Anda di halaman 1dari 2

KESATUAN ADAT BANTEN KIDUL

KASEPUHAN CIPTAGELAR

Kp. Ciptagelar, Desa Siraresmi, Kecamatan Cisolok


Kabupaten Sukabumi

Rabu, 04 November 2020

Assalamualaikum wr.wb

Sampurasun

Kumargi dina waktos ayena di Ciptagelar nuju aya kagiatan ngabangun irigasi Ci Bareno anu kenging
bantosan ti OISCA INDONESIA gawe bareng sareng Kasepuhan Cipagelar.

Tah ku kituna Abah bade merdih tanaga gotong royong ka sadayana incu putu anu aya di blok Cicemet
dupi padambelanana ngempelkeun batu sareung keusik di wilayah Irigasi/solokan Ci Bareno waktosna:

Unggal dinten Jum’at sareng dinten minggu dikawitan ti Jum’at kaping 6 November 2020

Manga eta mah tiasa di atur ku baris seuseupuh perwakilan kumaha bae saena nu penting dina dinten
Jum’at Minggu ulah dugi ka teu aya anu bakti/gotong royong.

Margina program ieu teh pemberdayaan kanggo masyarakat anu aya di lingkungan Kasepuhan anu
kalintang meryogikeun dukungan tisadayana, panuhun ka sadayana baris seuseupuh sareng baris tokoh
tiasa ngarojong sareng ngompakeun wargana masing – masing dina waktos anu kasebut di luhur.

Kana sagala perhatosanana Abah ngahaturkeun nuhun.

Wassalamualaikum wr.wb

Ciptagelar, 04 November 2020

Sesepuh,

A. U. Sugriana R

Anda mungkin juga menyukai