedakeun karangan narasi jeung deskripsi, maca sajak, migawé pancen.

KAGIATAN AWAL

No. Kagiatan

1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana diajar.


Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid, terus
guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran nu rék
diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran 5 ngeunaan
wira usaha. Tina Pangajaran 5 ieu murid dipiharep mampuh maham
téks deskripsi ngeunaan wira uasaha. Disagigireun éta dipiharep murid
mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka
lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.
2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid
sacara langsung kalibet dina pangalamanana dina nyaksian kagiatan
wira usaha nu aya di sabudeureun lingkunganana. Sanggeus kitu guru
ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana téks deskripsi anu
judulna karangan Restoran Sunda Ngawawaas Dahar Cara Sunda”.
3. Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan
kawirausahaan, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid
sangkan ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka
lingkungan sosial , kreatif, jujur, sarta tanggungjawab.

40 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


4. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara
nembongkeun gambar barang-barang hasil teknologi.
Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina
gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa
syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , kreatif,
jujur, sarta tanggungjawab.
Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI

A. Maca Jero Haté

No. Kagiatan

1. Dina Kagiatan 1 guru jeung murid nyadiakeun alat jeung sumber


bahan pangajaran. Saméméhna guru nandeskeun heula hal-hal nu kudu
diperhatikeun ku murid:
2. Pancén1 guru nitah murid migawé pancén, kalawan méméhna
dilaksanakeun heula kagiatan:
1. Guru ngabingbing murid salila maca lumangsung.
2. Guru nitah nyirian kecap-kecap nu can dipikaharti.
3. Guru nitah murid ngajawab sakabéh pananya.
4. Guru nitah murid mikaharti maksud wira usaha.

B. Ngajawab Pananya

No. Kagiatan

1. Pancén 2 guru nitah murid neruskeun kagiatan pembelajaran, ku cara:


1. Guru nitah murid ngajawab pananya.
2. Guru ngabingbing murid ngahartikeun maksud pananya.
3. Guru méré tanda rengsé ngajawab pananya.
4. Guru nitah murid maca pananya, terus langsung maca jawabanana.
5. Guru nitah murid méré kamandang sacara bagilir nepi ka tamat.
6. Guru méré kasempetan ka murid geusan nepikeun pananya.
7. Guru nyindekkeun pangajaran.

Bab 2 Pituduh Husus 41


C. Néangan Harti Kecap Dina Kamus

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 2 guru leuwih ti heula méré gambaran umum hal
wawangunan imah tradisi, saung jeung sabudeureunana.
2. Guru ngabingbing sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung kecap-kecap
ngaran pakakas dina budaya Sunda.
3. Pancén 1 guru nitah murid néangan harti kecap dina kamus babarengan
jeung batur sabangku.
1. Guru jeung murid ngadiskusikeun harti jeung maksud kecap.
2. Guru nitah murig ngalarapkeun kecap dina kalimah sarta terus
ngabahas.
3. Guru nitah murid nengetan kecap sawanda.
.

D. Ngalarapkeun Kecap Sawanda

No. Kagiatan
1. Pancén2 guru nitah murid sacara kelompok (jeung batur sabangku) pikeun
ngalarapkeun kecap sawanda. Kagiatanana bisa cara kieu:
1. Guru jeung murid ngabahas kecap tur neangan kecap sasaruanana.
2. Guru ngabingbing murid ngalarapkeun kecap sawanda dinakalimah.
3. Guru nitah murid ka hareupeun kelas nuliskalimah dina papan tulis.

E. Kecap Tina Basa Arab

No. Kagiatan
1. Pancén 3 guru nitah murid nengetan kecap-kecap nu datangna tina basa
deungeun:
1. Guru ngajak murid nengetan conto-conto kecap nu asalna tina basa
Arab.
2. Guru nitah murid nyebitkeun kecap nu asalna tina basa Arab,
masing-masing murid sakecap, tuluy éta kecap dijieun kalimah.
3. Guru nitah murid ngabadamikeun jeung babaturanana harti kecap
basa Arab kasebut.

42 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


4. Guru nyindekkeun pangajaran.
5. Guru nitah murid ngainformasikeun hal nu aya dina bacaan
‘Ngawawaas dahar Cara Sunda’ ka batur sabangkuna.
6. Guru nitah murid néangan bagian dina bacaan nu ngadeskripsikeun
kaayaan.
7. Guru méré tugas nulis deskripsi saalinea, terus dibacakeun ka batur
sabangkuna.

F. Maca Ngajembaran

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid pikeun dipigawé sacara
mandiri.
2. Pancén 1 guru nitah murid maca deui bacaan ‘Kiripik Sampeu Ma Icih’.
Prak-prakan kagiatanana:
1. Guru nitah murid maca kalawan taliti.
2. Guru nitah maca éta bacaan minangka ngalalanyahan rék nerangkeun
karangan narasi jeung karangan deskripsi.
3. Guru nitah murid sangkan nyebutkeun éta bacaan téh narasi atawa
deskripsi.

G. Karangan Narasi jeung Deskripsi

No. Kagiatan
1. Pancén 2 guru nitah murid maca malikan deui tina pangajaran saméméhna:
1. Guru tanya jawab jeung murid carita ‘Ngawawaas Dahar Cara Sunda’
jeung ‘Kiripik Ma Icih’.
2. Guru nitah murid nengetan conto 1, kalimah nu maké kecap : kawas,
jiga, saperti sarta conto 2 nu ngagambarkeun kaayaan.
3. Guru nitah maca conto digalantangkeun di hareupeun kelas.
4. Guru nitah murid néangan conto sejen, jeung latihan nulis kalimah-
kalimah nu basana éndah.

Bab 2 Pituduh Husus 43


H. Maca Sajak Wira Usaha

No. Pemodelan Téks Sajak


1. Dina kagiatan 1 guru nitah murid migawé pancén:

1. Guru nitah murid nengetan sajak ‘Aki jeung Balon’, nu eusina


ngagambarkeun si Aki nu dagang (wirausaha) balon jeung cocooan
barudak.
2. Guru nitah murid maca sajak, ngahartikeun kecap, ngahartikeun
unggal padakidan, ngahartikeun unggal pada jeung ngahartikeun
sajak sagemblengna.
3. Guru bareng jeung murid maca nyoara sababaraha balikan.
4. Guru ngabingbing murid maca jero haté ngalenyepan eusi jeung
lentongna.
5. Guru butah murid maca nyoara kalawan lentong nu merenah, sacara
bagilir.

I. Maca Jero Haté

No. Penyusunan Téks Sajak Sacara Kelompok


1. Guru saméméhna méré pancén heula ka murid pikeun maca jero haté
karangan deskripsi ‘Ekonomi Kréatif Tasikmalaya’.
2. Guru nitah murid sacara kelompok pikeun maluruh eusi bacaan .
SaméméhnagGuru nyebutkeun heula yén dina pangajaran lima mah eusi
bacaan jeung sagala bahasanna ngaguar wirausaha. Prak-prakan kagiatanana:
1. Guru nitah murid maca kalawan taliti nepi kacangkem eusi bacaan.
2. Guru nitah murid ngajawab pananya,
3. Guru marengan murid ngabahas eusi sakabéh jawaban.
4. Guru nanyakeun ka murid sahanu can ngarti kana pangajaran nu geus
ditepikeun.
5. Guru nanya ka muris saha anu arék nyindekkeun pangajaran.
6. Guru nitah ngahartikeun kecap ‘payung’ dina lima kalimah soal.
7. Guru jeung murid mesek harti kecap payung nu dilarapkeun dina
kalimah.

44 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan
1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna
2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji,
meunteun
3. Guru méré tugas mandiri
1. Guru nitah murid migawé pancén mandiri di imah nu dikumpulkeun
minggu hareupna.
2. Guru jeung murid ngabahas pancén nu ngagambarkeun kaayaan atawa
suasana.
4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina
kagiatan saterusna.

Bab 2 Pituduh Husus 45


PANGAJARAN 6

Tema : Ngajaga Tur Miara Kasehatan Masarakat


Bahan : Déskripsi
Média : Téks jeung gambar

Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid mampu ngaregepkeun biantara, ngajawab
pananya, mibawé pancén, ngabedakeun biantara –ceramah, nepikeun biantara, nulis
biantara, ngajembaran kaweruh biantara, ngahariringkeun kawih, nembang jeung
ngahariring, migawé pancén.

KAGIATAN AWAL

No. Ngawangun Kontéks


1. Saméméh gelaran pangajaran guru ngondisikeun kelas pikeun suasana
diajar. Sanggeus kitu guru méré pembiasaan ku cara guru ngabsen murid,
terus guru mingpin ngado’a. Saterusna guru nyebutkeun tujuan pangajaran
nu rék diajarkeun sarta kasangtukang tur mangpaat materi Pangajaran
6 ngeunaan Ngajaga Tur Miara Kasehatan Masarakat. Tina Pangajaran
6 ieu murid dipiharep mampuh maham téks biantarangeunaan kumaha
carana ngajaga jeung miara kaséhatan. Disagigireun éta dipiharep murid
mampuh ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka
lingkungan sosial , disiplin, jujur, sarta tanggungjawab.
2. Pikeun ngahudang minat murid dina pembelajaran, guru ngajak murid
sacara langsung kalibet dina pangalamanana dina miara kasehatan dirina
sarata kagiatan nu dilaksanakeun ku pamarentah dina ngajaga tur miara
kasehatan masarakat aya di sabudeureun lingkunganana. Sanggeus kitu guru
ngamimitian muka pembelajaran ku cara maca wacana biantara anu judulna
“Kasehatan Masarakat”

46 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


3. Sanggeus ngondisikeun kaweruh murid kana kaweruhna ngeunaan
miara kasehatan, guru nepikeun kamandangna nu bisa ngahudang murid
sangkan ningkatkeun rasa syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka
lingkungan sosial , disiplin, jujur, sarta tanggungjawab.
4. Guru ngondisikeun murid dina ngawangun kontéks pangajaran ku cara
nembongkeun gambar kagiatan di posyandu, puskesmas, rumah sakit.
Guru nitah murid nyebutkeun naon anu ditingali ku maranehna dina
gambar. Ieu hal tujuanana pikeun ngaitkeun sarta numuwuhkeun rasa
syukur, ngahargaan, titen ka lingkungan, titen ka lingkungan sosial , disiplin,
jujur, sarta tanggungjawab.
Guru bisa nyokot sababarah gambar tina koran, majalah, atawa tina internet.

KAGIATAN INTI

A. Ngaregepkeun Biantara

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 1 guru saméméhna ngadiskusikeun bahan pangajaran.
2. Guru nitah salah saurang murid macakeun téks biantara di hareupeun kelas.
Saterusna guru méré pancén:
1. Guru nitah murid-murid sejénna ngaregepkeun biantara.
2. Guru nitah salah saurang murid nyebutkeun poko eusi biantara.
3. Guru nitah salah saurang murid nepikeun pamanggihna kana
biantara.

B. Ngajawab Pananya

No. Penyusunan Téks Biantara Hasil Observasi Sacara Kelompok


1. Dina kagiatan 2 guru nugaskeun murid sacara kelompok pikeun miga
pancén.

Bab 2 Pituduh Husus 47


2. Pancén 1:
1. Guru nitah murid ngajawab pananya.
2. Guru ngabingbing murid salila migawé pancénna.
3. Guru nitah murid ngajawab pananya sacara bagilir.
4. Guru nitah salah saurang murid dina unggal kelompok pikeun
nyindekkeun pangajaran.

C. Migawé Pancén

No. Kagiatan

1. Pancén 2:
1. Guru nitah murid nuliskeun poko-poko biantara.
2. Guru jeung murid nyaritakeun proses biantara nu dilakukeun ku nu
biantara.
3. Guru jeung murid nyadiakeun kamus jeung sumber lianna.
4. Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok diskusi.
5. Guru ngabingbing diskusi ngeunaan harti kecap, jeung ngalarapkeun
kecap dina kalimah.
6. Guru jeung murid babarengan ngabahas hasil diskusi.
7. Guru nyindekkeun pangajaran

D. Ngabédakeun Biantara Jeung Ceramah

No. Kagiatan

1. Dina kagiatan 3 guru méré pancén ka murid sacara mandiri. Saméméhna


Guru nepikeun poko-poko biantara: lentong, wirahma, nada, jsté. Terus guru
babarengan jeung murid ngabahas téks biantara. Sanggeus kitu guru nanya
murid bisi aya nu rék nepikeun pamanggihna.

48 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


E. Nepikeun Biantara

No. Kagiatan
1. Pancén 1:
Guru nitah murid sacara bagilir maca nyoara téks biantara di hareupeun
kelas.
Guru nepikeun pamanggihna kana pelaksanaan biantara.

F. Nulis Biantara

No. Kagiatan
1. Pancén 2 saméméhna guru jeung murid nyadiakeun bahan pangajaran
biantara.
1. Guru jeung murid diskusi bahan ajar.
2. Guru nitah murid nyusun téks biantara tina bacaan nu geus disadiakeun,
kana pola nu aya, judul biantara “Nguatkeun Huntu’.
3. Guru nitah murid maca téks biantara hareupeun kelas.
4. Guru nitah murid ngajawab pananya.

G. Ngajembaran Kaweruh Biantara

No. Kagiatan
1. Pikeun ngajembaran pangaweruh murid Guru méré kalaluasaan ka murid
nyusun deui téks biantara tina téks bacaan ‘Biasakeun Ngumbah Leungeun
Maké Sabun’.
1. Guru nitah murid ningali pola susunan téks biantara.
2. Guru nitah murid nyusun bahasa jadi biantara, kalawan runtuy-
ngaguluyur.
3. Guru nitah murid maca téks deui sababaraha balikan, anu maksudna
ngoreksi, nyampurnakeun basa nu dipaké dina biantara.
4. Guru nitah murid maca biantara hareupeun kelas.
5. Guru méré waktu ka murid bisi aya nu rék nepikeun pamanggihna.

Bab 2 Pituduh Husus 49


6. Guru nyindekkeun pangajaran nyusun téks biantara tina bahan
bacaan.
7. Guru nitah murid ngajawab pananya, kana eusi téks biantara ‘Biasakeun
Ngumbah Leungeun Maké Sabun’.
8. Guru nitah murid ngajawab pananya sacara bagilir.
9. Guru nitah murid nepikeun saran-saranna.
10. Guru nepikeun pesen ka murid-murid sangkan ngajaga kaséhatan diri,
kabersihan kelas, kabersihan lingkungan, sarta supaya tetep sumanget
diajar.
11. Guru nitah murid nyebutkeun kabiasaan nu dilakukeun, nu matak
séhat kana awak.

H. Ngahariringkeun Kawih

No. Kagiatan
1. guru ngajembaran wawasan pangaweruh murid ngeunaan ngajaga tur
miara kasehatan masarakat. Tina Pangajaran ieu murid dipiharep mampuh
ningkatkeun pangaweruhna ngeunaan kasehatan.

Dina kagiatan ka 1 saméméhna guru nitah murid maca heula jero haté
rumpaka kawih ‘Miceun Runtah’ karya Amas Tamaswara, sababaraha balikan.
Geus kitu guru nitah murid ngalenyepan eusi rumpaka kawih:
Miceun runtah sing merenah
Entong di mana waé daékna
Dina lombang nu geus aya
Mun geus pinuh geuwat duruk

Lamun rajeun reujeung apik


Moal dikuntit panyakit
Katempona teu rarujit
Matak betah tumaninah

50 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Guru ngabingbing murid ngalenyepan wangun rumpaka kawih.

Guru mingpin murid ngawihkeun ‘Miceun Runtah’, sababaraha balikan,


terus murid saurang-saurang kagiliran ngawih.

Guru nitah murid néangan rumpaka kawih kaséhatan pikeun dilenyepan.

I. Nembang Jeung Ngahariring

No. Kagiatan
1. Dina kagiatan 2 Guru nyadiakeun bahan nembangkeun pupuh asmarandana
nu eusina ‘kabersekaan’.
1. Guru nyontoan nembang pupuh asmarandana, murid-murid sacara
kelompok nurutan sababaraha balikan nepi ka apal.
2. Guru nitah murid nembang sacara bagilir, sakelompok-sakelompok.
Dina kagiatan 3 Guru nyontoan ngahariringkeun sisindiran kabersihan,
kaséhatan. Murid-murid nurutan sababaraha balikan nepi ka apal.
1. Guru nitah murid ngahariringkeun sisindiran.
2. Guru mingpin murid diskusi pupuh, kawih, sisindiran.
3. Guru jeung murid tanya jawab ngeunaan eusi jeung wangun pupuh,
kawih, sisindiran.
4. Guru nyindekkeun pangajaran.

KAGIATAN PANUTUP

No. Kagiatan
1. Guru babarengan jeung murid nyindekkeun hasil kagiatan diajarna
2. Guru méré penilaian kana kagiatan nu geus dilakukeun ku murid: muji,
meunteun

Bab 2 Pituduh Husus 51


3. Guru méré tugas mandiri
1. Guru ngabahas heula pancén ahir nu rék dipigawé ku murid, utamana
dina kaidah –kaidah nu kudu diperhatikeun dina nyusun biantara,
diantarana runtuyan bubuka, eusi, panutup.
2. Guru nangtukeun waktu ngumpulkeun pancén.
3. Pancén individu (mandiri) bisa dipigawé di imah:

Pilih ku hidep tugas mandirina:


a. Nyusun bahan biantara nu témana kaséhatan
b. Nyusun sisindiran lobana 5 pada, nu patali jeung kaséhatan
c. Nyusun pupuh (kinanti/ durma/ asmarandana), lobana 3 pada
nu patali jeung kasehatan.

4. Guru ngainformasikeun ka murid pangajaran nu rék ditepikeun dina kagiatan


saterusna.

52 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Bab 3
Pituduh
Meunteun
A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM)
1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid.
2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah
komonén dina unggal pangajaran.
3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna.
4. Conto rubrik KKM Pangajaran 9

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. MACA JERO HATE
B. MAHAM EUSI PEDARAN
C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN
D. NGALARAPKEUN KECAP
KANA KALIMAH
E. NYAWALAKEUN KADAHARAN
F. MIDANGKEUN HASIL SAWALA
G. MIGAWÉ LATIHAN
H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)

Kritéria ALus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1)


Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain
Komunikasi non-
Ngaréspon Kurang réspon Api lain
verbal
Ilubiung AKtif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun
Nepikeun Nepikeun
Omongan pamadegan pamadegan kurang Cicingeun
ngaruntuy ngaruntuy

54 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Katerangan:
1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun.

2. Cara meunteun : Total peunteun


____________ x 10
12

3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8
____________ x 10 = ____ = 6,7
12 12

C. Rubrik Meunteun Sikep

Encan Mimiti Mimiti


No. Sikep Dibiasakeun Kat.
écés écés Mekar
1. Taliti
2. Tanggung jawab
3. Disiplin
4. Jujur
5. Santun
6. Peduli
7. Percaya diri

D. Rubrik Meunteun Latihan


1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana.
2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10.
3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10.
Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.

Bab 3 Pituduh Meunteun 55


E. Rubrik Meunteun Maca
1. Rubrik Meunteun Maca Jero Haté

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah


1. Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan 10 -- 20
2. Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan 10 -- 20
3. Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan 10 -- 20
4. Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan 10 -- 20
Jumlah 40 -- 100

2. Rubrik Meunteun Maca Bedas
Kaasup pikeun meunteun maca bedas sajak atawa déklamasi.

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Basa: Diksi, struktur, jeung Artikulasi/intonasi 10 – 35
2. Eusi: Kasaluyuan topik jeung eusi, isi, pemahaman eusi 10 – 35
3. Tagog: Gestur, gaya maca 10 – 30
Jumlah 30 -- 100

F. Rubrik Meunteun Nembang

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah


1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 10 – 35
2. Wirahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 10 – 35
3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) 10 – 30
Jumlah 30 -- 100

G. Rubrik Meunteun Biantara


Biantara bakal mucekil hasilna lamun urang YAKIN (Bisa, Mampuh, Hasil, tur
Suksés). Urang kudu ngararasakeun proses biantara (Diajar, Latihan, jeung Nyoba).

56 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Pikeun meunteun biantara bisa dipake sawatara aspek ieu di handap.

No. Aspék Bobot Jumlah Nilai
1. Aspek Bahasa 35
a. Pilihan kata, gaya bahasa,
tatakrama bahasa
b. Struktur bahasa (bentukan
kata dan kalimat) yang benar
c. Pelafalan dan intonasi
2. Pemahaman Isi 35
a. Penguasaan Isi
b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji)
c. Organisasi dan sistematika penyampaian isi
3. Penampilan (Ekspresi) 30
a. Gestur (mimik dan gerak)
b. Kreasi dan gaya bicara
Jumlah 100
* Rentang nilai 60 - 100

H. Daftar Peunteun Murid


(Kaweruh jeung Kaparigelan)

Ngaran Rata-rata Peunteun Tiap Pangajaran


No. M
Murid 1 2 3 4 5 6 7 8 9

1.

2.

3.

4.

jst.

Bab 3 Pituduh Meunteun 57


I. Refleksi Guru
Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna,
guru kudu ngajawab pananya ieu di handap.

1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid?


..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup?


Kumaha léngkah-léngkahna?
..............................................................................................................................
..............................................................................................................................

58 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Bab 4
Bahan
Pangjembar
A. Kaweruh Basa jeung Sastra
Karangan Dadaran
Déskripsi, dadaran, atawa candraan téh nyoko kana wangun wacana anu eusina
ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (panempo, panguping, pangrasa,
panyabak, jeung pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Dina wacana déskripsi
digambarkeun obyék sayaana jeung sajénté-jéntréna bari ditataan hiji-hiji kalawan wincik.
Tujuan déskripsi pikeun motrét atawa ngalapor-keun saayana naon-naon nu dipikanyaho
tanpa dikoméntaran.
Ari paguneman nyoko kana omongan nu ngagambarkeun hubungan timbal-balik
antara dua urang atawa leuwih. Dina paguneman aya nu nyarita atawa panyatur aya nu
ngaregepkeun atawa pamiarsa. Lamun panyatur keur nyarita atawa ngomong, pamiarsa
ngaregepkeun. Kitu deui sabalikna, lamun pamiarsa robah jadi panyatur, nya panyatir
robah jadi pamiarsa. Hubungan timbal-balik dina paguneman bakal ngagambarkeun
harmonis henteuna di antara dua jalma nu keur pagunean.

Karangan Pedaran
Eksposisi atawa pedaran nyaéta wacana anu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék,
prosésna, tujuanana, jeung gunana. Wacana éksposisi ditujukeun pikeun ngajembaran
pangaweruh hiji jalma. sakapeung sok disebut wacana prosédural lantaran ngagambarkeun
cara ngalaksanakeun hiji pagawéan saperti resép kuéh, resép kadaharan, jeung formula
obat.
Aya rupa-rupa téhnik anu bisa dipaké dina nyusun wacana éksposisi, di antarana, ku
cara idéntifikasi, babandingan, ilustrasi, klasifikasi, définisi, jeung prosés. Di handap ieu
salasahiji conto éksposisi maké téhnik proses.

SAMBEL CIBIUK
Bahan : (1) tomat ngora (héjo) 2 siki,
(2) surawung sabeungkeut, candak daunna wungkul,
(3) cikur dua buku curuk,
(4) tarasi saséndok th, goréng atanapi beuleum,
(5) gula bodas satengah séndok téh,
(6) uyah satengah séndok téh,
(7) céngék 10 siki, jeung
(8) cabé héjo 4 siki.

Ngadamelna: Tomat sareng cabé héjo siksikan, lajeng réndos sareng sadaya
bahan, tapi tomat sareng surawuyngna ulah lembut teuing. Tos kitu mah kantung
diidangkeun.
No. 1665:50)

60 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Kecap Katerangan Sipat
Kecap katerangan sipat (adverbia statif) nyaéta kecap anu dipaké nerangkeun kecap
sipat. Ilaharna harti kecap katersngan sipat nuduhkeun ‘pohara harti kecap sipat’. Cicingna
salawasna tukangeun kecap sipat tur sipatna kolokatif, nyaéta kecap katerangan sipat jeung
kecap sipatna gulangkep, teu bisa dipasangkeun jeung keap sipat séjénna. Geura urang
toténan contona.
- ngagedod dina héjo ngagedod
- euceuy dina beureum euceuy
Di antara kecap sipat jeung kecap katerangan sipat bisa dicukangan ku kecap
panambah mani. Contona:
- héjo ngagedod
- héjo mani ngagedod
Jaba ti éta, kecap katerangan sipat bisa waé nyuluran kecap sipatna dina kalimah.
Contona:
- Ceu Nani, bajuna warna héjo.
- Ceu Nani, bajuna warna ngagedod.

Rarangkén dina Kalimah Aktif jeung Kalimah Pasif


Kalimah aktif atawa kalimah migawé nyaéta kalimah anu jejerna ngalakeun pagawéan.
Ilaharna kecap pagawéan nu jadi caritaan dicirian ku rarangkén hareup (awalan) N- jeung
N-+-keun. Upamana waé, kecap nanya jeung nanyakeun. Contona dina kalimah:
- Manéhna nanya ka kuring.
- Manéhna nanyakeun ka kuring.
Kalimah pasif atawa kalimah kapigawé nyaéta kalimah anu jejerna kakeunaan ku
pagawéab. Ilaharna kecap pagawéan nu jadi caritaan dicirian ku rarangkén hareup
(awalan) di-, ka-, jeung rarangkén gabung (ambifiks) di-+-keun. Upamana waé, kecap
ditanya, katanya, jeung ditanyakeun. Contona kalimahna:
- Kuring ditanya ku manéhna.
- Kuring ditanyakeun ku manéhna.
Ari rarangkén gabung téh umumna mangrupa gabungan dua rarangkén anu
ngawangun kecap henteu babarengan atawa teu sakaligus. Upamana waé, kecap
ditanyakeun diwangun tina kecap tanya ditambah ku rarangkén tukang -keun jadi
kecap tanyakeun, tuluy dirarangkénan hareup di-.
Rarangkén tengah (seselan) –ar- dina basa Sunda kaitung produktif. Méh unggal
kecap dina basa Sunda bisa dirarangkénan tengah –ar-. Contona: budak + =ar =
→ barudak.
Rarangkén tengah –ar- umumna ngawangun kecap nu ngajdung harti ‘jama’ saperti
dina kecap gareulis. Jaba ti éta, bisa nuduhkeun harti ‘aya dina kaayaan’ saperti laleuleus.

Bab 4 Bahan Pangjembar 61


Disawang tina wangunna, rarangkén tengah –ar- mibanda variasi wangun jadi (a)
rarangkén tengah –al- saperti dina kecap luhur + -ar= → laluhur, (b) posisina pindah ka
hareup saperti dina kecap alus + -ar= → aralus; (c) jadi rarangkén ra- saperti dina kecap
jlok + -ar= → rajlok.

Aksara Sunda
Aksara Sunda téh masih rundayan kénéh aksara Brahmi ti India.Wangunna rada mirip,
tapi geus meunang pangropéa. Aksara SUnda téh kapanggih dina prasasti jeung naskah.
Prasasti nu kacatet maké aksara Sunda saperti Batu Tulis Bogor, Piagem Kabantenan,
Prasasti Cibadak, Prasasti Geger Hanjuang Tasik, jeung Prasasti Astana Gedé Kawali
Ciamis.
Runtuyan aksara Sunda téh ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa,
sa, ha. Ku lantaran dimimitian ku tilu aksara ka, ga, jeung nga, aksara Sunda sok disarebut
Aksara Sunda Kaganga.
Perkara aksara Sunda téh ditangtayungan ku Peraturan Daerah No. 5 Taun 2003
ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah nu dikaluarkeun ku Pamaréntah
Provinsi Jawa Barat kalayan ditanda tangan ku gubernur.
Aksara Sunda bisa digundukkeun jadi lima rupa, nyaéta aksara swara, aksara ngalagena,
aksara asing, angka, jeung pananda sora.
Aksara swara aya 7 siki, nyaéta a, i, u, é, o, e, jeung u.
Aksara ngalagena aya 18 siki nyaéta ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra,
la, wa, sa, jeung ha. Aksara asing ngalagena aya fa, va, qa, kha, sya, xa, za.
Angka dasar aya 10 siki nyaéta 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, 9, 0.
Ari pananda sora (vokalisasi) aya panolong (sora o), paneuleung (sora eu), pamepet
(sora e), panyuku (sora u), panéléng (sora é), panyecek (sora ng), panglayar (sora r),
panghulu (sora u), pantakra (sora +r+), panyiku (sora +l+), pamingkal (sora +y+), jeung
pamaéh (miceun sora a).

Dongéng
Dongéng téh carita anu ukuranana pondok. Dongéng mirip jeung carita pondok.
Duanana kaasup carita anu ukuranana pondok. Bédana téh dina dongéng mah soka aya
unsur nu pamohalan atawa teu asup akal. Dongéng téh sok tara jelas nu ngarangna (anonim).
Sumebarna dongéng tatalépa sacara lisan, ti kolot ka anakna atawa ti aki ka incuna.
Aya rupa-rupa dongéng, nya éta: (1) dongéng sato (fabel), (2) dongéng déwa (mythos);
(3) Dongéng jalma teu lumrah (parabél); (4) Dongéng sasakala, jeung (5) Dongéng jurig.
Dongéng-dongéng anu sumebar ku lisan téh ayeuna mah geus réa anu dibukukeun
mangrupa kumpulan dongéng. Biasana sok disebutkeun saha nu ngumpulkeunana.

Carpon
Carpon téh singgetan tina carita pondok. Dina basa Indonésia disebutna cerpen atawa
cerita pendek. Ari dina basa Inggris disebutna téh short story. Mémang anu ngaranna carpon

62 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


mangrupa karya sastra prosa fiksi anu ukuranana pondok. Palakuna saeutik, jalan caritana
henteu loba babagianana, waktu lumangsungna caritana ogé sakeudeung. Carita pondok
kaasup sastra kaayeunakeun, sumebrna ku cara tinulis, tur jelas nu ngarangna.
Minangka bagian tina prosa fiksi, carpon mibanda unsur intrinsik saperti tema,
pakaku, galur, latar (waktu tempat, jeung suasana), puseur sawangan, jeung amanat.
Carpon Sunda mimiti aya taun 1929-an, sok dimuat dina Majalah Parahyangan. Buku
kumpulan carpon SUnda anu munggaran nyaéta Dogodg Pangréwong karya GS (1930). GS
téh aya nu manjangkeun G. Suwandakusumah ayawa ogé nu manjangkeun G. Sastradireja.
Dibandingkeun jeung kumpulan carpon dina basa Indonésia nu judulna Teman Duduk
karya Muh Kasim (1936), kumpulan carpon Sunda genep taun leuwih ti heula.
Sabada medalna rupa-rupa majalah jeung kalawarta Sunda saperti Warga (1951),
SUnda (1952), Candra (1954), Kudjang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari
(1962), Langensari (1963), Mingguan SUnda (1965), Hanjuang (1971), Gondéwa (1972),
Giwangkara (1973), Gaura (1974), jeung SIpatahunan (?), carpon Sunda téh terus
tumuwuh ku dimuatna dina éta majalah.
Kiwari geus réa carpon Sunda nu dibukukukeun, dinatarana waé, Carita Biasa (RAF,
1959), Dongéng Enténg ti Pasantrén (RAF, 1961), Papacangan (Rusman SUtiasumarga, 1960),
Hujan Munggaran (Ayatrohaedi, 1960), Néangan (Caraka, 1962), Jurig (Tii Kartini, 1963),
Paséa (Tii Karti, 1965). Jurig (Tii Kartni, 1964), Di Luhureun Jukut Reumis (Yus Rusyana,
1965), Jajaten NInggang Papastén (Yus Rusyana, 1989), Kanyaah Kolot (Karna Yudibrata,
1985), Ceurik Santri (Usep Romli HM, 1985), Halimun Peuting (Iskandarwassid, 1989),
Nu Harayang Dihargaan (Darpan).

Sajak
Sajak téh kaasup kana wanda puisi atawa wangun ugeran, anu teu pati kauger ku
patokan wangunna saperti guru lagu jeung guru ilangan. Ku kituna, dina mangsa awal
gelarna sok disebut sajak bébas. Disebut bébas téh lantaran saenyana mah rélatif sabab
tetep waé ari ugeran mah aya. Ngan mun dibandingkeunjeung dangding (gugurtan) anu
kauger ku patokan guru lagu jeung guru wilangan, mémang sajak mah leuwih bébas.
Purwakanti henteu ditangtukeun ku pola nu matok. Kitu deui, wirahmana henteu angger
saperti ébréh tina jumlah jajaran dina sapada jeung jumlah engang dina sapadalisan.
Mimiti gelarna sajak Sunda dina taun 1950-an. Ari saenyana mah ti taun 1946-an ogé
ges aya nu nulis sajak dina sastra Sunda téh, di antarana Kis WS. Biasana dimuat dina koran
atawa majalah saperti Sipatahunan, Warga, Sunda, Kidjang, Manglé, Kiwari, Sari, Langensari,
Hanjuang, Giwangkara, jeung Galura. Harita mah sajak-sajak téh can dibukukeun.
Kiwari geus réa sajak-sajak anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana waé:
- Lalaki di Tegal Pati (Sayudi, 1963)
- OMbak Laut Kidul (Rahmat M Sas Karana, 1966)
- Jante Arkidam (Ajip Rosidi, 1987)
- Surat Kayas (SUrachman RM, 1967)
- Pamayang (Ayatrohaedi, 1972)

Bab 4 Bahan Pangjembar 63


- Basisir Langit (SUrachman RM, 19..)
- Katiga (Yayat Hendayana, 1975)
- Nu Ngaronghéap Mangsa Surup (Eddy D Iskandar, 1975)
- Lalaki Langit (Yuniarso Ridwan, 1979)
- Tepung di Bandung (Rahmat M Sas Karana, 1979)
- Jagat Alit (Godi Suwarna, 1979)
- Nu Mahal ti batan Inten (Yus Rusyana, 1980)
- Sajak-sajak Cilauteureun (Taufik Faturohman)
- Jamparing (Etti RS, 19..)
- Urang Naon di Cinaon (Wahyu Wibisana, 1992)
- Kidang Kawisaya (Chye Retty Isnendes)

Purwakanti
Purwakanti (dina basa Indonésia disebutna rima). Istilah “purwakanti” asalna tina
kecap purwa anu hartina ‘mimiti’ jeung kecap kanti anu hartina ‘marengan’. Purwakanti téh
nuduhkeun sasaruaan sora antara kecap-kecap dina jajaran atawa antarjajaran. Purwakanti
nyaéta padeukeutna sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah,
atawa rendonan kecap-kecap, utamana dina puisi. Tempat purwakanti bisa ngarendeng
dina sakalimah atawa sapadalisan (RANTAYAN), bisa ogé ngaruntuy dina antarpadalisan
(RUNTUYAN).
Aya rupa-rupa purwakanti, di antarana waé:
(1) Purwakanti swara:
- Maduswara = sarua vokal a-a-a-a
- Cakraswara = beda vokal i-u → u-i
(2) Purwakanti laras:
- Laras purwa : sarua sora/engang di awal
- Laras madya: sarua sora/engan di tengah
- Larawekas: sarua sora/engang di ahir
(3) Purwakanti mindoan:
- Mindoan kawit: malikan kecap di awal
- Mindoan wekas: malikan kecap di ahir
- Mindoan kecap: mlikan kecap homonim
(4) Purwakantu luyuan:
- Pangluyu: sarua sora sakalimah
- Margaluyu: kecap ahir dibalikan dina awal kalimah
- Purwakanti pangluyu nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa
sapadalisan, mangrupa purwakanti rantayan.

64 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


Contona:
diteuteup ti hareup sieup (eu, eu, eu)
diteang ti tukang lenjang (ang, ang, ang)
ditilik ti gigir lengik (ik, ik)

Pupuh
Pupuh téh salasahiji wangun ugeran atawa puisi anu kauger ku guru lagu jeung guru
wilangan. Jaba ti éta, pupuh téh mibanda watek séwang-séwangan. Pupuh maskumambang
kagolong kana sekar alit. Watekna nalangsa, ngageuri, atawa pépéling. Sapadana aya opat
jajar, guru wilangan jeung guru laguna: 12-I, 6-a, 8-I, jeung 8-a.

GURU LAGU JEUNG GURU WILANGAN PUPUH MASKUMAMBANG

GURU LAGU JEUNG GURU WILANGAN


Hé ba- ru= dak ku- du mi- kir ti leu- leu- tik 12-i
ma- néh ka- hu- ta- ngan 6-a
ku ko- lot ti ba- tang la- hir 8-1
ne- pi ka a- yeu -na pi- san

Bab 4 Bahan Pangjembar 65


B. Glosarium
aksara = lambang ucapan
beukah = mimiti ngagedéan, kembung
canémbrang = ngagenclang
digunasika = diganggu
dipigandrung = pikaresep, dipitineung
diriksa = dipiara
hanaang = hayang nginum
hasiat = kagunaan
hirup rukun = hirup sauyunan
kacanduan = katagihan, deudeuieun
kacapit = kacekel saeutik
kakayon = kakayuan, kai-kaian
leuwi = bagian walungan anu jerona
mancawura = awur-awuran ka saban juru
metot = medol, narik; kabetot = katarik, kabedol
ngabuburit = ngadagoan waktu magrib
ngangon = nungguan ingon-ingon titah nyatuan kana jukut
nyékaskeun = ngébréhkeun
pacekel-cekel = silih cekel, silih puntangan
paciweuh = rarépot, loba gawé
pahatu = teu boga indung, pahatu lalis = teu boga indung bapa
pananda sora (rarangkén aksara)
pamaéh (ø) gunana pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara ngalagena.
pamepet gunana pikeun nambahan sora /e/ luhureun aksara ngalagena.
pamingkal gunana pikeun nambahan sora /y/ dina aksara ngalagena.
panéléng gunana pikeun nambahan sora /é/ hareupeun aksara ngalagena.
paneuleung gunana pikeun nambahan sora /eu/ luhureun aksara ngalagena.
panghulu gunana pikeun nambahan sora /i/ luhureun aksara ngalagena.
panglayar gunana pikeun nambahan sora konsonan /r/ luhureun aksara …
pangwisad gunana pikeun nambahan sora /h/ tungtung aksara ngalagena.
panolong gunana pikeun nambahan sora /o/ tukangeun aksara ngalagena.
panyakra gunana pikeun nambahan sora /-r/ handapeun aksara ngalagena.
panyecek gunana pikeun nambahan sora /ng/ luhureun aksara ngalagena.
panyiku gunana pikeun nambahan sora /l/ handapeun aksara ngalagena.
panyuku gunana pikeun nambahan sora /u/ handapeun aksara ngalagena.

66 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI


pupujaning = nu dipuja-puja
raruntag = rarungkad, raruntuh
rembet = pinuh ku areuy-areuyan
rempug jukung = sauyunan
runtag = runtuh, rungkad
sagara = lautan, jaladri
suwung = kosong
tatanén = pertanian
teuleum = ngalelepkeun kabéh awak nepi ka sirah kana cai
wangun sastra = rupa-rupa sastra saperti prosa, puisi, jeung drama
wastana = ngaranna

Bab 4 Bahan Pangjembar 67


DAPTAR PUSTAKA

Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat.


Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Rusyana,Yus. 1997. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.
Sudaryat,Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudaryat,Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya.
Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya.
Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi
Jawa Barat.
Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya.
Bandung: SPs UPI.

68 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas VI

Anda mungkin juga menyukai