Anda di halaman 1dari 5

[09:33, 4/19/2020] K H.

Mulyadin:
Assalaamu'alaikum warohmatullaahi wabarokaatuh
Puji kalih syukur kahatur ka Gusti Allaah anu maha agung tur anu maha luhur, sholawat kalih
salam pamugi sapapaosna tetep ka Kangjeung Rosul,sareng para kulawargina,para shohanatna
sareng sadaya anu turut tumut ka Anjeuna teu kakantun uranh sadayana pamugi kenging
curahan rohmat ti mantena
Haturan kasadaya jamaah pamugi salamina aya dina kasehatan dijagi sareng ditebihkeun tina
wabah anu nuju tumiba ayeuna,
Teukaraos sakedap deui leubeut sasih saum kuhal eta simkuring sakedik hoyong berbagi ilmu
anu aya hubungan sareng perkawis saum etang2 ngapalkeun mudah-mudahhan aya manpaatna

SAUM
Ari nami saum eta, nahan diri tina sadaya perkara anu ngabatalkeun kana saum tikawit waktos
subuh dugi waktos magrib.
Ari hukumna saum eta aya 4 (opat).
1. wajib.2. Sunnah.3. Makruh. 4.Haram.

Ari saum anu wajib eta aya 6 (genep)


1. Saum sasih Romadon
2. 2.saum qodlo.
3. Saum kafarat.
4. 4, Saum haji sareng umroh upami teumampuh dam mencit domba.
5. 5, saum istisqo' dimana di parentah ku pamarentah.
6. Saum nadzar

Ari syarat wajib saum eta aya eta aya 5.(lima)


1. Islam
2. Baleg gaduh 'akal.
3. Kiyat.
4. Sehat.
5. Muqim sanes nuju di perjalanan anu jarak tempuhna 82 km, angkatna sateuacan subuh

Syarat sah saum.


Ari syarat sahna saum eta aya 4 (opat)
1. Islam.
2. Gaduh 'akal.
3. Suci tina haidl sareng nipas.
4. Uninga kana ayana waktos nampi kana saum.
Maksadna dinten anu bade disauman,eta sah di anggo saum. sanes waktos anu haram disauman
sapertos dinten boboran.
SUNNAH SAUM
Ari saun sunnah eta aya 3 bagian.
1. Saum tahunan sapertos saum dinten 'aropah nyaeta kaping 9 sasih rayagung, ping
9..10..11 sasih muharrom, 6 dinten sasih sawal puasa, sareng sasih2 anu dimulyakeun
nyaeta sasih hapit sasih Rayagung sasih muharrom sareng sasih Rojab, sareng kaping 1
dugi kakaping 9 sasih Rayagung,

2. Saum sasihan, sapertos saum kaping 13,,14,,15 satiap sasih. sareng saum kaping
28,,29,,30,satiap sasih.

3. Saum mingonan, nyaeta saum dina dinten senen sareng dinten kemis,

Ari saum sunnah anu paling utami eta sadinten saum sadinten teu saum

Saum Anu Makruh


Saum anu makruh eta saum dina dinten jumah wungkul, dinten saptu wungkul, dinten ahad
wungkul, teu digabungken sareng dinten-dinten anu sateacana atanapi dinten anu saentosna

Saum Anu Haram :


Ari saum anu haram eta aya 2 bagian,
1. Haram bari sah saumna. nyaeta saumna hiji istri anu teu diwidian ku carogena,sareng
saumna hiji budak hamba sahaya anu teu diwidian ku gustina.
2. Haram sareng teu sah saumna, nyaeta anu aya kaitan sareng waktos, ari sadayana eta aya
5 wakros. Nyaeta :
1. Saum dina dintenan boboran fitri.
2. Saum dina dintenan boboran adlha.
3. Saum dina dinten tasyriq, nyaeta kaping 11,,12,,13, sasih Rayagung.
4. Saum dina satengah sasih anu akhir sasih sya'ban, nyata tikawit kaping 16 ,17 dugika
akhir, kanggo jalmi anu ngahaja saum sunah bari teu di sangbungken sareng saum
anu sateuacan kaping 16, nyaeta kaping 15, sanes saum qodlo , kaparat ,atanapi saum
nadzar, sareng sanes saum sunah anu tos janten kabiasaan,sapertos dinten senen
sareng dinten kemis.
5. aum dina dintenan mangmang, kanggo jalmi anu ragu2 naha kaping 30 sya'ban
atanapi kaping 1 sasih Romadon.

Bade tumaros deui,aya istilah puasa dina weweton lahir,sok aya geuning sepuh sok muasaan
weton putra putri na supados anu anu,aya deui istri puasa dina weton caroge na
Ari kitu sae atanapi henteu maksad na hukumna ?
Waleran K H. Mulyadin: Pertarosan sae, Kanjeng Nabi shollalloohu 'alaihi wasallam sok saum
dina dinten, margi anjena dilahirkeun dina dinten senen, upami urang dina dintenan weton urang
nyalira atanapi weton caroge sareng putra eta oge sae, salami niyatna sae, sareng sanes dina
dintenan anu haram atanapi dintenam anu makruh,
RUKUN SAUM
Ari rukun saum eta aya 2 (dua)
1. Niyat sami bae saumna bade wajib atanapi sunnah, dasarna dawuh Kangjeng Nabi
‫انما االعمال بالنيات‬
Pastina sadaya sahna amal eta diantoskeun kana niyat,

2. Ngantunkeun sadaya anu matak ngabatalkeun kana saum anu kin bakal diterangkeun,
Ari waktosna niyat eta, upami saumna wajib sapertos saum sasih romadlon, eta tikawit lebet
waktos magrib dugika lebet waktos subuh,
Sareng upami saumn sunnah eta tikawit magrib dugika waktos sateuacan lebet waktos dhuhur,
Janteun sah niyat saum sunnah sateucan lebet waktos dhuhur,syarat tikawit subuh dugika waktos
niat teumidamel anu matak ngabatalkeun kana saum sapertos tuang sanaos mung saciwit,

Niyat saum.romadlon
‫ضان ه ِذ ِه ال َّسنَ ِة هلِل ِ تَعالَى‬
ِ ِ ْ‫صوْ َم َغ ٍد ع َْن أَدا ِء فَر‬
‫ض َشه ِْر َر َم‬ ُ ‫نَ َوي‬
َ ‫ْت‬
Niyat abdi saum dinten enjing ngalakonan pardu sasih romadon dina iyeu tahun karana Allooh,
kanggo jagi2 bilih wengina hilap niyat, saena dina wengi kahiji niyat saum sa sasih romadlon,
nanging kedah niyat ngiringan ka Imam Malik anu ngasahkeun niyat sa sasiheun,
Kieu bahasana
‫نويت صوم فرض شهر رمضان هذه السةا هلل تعالي‬
Niyat abdi saum pardlu sasih romadlon iyeu tahun karana Allooh,
MASALAH ANU NGABATALKEUN KANA SAUM
Ari anu mgabatalkeun kana saum eta aya dua rupi,
1. ngabatalkeun kana ganjaran saum teu ngabatal kana datiyah saumna maka teu wajib
di kodoan,
2. ngabatalkeun kana saumna nyakitu deui pahalana, maka wajib di kodoan,

Ari ani ngabatalkeun kana pahala saum eta aya lima,


1. ghibah, ngupat nyaeta nyarioskeun kaawonan anu sanes ti sapengkeren,upami
memang leres awon maka disebat ngupat, sareng upami ternyata teu sami maka
disebat ngabohong,
2. namimah nyaeta ngadu domba,
3. kadzib, ngabohong,
4. ningal anu haram di tingalna, atanapi ningal anu halal ditingalna, nanging disarengan
kuseneng,
5. Yamiin kadzibah, sumpah anu buhong,
Dina hadist
‫ واليمين الكاذبة‬،‫والنظر بشهوة‬،‫ والنميمة‬،‫والغيبة‬،‫خمس يفطرن الصاءم الكذب‬
‫وهللا اعلم‬
lima rupi eta ngabatalkeun hartosna ngahapus kana pahala saumna jalmi anu saum
1, ngabohong, 2, ngupat, 3, ngadu2, 4, ningal disarengan ku seneng, 5, sumpah anu bohong,

Anu ngabtalkeun kana asal saum eta aya dalapan,


1. murtad, kaluwar tina agama islam, sami bae naha ku niyat atanapi ucapan atanapi
padamelan,sanaos sakedap murtadna,
‫نعوذ باهلل من ذلك‬
2. haedl, nipas, ngalahirkeun,
3. gelo sanaos sakedap,
4. ayan, weureu/mabok, upami sadidinten, nanging upami kantos waras sanaos sakedap
maka sah saumna,
5. bersetubuh upami ngahaja sanes hilap, teras ngartos kana haramna, sareng kahoyang
nyalira sanes dipaksa,

Upami ngabtalkeun ku jima' maka aya lima tuntutan,


1. kakenaan dosa ageng,
2. wajib nahan diri teukenging midamel perkara anu ngabatalkeun kana saum sapertos
tuang leueut dugika magrib,
3. wajib di ta'zir ku imam ,
4. wajib qodlo,
5. wajib kafarot 'udmaa, nyaeta salah sawios anu tilu bari kedah berurutan teukenging
ngalih tinu kahiji kanu kadua tinu kadua kanu katilu, kacabi upami teumampuh,

Ari kafarat 'udhmaa eta ka 1, kedah ngamerdekakeun budak belian ,upami teumampuh nembe
ngalih kanu ka 2, nyaeta saum dua sasih kedah nyabung teukenging putus, upami putus, maka
kedah wangsulan deui ti awal sanaos mung sadinteun deui, upami ni kadua teumampuh, nembe
ngalih kanu ka 3, nyaeta masihan beas ka 60 jalmi fakir miskin, tiap saurang dipasihan sa mud
nyaeta 6,8 ons,

Anu ngabtalkeun kana asal saum eta aya dalapan,


6. anu ngabatalkeun saum ka 6 nyeta lebetna benda tina lingliyangan atanapi bolongan
anu tembus kana jaof, anu dimaksad jaof eta tempat anu ngaharcurkeun kana tuangen
atanapi obat sapertos kadut,atanapi ngahancurken obat wungkul sapertos otak,

Ari liyang anu tembus kana jaof eta aya lima,


1, liyang cepil, 2, liyang pangambung, 3, tikoro, 4, dubur liyang peunker, 5, qubul liyang anu
payun,

7. Anu ka 7, anu ngabatalkeun kana saum eta ngahaja2 ngaluarkeun mani, ku panangan
nyalira(onani) atanapi kucara anu sanes,
8. Ka 8, ngahaja2 utah sanaos sakedik, ari anu dimaksad utah eta tuangen atanapi
leueutan anu balik deui saparantos ngalangkungan tikoro,
Ari hukumna jalmi anu utah eta wajib ngawasuh bahamna kucara kekemeus, jalaran ari uth eta
najis, janten teukenging waka tuang leueut atanapi solat sateucan kekemu,
HUKUM NEEREUY LUDAH
Ari hukumna neureuy ludah eta kenging kalawan tilu syarat
1. ludahna anu murni teu kacampuran nanaon, upami kacampuran sapertos ku odol
maka batal saumna,
2. ludahna anu suci, ulah anu kanajisan, sapertos upami gugusina getihan teras neuleun
ludah sateuacan kekemes, maka batal saumna margi ludahna mutanajjis,
3. ludah anu aya tina sumberanna, ari sumberan eta ilat sareng baham, janten upami
neureuy ludah anu aya dina beubeureum lambeuy maka janten batal saumna,

HUKUM REUHAK (DAHAK)


Punteun ari bahasa halusna reuhak naon?
Masalih reuhak jarang pisan di terangkeun,
Ari hukumna eta, upami dugi kana batasan dhohir teras di telen maka batal saumna,
Sareng upami dugi kana batesan batin tetas di telen maka teu batal saumna,

Ari anu dimaksad dhohir eta makhroj hurup ‫ خ‬, ari batesan batin eta makhruj ‫ها‬،

Anda mungkin juga menyukai