Anda di halaman 1dari 2

Panata Acara Paturay Tineung

Sampurasun nu ka suhun ka pupuhu SMAN 1 Majalengka, pupuhu dinas pendidikan


komite sekolah, guru-guru SMAN 1 Majalengka, bagea ka siswa siswi SMAN 1 Majalengka, ibu
miwah bapa ,saderek sadayana, kum sadulur-dulur nu pengkul mitra baraya nu satia kana basa
jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeunpuji sinareung sukur ka gusti nu
maha agung ,anu parantos maparin kasehatan sareung kakiatan kas urang sadaya.alhamdulillah ti
jalaran nikmat ti manten-Na dina dangeut ieu urang bisa kempel ngariung dina ieu tempat dina
raraga”paturay tineung kelas XII ma Bina Cendekia Ciwakung nyalindung ”.
Solawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjungan alam Nabi Muhammad SAW,
ka para kulawarga , para sohabat na,kalih urang salaku umatna,amin.                Langkung ti
payun seja simkuring nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi parantos lulus ujian
nasional 2014.
Sateuacana,didieu aya sababaraha rupi acara.Simkuring bade medarkeun heula runtuyan acarana
diantawisna.
1.      Bubuka
2.      Mapag pupuhu
3.      Aosan ayat suci Al-Qur’an
4.      Pidangan lagu ti Paduan Suara Gita Suara MA Bina Cendekia
5.      Laporan ti pupuhu panata calagara
6.      Laporan ti pupuhu OSIS
7.      Pidangan seni teater ti kelas X
8.      Kedal lisan ti wawakil XII
9.      Pidangan  movie  ti kelas XII
10.  Kedal lisan ti Dinas Pendidikan
11.  Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII
12.  Doa
13.  Pidangan Kesenian tari-tarian ti Paud Bina Ceria
14.  MA-BC Award
15.  Bewara siswa-siswi berprestasi
16.  Pembagian STTB
17.  Panutup
Supaya teu nyangkolong kana waktos,sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan
basmallah sasarengan.Bismillahirrahmanirrahim.
Hadirin  anu ku simkuring dipihormat,salajengna hayu urang nyakseni mangrupi
pidangan prosesi mapag pupuhu MA Bina Cendekia miwah sasarengan .
Hadirin salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci alQur’an anu seja
didugikeun ku saderek Reyhan.Ka saderek Reyhan dihaturanan.
Nincak kana acara nu kaopat.Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara
Gita Suara Bina Cendekia
Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara.Ka saderek Rizki Galih Sundara
dihaturanan.
Lajeng,acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS .Ka saderek Hasan dihaturan.
Nincak kana acara katujuh,hayu urang sami-sami nyakseni mangrupa pidangan seni teater ti
kelas  X.
Salajengna acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII ka Moch.Sholeh
Damanhuri.Ka saderek Moch.Sholeh Damanhuri dihaturanan.
Lajeng,acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan movie ti kelas XII.Wilujeng
nyakseni.
Salajegna acara nu ka sapuluh kedal lisan Dinas Pendidikan.Bapa Drs.Ayi abdullah S.Ag
anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan upacra adat paturay tineung kelas
XII.Wilujeng nyakseni.
Salajengna acara nu kadua belas, nyaeta mingpin do’a ku komite sakola.Bapa Ujang
Ruswandi S.E anu ku simkuring dipihormat di haturanan.
Salajengna, acara nu katilubelas pidangan kesenian tari-tarian ti Paud Bina Ceria.
Acara nu kaopatbelas nyaeta MA -BC AWARD.Naon ari MA -BC AWARD teh ? MA-
BC AWARD nyaeta siswa-siswi nu rajin tina sagala bidang,juara umum jeung sajabana.Hayu
urang sami-sami nyakseni MA-BC AWARD.
Lajeng,acara nu kalimabelas nyaeta bewara siswa-siswi berprestasi ti kelas 7 Mts Bina
Bangsa - XII Madrasah Aliyyah Bina Cendekia.
Acara nu kagenepbelas ,hayu urang nyakseni kelas XII dibagi STTB.
Ibu miwah bapa anu ku simkuring dipihormat.Runtuyan acara parantos
dilaksanakeun .Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna.Rupina ieu acara teh urang pungkas
wae,simkuring Marsela Aditia neda dihapunten samudaya kalepatan.Hatur nuhun kana
perhatosanana.Mangga urang tutup ku aosan hamdallah
sasarengan.Alhamdulillahirabbil’alamin...WASSALAMUALAIKUM WR.WB.

Anda mungkin juga menyukai