Anda di halaman 1dari 15

MAKALAH

TUGAS AKHIR SEMESTER BAHASA SUNDA

TENTANG DONGENG SASAKALA

Di susun oleh :

Nama : Vikri Nurmaghfiroh

Kelas : XII TKJ 2

PEMERINTAH KABUPATEN TASIKMALAYA

DINAS PENDIDIKAN

YAYASAN BINA UMAT AL-QOMARIYAH

SMK YASBU AL-QOMARIYAH

Jl. Raya Barat No.16 Sodonghilir Tasikmalaya 46473

mail:smkalqomariyah@rocketmail.com

PANGJAJAP
Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring
saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru anu
judulna “ DONGENG”.

Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi
Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang
sadayana.

Medalna ieu makalah dipiharep tiasa ngadeudeul lumangsungna proses di ajar Basa Sunda
hususna di SMA PGRI Naringgul. Eusi ieu makalah museur kana tujuan supaya mikaweruh dongeng
sunda di tatar sunda anu mangrupakeun kabudayaan luhung urang sunda.

Pangajaran Basa Sunda dumasar kurikulum nu ayeuna langkung nyoko kana aktivitas murid.
Murid dipiharep mampuh jeung nganyahokeun sarta satuluyna bisa ngadongengkeun dongeng sunda.

Pamungkas, mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang husus kanggo sim kuring
saparakanca

umumna kanggo sadayana anu maca ieu makalah. Oge tangtos wae dina ieu makalah masih seueur
keneh kakiranganana, kuayana kitu mugi ulah kirang-kirang ngahapunten.

Sodonghilir, 2 Desember 2016

Penyusun

Vikri nurmaghfiroh

DAFTAR EUSI

PANGJAJAP………………………………………………………………………………………………………………….

DAFTAR EUSI……………………………………………………………………………………………………………….

BAB 1 BUBUKA…………………………………………………………………………………………………………...

A. Kasang Tukang………………………………………………………………………………………...

B. Rumusan Masalah……………………………………………………………………………………

C. Tujuan……………………………………………………………………………………………………..
BAB 2 PEDARAN………………………………………………………………………………………………………….

A. Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng ……………………………...

B. Wangenan Dongeng……………………………………………………………………………….

C. Unsur – unsur Dongeng………………………………………………………………………….

D. Ciri - ciri dongeng…………………………………………………………………………………..

E. Fungsi Dongeng………………………………………………………………………………………

F. Papasingan Dongeng………………………………………………………………………………

G. Teknik – teknik Ngadongeng…………………………………………………………………..

H. Conto Dongeng……………………………………………………………………………………….

BAB 3 PANUTUP………………………………………………………………………………………………………..

A. Kacindekan…………………………………………………………………………………………….

Saran……………………………………………………………………………………………………….

BAB I

BUBUKA
A. Kasang Tukang

Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana,
diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu bener- bener kajadian,
biasana osok nyaritakeun kajadian - kajadian zaman baheula. Tapi mun ningali kaayaaan zaman ayeuna
mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh- wanoh acan kana dongeng.
Kukituna urang salaku kaom muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun
tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana dongeng.

Dongeng teh loba pisan rupana diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk jeung
dongeng pieunteungeun.

Dina makalah ieu, bade dipedarkeun ngeunaan :

a. Kumaha sajarah jeung kamekaran dongeng ?

b. Naon anu dimaksud dongeng ?

c. Naon wae unsur-unsur dongeng ?

d. Naon wae ciri-ciri dongeng ?

e. Naon fungsi dongeng ?

f. Naon wae papasingan dongeng ?

C. Tujuan

Tujuan anu dipikaharep bisa dihontal umumna nyaeta pikeun bisa ngeuyeuban pamikiran, pangaweruh
kanu maca, utamana kanu teu wanoh kana karya sastra sunda (dongeng). Aya oge tujuan hususna
nyaeta :

a. Mikawanoh tur maham kana sajarah jeung kamekaran dongeng

b. Mikawanoh tur maham kana wangenan dongeng

c. Mikawanoh tur maham kana unsur-unsur dongeng

d. Mikawanoh tur maham kana ciri-ciri dongeng

e. Mikawanoh tur maham kana fungsi dongeng

f. Mikawanoh tur maham kana conto dongeng


BAB II

PEDARAN

A. Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.
Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim). Teu kawas pantun, carita-
carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jeung saterusna. Tétéla pisan
satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana
tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat
kabar.

B. Wangenan Dongéng

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian -
kajadian jaman baheula.

Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian
saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok (Budi
Rahayu Tamsah). Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma
lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks
dongéng babari robah atawa leungit.

Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa. Nilik kana wandana jeung
patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina dongéng
henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

Unsur-unsur Dongéng

1. Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng,
anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.

2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung
pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu
dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta
galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.

3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.

5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina
dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu
sagemblengna.

D. Ciri-ciri Dongéng

1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi
alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh
nangkep basa jeung caritana kawatesanan.

2. Aya bagian anu pamohalan.

3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.

4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.

5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang
nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan
kaluhungan budi jeung pieunteungeun.

6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.

7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.

8. Pola ngadongéng sok angger.

E. Pungsi Dongéng

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi.
Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng
ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-
usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat
pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain
wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu
di handap:

1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.

2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.

3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.


4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali
parantina.

5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.

6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng
mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus Ach (need for
Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih
épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi
kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan
batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di
Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan
urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana
macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna

Papasingan Dongéng

1. Dongéng Sasatoan (Fabél)

Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku
kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato.
Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé bisaeun
nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola.
Contona carita Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.

Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda. Bénteun
jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh
mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.

2. Dongéng Babad (sage)

Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu
ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun
tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu
pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.

3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)

Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti
batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda
nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun,
upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
4. Dongéng Mite

Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku
masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib.
Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot. Aya ogé
mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu,
jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung
Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.

5. Dongéng Pieunteungan

Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa
dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.

6. Dongéng Pamuk

Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya
patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina
carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat.
Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon
Pasundan.

7. Dongéng Légénda

Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan, atawa
tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik
sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa.

Papasingan Legenda :

1. Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus
dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi,
Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.

2. Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu
gaib.

3. Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya
kajadianana.

4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat,
ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona
nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.

G. Tekhnik-tekhnik Ngadongéng
a. Maca langsung tina buku

Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu cocok di
bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa
diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.

b. Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar

Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu
pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun
pesen-pesen anu aya dina caritaan.

c. Nyaritakeun dongéng sacara langsung

Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu
mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.

d. Ngadogéng ngagunakeun papan flannel

Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana netral, terus
gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas, terus
ditémpelkeun dina papan éta.

e. Ngadongéng ngagunakeun bonéka

Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana barudak bakal
resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.

H. Conto Dongeng Legenda

Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu

Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat rekreasi yang sangat indah yaitu
Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban Perahu artinya adalah perahu yang terbalik. Diberi nama seperti
karena bentuknya memang menyerupai perahu yang terbalik. Konon menurut cerita rakyat
parahyangan gunung itu memang merupakan perahu yang terbalik. Berikut ini ceritanya.

Beribu-ribu tahun yang lalu, tanah Parahyangan dipimpin oleh seorang raja dan seorang ratu yang hanya
mempunyai seorang putri. Putri itu bernama Dayang Sumbi. Dia sangat cantik dan cerdas, sayangnya dia
sangat manja. Pada suatu hari saat sedang menenun di beranda istana, Dayang Sumbi merasa lemas dan
pusing. Dia menjatuhkan pintalan benangnya ke lantai berkali-kali. Saat pintalannya jatuh untuk
kesekian kalinya Dayang Sumbi menjadi marah lalu bersumpah, dia akan menikahi siapapun yang mau
mengambilkan pintalannya itu. Tepat setelah kata-kata sumpah itu diucapkan, datang seekor anjing
sakti yang bernama Tumang dan menyerahkan pintalan itu ke tangan Dayang Sumbi. Maka mau tak
mau, sesuai dengan sumpahnya, Dayang Sumbi harus menikahi Anjing tersebut.

Dayang Sumbi dan Tumang hidup berbahagia hingga mereka dikaruniai seorang anak yang berupa anak
manusia tapi memiliki kekuatan sakti seperti ayahnya. Anak ini diberi nama Sangkuriang. Dalam masa
pertumbuhannya, Sangkuring se lalu ditemani bermain oleh seekor anjing yang bernama Tumang yang
dia ketahui hanya sebagai anjing yang setia, bukan sebagai ayahnya. Sangkuriang tumbuh menjadi
seorang pemuda yang tampan dan gagah perkasa.

Pada suatu hari Dayang Sumbi menyuruh anaknya pergi bersama anjingnya untuk berburu rusa untuk
keperluan suatu pesta. Setelah beberapa lama mencari tanpa hasil, Sangkuriang merasa putus asa, tapi
dia tidak ingin mengecewakan ibunya. Maka dengan sangat terpaksa dia mengambil sebatang panah
dan mengarahkannya pada Tumang. Setibanya di rumah dia menyerahkan daging Tumang pada ibunya.
dayanng Sumbi yang mengira daging itu adalah daging rusa, merasa gembira atas keberhasilan anaknya.

Segera setelah pesta usai Dayang Sumbi teringat pada Tumang dan bertanya pada pada anaknya dimana
Tumang berada. Pada mulanya Sangkuriang merasa takut, tapa akhirnya dia mengatakan apa yang telah
terjadi pada ibunya. Dayang Sumbi menjadi sangat murka, dalam kemarahannya dia memukul
Sangkuriang hingga pingsan tepat di keningnya. Atas perbuatannya itu Dayang Sumbi diusir keluar dari
kerajaan oleh ayahnya. Untungnya Sangkuriang sadar kembali tapi pukulan ibunya meninggalkan bekas
luka yang sangat lebar di keningnya.Setelah dewasa, Sangkuriang pun pergi mengembara untuk
mengetahui keadaan dunia luar.

Beberapa tahun kemudian, Sangkuriang bertemu dengan seorang wanita yang sangat cantik. Segera saja
dia jatuh cinta pada wanita tersebut. Wanita itu adalah ibunya sendiri, tapi mereka tidak saling
mengenali satu sama lainnya. Sangkuriang melamarnya, Dayang Sumbi pun menerima dengan senang
hati. Sehari sebelum hari pernikahan, saat sedang mengelus rambut tunangannya, Dayang Sumbi
melihat bekas luka yang lebar di dahi Sangkuriang, akhirnya dia menyadari bahwa dia hampir menikahi
putranya sendiri. Mengetahui hal tersebut Dayang Sumbi berusaha menggagalkan pernikahannya.
Setelah berpikir keras dia akhirnya memutuskan untuk mengajukan syarat perkawinan yang tak mungkin
dikabulkan oleh Sangkuriang. Syaratnya adalah: Sangkuriang harus membuat sebuah bendungan yang
bisa menutupi seluruh bukit lalu membuat sebuah perahu untuk menyusuri bendungan tersebut. Semua
itu harus sudah selesai sebelum fajar menyingsing.

Sangkuriang mulai bekerja. Cintanya yang begitu besar pada Sangkuriang memberinya suatu kekuatan
aneh. Tak lupa dia juga menggunakan kekuatan yang dia dapat dari ayahnya untuk memanggil jin-jin dan
membantunya. Dengan lumpur dan tanah mereka membendung air dari sungai dan mata air. Beberapa
saat sebelum fajar, Sangkuriang menebang sebatang pohon besar untuk membuat sebuah perahu.
Ketika Dayang Sumbi melihat bahwa Sangkuriang hampir menyelesaikan pekerjaannya, dia berdoa pada
dewa-dewa untuk merintangi pekerjaan anaknya dan mempercepat datangnya pagi.
Ayam jantan berkokok, matahari terbit lebih cepat dari biasanya dan Sangkuriang menyadari bahwa dia
telah ditipu. Dengan sangat marah dia mengutuk Dayang Sumbi dan menendang perahu buatannya yang
hampir jadi ke tengah hutan. Perahu itu berada disana dalam keadaan terbalik, dan membentuk Gunung
Tangkuban Perahu(perahu yang menelungkub). Tidak jauh dari tempat itu terdapat tunggul pohon sisa
dari tebangan Sangkuriang, sekarang kita mengenalnya sebagai Bukit Tunggul. Bendungan yang dibuat
Sangkuriang menyebabkan seluruh bukit dipenuhi air dan membentuk sebuah danau dimana
Sangkuriang dan Dayang Sumbi menenggelamkan diri dan tidak terdengar lagi kabarnya hingga
kini.SAKADANG KUYA SILIH DURUK JEUNG MAUNG

Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku
angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur
anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari,
da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas
dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus
waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup.
Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih,
euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan
suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang
Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih,
reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina
dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit
ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna
kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka
henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé suluh téh
diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus
ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus
baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur
kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak
silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung
kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan
ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung
atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana,
Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung,
tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”


Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih
bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,”
ceuk Sakadang Kuya.

BAB III

PANUTUP

A. Kacindekan

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian -
kajadian jaman baheula. Dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh
tradisi. Dongeng bisa dipaké pikeun ngadugikeun pesen saperti pesen moral. Kusabab kitu bisa di peka
pangajaran ogé di sakola

B. Saran

Tinangtos dina nyusun ieu makalah masih keneh seueur kakirangan margi rumaos si kuring sadayana
masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana komentar sareng saran kanggo
langkung saena dina nyusun makalah basa sunda.

Anda mungkin juga menyukai