Anda di halaman 1dari 4

Kairing laku nu tos baku, ilaharna nu tos biasa, disarengan

seja ngalaksanakeun Sunnah Rasul, bari neda ka Gusti

Allah nu Maha Suci, mugia kenging Rahmat sinareng
panangtayungan disarengan pidu'a ti sadayana kadang wargi
sinareng sujud syukur nu dipihero.

Seja nyambung saur nu kapungkur, mapag subaya nu tiheula

nyungsi pasini bihari. Awahing bingah sareng panduk,
rehsewuna bade gaduh batur hirup geusan paheuyeuk-heuyeuk
leungeun. Kalayan ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti
kabingahan, kasuhun kalingga murba kaweningan
galih kasetraan manah palawargi. Simkuring sakulawargi
seja syukuran Nikahkeun pun anak,

-------------------------------------------------------------------------------
Cimahi, April 2012

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

seja syukuran Nikahkeun pun anak, Waktosna :

Dinten : ...................................
Waktos : ...........................
Tempat : .................................................
................................................................

Kukituna simkuring sakulawarga ngantos kasumpingan

para wargi, hoyong riung mungpulung mugia ridho galih,
etang-etang siduru isuk, bari ngetrukeun du'a ka panganten

Kalintang bingahna nu taya hinggana ku kasumpingana para wargi,

simkuring sakulawarga negrakeun kabingah nu taya hinggana.

Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

KELUARGA .................................

Panganten Sakalih
-------------------------------------------------------------------------------
-------------------------------------------------------------------------------

Sadananya, September 2007

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana datang,

cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustari
ninggang mangsa nu waluya, pasini rintih ngahiji,
subaya supaya nyata, geugeut layeut laki rabi
pamugi dianti-anti dina walimahan pribados
anu waktosna dina :

Dinten : ...............................................
Kaping : ...............................................
Waktos : ...............................................
Tempat : ...............................................

Hibar pangdu'a anu kasuhun, kairing

ku kabingah ati saupami kersa rurumpaheun
sumping dina waktosna.
Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

-------------------------------------------------------------------------------
-------------------------------------------------------------------------------

Buniasih, Mei 2003

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamua'laikum Wr. Wb.

Mugia aya hibaring Gusti nu Maha Suci

nibankeun kurnia kalayan maparin
Rahmat, Insya Allah sim kuring gaduh maksad
syukuran nikahkeun pun anak dina :

Dinten : ...............................................
Kaping : ...............................................
Waktos : ...............................................
Tempat : ...............................................

Taya sanes nu kasuhun ridho galih luntur

manah kersa sumping rurumpaheun
Linggih ka rorompok dina waktosna.
Timpah hatur nuhun sateuacanna.

Wassalamua'laikum Wr. Wb.

-------------------------------------------------------------------------------
-------------------------------------------------------------------------------

Prantos di Khitan :

............................................................................

Batununggul, Pebruari 2012

Bismillahirrahmanirrahiim

Assalaamu'alaikum Wr. Wb.

Mugia aya hibaring Gusti nu Maha Suci

nibankeun kurnia kalayan maparin
Rahmat, Insya Allah sim kuring
gaduh maksad syukuran Sepitan pun anak,
Insya Alloh waktosna dina :
Dinten : Salasa - Rebo , 7 - 8 Februari 2012
(14 - 15 Mulud 1433 H)
Waktos : Tabuh 08.00 WIB dugi ka rengse
Tempat : Dsn. Batununggul RT/RW. 01/02
Ds. Mekarmukti Cisaga - Ciamis

Taya sanes nu kasuhun ridho galih luntur

manah kersa sumping rurumpaheun
Linggih ka rorompok dina waktosna.
Timpah hatur nuhun sateuacanna.

Wassalaamu'alaikum Wr. Wb.

KELUARGA .................................
-------------------------------------------------------------------------------
-------------------------------------------------------------------------------

Karangampel, April 2006

Bismillahirrohmanirrohim

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Tali asih anu kungsi pasini, kiwari ngabukti

jadi ngahiji, rambat cinta pameungkeut
ranggeuy kadeudeuh natrat dina gurat duriat
ayeuna baris kalampah, nyukcruk galur
para Rasul mapag lampah adat Islam,
jangji pasini pasti ngabukti pamungkasna
jatukrami. Dupi wanci nu mustari ninggang
mangsa nu utama Aqad nikahna
Insya Allah dina :

Dinten : ...............................................
Kaping : ...............................................
Waktos : ...............................................
Tempat : ...............................................

Beber layar tarik jangkar kasihing

Robul Ijati seja ngangkir para wargi
sinareng Bapa/Ibu/Saderek mugi kersa
rurumpaheun sumping dina waktosna,
harepan mung pangdu'ana dina
mungkas mangsa lalagasan

Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

-------------------------------------------------------------------------------
-------------------------------------------------------------------------------

Buniseuri, Mei 2005

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Guar munggaran lumungsurna Rohmat Anu Maha Suci,

tumuwuhna pameungkeut anu sajati dumasar kedal lisan
jangji anu pasini dina ati, kiwari geus ngajadi bukti,
mundut mangsa naratas sunah Nabi
Nungtun khusu mawa bagja, sugema dasar Agama
mugia widi sareng rido Gusti maksad syukuran ngadahupna
pun anak :
Dinten : ...............................................
Kaping : ...............................................
Waktos : ...............................................
Tempat : ...............................................

Tawis kabingah anu teu aya wates wangenna saupami

ikhwan sadaya kersa rurumpaheun dina waktosna, nu dipamrih du'a
pangjurung ti sepuh, ti para guru, ikrar pangjiadan ti sadaya
rerencangan mungkas mangsa lalagasan pun anak
Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Ciamis, Mei 2002

Assalamu’alaikum wr. wb.

Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa

nu waluya nitih wanci nu mustari,
malati ligar na ati campaka mangkak na dada
balebat mangsana datang pakait patali asih
pasini nu tos ngabukti subaya nu tos nyata,
ngadahup ngalaki rabi,
Insya Allah dina :

Dinten : ...............................................
Kaping : ...............................................
Waktos : ...............................................
Tempat : ...............................................

Pangjurung laku marganing rahayu,

pidu’a anu kasuhun ti sadaya supados ginanjar
kawilujengan, kalih perkawis mugia luntur
kalbu wening galih kersa rurumpaheun
ka rorompok dina waktosna

Wassalamu’alaikum wr. wb.

-------------------------------------------------------------------------------
-------------------------------------------------------------------------------

Anda mungkin juga menyukai