Anda di halaman 1dari 1

Kahatur :

Kapayuneun lingkung wargi Kudalampar

Assalamualaikum wr, wb.

Puji kalih syukur urang sanggakeun ka Gusti nu maha suci. Sholawat miwah salam mugia
salawasna dilimpahkeun ka jungjunan alam kanjeng nabi muhmmad SAW, oge ka kulawargina
sareng ka para sohabatna tur dugika urang sadayana.

Sataun kalangkung mangsana ngawitan ngalaksanakeun pangaosan rutin di lingkung wargi


Kudalampar seja syukuran milangkala anu munggaran kaleresan waktosna patali sareng mieling
maulid nabi Muhammad SAW 1442 H, salajengna seja nguningakeun rehna Lingkung wargi
Kudalampar ngamaksad ngayakeun calagara anu bade dilaksanakeun dina:

Waktos : dinten rebo wengi kemis ping 19 rojab 1442 H

Tempat : Masjid al-Muhaimin

Wanci : tabuh 18.30 (wanci sareureuh budak/paro poek) dugika rengse

Kumargi kitu, ti wastana kulawargi Kudalampar miharep kasumpingan saderek sadayana dina
waktosna.

Kana sagalarupi perhatosan sinareng kasayogian saderek sadayana, ti wastana kulawargi


Kudalampar ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan, mugia ku gusti allah dicatet janten
amal sholeh. Amin yaa robbal alamin. Wassalammualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai