Anda di halaman 1dari 20

SISINDIRAN: Rarakitan, Paparikan, Wawangsalan

SISINDIRAN: RARAKITAN, PAPARIKAN, WAWANGSALAN

I.                   SISINDIRAN
Sisindiran berasal dari kata sindir, artinya berkata secara tidak langsung atau tidak terus
terang. Sisindiran adalah bentuk puisi semacam pantun di dalam sastra Melayu. Sisindiran
tumbuh dan berkembang pada masyarakat bahasa Sunda umumnya. Sisindiran berasal dari kata
sindir ‘sindir, menyindir’, artinya berkata secara tidak langsung atau tidak terus-terang.
Sisindiran ialah suatu bentuk puisi sastra tradisional Sunda yang mempunyai sampiran dan isi.
Sisindiran ini merupakan karya sastra Sunda asli yang sudah ada sejak dulu, jauh sebelum islam
dating (Haji Hasan Mustapa, 1913).
Sisindiran ini lahir sebelum tahun 1600 M. bersama cerita pantun, dongeng, jangjawokan
‘mantra’. (Yus Rusyana, 1969: 11). Sisindiran adalah bentuk puisi tradisional Sunda yang
sebentuk dengan pantun dalam sastra Melayu; umumnya terdiri atas empat larik, tapi bisa kurang
atau lebih, hanya selalu berlarik genap, karena terbagi menjadi dua bagian yang sama jumlah
lariknya. Bagian pertama disebut cangkang (kulit=sampiran) dan bagian kedua disebut eusi (isi).
Sisindiran dibagi atas tiga jenis, yaitu wawangsalan, rarakitan, paparikan. Di dalam tiga
jenis tersebut jika dilihat dari sifatna ‘keperluannya/tujuan’, memiliki pula tiga keperluan/tujuan
pula yakni: silih asih ‘kasih sayang’, piwuruk ‘pepatah’, sésébréd ‘humor’.
Menurut Salmun dalam Kandaga Kesusastraan Sunda (1963: 55)
Kecap sisindiran ari asalna mah tina kecap sindir, anu maksudna sisi. Ngomong ku sindir
maksudna ngomong anu nyisi, henteu poksang ceplak Pahang, pikeun ngaragangan anu dibawa
nyarita, supaya omongan urang karasana henteu nyentug atawa ngagasruk kana haténa.
Sanajan sindir jeung sisindiran téa ceuk hartining kecap mah béda-béda hartina jeung larapna,
tapi ari pokona mah tetep sarua, nya éta ngedalkeun maksud henteu saceplakna, tapi dibulen ku
kecap-kecap séjén anu ngandung karasmén, dipalar pikaresepeun. Lamun diibaratkeun kana
bubuahan téa mah, aya cangkang jeung eusina. Bisana kaarah eusina teh kudu bisa mesék
cangkangna.
‘Kata sisindiran berasal dari kata sindir, yang artinya sisi. Berbicara dengan menggunakan sindir
artinya berbicara tidak langsung apa adanya, hal ini dimaksudkan untuk menghormati yang
diajak berbicara, agar ucapan kita tidak menyinggung perasaan pendengar.
Meskipun sindir dan sisindiran berbeda arti dan penggunaannya, tetapi pada dasarnya tetap
sama, yaitu menyampaikan maksud atau tuturan secara tidak langsung apa adanya, tetapi
disampaikan dengan ungkapan yang lebih baik, agar enak didengar. Jika diibaratkan dengan
buah, ada cangkang dan isi. Untuk mendapatkan isinya, harus dapat mengupas cangkangnya.

Lebih lanjut Salmun (1963: 57) menjelaskan:


Tegesna: sisindiran téh diréka atawa dianggitna mah bisa jadi mangrupa wawangsalan, bisa
jadi mangrupa rarakitan, bisa jadi mangrupa paparikan. Ari sifatna, anu mana-mana ogé bisa
jadi silih asih, bisa jadi piwuruk, bisa jadi sésébréd.
‘Lebih jelas: sisindiran dapat dibentuk berupa wawangsalan, berupa rarakitan, dan berupa
paparikan. Keperluannya/ tujuannya, masing-masing dapat digunakan untuk silih asih berkasih
sayang, piwuruk pepatah, dan sésébréd humor.

Menurut Wibisana (2000: 431), istilah sisindiran sudah ada sejak abad ke-16. Naskah
kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian memberi informasi tentang hal itu, akan tetapi diawali
dengan kata kawih, jadi kawih sisindiran. Ini mungkin nama lagu, bukan nama bentuk sastra.
Lebih lanjut Wibisana (2000: 431) menjelaskan, sisindiran dalam sastra Sunda sama
dengan pantun dalam sastra Melayu atau Indonesia. Seperti halnya pantun, sisindiran pun terdiri
atas dua bagian, yakni cangkang ‘sampiran’ dan eusi ‘isi’. Juga mengenai jumlah lariknya, walau
umumnya empat larik, tak sedikit pula yang lebih dari itu dalam jumlah yang genap.
Menurut Ekadjati (2000: 598), sisindiran adalah bentuk puisi tradisionil Sunda yang
sebentuk dengan pantun dalam sastra Melayu; umumnya terdiri atas empat larik, tapi bisa kurang
atau lebih, hanya selalu berlarik genap, karena terbagi menjadi dua bagian yang sama jumlah
lariknya. Bagian pertama disebut cangkang (kulit=sampiran) dan bagian kedua disebut eusi (isi).
Lebih lanjut Ekadjati (2000: 598) menjelaskan: Karena sisindiran itu seperti juga bentuk
sastra yang lain menjadi milik bersama, maka tak perlu mengucapkan cangkang dan eusi sebuah
sisindiran, karena yang diajak bicara akan mafhum.
Dan menurut Gunardi dalam Inferensi Dan Referensi Wawangsalan Bahasa Sunda
(2011: 19)
“Sisindiran adalah salah satu hasil rekayasa bahasa Sunda di dalam karya sastra Sunda, yang di
dalam bentuknya terdapat cangkang (sampiran) dan eusi (isi), untuk menyampaikan maksud
secara tidak langsung, agar tidak menyinggung perasaan pendengar (yang diajak bicara).
Sisindiran dibagi atas, paparikan, rarakitan, dan wawangsalan.”

II.               MACAM-MACAM SISINDIRAN

1.      Rarakitan
Rarakitan adalah salah satu bentuk sisindiran yang dibentuk oleh cangkang (sampiran)
dan eusi (isi). Hubungan antara cangkang dan isi harus satu suara serta sama purwakanti dalam
setiap akhirannya.
Rarakitan merupakan sisindiran yang terdiri dari sampiran dan isi dengan jumlah yang
sama banyak dalam sebaitnya. Kata rarakitan sendiri mengandung arti seperti rakit atau
berpasangan (sarakit = sepasang). Disebut rarakitan karena kata pada awal baris bagian sampiran
diulangi atau dipergunakan lagi pada awal baris bagian isi

Rarakitan di dalam sisindiran adalah kawih ‘lagu’ yang sampiran dan isinya memiliki
kesamaan pada awal lariknya.
Contoh Rarakitan:
         Silih asih

Mihapé sisir jeung minyak,


Kadé kaanloman leungeun,
Mihapé pikir jeung niat,
Kadé kaangsonan dengeun.

Daék sotéh ka Cikonéng,


Ka Cisitu mah teu purun.
Daék sotéh ka Nyi Onéng,
Ka nu itu mah teu purun.

Sapanjang jalan Soréang,


Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weléh diakalan.

Hayang teuing buah hiris,


Teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana.

         Piwuruk

Lamun dayang dahar noga,


Kudu daék nya meulina.
Lamun haying asup sorga,
Kudu getol nya sholatna.

Lamun urang ka Cikolé,


Moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang boga gawé,
Moal hésé barang dahar.

Sing getol nginum jajamu,


Nu guna nguatkeun urat,
Sing getol néangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

Ti batan mawa pedang,


Mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
Mending gé diajar ngaji.

         Sésébréd

Aya budak mawa casan,

Ngan hanjakal teu dibeli.

Aya budak gelis pisan,

Ngan hanjakal tara mandi.

Majar manéh cengkéh konéng,

Kulit peuteuy dina nyiru.

Majar manéh lengkéh konéng,

Kulit beuteung mani nambru.

Rarasaan ngala mayang,

Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.

Rarasaan konéng umyang,

Teu nyaho cakeutreuk hideung.

Aya listrik di masigit,

Hanjakal moncor ka kolong.

Aya istri jangkung alit,

Hanjakal tonggongna bolong.


2.      Paparikan
Paparikan adalah salah satu jenis dari puisi Sunda yang disebut sisindiran yaitu suatu
puisi yang dibangun oleh cangkang yang tidak mengandung arti, yang diikuti oleh isi yaitu
arti sesungguhnya. Hubungan antara "cangkang" dan arti sesungguhnya ditunjukkan dengan
hubungan struktural suara dan pola. Jika pola suara dari cangkang dan isi sejajar maka
sisindiran ini disebut paparikan.
Paparikan, berasal dari kata parik yang bentuk dasarnya adalah parék ‘dekat’. Jadi,
paparikan atau paparékan ‘dekat-dekat’, yaitu suara atau vokalisasi dari sampiran dan isinya
mirip. Paparikan disini adalah sisindiran yang hanya berdekatan bunyinya antara sampiran
dengan isinya, jadi tidak harus sama kata awal barisnya seperti pada rarakitan.

Contoh Paparikan:
         Silih asih

Leuleupeutan leuleumeungan,
ngarah kékéjoanana.
Deudeukeutan reureujeungan,
ngarah téténjoanana.

Meuncit meri dina rakit,


Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh direbut batur.

Cau ambon dikorangan,


Kanyéré ka pipir-pipir.
Lalaki ambon sorangan,
Awéwé teu mikir-mikir.

Samping hideung dina bilik,


Kumaha nuhurkeunana.
Abdi mineung ka nu balik,
Kumaha nuturkeunana.

         Piwuruk

Hayang pisan geura dahar,


Ngan taya réncang sanguna.
Hayang pisan jadi beunghar,
Ngan kudu getol usahana.

Ka kulah nyiar kapiting,


Ngocok-ngocok bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
Osok loba gogodana.

Aya manuk dina pager,


Na sukuna aya bola.
Lamun urang hayang pinter,
Kudu getol ka sakola.

Baju kutud heureut pola,


Dikelin teu dijalujur.
Lamun téh cucud sakola,
Arisin balik ka lembur.

         Sésébréd

Cau naon cau naon,


Cau kulutuk di juru.
Bau naon bau naon,
Bau hitut nu di juru.

Itu gunung ieu gunung,


Diadukeun pakbeledug.
Itu pundung ieu pundung,
Marebutkeun mojang budug.

Poé Saptu poé Kemis,


Poé Kemis jeung Jumaah.
Itu saha muril kumis,
Kumisna panjang sabeulah.

Daun hiris dibeungkeutan,


Dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
Hayangen dibéré duit.

3.      Wawangsalan
Salah satu aspek bahasa dan sastra Sunda yang juga melibatkan bahasa Sunda sebagai
media adalah wawangsalan. Wawangsalan dalam bahasa Sunda merupakan susunan kata
dalam bentuk teka-teki yang sama dengan wangsalan di dalam Kesusastraan Cirebon.
Wawangsalan di dalam khasanah sastra Sunda termasuk di dalam salah satu dari bentuk
sisindiran.
Wawangsalan berbeda dari bentuk rarakitan dan paparikan. Wawangsalan (yang
berbentuk teka-teki) pada umumnya terdiri dari dua larik. Larik pertama sebagai sampiran
(teka-teki), dan larik kedua merupakan rujukan terhadap teka-teki larik pertama. Pada
sebagian wawangsalan yang sudah sering digunakan oleh masyarakat penutur bahasa Sunda,
larik kedua sekaligus juga merupakan arti dari larik pertama. Hanya dengan mengucapkan
wawangsalan larik pertama saja, penutur bahasa Sunda dapat memahami isinya (membentuk
idiom).
Di dalam wawangsalan, selain menebak teka-teki yang disampaikan di larik pertama.
Jawaban larik pertama tersebut akan memunculkan bermacam-macam jenis kata. Dapat
berupa jenis nomina, verba, adjektiva, adverbial dsb. Rujukan jawaban teka-teki pertama
tersebut, dapat mengungkapkan makna referensial wawangsalan larik pertama. Melalui
kajian larik pertama wawangsalan dapat dianalisis kandungan makna idiomatik yang ada di
dalam wawangsalan.
Contoh Wawangsalan:
-méga beureum surupna geus burit, ngalanglayung panas pipikiran. (layung)
-cikur jangkung jahé konéng, naha teu palay tepung. (panglay)
-sim abdi mah ngabeunying leutik, ari ras cimataan. (amis mata)
-gedong tengah laut, ulah kapalang nyabéla. (kapal)
-paripaos gunting pameulahan gambir, kacipta salamina. (kacip)
wawangsalan - paparikan Sareung sisindiran

Wawangsalan téh nyaéta anu diwangun ku cangkang jeung eusi. 


Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal.
Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. 

Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. 
Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan
sindir, sapadalisan deui eusi.
Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi
wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
=============================
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)
 =============================
Paparikan téh nyaéta wangun . Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu
hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut
sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal . Ari jumlah dina sapadana, kudu
jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. 
Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana
engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
=============================
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
=============================
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan
kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung
padalisan kahiji dina eusi. 
Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna
jeung padalian kadua dina eusi.

Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi: paparikan silihasih,
paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd
Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa
birahi. Contona:
=============================
Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
=============================
hiji deui :
=============================
lain Bangban lain Pacin,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.
=============================
Paparikan Piwuruk

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:


=============================
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
=============================
Paparikan Sésébréd
=============================
Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad
(kritik). Contona:
=============================
Daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
=============================
Sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.
============================= 
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan
anu dibalibirkeun, henteu togmol. 
Luyu jeung éta, dina sastra anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu
ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. 
Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.
Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal
padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. 
Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina
wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) ;
(2) , jeung (3) . Ditilik tina eusina, jeung bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan,
nyaéta:
(1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

Conto sisindiran:
=============================
Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pangpung jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.
=============================
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,

Contoh Wawangsalan

Di dalam Bahasa Sunda ada istilah yang disebut wawangsalan. Wawangsalan merupakan
susunan kata dalam bentuk teka-teki. Wawangsalan di dalam khasanah sastra Sunda termasuk
di dalam salah satu dari bentuk sisindiran. Wawangsalan pada umumnya terdiri dari dua
larik. Larik pertama sebagai sampiran (teka-teki), dan jawaban teka teki tersebut merujuk
pada larik kedua. Berikut merupakan contoh-contoh wawangsalan:

- Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing (korma)


- Abdi tehkapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin)
- Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah pikir (pengis)
- Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (asu)
- Aya nu dianjing cai, aya nu diheroan (sero)
- Balandongan ngujur jalan, sok hayang los  bae indit (elos)
- Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik (angkik)
- Beas ditutuan deui, iraha bisa patepung (tipung)
- Belut sisit saba darat, kapiraray beurang peuting (oray)
- Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita  (kareta)
- Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui (damar)
- Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali  (ali)
- Beuying leutik simkuring mah, ari ras sok cimataan (amismata)
- Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (roti)
- Bilangan Jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin (pitu)
- Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis (alis)
- Buntut jarum pangaputan, bati kelar  teuing pikir (kukular)
- Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha (toke)
- Careuh beureum pasawahan, tur dusun leuwih ti misti (lasun)
- Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (cariu)
- Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami (almenak)
- Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (panglay)
- Cinyusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing (mantega)
- Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim  (elim)
- Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (kararas)
- Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan (tewok)
- Di Cikajang aya gunung, asa paturay  jasmani (Cikuray)
- Ekek lembut pupuntiran, tingsaredet  kana ati (serendet)
- Engkang teh ngajukut laut, seger mun  tepung jeung nyai (lamun)
- Estu dipalupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (bilik)
- Gagang atah keur lumayung, engkang jelema ginding (gumading)
- Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan (munara)
- Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal)
- Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit (rumah sakit)
- Gunting pameulahan jebug, kacipta bae ku ati (kacip)
- Hayam Cempa lalayaran, matak teuing nyeri  ati (meri)
- Hayam sawah dipiara, abong nu apes ka diri  (meri)
- Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagea sumping  (emping)
- Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (cara)
- Jukut jangkung pinggir gunung, hate engkang panas peurih (eurih)
- Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati (kacang gamet)
- Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (jaat)
- Kadeuleu langgir caina, kayap keyep anu geulis (keuyeup)
- Kalong cilik saba gedang, sumedot  rasaning ati (cocodot)
- Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun (barangbang)
- Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (solasih)
- Kembang biru munggeng kubur, mugi engkang welas asih (solasih)
- Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
- Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
- Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang  eulis (korang)
- Kuring teh kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan (walirang)
- Kutu baju kuar sinjang, moal weleh  tumarima (tuma)
- Laleur hideung panyeureudan, kilangbara urang jadi (bangbara)
- Lampu tilu damar dua, moal ngarancabang pikir (lampu cabang)
- Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap keyepna (keuyeup)
- Lauk panjang dina parung, ari emut merod pikir (berod)
- Manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan (manuk dudut)
- Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik (galatik)
- Manuk rengge saba ulam, sok komo lamun geus jadi (caladi)
- Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (puyuh)
- Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (pasaran)
- Mencek leutik saba alas, abdi sanggem ngarencangan (peucang)
- Meong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (ucing)
- Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (lutung)
- Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan  rabi (surabi)
- Mun yaktos mangsi Malayu, anjeun teh cinta ka kuring (tinta)
- Ngan bati ngajahe leuweung, nya pikir  puyang-payengan (lampuyang)
- Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting (papanting)
- Nyiru gede wadah bangsal, engkang mah sok sindir lampir (tampir)
- Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (kecap)
- Peso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (tulis)
- Peso petok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing (kujang)
- Peuteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (petir)
- Piring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (bahas)
- Puguh ge ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (kina)
- Puter putih saba lembur, engkang seja bela pati (japati)
- Rebab jangkung di pandopo, nalangsa lebeting galih (tarawangsa)
- Reregan sabudeur imah, kasangsara siang wengi (kasang)
- Ruas awi dirorekan, pikir asa selang  seling  (suling)
- Sampalan tengah sagara,  laun-laun sugan jadi (alun-alun)
- Senggal hideung saba ranca, tembong  lelewa nu manis (lele)
- Sieun teu kapancar-kawung, kabiruyungan ku eulis (ruyung)
- Sieun teu kauntun tipung, sieun teu kalaksanakeun (laksa)
- Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ku abdi (papatong)
- Sok matak kapiring leutik, matak isin diri kuring (pisin)
- Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (curuluk)
- Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih (gigih)
- Tangkal pare parungpungan, kudu ka pada utami (jarami)
- Teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipikameumeut (simeut)
- Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang (hayam)
- Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (sasagon)
- Teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah (kulah)
- Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
- Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna (lutung)

sisindiran; kumpulan wawangsalan lanjaran

Wawangsalan téh asal kecapna tina “wangsal” sawanda (synonim) jeung kecap “wangsul”,
anu ngandung harti “balik”. Ku sabab éta, Wawangsalan téh sok disebut ogé Bangbalikan.
Wawangsalan atawa Bangbalikan nyaéta hiji wanda Sisindiran anu diwangun ku cangkang
(sampiran) jeung eusi (isi) sarta di satukangeun eusina mangrupa tarucing. Éta eusi tarucing
(disebut “wangsalna”) téh baris kapanggih saupama urang geus balik deui néangan kecap
dina omongan nu ti heula.
Dina conto kahiji di handap, upamana, “Abdi mah caruluk Arab” (cangkang), “henteu tarima
téh teuing” (eusi). Upama dibasakeun mah tarucingna téh: Naon ari “caruluk Arab téh?”
Jawabanna nyaéta “korma”. Ieu jawaban bisa kapanggih sanggeus urang balik deui mariksa
kecap-kecap dina eusina “henteu tarima téh teuing”. Di dinya aya kecap “tarima” anu
mémang sasora jeung kecap “korma”.
Ditilik tina wangunna, Wawangsalan téh aya anu mangrupa Wawangsalan Lanjaran sarta
Wawangsalan Dangding. Wawangsalan Lanjaran nyaéta Wawangsalan anu teu kauger ku
patokan pupuh; dijadikeun ku dua omongan atawa padalisan. Padalisan kahiji mangrupa
cangkang, sedengkeun padalisan kadua eusi. Lobana éngang (suku kata/vokal), boh cangkang
boh eusi, aya dalapan éngang. Anapon Wawangsalan Dangding mah nyaéta Wawangsalan
anu kauger ku patokan Pupuh. Wangun ieu Wawangsalan mah baris gumantung kana patokan
Pupuh anu dipakéna, anu ngawengku ugeran guru lagu jeung guru wilangan.
Di handap ieu mangrupa conto-conto Wawangsalan Lanjaran anu geus sumebar di
masyarakat Sunda. Ilaharna, saupama dipaké dina omongan sapopoé, tara jeung eusina tapi
cukup ku cangkangna wungkul. Saupama omongan, “Perkara nu kamari ieu jadi bahan
caritaan balaréa téh geuning teu puguh monyét hideungna.” Keur nu apal kana Wawangsalan
mah, omongan sakitu ogé geus kaharti. Yén nu dimaksudna téh nyaéta “teu puguh
tungtungna”. Hal ieu dilantarankeun uni Wawangsalan, “Teu puguh monyét hideungna, teu
puguh tungtungna” anu wangsalna téh nyaéta lutung. Pon kitu, urang ogé bisa nyieun
wawangsalan sorangan kalawan ugeran anu kasebut.
Abdi mah caruluk Arab Abdi téh kapiring leutik
henteu tarima téh teuing [=korma] kaisinan ku gamparan [=pisin]

Abdi téh sok ngembang kawung Abdi ti ménak ka somah


inggis teu ngareunah teuing[=pengis] gamparan mah ieu aing [=umaing]

Ajag désa basa Jawa Ajag lembur Indramayu


lesuna teu aya tanding [=asu] naha bet kalangsu teuing [=asu]

Ajag lembur lamun engkang Alun-alun paleuweungan


énjing henteu wangsul deui[=anjing] gagal temen mun teu jadi [=tegal]

Anak beurit dina katung Anak munding masih nyusu


kapan endén mundut encit [=buncit] aduh endén buah ati [=énéng]

Angeun somah pakampungan Anu siram kokojayan


kajeun bedo ti kamari [=bodo] abdi pamoyokan badis [=ngoyok]

Areuy leuweung mérang daun Aringgis sok nyatang bolang


ulah sok japilus galih [=pulus] kapongpongan siang wengi[=lompong]

Asal hiji jadi dua Awi ngora téh jaradi


temah matak sesah ati [=walimah] temah matak jadi liwung [=iwung]

Aya mesin bisa ngapung Aya nu dianjang cai


kapidara diri abdi [=kapal udara] aya nu dihéroan [=séro]

Ayeuna gé sérah tegal Baku sok ngalebu badag


engkang mah sok matak peurih[=eurih] reueus keur sareng jeung istri[=areng]

Balandongan ngujur jalan Balé diréka masjid


sok hayang geura los indit [=elos] nya pikir bati rumajug [=tajug]

Bangkong lodor meuntas jalan Bango héjo hérang jangjang


titis tulis bagja awak [=bayawak] piraku engkang ka abdi [=merak]

Bango leutik bodas hulu Baréto gé batur pirus


mo samar ka diri abdi [=camar] juragan geuning pelekik [=akik]

Batuk eungap hésé damang Béas ditutuan deui


saé sumping baé wengi [=mengi] iraha atuh patepung [=tipung]

Bedil langit handaruan Bedog urang Darmaraja


engkang sapertos kalinglap [=gelap] kawantu abdi mah miskin [=sekin]

Bedug wedalan Eropah Belut sisit saba darat


abdi teu asa dipuji [=tanji] kapiraray siang wengi [=oray]
Bendi panjang roda opat Béntang baranang di imah
ulah kalah ka Carita [=kareta] samar bisa tepung deui [=darma]

Beulit cinggir simpay réma Beunying leutik sisi cai


ulah lali ka sim abdi [=ali] ari ras sok cimataan [=amismata]

Beusi bodas cingcin kecrik Biasa ngadodol gula


cumah baé dipicinta [=timah] abdi henteu dipaduli [=gulali]

Bibika tipung tarigu Buah kawung raranggeuyang


ku engkang tacan kaharti [=roti] curuluk cisoca bijil [=caruluk]

Bulu panon wates taar Cacangkir bahana beling


itu nyai mani geulis [=halis] masing welas lahir batin [=gelas]

Cakcak gedé kadal bilik Careuh beureum pasawahan


ulah dipaké mokaha [=toké] nu dusun leuwih ti misti [=lasun]

Cariang beureum beutina Catetan bulan jeung taun


nya pikir bati arewuh [=] juragan ménak utami [=almenak]

Cau gedé ngan sasikat Cék lémék Jawa sumuhun


taya teuing bagja diri cau [=bagja] hayang téh ulah kapanggih[=enggih]

Cikur jangkung pamuraan Cisusu kentel dimasak


kapalay siang jeung wengi[=panglay] ulah téga-téga teuing [=mantéga]

Cucuk basa Malayuna Dadampar di pagulingan


duriat henteu laksana [=duri] alim ka nu kirang surti [=kasur]

Dagangan pangrapet surat Daun kasap kosok méja


mun kitu abdi mah alim [=lém] tobat ulah nolas teuing [=hampelas]

Daun tuhur na tangkalna Désémber tangtu ditéma


sok rus-ras ka nu teu aya [=kararas] geulisna lir widadari [=Januari]

Deukeut-deukeut anak taleus Di Cikajang aya gunung


nyangkéwok teu kanyahoan[=téwok] asa paturay jasmani [=Cikuray]

Dodol gula digolongan Dudukuy panjang gagangna


nu hina kaluli-luli [=gulali] pikir bati ngalanglayung [=payung]

Dukun tukang ngemat héwan Ékék lembut pupuntiran


abdi mah ku alim teuing [=malim] tingsérédét kana ati [=cécéndét]

Enggeus ka palupuh nangtung Engkang téh ngajukut laut


ayeuna geus kapimilik [=balik] seger mun tepung jeung nyai[=ager]

Gagang caruluk karadak Gamparan mah sangu atah


pantes mun rék dinyenyeri[=langari] keur ménak kawuwuh sugih[=gigih]

Gedang atah keur lumayung Gedong luhur panénjoan


engkang mah jelema ginding[=gumading] narah keur saheulaanan [=munara]

Gedong ngambang di sagara Gedong ngambang tengah laut


kapalang geus béla pati [=kapal (cai)] ulah kapalang nya béla. [=kapal (cai)]

Gedong tempat nu titirah Hayam cempa lalayaran


ulah sok reueus binangkit [=rumah sakit] matak teuing nyeri ati [=meri]

Hayam sawah dipiara Hayam tukung saba gunung


abong kanu apes diri [=meri] uyuhan teuing nya diri [=puyuh]

Hiris ngora deungeun sangu Hui bulu réa akar


abdi mah kapok téh teuing[=kapokan] bongan sok rayungan teuing[=kamayung]

Imah leutik tempat ngaji Imah ngambang di sagara


teu asa ngalanggar cegah[=langgar] ulah kapalang nya bela [=kapal (cai)]

Indung kuar hama sirah Insuting ngadaun luhur


nu kitu ulah digugu [=kutu] ari ras ka diri abdi [=kararas]

Isuk basa Malayuna Jagong tuhur beunang ngunun


tangtos abdi rék sayagi [=pagi] dunungan bagéa sumping[=emping]

Jalaran bibit kalapa Jampana bugang dadakan


isin da abdi mah santri [=kitri] panasaran diri kuring [=pasaran]

Jati leutik jagong ngora Jawadah tutung biritna


dodolog kirang utami [=semi] sacarana-sacarana [=cara]

Jukut jangkung pipir gunung Kacang jangkung leutik daun


haté abdi panas peurih [=eurih] engkang mah satria raris [=hiris]
Kacang panjang disayuran Kacang panjang gagabengan
bati ngageremet ati [=gemet] sakieu darajat kuring [=jaat]

Kadal gedé saba darat Kadeuleu langir caina


pareng alus bagja awak [=bayawak] kayap-keyep anu geulis [=keuyeup]

Kalapa bakalan minyak Kalong leutik saba gedang


nu ampuh titis raspati [=cipati] sumedot rasaning ati [=cocodot]

Kararas daun kalapa Kasintu di sisi situ


teu aya nu ngabangbrangkeun[=barangbang] nu hayang kawanti-wanti [=]

Kauntun tipung katambang béas Kebon paré dicaian


laksana meunang ijasah [=laksa] siwah niat jalir jangji [=sawah]

Kembang biru di astana Kembang bodas buah bunder


abot pisah jeung kakasih [=salasih] ngaheruk nya pipikiran [=jeruk]

Kembang jambé kara beukah Kendang gedé pakauman


kumayangyang pikir abdi[=mayang] dagdigdug rasaning ati [=bedug]

Kertas kabur kaanginan Ketuk leutik panayagan


kumalayang pipikiran[=langlayangan] ka abdi mah ningnang teuing[=bonang]

Keuyeup gedé saba laut Koja awi dihuaan


teu hadé liar ti peuting [=kapiting] sageuy lamun teu kasorang[=korang]

Kokotor saluar awak Kota kuloneun Lampegan


da sanés rek hiri dengki [=daki ] purah-purah tunggu bumi [=]

Kulit teuas tungtung ramo Kuring mah kabedil langit


baku osok nganyenyeri [=kuku] da puguh matak kalinglap [=gelap]

Kuring téh kamenyan konéng Kutu baju kuar sinjang


rumaos kawiwirangan [=] moal weléh tumarima [=tuma]

Lahang abri dibotolan Laleur hideung panyeureudan


ningal anu suka galih [=cuka] ngilari sakolong langit [=reungit]

Lampu leutik tengah imah Lamun kapalupuh nangtung


abdi samar méré idin [=damar] lamun jadi kapimilik [=bilik]

Lancah cai di walungan Langgir cai leumpang ngijing


engkang teu émut ka abdi[=engkang-engkang] kadeuleu kayap-keyepna[=keuyeup]

Lauk panjang dina parung Lauk rebing saba laut


ari émut merod pikir [=berod] karikari jalir jangji [=pari]

Manuk apung saba eurih Manuk hawuk beureum suku


haté asa didudutan [=dudut] katingal keur imut leutik [=galatik]

Manuk lindeuk di buruan Manuk lisung anu jalu


kuring bati panas ati [=japati] dagoan di pasampangan [=jago]

Manuk renggé saba ulam Manuk tukung saba gunung


hayang tepi ka ngajadi [=caladi] uyuhan daék ka abdi [=puyuh]

Maung tutul saba kasur Méga beureum surupna geus burit


diri teu ngareunah cicing [=ucing] ngalanglayun panas pipikiran[=layung]

Melak bangsal di kotakan Mencek leutik saba alas


wayahna dék sabar diri [=nebar] abdi daék ngaréncangan[=peucang]

Meri pendék ngojay hayam Monyét hideung sisi leuweung


henteu négtog pikir abdi [=éntog] susah nu taya tungtungna [=lutung]

Mun inget mangsi Malayu Mun jagan kadadar tipung


anjeun téh cinta ka kuring [=tinta] upami kagungan rabi [=surabi]

Nganyam bola jadi lawon Nu dahar taya sésana


peupeujeuh kudu sing junun[=ninun] ngan asa dipoyok badis [=ledis]

Nu gering geus rampus dahar Nu nutu miceun huutna


kuring mah mo payu deui[=mamayu] Mun awon moal ditampi [=napi]

Nya buah ngacung ka luhur Nya hujan taya eureuna


kuring mah sok panas ati [=ganas] abdi mah kalangkung ajrih [=ngijih]

Nyeupan sangu tacan timus Nyiar paré tutukeuran


teu sanggup manggihan deui[=gigih] teu pantes hayang ka abdi[=nguyang]

Nyiru gedé wadah bangsal Nyiruan genténg cangkéngna


anjeun mah nsok sindir sampir[=tampir] masing mindeng pulang anting[=papanting]
Pangcalikan tonggong kuda Paparem ngawurah ketan
kudu satia buméla [=sela] mokaha atuh da wargi [=ragi]

Paribasa petis Cina Péso pangot ninggang lontar


hayang nepi ka cacapna [=kécap] acan katuliskeun diri [=nulis]

Péso patok kewung tungtung Péso raut Cibarusa


hayang kapiajang teuing [=rejang] sugan welas ka nu miskin [=sekin]

Pileuleuyan kebo gunung Piunjuk duméh rék wangsul


ngadadak tineung nya pikir[=badak] sanés abdi rék cilimit [=pamit]

Puguh mah ubar muriang Puter putih saba lembur


nu hina leuwih ti misti [=Kina] kuring seja béla pati [=japati]

Ranté ngait kana baju Salendro di papanggungan


Memang geus cumantél ati [=cantél] ngomong kalepasan teuing[=koromong]

Sanggal hideung saba ranca Sangrayan peupeus meueusan


témbong léléwa nu manis [=lélé] ulah jadi rengat galih [=rengat]

Santri miskin geus maréman Sapikul katian Cina


tangtu tiis pikir abdi [=pikir] malah kumplit sareng cingcin[=dacin]

Séndok batok digagangan Séréh leuweung turub saung


geus lawas abdi ngalayung[=gayung] haté abdi panas peurih [=eurih]

Situ bendung di Citarum Sok rajeun ngabuah kawung


gulang-guling ngan sorangan[=Saguling] curuluk cisoca bijil [=curuluk]

Tegal tengah nagara Tepi ka kélor héjona


laun-laun sugan hasil [=alun-alun] tepi ka antukna [=katuk]

Teu beunang dihurang sawah Teu beunang diopak kembung


teu beunang dipikameumeut[=simeut] teu beunang dientong-entong[=kolontong]

Teu beunang dipiring leutik Teu beunang dirangkong kolong


teu beunang dipikaisin [=pisin] teu beunang dipikahayang[=hayam]

Teu beunang disihung tipung Teu beunang disitu lembur


teu beunang dipapagonan[=sasagon] teu beunang diulah-ulah [=kulah]

Teu beunang disupa dulang Teu beunang ditihang pondok


teu beunang dibébénjokeun [=kéjo] teu beunang dideudeuleukeun[=deudeul]

Teu beunang ditiwu leuweung Teu beunang diwaru leuweung


teu beunang dipikasono [=kaso] teu beunang diboro-boro [=bisoro]

Teu puguh monyét hideungna Ulah sok kapiring leutik


teu puguh tungtungna [=lutung] ulah sok kaisinan [=pisin]

Wadah minyak tina beling Walanda hideung soldadu


jadi budak kudu getol [=botol] umambon engkang ka nyai [=(urang) Ambon]

Warisan sekin pusaka


haturan nyai pribadi [=badi]

Anda mungkin juga menyukai