Anda di halaman 1dari 2

Abdi Negara

Lagam : Kawih
Laras : Pelog, Madenda
Sumber : Perkembangan Tembang/Kawih Sunda
Barmara/Ida Achman - Dua-R - Bandung 1957

Mangga urang kakawihan


Laguna Abdi negara
Rempug djukung persatuan
Sasaka adjeg nagara

Laguna Abdi negara


Larasna pelog patokan
Teguh djajaning nagara
Ampuh agung kabangsaan

Ngawihkeun Abdi negara


Mangka luju djeung tabeuhna
Nu miheman ka nagara
Djaga djaring mamalana

Mun ngawih Abdi negara


Sing njumponan iramana
Mun ngaku boga nagara
Raksa kaamananana

Haju batur urang ngawih


Laguna Abdi negara
Leuleugeur sing euih-euih
Ngangkat ngadjungdjung nagara

Laguna Abdi negara


Larasna pelog patokan

Sanggar Seni LIMA'S - www.datasunda.org


Abdi Negara (2)
Gemah ripahna nagara
Tanpa getreng pasendatan

Sanggar Seni LIMA'S - www.datasunda.org

Anda mungkin juga menyukai