Anda di halaman 1dari 2

SEKOLAH DASAR : SDN MANGUNJAYA 04 NAMA

: .........................................
KECAMATAN : Tambun Selatan NO. ABSEN : .........................................

PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT) GENAP


TAHUN PELAJARAN 2020/2021
MATA PELAJARAN : Bahasa Sunda HARI / TANGGAL : ………………….
KELAS : III (Tiga) WAKTU : ........ Menit

Baca sing taliti ! Bahasa


Sunda

“ UKK SEMESTER 2 “

“Sayuran Jeung Bungbuahan”

Dahar sayuran matak sehat. Sayuran jeung bungbuahan ngandung vitamin.


Kurang vitamin matak ririwit.

Sayuran loba rupana. Aya wortel, kangkung, bayem, buncis, kacang polong,
jeung sajabana. Bungbuahan oge loba rupana. Aya rambutan, jambu, jeruk, buah apel,
nangka, samangka, jeung sajabana.

Meuli sayuran kudu nu seger. Masak sayuran kudu dikumbah heula.

I. Jawab pananya dihandap ku jawaban nu patali jeung wacana !


1. Dahar sayuran matak naon ?
2. Naon judul bacaan dihandap ?
3. Bungbuahan ngandung naon ?
4. Sebutkeun bungbuahan nu rasana amis ?
5. Sayuran kudu dikumbah supaya ?
II. Cakra ( X ) aksara a,b,c atawa d dina jawaban nu pangbenerna !
6. Lauk Lumba – Lumba hirupna di .............
a. Cai b. Udara c. Darat d. Cai jeung darat
7. Nina maca buku di ..........
a. Taman b. Pabukon c. Buruan d. Bis
8. Contoh kalimah tanya dihandap ieu nyaeta ...........
a. Dudu paraban hayam ! c. Ibu nyandak buku
b. Siti mawa bungbuahan d. Dimana ida bumina ?
9. Dulur saindung sabapa disebut ........
a. Dulur tere b. Dulur Teges c. Buyut d. Dulur Batur
10. Ditaman aya rupa – rupa ........
a. Kembang b. Hayam c. Payung d. Sepeda
11. Nu sok dipake parab kelinci, nyaeta ..........
a. Jahe b. Wortel c. Kembang d. Bawang
12. Lanceukna bapa atawa ibu, nyaeta ....
a. Bibi b. Nini c. Adi d. Ua
13. Anakna buyut disebut ............... jeung ............
a. Aki jeung nini c. Bibi jeung mamang
b. Lanceuk jeung Adi d. Ibu jeung bapa
14. Kecap muludan, pasantren asup kana istilah ..............
a. Kasehatan b. Kadaharan c. Panca kaki d. Kaagamaan
15. Sato nu ngagusur delman nyaeta .........
a. Hayam b. Sapi c. Kuda d. Kucing
16. Kecap panto, hateup, jandela kaasup kana istilah ............
a. Wawangunan b. Kaagamaan c. Kadaharan d. Kasehatan
17. Dokter di .................. Pagaweanana mariksa nu gering.
a. Rumah sakit b. Sakola c. Lapang d. Teman
18. Umumna mah kembang melati rupana ............
a. Hijo b. Koneng c. Beureum d. Bodas
19. Tahu jeung tempe dijieunna tina ..............
a. Kadele b. Daging c. Kembang d. Kopi
20. Jumlah pamaen bal aya .........
a. 10 b. 11 c. 12 d. 13

III. Eusian titik – titik di handap ku jawaban nu merenah !

21. Jelema anu ngajalankeun kareta api disebutna ........


22. Lamun urang kuramas kudu make ..........
23. Adina bapa jeung ibu nyaeta ............
24. Kolotna bapa jeung ibu nyaeta ...........
25. Dina usum hujan, lamun indit – inditan urang kudu sedia ............

Anda mungkin juga menyukai