Anda di halaman 1dari 2

Nama : Rasya Dalilah Riski

Kelas : X AGAMA
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Materi : Rumpaka Kawih
Guru : Dede Nurhasan, S.Pd

PANCEN KETERAMPILAN

1. Tangtukeun jejer kawih (bebas) sareng pilarian conto lirik kawih di ketik kana file dokumen Ms
Word!
2. Jieun video ngawih sunda, konsepna bebas, bade solo, duet, trio, vocal grup, band, boy band
girl band asalkan kudu sareng rencangan sakelas!
3. Video bisa dijieun bebas make aplikasi naon wae, bade karoke atawa nganggo alat musik
leuwih sae, asalkan ulah lipsinc teras diupload kana youtube!
4. Pancen sadaya di kempelkeun dina link nu aya di elearning madrasah sasuai bates waktos nu tos
ditentukeun sareng format ngaran file na!

MANUK DADALI
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang

Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang

Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk

Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna

Gandang jeung pertentang taya bandingannana

Dipikagimir dipikaserab ku sasama

Taya karempan kasieun

 
Manuk Dadali manuk panggagahna

Perlambang sakti Indonesia Jaya

Manuk Dadali pangkakon carana

Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri

Silih pikanyaah teu inggis bela pati

Manuk dadali ngandung siloka sinatria

Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

Anda mungkin juga menyukai