Anda di halaman 1dari 7

1

 Wajib pisan manusa ngaji teh kudu ngajinis, nyaeta ngaji saadeging
badan.
 Ulah ngaji luar badan, matak ngajauhkeun Gusti, teu ngarasa babarengan,
siang wengi ngangliputi.
 Dihartikeun dilenyepan, dirarapkeun kana diri, sing cocog jeung sareatna,
hakekatna mah geus pasti, aya didiri pribadi, nu matak kudu diemut,
kalawan make tarekat, sangkan bisa ma’rifati.
 Sareat sareng hakekat, tarekat ma’rifat deui, teu beunang dipisah-pisah,
kudu gulung jadi hiji, boh dina lakon agami, sumawonna dina ilmu, kudu
gulung anu opat, sabab manusa ge geuning, sampurna bisa gumelar di
dunya.
 Saha manusa anu terang, nu ma’rifat kana dzat Maha suci, nalika di dunya
kitu, terus tepi ka Aherat, moal pisah jeung dzatna Gusti Yang Agung,
lamun lolong didunyana, di Aherat lolong deui.
 Moal pinanggih jeung caang, poek bae teu ninggal dzat Yang Widi,
samangsa poek geus tangtu, nya eta naraka tea, da bonganna di dunya
teu nyiar ilmu, sumawon amal ibadah, jongjon nganteur nafsu dohir.

 Pangapunten ka pameget istri, disuhunkeun manah anu setra, muga ulah


jadi lotro, sumawonajadi nyatru, ka ku ring nu keur salatri, salatri ku anu
setra, najan ku bulustru, moal matak jadi setra, mun seeng mah benter miis
tina patri, ngagolakna teu walatra.
 menggah ieu maksad jisim kuring, ma’lum seueur nya kakirang, sok inggis
sieun kaperong, hawa nafsu nu ngaberung, tapi bubuhan dijaring, nya tiasa
oge kurang, sasatna kakurung, dikurung sanes ku barang, anu nyata karaos
ku jisim kuring, kajabi kedah disorang.
 disorangna kedah ngango bibit, enya eta iman nu kasebat, jeung kedah
ngango parabot, tarekat anu kasebut, sangkan terang kana bibit, supaya
tiasa kebat, nyatakeun panyebut, tapi kitu oge tobat, jisim kuring
kumawantun nyabit-nyabit, nyabit jalan nu panghibat.
 Sanes pisan guminter peleci, ngan ngemutkeun hate anu seca, kajeun
disebatna ngaco, sapedah dangding teu lucu, tuduh jalan anu suci, malah
2

mandar jasa ngaca, ngeunteungan nu lucu, bubuhan jalma mah Arca,


tatapina mun urang terang ka Maha Suci, tangtos moal jadi Arca.
 Dupi ieu sakadar pangeling, malah mandar jadina panalang, nalang kanu
masih lolong, margi seueur anu linglung, teu aya pisan kaeling, katungkul ku
kamelang, melangna kana gelung, estu teu diselangselang, badanna teh teu
dijaring teu dilingling, da resep kanu digeulang.
 Biasana mungguhing di lahir, sadaya oge geus ilahar, resepna teh kanu
moher, moher tapi hanteu luhur, luhurna ukur dilahir, pada haying kanu
beunghar, supaya kamasyhur, kamashur teu kurang dahar, teu ngemutkeun
kumaha engke diakhir, moal terang kanu gahar.
 Menggah eta nu gahar sajati, mun dibeli ku duit sayuta, leuwih hese taya
conto, da meulina sanes kitu, mun hoyong anu sajati, nu resep matak
kabita, nu alus saestu, cik akalan sangkan nyata, anu suci padang sajeroning
ati, lir urang ninggal permata.
 Maksad kuring ku pamugi-mugi, ka sadaya sanak kulawarga, sareng kanu
sanes oge, sing emut ulah ngawagu, kapan urang geus dibagi, sagala ge
geus boga, mangka teu digugu, pibahlaeun teu dijaga, hanteu pisan rek
eling kanu ngabagi, marukan taya nu boga.
 Sanggeus pangna urang hurip, tangtu pisan aya nu ngalarap, teu beda
ibarat sirop, amisna anu sumurup, komo nu disebat hurip, tangtu aya nu
ngagarap, dina keurna hirup, badan teh aya nu marap, marap laku lampah
keur waktuna hurip, sanaos waktu kasarap.
 Waktu ieu keur dialam kabir, ulah arek kajongjonan sabar, bilih kaburu ku
bobor, susah lamun geus dikubur, kumaha rek jasa takbir, da geus misah
jeung nu jembar, tungtungna takabur, bongan didunya ngolembar nu
digugu pangajak hate malibir, embung neangan nu jembar.

 Mugi eta sadayana, sepuh anom nu kauni, geura jajah salirana, pilari nu
nyumput buni, ulah ngan sakadar muni, nu disembah bangsa Wisnu, mun
kitu salah nyembahna, nyaah teuing ku jasmani, tangtos pisan moal dugi
ka asalna.
 Da menggahing Gusti Allah, teu nyempad teu milih-milih, sanajan lakuna
salah, dianteur tara ditolih, ngan ku urang kudu pilih, ulah tungtung
matak ngangluh, mun urang jalanna salah, tangtos moal jasa mulih, sabab
urang teu panggih jeung dzatna Allah.
3

 Pan aya basa carita, lamun ka jalma nu mati, lumbrah jalma cacarita, pok
na teh mulih kajati, pedah dugi kana pasti, tapi saenyana tangtu, ngan
ukur dina carita, atina jongjon teu ngarti, na kumaha lamun jatina tacan
nyata.
 Geus lumrah karana aman, nyambung dunga bari hamin, muga ditarima
iman, nurutan nu geus muslimin, tapi elmuna muslimin, ukur dicipta
kulamun, jauh terang kana iman, henteu cara para mu’min, nyebutna the
geus terang jatining iman.
 Kapan jalma aya asal, tapi najan teu misil, mun palay mulih ka asal,
mangga tungtik tangtu hasil, tangtos mun disisil, ilmuna masing kasusul,
sanajan miara bangsal, lamun hantem disisil, geuning sidik rasana teu jadi
kosal.
 Tah kitu jalanna upama, nu jadi jalmi utami, Milari Ilmu Agama, da urang
teh moal lami, tangtu misah jeung sasami, geus pisah jadi kamumu,
lamtaran teu tumarima, ngan tarima jadi jalmi, marukanan teu aya
jatining jalma.
 Mangga Manahan ku sepah, Manahan masingna rapih, mun salah tong
dipilampah, minangka jadi panyapih, lamun leres mangga ampih, susul
pigeusaneun sepuh, sepuh dina laku lampah, malar bisa repeh rapih, da
jalma teh ibarat jadi palapah.
 Mun palapahna geus misah, tangkalna hanteu miasih, numawi ilmu kedah
sah, ulah sok pasalisih, ka jalmi kedah miasih, ulah rek nyieun musuh, bisi
pinanggih jeung susah, tegesna kedah beresih, masing sieun ku Allah da
teu papisah.
 Kumaha atuh jalanna, supados pendak nu buni, tapi di urang ayana, teu
katinggal ku jasmani, da puguh badan rohani, geuning ceuk dalil Wujud
Nur, mun teu dirakrak wujudna, nya ieu wujud jasmani, hamo bias
kapanggih reujeung eusina.
 Numawi wajib teangan, malar ati bisa dingin, tangtu jadi kasenangan, sing
panggih jatining angin, geura manah angin-angin, mun kapanggih moal
ngungun, kana tahayul ngiringan, sabab terang jatining angin, geus terang
mah da pakeun urang sorangan.
4

 Numawi wajib disungsi, margi urang teu kawasa, kedah ngalakukeun hese,
sartana kedah rumasa, rumasa taya kabisa, kabisa ngan nganteur nafsu, teu
eling kanu Kawasa.
 Mugi-mugi sing areling, ulah asih kumapalang, ulah seueur nu dipelong,
sapedah aya kamelang, bilih urang jadi belang, tungtungna sok matak
linglung, teu terang kanu gumilang.
 Nu gumilang dina diri, ayana henteu katara, numawi henteu kawaro, upami
nu ngaji sara, moal weleh pinanggih lara, upama henteu guguru, guguru
ngakat salira.
 Tapi mun rek milari, milari eusi salira, ngarah urang ngeunah sare, badan
ibarat panjara, dikunci henteu katara, tah eta ulah kaliru, pilari kunci salira.
 Lamun kunci geus katukil, tangtos kaharti ku akal, sagala oge kacokel, bekel
sinarengan bakal, mo aya manah basangkal, sanajan anu mukul, ditampa
sabar tawekal.
 Males ku kalimah kalih, Syahadat anu katelah, saratna karana saleh, tah
pilari ulah salah, nyatana Dzat Gusti Allah, da henteu mangpuluhpuluh, estu
hiji moal salah.
 Tapi lamun geus kapanggih, poma ulah rek gumagah, baragagah beregegeh,
kajeun kolot dipiconggah, carios teu diagah, rasa aing nu geus puguh, tah
eta kedah dicegah.
 Batal ceuk basana Santri, teu terus jadina serta, malahan jadi celetre,
sanajan bungkusna sutra, lamun laku henteu setra, tungtungna sok loba
satru, dipingewa palamitra.
 Ku urang kedah diaji, ulah ngan sakadar beja, kudu karana katenjo, dina ati
masing ngoja, jeung kudu sidik ka raja, da wujud mah jadi baju, bungkus
ngahalangan raja.
 Ari nu kedah diuji, ngabuktikeun omong beja, sanes ngaji jilid hejo, eta mah
anu bebeja, tuduh jalan anu diseja, sangkan urang dipaju, supaya jadi
raharja.

 Ieu kinanti ngajurung, supaya sami ngajaring, malah mandar jadi terang,
terang di jatina kuring, kapan teu aya kakirang, pepek karana dijaring.
 Nu mawi jalmi teh kudu, amis basa alus budi, ku sabab henteu beda,
anjeun jeung diri pribadi, ulah rek ngabeda-beda, sing inget asalna tadi.
5

 Mangkade ulah kalangsu, masing kenging eta sosi, sosina anu Kawasa,
sangkan urang henteu risi, geus kenging tangtos karasa, paeh moal aya
risi.
 Ku sabab urang diandum, diandum Qur’anul ‘Adim, jeung aya basana
Qidam, ti heula nyaeta Kadim, kitu sundana teh Qidam, nya eta Qur’anul
‘Adim.
 Tah eta teh anu perlu, mangkade ulah pahili, anu kasebat tiheula,
anumawi ulah lali, sabab aya nu tiheula, disebat mah da pamali.
 Ngaji teh kudu sing suhud, malah mandar terang tohid, terang ka Qulhu
huahad, nganyahokeun anu wahid, geus terang nyatana ahad, tangtos
urang bisa tohid.
 Ieu dangdingan teh tambuh, lumayan eukeur panambih, nambihan malar
kaambah, kenging nyutat tinu tebih, cocogkeun sing munasabah, jeung
dalil ulah patebih.
 Lamun rek milari ilmu, pilahir anu utami, ulah ka samarang jalma, utami
jatining jalmi, anu geus manjing Ulama, nu nerangkeun asal jalmi.
 Margi seueur anu palsu, anu mawi kedah risi, risi nyandangan panyiksa,
tah nu nyiksa geura sungsi, naon atuh anu nyiksa, ku urang kedah kasaksi.
 Da bonganna tekad kalbu, teu neang hakekat Nabi, sumawona daek seba,
kalindih resep rarabi, seba lain seba domba, ngan kedah nyaho ka Nabi.
 Kalbu mun hantem dilajur, henteu inget kana ajir, moal pinanggih
ginanjar, teu beda jeung embe bajir, tapi mun daek diajar, meureun
terang gambar ajir.
 Ayeuna kinanti mundur, rek neraskeun ieu sindir, dangdanggula nu
dipedar, sinom nu dianggo sindir, asmarandana didadar, neda kumandang
nu hadir.

 Magatruna ka anggo nyambung pihatur, margina teu weleh ketir, ketir ku


margi teu tutur, ibarat nu keur nyekel setir, sieun salah jalan motor.
 Margi eta nu disebutkeun diluhur, maksad sim kuring di akhir, sanes pisang
hayang masyhur, bubuhan eukeur di dohir, tamba kesel ngantos lohor.
 Nya dikarang ku jisim kuring ditungtut, panon mah asa barintit, neangan
ilmu nu patut, nganyahokeun nu nguntit, nu beurang peuting petot.
 Sadayana eta anu jadi lagu, mangga geura bagi-bagi, supaya ulah ngawagu,
sing kapendak bilih rugi, ulah dugi ka ngarogo.
6

 Ngarogona mun urang masih takabur, di dunya hate malibir, tangtu disiksa
kubur, da bongan teu daek takbir, paeh moal boga obor.
 Rejeki mah teu milu ka jero kubur, estu wungkul keur di dohir, da puguh
keuna ku lebur, henteu cara jembar takbir, ka urangna jasa nyebor.
 Anu mawi urang teh ulah kumumu, mikir teh anu utami, kotektak masing
katimu, katimu bakaling jalmi, sing terang gawena ramo.
 Pilari teh tegesna nu saestu, nu kira nepi ka Gusti, lain solat lima waktu,
pilari solat sajati, sangkan urang boga conto.
 Ari eta sambahiyang lima waktu, cenah keur nyembah ka Gusti, tapi
saenyana kitu, muji dzikir laksa keti, weleh henteu meunang conto.
 Najan kitab ngabrugbrug mangpuluh-puluh, sakabeh henteu dipilih,
diapalkeun ratus puluh, Gustina henteu katolih, teu panggih jeung dzatna
Allah.
 Samarukna nyembah ka Gusti teh kitu, da tuduh kitab teu harti, teu dipikir
anu estu, pedah Gusti taya bukti, tacan nganjang ka pageto.
 Padahal mah lamun dikakat disusul, eta tangtu pisan hasil, tangtu terang
Nabi Rasul, sagala rupa kamisil, moal beunang ku pangosol.
 Saenyana badan teh kedah diukur, diukur reujeung dipikir, ulah ngan
saukur akur, teu nanya nyatana dzikir, matak waktuna teh bongkor.
 Ieu lagu sadaya oge panuduh, cobian geura peredih, hiji-hiji nu dituduh,
tapi ulah jadi sedih, ceuk jawa mah boten adoh.

 Naon maksud di pernata, Jeung naon atuh nu nyata, Ulah ngan wungkul
carita.
 Nu matak urang perelu, Neangan anu mimilu, Mun teu nyaho bodo balilu.
 Sya’ir nu jadi sindir, Henteu kudu undar-andir, Milari Syekh Abdul Qadir.
 Lamun ku urang geus dibeuli, Tangtu yakin katinggali, Moal samar moal
lali, Jalanna kudu Mujasmedi.
 Lamun urang daeuk leukeun, Sagala rupa-rupakeun, Tangtos moal
barieukeun, Urang bisa nganyahokeun.
 Mungguh jalma teh geus pasti, Sagala ge bakal mati, Disebut mulih ka jati,
Matak wajib terang ka Gusti.
 Bisi urang ngajadi susah, Lamun elmuna tacan sah, Kapan Allah henteu
papisah, Emutan perlu diasah.
7

 Ngasahna jeung babaturan, Supaya ulah limpeuran, Bisi beunang


kacampuran, Ku Idajil nu maturan.
 Naha iraha deui waktuna, Lamun henteu ti ayeuna, Iraha rek tobatna,
Geus paeh nyandang siksaan.
 Biasa sok ditahlilan, Cenah mantuan keur dijalan, Asana ku pamohalan,
Paeh beunang diakalan.
 Kanyeri beunang ditalangan, Marukan teu kahalangan, Da bongan teu
diteangan, Di dunyana kajongjonan.
 Beurang peuting Yasin jeung dzikir, Tapi hanteu jeung dipikir, Di dunya
teu daek mikir, Teu rumasa jadi fakir.
 Ari waktuna Sembahiyang, Keur nekadkeun taya kahayang, Tapi jongjon
ambariyang, Teu khusu kanu diteang.
 Sembahiyang jeung pujina, Teu tinggal saban waktuna, Tapi teu nyaho
maksudna, Teu hasil kantun capena.
 Mun suuk mah ngan cangkangna, Henteu ngampihan sikina, Kumaha rek
dipelakna, Mo enya aya hasilna.
 Kuring lain ngalainkeun, Nu ku sadaya dilakonkeun, Supayana dipikirkeun,
Ku sadayana dikanyahokeun.
 Anu matak wajib terang, Kana pibalikeun urang, Kudu ayeuna kasorang,
Bisi sakarat wiwirang.

Anda mungkin juga menyukai