Anda di halaman 1dari 1

Uleman Kahatur :

Sukagalih, 14 Maret 2021

Aqiqah Bapak/Ibu/Sdrk ………..……………………

di Tempat

Assalamu’alaikum warahmatullohi wabarokatuh

Neda agung jembar pangampun, rehna simkuring tos kumawantun ngintunkeun ieu
sambung layang, kahoyong mah rumojong ngandongkapan ka bumi sewang-sewangan
maksad ngulem bapak / Ibu /Saderek kangge sumping rurumpaheun ka rorompok.
Simkuring gaduh maksad ngayakeun riungan syukuran Tasyakur Binni’mat kana
lahirana sareng aqiqah pun anak anu ngawitan Wasta :

Razka Ravindra Nugraha


Kumargi kitu pamugia Bapak / Ibu / Saderek tiasa sumping dina raraga
Tasyakur Binni’mat Aqiqah pun Anak anu Insya Alloh bade dilaksanakeun dina :

Dinten : Senen, ping 14 Maret 2021


Waktos : 15.30 WIB (Ba’da Ashar)
Tempat : Rorompok Bpk. H. Endang Mansyur

Hatur sewu nuhun ku kersana sarumping nyumponan pangangken simkuring


sareng rumojong du’ana ka Alloh robbul Ijjati.
Mugia sing janten amal soleh anu kenging imbalan ti Alloh Subhanahu wata a’la, Amiin

Wassalamu’alaikum warahmatullohi wabarokatuh

NIZAR NUGRAHA / INDRIANA SRI MULYANI

Anda mungkin juga menyukai