Anda di halaman 1dari 11

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP) BAHASA SUNDA

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Kelas/Semester : X/2

Sekolah : SMKN 1 Buahdua Alokasi Waktu : 2 Pertemuan (4x 45 Menit)
Materi Pokok : Sajak

TUJUAN PEMBELAJARAN
Melalui kegiatan pembelajaran ini diharapkan peserta didik mampu memahami isi,
menganalisis struktur dan aspek kebahasaan sajak serta menampilkannya dengan cara
membaca, mendeklamasikan, musikalisasi atau dramatisasi.

KEGIATAN PEMBELAJARAN

Guru melakukan kegiatan pembelajaran dengan pendekatan dan model pembelajaran yang
sesuai dalam setiap KD agar tujuan pembelajaran dapat dicapai

A. PENDAHULUAN

1. Menyampaikan tujuan pembelajaran pertemuan hari ini

2. Membuat apersepsi tentang sajak

B. INTI
PERTEMUAN 1

1. Siswa ditugaskan untuk mengamati contoh sajak yg berjudul Blus Kéré lauk dan Grand
Prix karya Godi Swarna serta menyimak/ menonton vidionya melalui youtube dan
mempelajari berbagai sumber belajar tentang sajak
2. Siswa memahami isi dan menganalisis struktur (unsur batin) dan unsur kebahasaan
(unsur lahir) sajak Grand Prix
3. Siswa melaporkan hasil pekerjaannya tersebut kepada guru melalui email

PERTEMUAN 2

1. Siswa ditugaskan menyimak kembali sajak karya Godi swarna yang berjudul Blus Kéré
lauk dan Grand Prix
2. Menyusun paraprase dari sajak Grand Prix
3. Siswa memberikan tanggapan terhadap isi sajak yang dikaitkan dengan kehidupan yang
terjadi saat ini
4. Siswa menulis sajak dengan tema fenomena jaman saat ini

C. KEGIATAN PENUTUP

Guru bersama siswa melaksanakan refleksi terhadap kegiatan pembelajaran tentang sajak
PROSES PENILAIAN

1. Penilaian aspek kognitif :

a. Pemberian nilai pada pengisisn lembar kerja siswa untuk kegiatan pembelajaran 2
dan 3 pada pertemuan 1 dan 2
b. Penetapan rentang skor ditentukan oleh guru

Jumlah jawaban benar

Nilai = x 100
5

Predikat untuk nilai pengetahuan

90 – 100 = alus pisan

85 – 89 = alus
80 – 84 = cukup
- 79 = kurang

2. Penilaian asfek keterampilan :

a. Berupa penilaian pada produk kegiatan pembelajaran 3 pada pertemuan ke 2
b. Penyusunan rubrik penilaian

RUBRIK PENILAIAN MENULIS SAJAK

No Aspek yang Dinilai Rentang Nilai

1 Kesesuaian isi dengan tema 80 - 100
2 Pemilihan diksi dan gaya bahasa 80 - 100
3 Kreativitas dan orisinalitas 80 - 100

3. Penilaian Aspek sikap :

Kedisiplinan dan tanggung jawab dalam melaksanakan pembelajaran dan
mengerjakan tugas yang dapat dilihat dari hasil dan ketepatan dalam mengumpulkan
tugas

Mengetahui, Sumedang, Maret 2020

Plt Kepala SMKN 1 Buahdua, Guru Mata Pelajaran,

Drs. H. Uu Mulyana, M.M Leli Aspriani, S.Pd

Nip. 19600608 198603 1 008 Nip. 19831104 200902 2 002
A. PEDARAN MATERI

 Wangenan Sajak
Sajak dina basa Sunda sarua hartina jeung puisi dina basa Indonesia,
sedengkeun dina basa Sunda puisi ngandung harti nu leuwih lega deui dimana dina
sastra Sunda sajak kagolong kana salah sahiji wanda puisi anu disebut ogé puisi
bebas/modern. Naha disebut puisi moderen atawa bébas sabab sajak mah teu pati
kauger ku aturan-aturan anu tangtu sakumaha sajak heubeul anu salah sahiji
diantarana nya éta; pupuh, sisindiran, wawacan, guguritan jeung réa-réa deui.Conto
ugeran dina sajak heubeul nya éta diantarana dina pupuh aya nu disebut guru lagi,
guru wilangan jeung watek.Sajak dina sastra Sunda mangrupa salasahiji karya sastra
dina wangun puisi (ugeran) sarta basa anu dipakena biasana ngandung harti injeuman
(konotatif).sakumaha anu ditétélakeun ku (Iskandarwassid dina Dedi Koswara, 2003:
91)yén anu dimaksud sajak téh nya éta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran
anu teu pati kauger ku patokan wangunna. Ku lantaran kitu dina mangsa awal gelarna
sok disebut sajak bebas.

 Papasingan Sajak
Nilik kana eusina, sajak téh kabagi kana dua bagian nya éta sajak epik jeung
sajak lirik. Sajak Epik nya eta sajak anu eusina ngalalakonkeun lalampahan hiji tokoh
atawa ngadadarkeun hiji carita atau kajadian, sarta biasana eusina téh ngawangun
carita kapahlawanan, boh pahlawan nu aya patalina jeung legenda. conto sajak epik
diantarana; Jante Arkidam jeung Bagus Rangin karya Ajip Rosidi, Cadas pangeran
karya Yus Rusyana jeung sajabana. Sajak lirik nya éta sajak anu eusina ngedalkeun
atawa ngebrehkeun eusining hate atawa pikiran jeung rasa pribadi panyajakna tur
sipatna leuwih subjektip. Conto sajak lirik diantarana; Seuneu bandung karya Karna
Yudibrata, lagu Paturay karya Surahman R.M jeung réa-réa deui.
.

Di handap aya sawatara conto-conto sajak pek ku hidep tengetan kalawan gemet!

a. Conto sajakLirik
Tanah Sunda
(Karya : Ajip Rosidi)

Hejo pagunungan
Paul lautan
Hejo
Paul
Langit na hate kuring

Masing dimana kuring nangtung

Masing dimana kuring leumpang
Tanah lembok tempat bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang

Masing dimana anjeun nunjuk

Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang, kuring rek datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

Kuring tungtung tetepan

Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayah
Getih manehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadna nu ruksak ngalungsar na dada anjeun

Hejo pagunungan, paul lautan

Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan, paul lautan
Taya katingtriman ngan ancaman

B. Conto sajak Epik

JANTE ARKIDAM
(Karya: Ajip Rosidi)

Panonna beureum siki saga

Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggeng

Ngan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung

Jante raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sosoroting sinar
Jaruji beusi pak gade miley ku ramona

Ti peuting ngadalingding wangi

Jante raja dina tayuban
Ngagakgak seuri ngibingan ronggeng

Mantri pulisi ngalieuk ka dieu

Bantingkeun kartu
Bantingkeun dadu
Wadana
Ulah nundutan didinya
Urang ngibing jeung kula Jante Arkidam
Silih teuteup wadana jeung mantri pulisi
Jante, jante arkidam
Ngabongkar pak gade peuting tadi
Ayeuna makalangan dina tayuban

Nya kaula jante arkidam

Sing saha nu wani maju
Rék ditigas leungeun kula lalancip gobang

Nya kaula Jante Arkidam

Sing saha nu wani maju
Rek ditigas
Leungeun kula lalancip pedang

Ngahephep sapanglalajoan
Neuteup ka jante nu matana ngembang wera
Kunaon nareuteup ka kula
Teruskeun ngibing
Peuting nyerelek beak

Rame deui kalangan

Rame deui pangaduan
Jante masih ngibing
nyolempang salendang
Nguyup arak sloki ka salapan likur

Waktu beurang datang

Jante ngagoler diburu mantri pulisi
Jante, jante Arkidam
Nusakambangan

Ngagisik hayang sidik

Jante mencrong mantri pulisi
“Ki mantri tindakan andika lelewa bikang
Ngabokong jalma keur tibra”

Arkidam ditalikung leungeunna dua

Sorot matana ngentab seuneuan
Saméméh béak poé kahiji
Jante minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara

Samemeh cunduk peuting kahiji

Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan
 Unsur-Unsur Sajak
Sakumaha anu ditétélakeun ku Sudaryat 2017: 134 yén sajak téh mangrupa
ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji
pasualan anu mana éta pasualan téh asalna bisa tin kaayaan kahirupan sapopoé bisa ogé ukur
réka cipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi anu satuluyna
dijanggélékkeun dina wangun rakitan basa anu éndah. Sudaryat ogé dina 2017:135 ngabagi
unsur-unsur pangwangun sajak samodél ieu di handap:
a. Unsur lahir, nya éta unsur fisik sajak disawang tina wanguuna anu ngawengku:
1. Wangun Sajak (Tipografi) nya éta wangun-atawa bentuk sajak bisa disawang tina
kumaha bentuk naha dina wangun pada atawa paragraf sakumaha karya sastra dina
wangun lancaran tapi ngandung basa nu kauger,kumaha wangun tulisanana, sabaraha
jumlah padana, sabaraha jumlah padalisanana,jrrd.
2. Pilihan kecap (Diksi) nya éta pilihan kecap-kecap nu dipaké ku pangarang sajak
upamana kecap-kecap anu ngandung harti konotatif saperti malati diibaratkeun ka
wanoja, atawa bisa ogé ngandung kecap-kecap nu arhaik/geus jarang digunakeun dina
obrolan sapopoé saperti cinta diganti jadi asih, jsb.
3. Citraan (Imaji) nya éta pangaruh kecap kanu maca sajak biasana mah aya patalina
jeung naon anu karasa, kadangu jeung katempo ku nu maca tina kecap-kecap nu aya
dina sajak. Citraan dina sajak sifatna bisa citraan swara (auditif), citraan panempo
(visual) jeung citraan pangragap (taktil).
4. Gaya Basa (figuratif) nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun
pangaruh anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun ku jalan
ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejenna. Gelarna gaya basa raket jeung
suasana kajiwaan nu make basa. dina basa Indonesia gaya basa biasa disebut ogé
majas. Pamakéan gaya basa dina sajak téh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif
anu nimbulkeun harti anu beunghar kana eusi sajak dimana sajak téh bisa mibanda
harti anu mundel jero tur loba. Rupa-rupa gaya basa diantarana nya eta:
a. Gaya basa metapora nya eta gaya basa babandingan atawa lalandian ku jalan
nyebut hiji barang, padahal anu dimaksud mah anu sejen lantaran dianggap
miboga pasifatan ataw ciri-ciri nu sarua.
Conto ; - kecap srikandi keur sesebutan awewe anu wanian
- Wayang pangsisina dipake sesebutan ocon/banyol ka jalma nu jangkung
gede
b. Gaya Basa Mijalma (personifikasi), nya eta gaya basa anu digunakeun pikeun
nyebutkeun barang saolah-olah boga polah kawas jalma.
Conto ; - bulan ngintip dina sela-sela mega
- Angin leutik ngaharewos mere beja ti kaanggangan
c. Gaya basa ngasor (litotes), nya eta gaya basa nu dipake pikeun ngebrehkeun hal
anu sabalikna tina kanyataan anu leuwih.
Conto ; - mangga sindang heula ka saung butut etang-eang leleson
- Neda sihapunten pamugi ulah janten cua sanaos mung aya cai teu aya cau
d. Gaya basa rarahulan (hiperbola) nya eta gaya basa anu dipake pikeun
nimbulkeun rasa anu dileuleuwihi atawa digegedekeun.
Conto ; - Estu ngan ukur bisa jumerit maratan langit dina nyanghareupan
peurihna hirup
- Kuring ceurik getih nyaksian babaturan nu sakitu bagurna asup ka pangbuian
alatan dituduh maling
e. Gaya basa rautan (eupimisme) nya eta gaya basa anu dipake pikeun
ngalemeskeun maksud sangkan teu kasar katarimana ku nu ngaregepkeun atawa
nu maca
Conto; - Pa punten neda widi bade ka pengker sakedap (maksudna hayang ka cai)
f. Gaya Basa Raguman (sinekdok) nya eta gaya basa anu nuduhkeun hiji hal
kalawan dihijikeun, disawandakeun atawa disabeungkeutkeun. Gaya basa
raraguman kabagi dua nya eta:

 Gaya basa hurunan (totem pro parto) nya eta gaya basa raguman anu nyebut
sagemblengna padahal maksudna ngan ukur sabagean
Conto; - SMK Negeri 1 Buahdua keur tanding voli jeung SMK Negeri 1
Sumedang
- Siswa SMK Negeri 1 Buahdua keur ngayakeun rapat OSIS
 Gaya basa tunggalan (pars pro toto), nya eta gaya basa anu nyebutkeun
sabagean padahal maksudna sagemblengna.
Conto; - kamana si karma ti kamari teu kaciri irung-irungna acan
- Raja baheula mah diriung-riung ku gelung

5. Purwakanti
Purwakanti nyaeta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah atawa di
tungtung ungkara kalimah. Nilik kana perenahna, purwakanti teh bisa ngarendeng
dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa oge ngaruntuy dina antar padalisan.
Kulantaran kitu, purwakanti teh aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu ngaruntuy
(purwakanti runtuyan), atawa gabungan boh rantayan boh runtuyan.

Titenan deui sempalan sajak ieu di handap!

Hejo pagunungan, paul lautan purwakanti rantayan (padalisan)

Taya kamarasan ngan katugenahan Purwakanti runtuyan (pada)
Hejo pagunungan, paul lautan
Taya katingtriman ngan ancaman

b. Unsur Batin, nya éta unsur-unsur sajak anu bisa kapanggih saupama réngsé
diteuleuman atawa dirarasakeun ku cara dibaca sababaraha balikan nepi ka bisa
kaharti eusina, unsur natin sajak ngawengku;
1. Jejer/ téma, nya eta ide poko nu ngajiwaan sagemblengna eusi sajak. Jejer dina
sajak bisa ngeunaan kaagamaan, sosial kamasarakatan, kaendahan alam,silih asih
(cinta), kasajarahan/cinta ka lemah cai, kulawarga, kabeungharan budaya,
jst.Upamana waé sajak “Tanah Sunda” jejerna nya éta cinta ka lemah cai dinama
eusina ngagambarkeun hiji jalma ku rasa kacintana ka lemah cai manéhna siap
pikeun ngorbankeun jiwa ragana, nalika kaayaan lemah caina keur
harénghéng/dijajah, manéhna siap naja iraha waé dimana waé manéhna
diperlukeun ku lemah cai manéhna seja datang buméla.
2. Rasa nya eta ebrehan jiwa nu nyangkaruk dina sajak kayaning sedih, ambek,
hanjakal/hanjelu, bungah, nyaah jeung sajabana.Rasa nu kapanggih dina sajak
“Tanah Sunda” di luhur nya éta rasa nyaah hayang buméla ka lemah cai.
3. Nada nya eta rasa nu ditilik tina kacamata pangarang(nu nyiptakeun) sajak anu
ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Nada dina sajak diantarana
waé bisa; mamatahan/ngelingan, umajak, nyaram, nyindiran, méré gambaran
ngenaan hiji hal jst. Upamana nada nu kagambar dina sajak “Tanah Sunda” di
luhur nya éta méré gambaran ka pamaca yén sanajan tanah Sunda téh kacirina
éndah tapi dijerona harénghéng taya katingtriman tur loba ancaman.
4. Amanat nya éta pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka pamaca.tapi najan
kitu amanat dina sajak bisa ditangtukeun/gumantung kana panafsiran pamaca.

 Ngarang Sajak
Sakumaha anu geus ditétélakeun saméméhna ari sajak téh salah sahiji hasil karya sastra
wangun puisi. Sajak nu ditulis kusaurang pangarang bisa jadi eusina ngagambarkeun
pangalaman nusarua jeung urang. Kusabab kitu upama urang loba maca atawa neuleuman
eusi sajak tangtu bakal leuwih loba pangalaman jeung pangaweruh, kayaning kabeungharan
kecap jeung rupa-rupa informasi nu ditulis atawa diekspresikeun ku panyajak dimana hal éta
bisa mantuan urang sangkan leuwih babari saupama rék nulis/ngarang sajak.
Proses ngarang sajak mah sarua wae boh dina basa sunda estu kitu-kitu keneh teu aya
bedana.Dihandap mangrupa léngkah-léngkah anu bisa dilakukeun nalika urang rék ngarang
sajak

1. Nangtukeun tema
2. Tina tema nu geus ditangtukeun, terus tangtukeun rasa atawa suasana
3. Gunakeun imaji
4. Gunakeun simbul atawa perlambangan
5. Langkah salajengna nyaeta ngarakit kecap
B.EVALUASI
a. Sangkan hidep leuwih apal kana wanda jeung struktur sajak sarta bisa nyangkem eusina,
pék ku hidep titénan dua sajak di handap sarta jawab sakur patalékanana!

1. Blues Kéré Lauk

(Goddi Swarna)

Dipentrang dimentrang mentring

Di sahara nadah salikur srangenge
Dina dada teu kasampak cikaracak
Raga geuning bet teu walakaya najan can ditilar sukma

Dina tapak jarum morfin

Tinggarajag getih sagibleg-sagibleg
Jadi saat ngempur beureum mulas langit
Bulan kuring na dimana bulan kuring
Panon poe nu salikur
Gumuruh jeroning tarang

Panon keri da puguh cimata garing

Tina beungeut nu rarengat sauratna-sauratna
Bet karasa berang teh bangun rek langgeng
Da geuning ieu jarum jam
Ngarandeg lebah genggerong

Bulan kuring na dimana bula kuring

Purnama kuring diamana

2. Grand Prix
(Godi Swarna)

Nincak gas sataker kebek mobil sport ngagerung mangprung rék ngudag jorélat waktu startna
kapandeurian. Ah, tangtu kasusud tapakna, ceuk haté anjeun nyarita. Jalan lempeng, jalan nanjak
pungkal pémgkol kénca katuhueun jungkrang. Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang taun
diliwatan. Ti saban saban simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu hayang
kapandeurian. “I can’t get no satisfaction!” sora kasét gumuruh nyasaak langit, ngendag-ngendag
dungus mangsa. Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu nabrak
deungeun tibatan ditabrak batur. Nu nyakakak nu jumerit, mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu
can katémbong kelemengna. “Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabot setir guwar-giwar. “Boa
sapéngkolan deui!” ceuk nu séjén bari hantem sunngal senggol. Dina hiji mangsa: anjog anjeun jeuing
nu séjén méh bareng ka garis finish; persis di jero kuburan tuluy nampa piala tetengger batu!

Jawab Sakur Patalekan di handap kalawan jentre!

1. Pék ku hidep jéntrékeun wangun sajak di luhur!
.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................
2. Pék ku hidep téangan harti atawa sasaruaan tina kecap-kecap di handap sarta jieun
kalimahna:
a. salikur
.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................

b. srangéngé

c. dungus

d. jungkrang

e. manglaksa

3. Imaji naon anu digunakeun dina dua sajak di luhur?

.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................

4. Naon tema/jejer nu nyangkaruk dina dua sajak di luhur?

.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................
5. Kumaha nada jeung rasa nu kagambar dina dua sajak di luhur?
.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................

6. Tetelakeun sawatara amanat nu nyangkaruk dina dua sajak di luhur

.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................
7. Jentrekeun kumaha purwakantina dina dua sajak di luhur!
.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................
8. Gaya basa naon nu kapanggih dina dua sajak di luhur?
.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................

9. Pek ku hidep jieun parafrase /caritakeun deui kalawan ngagunakeun basa sorangan
kumaha eusi dua sajak di luhur!
.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................
10. Pék ku hidep béré koméntar kana sajak di luhur sarta patalikeun kana kahirupan di
masarakat kiwari
.................................................................................................................................................
.................................................................................................................................................

b. Pék ku hidep jieun hiji karangan puisi bebas kalawan jejer kahirupan sosial di jaman
modern!
c. Sanggeus régsé kirimkeun tugas hidep ka alamat emil leliaspriani@yahoo.com

Anda mungkin juga menyukai