Anda di halaman 1dari 3

BUBUKA

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, Rohimakumullah...

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan


parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismilah,
purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun
nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade
dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan
wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan
keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga
geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna
kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan
manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget. Tutut
gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHAN

‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬

‫هللا َو َعلَى‬
ْ ‫صاَل ةُ َوال َّساَل ُم َعلَى َرسُوْ ِ&ل هللاِ َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ِد ا ْب ِن َع ْب ِد‬ َ ‫اَ ْل َح ْم ُد هّلِل ِ الَّ ِذيْ اَ َح َّل النِّكَاحْ َون َذ‬
َّ ‫ب اِلَ ْي ْه َو َح َّر َم ال ِّسفَاحْ َو َو َع َد َعلَ ْي ْه َوال‬
} ‫اَلِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َو َم ْن َّوالَ ْه { أَ َّما بَ ْع ُد‬

‫َّج ْي ْم بِس ِْم هللاِ الرَّحْ َم ِن ال َّر ِحيْم َو ِم ْن‬ِ ‫ان الر‬ ِ َ‫ق ْالقَائِلِي ْْن أَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ال َّس ِمي ِْع ْال َعلِيْم ِمنَ ال َّش ْيط‬ ُ ‫ال هللاُ تَ َعالَى فِى ْالقُرْ أَ ِن ْال َع ِظ ْي ْم َوه َُو اَصْ َد‬ َ َ‫ق‬
ِّ
َ‫ت لقَوْ ٍم يَّتَفَ َّكرُوْ ن‬ َ ْ ِّ ُ َ َ‫أَيَتِ ِه ع َْن َخل‬
ٍ ‫ق لَ ُك ْم ِم ْن اَ ْنف ِس ُك ْم اَ ْز َوا ًجا& لتَ ْس ُكنُوْ ا اِلَ ْيهَا َو َج َع َل بَ ْينَ ُك ْم َّم َو َّدةً َّو َرحْ َمة اِ َّن فِى َذلِكَ أَل يَا‬

‫ْس ِمنِّ ْي‬ َ ‫صلَّى هللاُ َعلَ ْي ِه َو َسلَّ َم اَلنِّ َكا ُح ُسنَّتِ ْي فَ َم ْن َر ِغ‬
َ ‫ب ع َْن ُسنَّتِ ْي فَلَي‬ َ ِ‫َوقَا َل َرسُوْ ُل هللا‬

Pengatur waktu penjajap acara anu ku sim kuring dipihormat.

Hadrotul kirom para kiyai apara ajeungan para ustadz, ustadzah, anu sadayana hadir dina iyeu
wewengkon kalayan teu ngirangan rasa hormat sim kuring teu tiasa disebatan hiji-hiji na, nu ku sim
kuring dipihormat, urang du’akeun ku urang sadayana mugia para guru sadayana masing di
panjangkeun yuswana bari di barokahkeun, sinareung mugiya di tangtayungan ku gusti Allah SWT
Amiin…

Nu ku sim kuring di pihormat Bapak petugas Pencatat pernikahan ti Kantor Urusan Agama.
Nu ku sim kuring di hormati Keluargi Besar Calon panganten pemeget sinareung rombongan anu
Alhamdulillah parantos dugi kalayan lancer.

Nu ku sim kuring di hormati Shohibul Walimah Keluargi Besar Calon panganten istri.sinareung panitia
ti mulai canoli,pager bagus, pager ayu dugika rengrengan nana.

Puja sinareung puji hayu urang panjatkeun ka Allah Anu maha suci, anu parantos masihan mang
rebu rebu nikmat ka urang sdayana. Sholawat sinareung salam na mugiya terlimpahkeun ka jalmi
anu pang nyongcolak na sa alam dunya, teu hilap ka para kulawargina, para shahabat-shahabat na,
sinareung para tabi’in sadayana..

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti
tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga
maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi
dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng
tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer
beaskeun,kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, namung sacan kana acara seserahan atanapi seleh
sumeleh dimulai, supados tambih-tambih berkah dina iyeu acara aqdunnikah kalintang sae na di
kawitan ku pembacaan ummul qur’an kalayan di aos sasareungan Kangge bubuka iyeu acara, Li
hadzihi nniyat wali kulli niyatin sholihah Waila Hadrotin nabi Al-Fatihah….

Hadirin Bapak Ibu Para tatamu sadayana acara anu ka dua nyaeta lantunan kalam ilahi nu bade di
lantunkeun ku ____________________________ kalayan sagala hormat kamanteuna di
sumanggakeun.
َ‫الش&&&ا ِك ِر ْينَ َو ْال َح ْم&&& ُد هّلِل ِ َربِّ ْال َع&&&الَ ِم ْين‬
َّ ‫الش&&&ا ِه ِد ْينَ َو‬ ِ ‫ق َر ُس&&&وْ لُهُ َحبِيْبُ ْال َك‬
َّ َ‫&&&ر ْي ْم َونَحْ نُ َعلَى َذلِ&&&كَ ِمن‬ َ ‫ق هللاُ ْال َع ِظ ْي ْم َو‬
&َ ‫ص&&& َد‬ َ ‫ص&&& َد‬
َ
Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam
ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya
anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten
pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya
nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng
cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga
ka Pangeresa ___________________________ Kalayan sagala hormat disumanggakeun.

SERAH TERIMA BAWAAN SECARA SIMBOLIK

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar
cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu
turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana 

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu
calon panganten istri. Nusanes namah di antaykeun wae.

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada,
koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Mangga cep calon panganten
pameugeut disarengan ku ibu ramana..

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja mang nyata neda panyakseni ti  para
wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan. (Mangga calon panganten istri disareungan ku
ibu rama na).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah ........................................................... Kalayan sagala hormat di sumanggakeun.

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge pangdu’a ti
sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka


pangersa_____________________)

DO’A 

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan
Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana
do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata
titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

‫ْق َو ْال ِهدَايَة َوال َّساَل ُم َعلَ ْي ُك ْم َو َرحْ َمةُ هللاِ َوبَ َر َكاتُ ْه‬
&ِ ‫َوبِاهللِ التَّوْ فِي‬

Anda mungkin juga menyukai