Anda di halaman 1dari 1

“Kumaha Pentingna Ngajaga Hirup Bersih”

Assalamualaikum Wr, Wb. Wilujeng Enjing hadirin Sadayana ayena. Bapak Guru nu dipihormat jeung
babaturan

Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sareng sukur urang ka Allah nu parantos masihan
nikmatna ka urang sadayana, sapertos nikmat kasehatan oge wakto luang dugi ka tiasa patepang di
dieu. urang oge dieu dina kaayaan sehat.

Bapak guru anu sim kuring hormati jeung babaturan. Dina waktos ieu, sim kuring bade ngadugikeun
tema tentang kumaha pentingna hirup bersih oge sehat kanggo kahirupan urang sadayana. bahwa
kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalmi anu beriman, tangtuna urang ulah ngalalaworakeun
perkara kabersihan. Urang sadayana kedah ngajagi lingkungan oge awak urang sorangan sangkan
dijauhkeun tina sagala panyawat.

Ku margi kitu, urang sadaya kedah ngajalankeun hirup urang sadidinten ku cara nu leres oge sehat.
sapertos ibak ngarah awak bersih, ngosok waos nu rutin, meresihan kuku maksial samingon sakali,
eta sadaya salah sahiji conto hirup anu sehat. Conto sanesna saperti miceun runtah dina tempatna,
ulah nyiduh di mana wae, lamun batuk atawa beresin baham keah ditutupan.

Lamun sadidinten urang ngajaga kaberesihan, awak urang bakal beresih tina sagala kokotor ku kitu
awak urang jadi sehat. Urang sadaaya kedah resep oge mikacinta kana kabersihan diri oge
lingkungan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Pak guru jeung babaturan sadayanu sim kuring dipikahormat. Cekap sakitu nu tiasa sim kuring
haturkeun, pamungkas ti sim kuring pribadi, bilih aya kecap anu kirang merenanah larapna atanapi
aya basa anu kirang entep seureuhna, mugi pak guru jeung sadaya kersa ngahapunten.

Hatur nuhun sadayana atas kana sagala perhatosanana. Wassalamualaikum warahmatullahi


wabarakatuhu.

Anda mungkin juga menyukai