Anda di halaman 1dari 1

Assalamualaikum warohmatulloh wabarokatuh

Bismillah walhamdulillah wasolatu wassalamu ala rossulillah amma ba’du

Puji syukur sadayana ka Agungan Allah SWT nu atos masihan kasehatan ka urang sadaya sareng
rahmat, berkah jeung karunia. Shalawat sareng salem dilimpahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad
SAW mugia salamina.

Baraya Muslim anu dipikacinta,

Salaku manusa biasa urang teh teu luput tina dosa atau kasalahan anu sapopoe dilakukeun. Kabeh
jelema ge pasti pernah ngalakukeun dosa atawa kasalahan. Boh eta teh santri, pajabat, urang biasa,
atau kiayi sakalipun, pasti manehna pernah migawe dosa dinu hiji waktu. Kusabab insan manusa
mah atau nu ngarana manusa, tempatna salah jeung poho.

Mun urang ngalakukeun kasalahan atawa poho, nya wajar da ngarana ge manusa. Tah ku sabab eta
urang teh kedah mineng tobat ka Allah SWT, menta hampura ka Allah SWT yen urang teh loba dosa.
Lantaran sebagai manusa, urang teh seueur dosa. Allah SWT maha lautan hampura, matak tong
putus harepan ngadoa ka Allah menta dihampura.

Sapertos anu disebatkeun ku Nabi Muhammad SAW, “innalloha yakbalu taubatan abdin man lam
yugorgir.” Saenyana Allah SWT bakal ngahampura hiji dosa hamba Allah salagi ruh atawa jasadna teu
acan nepi ka tikoro. Lamun nyawa geus nepi ka tikoro kumaha cenah? Eta ngarana sakarat. Terus pas
sakarat urang karek tobat ka Allah, sakumaha urang berusaha ge moal jadi ditarima tobatna.

Matak saacan nyawa atawa ruh Baraya Muslim nepi ka tikoro, cik atuh geura tobat. Mempeng urang
teh dipasihan nyawa keneh ku Allah SWT. Dibere kasehatan keneh ku Allah, sareng dibere
kasempatan. Komo ai awak jag-jag keneh mah, gunakeun tah awak jag-jag tur sehat eta jadi jalan
takwa ka Allah.

“Imtisalu awamirillah wajtinabu nawahihi… ” anu maknana nyaeta ngajalankeun parentah Allah
sareng ngajauhan sagala anu dilarang ku Allah SWT.

Baraya Muslim,

Eta nu kedah dicarioskeun ku kuring ka baraya sadaya, ngeunaan masalah dosa jeung kasalahan
manusa.

Wassalamualaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh

Anda mungkin juga menyukai