Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum Wr.

Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas X nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal
afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade medar
kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa
wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala
panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kapayunna ti kawit ayeuna pisan.

Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih tina eta sadaya teh nu
didadasaran tina bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun
urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Para wargi anu mulya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya
basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna,
mugi kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana

Wassalamualaikum wr.wb
Assalamu’alaikum Wr Wb

Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka kahidarat allah swt nu parantos
masihanmangrebu-rebu nikmat, nikmat islam, nikmat iman , sareng nikmat sehat. Teu hilap
salawat sarengsalam hayu urang haturkeun ka Nabi agung, Nabi Muhammad SAW ka
kulawargana, kasobatna tug mugika urang salaku umatna. Ammin ya rabbal alaamin.Hadirin
anu ku sim kuring dipihormat. Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana
tiasapatepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar
kalayan kahontalsagala anu dipimaksad. Ammin.Maksad sim kuring di ieu tempat teh bade
nerangkeun hiji materi anu temana tentang beasiswanu ayeuna nuju resep-resepna
dijadikeun bahan obrolan tiap-tiap siswa SMAN 2 Kuningan, khususnakelas XII anu bade
ngalanjutkeun kana perguruan tinggi. Beasiswa teh nyaeta dana atawa fasilitas
anudipasihan ku pamarentah atawa aya deui anu dipasihan ku instansi-instansi sejenna anu
gunana pikeunngabantu urang dina dana administrasi kuliah. Aya oge beasiswa anu
dipasihan ka siswa atawamahasiswa ku negara sejen tapi persyaratanna urang kudu aya
kahayang dina diajar bahasa negarana.Kunaon sim kuring di ieu kasempetan ngulas
masalah besiswa ? Ku sabab kelas XII ayeuna tehgeus ngagaduhan titel ISO jadi urang
sadaya teh kudu ngabuktikeun kumaha kaayaan jeung kemampuanurang di dunia nasional
jeung dunia internasional. Contona bae SMAN 2 Cirebon anu parantosngagaduhan titel ISO
leuwih awal ti SMAN 2 Kuningan, tiap taun ngirimkeun sababaraha muridnakanggo
ngalanjutkeun studi atawa ngalanjutken perguruan tinggina di luar negri. Urang sadaya teh
tongsampe katinggaleun, kudu tiasa ngejar tong sampe jadi sakola anu katinggaleun sagala
informasi jeungteknologi na.Alhamdulillah saminggu katukang sim kuring nerima hiji
informasi nyaeta 3 siswa SMANDAmeunang beasiswa ti tilu negara anu eusi beasiswana
nyaeta ngalanjutken kuliah 4 tahun jeung sagalabiayana ditanggung ku negara pengirim
beasiswa. Tilu siswa eta teh nyaeta ; Adam Maulanaditawarkeun beasiswa kanggo
ngalanjutkeun ka Australia, Moh. Enjom ditawarkeun beasiswa kanggongalanjutkeun di
Ethiopia, sareng nu terakhir nyaeta Rizki Puji Gustian ditawarkeun beasiswa
kanggongalanjutkeun di Jepang.Ku kituna semoga hiji hal ieu teh tiasa dijadikeun motivasi
kanggo ngejar cita-cita urang. Mungsakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu
genah didangu, bilih aya cariosan anu teumernah dina manah, neda dihapunteun. Da
sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahaneta ti sim kuring pribadi. Sakali
deui nyuhunkeun dihapunteun.

Wassalamualaikum Wr Wb

Anda mungkin juga menyukai